ARTIKEL PALAJARAN 36
Umat Yéhuwa Mikasuka anu Bener
”Bagja jalma-jalma nu hayang pisan ngalampahkeun nu bener.”—MAT. 5:6.
KAWIH 9 Yéhuwa Jadi Raja!
NU DIBAHAS *
1. Naon cocoba nu disanghareupan ku Yusuf, jeung kumaha tanggapan manéhna?
YUSUF, putrana Yakub, meunang cocoba nu beurat. Hiji waktu, pamajikan Potipar, juragan Yusuf, ngomong kieu, ”Urang ngedeng jeung kami.” Tapi ku Yusuf ditolak. Meureun aya nu mikir, ’Ku naon Yusuf nolak awéwé éta?’ Pan harita Potipar keur indit. Terus, Yusuf téh ngan saurang palayan. Jadi mun Yusuf nolak, awéwé éta bisa nyieun hirupna Yusuf jadi sangsara. Najan kitu, pangajak ti awéwé éta terus ditolak ku Yusuf. Ku naon? Ceuk Yusuf, ”Paliyas abdi ngabales ku lampah anu sakitu kotorna tur matak dosa ka Allah.”—Kaj. 39:7-12.
2. Kumaha Yusuf bisa nyaho yén jinah téh kaasup dosa?
2 Dina Hukum Musa téh aya paréntah, ”Ulah ngaranyed.” Ieu ditulis kira-kira dua ratus taun sanggeus jamanna Yusuf. (Bud. 20:14) Tapi, Yusuf geus nyaho yén Yéhuwa téh geuleuh kana laku lampah cabul. Ti mana Yusuf nyaho yén Allah nganggap jinah téh ”laku lampah nu sakitu kotorna”? Katingalina, Yusuf nyaho yén Yéhuwa ngarancang perkawinan téh keur hiji lalaki jeung hiji awéwé hungkul. Geus kitu, Yusuf gé pasti pernah ngadéngé kumaha Yéhuwa ngalindungan Sara waktu Sara rék digoda. Yéhuwa gé ngalindungan Ribka, pamajikanana Ishak, ku cara nu sarua. (Kaj. 2:24; 12:14-20; 20:2-7; 26:6-11) Yusuf téh pasti mikirkeun hal ieu. Ku kituna, manéhna nyaho naon nu bener jeung naon nu salah dina pandangan Allah. Ku lantaran Yusuf téh nyaah ka Yéhuwa, manéhna jadi hayang ngalakukeun naon nu bener.
3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?
3 Sadérék pasti resep kana hal nu bener. Tapi, urang kabéh téh teu sampurna. Jadi mun teu ati-ati, urang bisa gampang kapangaruh ku pandangan dunya ngeunaan naon nu bener. (Yes. 5:20; Rm. 12:2) Jadi, ayeuna urang bakal ngabahas naon maksudna nu bener téh jeung naon mangpaatna lamun urang mikasuka hal-hal nu bener. Geus kitu, urang bakal ngabahas tilu cara supaya urang leuwih ngahargaan patokan hirup ti Yéhuwa.
NAON MAKSUDNA NU BENER TÉH?
4. Dina pandangan loba jalma, siga kumaha jalma nu bener téh?
4 Loba jalma mikir yén jalma nu bener téh biasana ngarasa agul, sok ngahakiman batur, jeung nganggap dirina nu pangbenerna. Tapi, Allah teu resep kana sipat-sipat éta. Waktu Isa di bumi, manéhna negor para pamingpin agama nu nangtukeun sorangan ngeunaan naon nu bener. (Pan. 7:16; Luk.16:15) Jalma-jalma nu ngalakukeun naon nu bener dina pandangan Yéhuwa mah moal nganggap dirina leuwih unggul tibatan batur.
5. Nurutkeun Alkitab, siga kumaha hal nu bener téh? Béré contona.
5 Jalma nu ngalakukeun naon nu bener dina pandangan Yéhuwa téh hadé. Dina Alkitab, kecap ”nu bener” téh ngamaksudkeun cara hirup nu nuturkeun patokan nu pangluhurna, nyaéta patokan ti Yéhuwa. Misalna, Yéhuwa nitah tukang dagang pikeun maké ’timbangan nu jejeg’. (Pam. 25:15) Dina basa Ibranina, kecap nu ditarjamahkeun ”jejeg” téh bisa ogé ditarjamahkeun jadi ”bener”. Jadi, urang Kristen nu hayang dianggap bener ku Allah téh kudu jujur dina sagala urusan bisnisna. Jalma nu bener gé cinta kana kaadilan. Manéhna bakal geuleuh mun ningali batur meunang kateuadilan. Terus, mun saurang jalma hayang ”bener-bener nyenangkeun [Yéhuwa]”, manéhna kudu mikirkeun kumaha pandangan Anjeunna kana putusan nu dijieun ku manéhna.—Kol. 1:10.
6. Ku naon urang bisa yakin yén patokan Yéhuwa ngeunaan naon nu bener jeung nu salah téh geus nu panghadéna? (Yesaya 55:8, 9)
6 Alkitab nyebutkeun yén Yéhuwa téh ”Sumber tina hal-hal nu bener”. (Yer. 50:7, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Yéhuwa téh Allah Nu Nyipta, jadi ngan Anjeunna hungkul nu bisa nangtukeun naon nu bener jeung naon nu salah. Yéhuwa mah sampurna, jadi Anjeunna nyaho naon nu bener jeung naon nu salah. Ari urang mah teu sampurna jeung boga loba dosa, ku kituna pandangan urang biasana sok salah. (Sil. 14:12; baca Yesaya 55:8, 9.) Tapi, urang téh diciptakeun mirip jeung Allah, jadi urang bisa nuturkeun patokan ti Anjeunna. (Kaj. 1:27) Urang gé resep ngalakukeunana. Kanyaah urang ka Yéhuwa téh bisa ngagerakkeun urang pikeun sabisa-bisana nuturkeun Anjeunna.—Éf. 5:1.
7. Ku naon urang butuh patokan nu bisa diandelkeun? Béré ibaratna.
7 Lamun urang nuturkeun patokan ti Yéhuwa, urang bakal ngarasakeun mangpaatna. Ku naon? Ibaratna kieu: Pék bayangkeun lamun unggal bank nangtukeun sorangan nilai ti mata uang, atawa unggal pausahaan konstruksi boga standar sorangan ngeunaan ukuran. Pasti hasilna bakal kacow. Terus lamun dokter jeung parawat henteu nuturkeun aturan-aturan médis nu aya, bisa jadi pasiénna lainna cageur tapi kalah ka maot. Jadi, urang téh butuh patokan nu bisa diandelkeun supaya bisa ngalindungan urang. Kitu deui jeung patokan ti Allah ngeunaan nu bener jeung nu salah bisa ngalindungan urang.
8. Berkah naon nu bakal ditarima ku jalma-jalma nu ngalakukeun naon nu bener?
8 Yéhuwa téh ngaberkahan jalma-jalma nu nuturkeun patokan hirup ti Anjeunna. Yéhuwa jangji, ”Nu balener bakal kawaris tanah pusaka, tur matuhna di dinya moal incah balilahan.” (Jab. 37:29) Pék bayangkeun lamun sakabéh umat manusa nuturkeun patokan ti Yéhuwa. Pasti umat manusa téh hirupna bakal bagja, ngahiji, jeung tengtrem. Yéhuwa hayang Sadérék hirup bagja siga kitu. Jadi, geus sakuduna urang téh mikasuka hal-hal nu bener dina pandangan Yéhuwa. Kumaha carana supaya urang bisa leuwih mikasuka patokan nu bener ti Yéhuwa? Hayu urang tingali tilu carana.
UPAYAKEUN PIKEUN LEUWIH MIKASUKA PATOKAN TI YÉHUWA
9. Kumaha supaya urang leuwih mikasuka hal-hal nu bener?
9 Cara 1: Nyaah ka Pribadi nu nyieun patokan ieu. Supaya urang leuwih mikasuka hal-hal nu bener, urang téh kudu leuwih nyaah ka Pribadi nu nangtukeun naon nu bener jeung nu salah. Lamun urang leuwih nyaah ka Yéhuwa, urang gé bakal leuwih kajurung pikeun nuturkeun patokan hirup ti Anjeunna. Pék pikirkeun, lamun Adam jeung Hawa nyaah ka Yéhuwa, pasti maranéhna bakal nurut ka Anjeunna.—Kaj. 3:1-6, 16-19.
10. Naon nu dilakukeun ku Ibrahim supaya bisa leuwih ngarti kana cara pikir Yéhuwa?
10 Urang pasti embung ngalakukeun kasalahan nu dilakukeun ku Adam jeung Hawa. Jadi, urang kudu terus diajar ngeunaan Yéhuwa, diajar cara pikir-Na, jeung ngahargaan sipat-sipat-Na. Lamun urang ngalakukeunana, urang téh pasti bakal leuwih nyaah ka Yéhuwa. Pék pikirkeun Ibrahim. Manéhna téh nyaah pisan ka Yéhuwa. Sakapeung, manéhna teu ngarti kana putusan ti Yéhuwa. Tapi, Ibrahim teu barontak. Manéhna hayang nyaho leuwih loba ngeunaan Yéhuwa. Misalna waktu Yéhuwa hayang ngabinasakeun Sodom jeung Gomora, Ibrahim sieun mun ”Hakim sabumi” téh bakal ngamusnakeun jalma jahat sakaligus jalma bener ogé. Keur Ibrahim mah éta téh teu asup akal, jadi manéhna nanya ka Yéhuwa sababaraha kali. Yéhuwa téh meni sabar ngajawab Ibrahim. Ahirna, Ibrahim ngarti yén Yéhuwa téh nilik haté unggal jalma sarta Anjeunna moal mungkin ngamusnakeun jalma nu bageur bareng jeung jalma nu jahat.—Kaj. 18:20-32.
11. Naon buktina Ibrahim nyaah jeung percaya ka Yéhuwa?
11 Sanggeus ngomongkeun ngeunaan kota Sodom jeung Gomora, Ibrahim pasti jadi leuwih tajub ka Yéhuwa. Manéhna jadi leuwih nyaah jeung ngahormat Bapana. Tapi sababaraha taun sanggeusna, aya tangtangan nu beurat nu nguji kapercayaan Ibrahim ka Yéhuwa. Yéhuwa ménta supaya Ibrahim ngorbankeun putra hiji-hijina, nyaéta Ishak. Tapi, ayeuna mah Ibrahim teu tatanya ka Yéhuwa. Manéhna geus leuwih kenal ka Yéhuwa. Ibrahim ngalakukeun naon nu dipénta ku Yéhuwa. Tapi, pasti harita haténa ancur pisan. Najan kitu, Ibrahim mikirkeun naon nu geus dipikanyaho ku manéhna ngeunaan Yéhuwa. Manéhna téh nyaho, Yéhuwa moal bakal ngalakukeun nu teu bener jeung nu kejem. Rasul Paulus gé nyebutkeun yén Ibrahim téh pasti nyaho yén Yéhuwa bisa ngahirupkeun deui putrana, Ishak. (Ibr. 11:17-19) Yéhuwa téh geus jangji yén Ishak bakal dijadikeun bapa ti hiji bangsa nu gedé, sanajan basa éta Ishak can boga budak. Terus, Ibrahim téh nyaah pisan ka Yéhuwa, jadi manéhna yakin yén Yéhuwa pasti ngalakukeun naon nu bener. Ibrahim gé boga iman ka Yéhuwa, jadi manéhna nurut ka Anjeunna sanajan hésé.—Kaj. 22:1-12.
12. Kumaha urang bisa nyonto Ibrahim? (Jabur 73:28)
12 Kumaha urang bisa nyonto Ibrahim? Urang gé kudu terus diajar ngeunaan Yéhuwa. Ku kituna, urang bakal leuwih raket jeung nyaah ka Anjeunna. (Baca Jabur 73:28.) Lila-lila, haté sanubari urang gé bakal kalatih pikeun nuturkeun cara pikir Allah Yéhuwa. (Ibr. 5:14) Hasilna, lamun aya batur nu ngajak urang pikeun ngalakukeun hal nu salah, urang bisa nolak manéhna. Urang moal kapikir pikeun ngalakukeun hal-hal nu bisa nganyenyeri haté Yéhuwa sarta nu bisa ngaruksak hubungan urang jeung Anjeunna. Tapi, dina cara naon deui urang bisa némbongkeun yén urang téh resep ngalakukeun hal nu bener?
13. Kumaha urang bisa ngupayakeun pikeun leuwih suka kana hal-hal nu bener? (Siloka 15:9)
13 Cara 2: Upayakeun pikeun suka kana naon nu bener unggal poéna. Ngupayakeun pikeun suka kana hal nu bener sarta luyu jeung patokan hirup ti Yéhuwa téh ibarat ngalatih otot. Urang kudu latihan unggal poé. Lamun unggal poé urang latihan, éta moal hésé-hésé teuing pikeun dijalankeun. Yéhuwa téh Allah nu asup akal. Anjeunna teu pernah ngarepkeun urang ngalakukeun hal nu leuwih ti kamampuh urang. (Jab. 103:14) Anjeunna ngayakinkeun urang yén Anjeunna téh ”nyaah ka jalma-jalma nu ngupayakeun hal-hal nu bener. (Baca Siloka 15:9 tina catetan handap.) * Lamun urang boga cita-cita rohani, urang téh kudu upaya pikeun ngahontal cita-cita éta. Kitu ogé, urang téh kudu upaya pikeun mikasuka hal-hal anu bener. Yéhuwa téh bakal sabar ngabantu urang supaya bisa leuwih suka kana hal-hal anu bener.—Jab. 84:6, 8.
14. Naon nu digambarkeun ku ”panutup dada . . . laku lampah nu bener”, jeung ku naon urang kudu maké éta?
14 Yéhuwa méré nyaho urang yén ngalakukeun hal nu bener téh lain beban. (1 Yah. 5:3) Justru éta bisa ngalindungan urang. Urang butuh panyalindungan éta unggal poé. Pék inget-inget deui pakarang perang ti Allah nu disebutkeun ku Paulus. (Éf. 6:14-18) Ceuk Paulus, urang Kristen téh kudu maké ”panutup dada . . . laku lampah nu bener” nu ngagambarkeun patokan nu bener ti Allah Yéhuwa. Jiga panutup dada nu ngalindungan jantung saurang prajurit, patokan nu bener ti Yéhuwa téh ngalindungan haté urang. Jadi, urang kudu ngagunakeun sakabéh pakarang perang ti Allah, kaasup panutup dada, nyaéta laku lampah nu bener.—Sil. 4:23.
15. Kumaha carana maké panutup dada rohani?
15 Kumaha carana maké panutup dada rohani? Urang kudu nuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa unggal poéna. Misalna, urang kudu milih-milih naon nu rék diobrolkeun, musik nu rék didéngékeun, film nu rék ditongton, atawa buku nu rék dibaca ku urang. Urang bisa mikirkeun, ’Naon pangaruhna kana haté urang? Ieu téh dipikaresep ku Yéhuwa teu? Atawa, aya hal-hal nu dipikaijid ku Yéhuwa teu, saperti hal-hal cabul, kakerasan, sipat sarakah, jeung égois?’ (Flp. 4:8) Lamun urang nyieun pilihan nu sajalan jeung patokan ti Yéhuwa, éta sarua siga urang ngalindungan haté urang.
16-17. Kumaha Yesaya 48:18 ngayakinkeun urang yén urang téh bisa ngalampahkeun nu bener salilna?
16 Sadérék meureun hariwang, bisa teu Sadérék nuturkeun patokan ti Yéhuwa salilana? Pék bayangkeun ibarat nu Yéhuwa gunakeun dina Yesaya 48:18 (Baca.) Yéhuwa jangji, yén laku lampah urang téh bisa bener salilana siga ”ombak muru basisir”. Pék bayangkeun Sadérék téh keur nangtung di basisir, tuluy ningali ombak nu teu eureun-eureun datangna. Moal mungkin Sadérék mikir ombak di basisir éta téh bakal eureun. Sadérék nyaho ombak di basisir éta téh geus aya salila rébuan taun. Jadi Sadérék gé yakin, ombak di basisir éta bakal terus aya.
17 Lalu lampah Sadérék nu bener téh bisa siga ombak di basisir. Kumaha carana? Waktu rék nyieun putusan, pék pikirkeun naon nu dipikahayang ku Yéhuwa, tuluy tuturkeun. Teu sual sakumaha hésé putusan nu kudu dijieun, sing yakin yén Yéhuwa bakal terus ngabantu Sadérék. Ku kituna, Sadérék bisa terus ngalakukeun nu bener unggal poéna.—Yes. 40:29-31.
18. Ku naon urang teu meunang ngahakiman batur?
18 Cara 3: Ulah ngahakiman batur. Éta mah hakna Yéhuwa. Mémang, urang téh ngupayakeun pikeun ngalakukeun hal-hal nu bener dina pandangan Yéhuwa, tapi tong ngahakiman batur jeung ngarasa diri nu paling bener. Urang teu boga hak pikeun mutuskeun kalakuan batur téh geus bener atawa acan. Urang kudu inget, nu jadi ”Hakim sabumi” téh Yéhuwa. (Kaj. 18:25) Yéhuwa teu pernah méré wewenang ngahakiman ka urang. Isa gé ngingetan, ”Tong sok ngahakiman batur ngarah maranéh gé teu dihakiman.”—Mat. 7:1. *
19. Kumaha Yusuf nunjukkeun yén manéhna percaya kana cara Yéhuwa ngahakiman?
19 Hayu perhatikeun conto Yusuf, hamba Allah nu bener. Sanajan geus dijahatan pisan, manéhna embung ngahakiman batur. Lanceuk-lanceukna nganiaya sarta ngajual Yusuf sabagé budak beulian. Terus, maranéhna méré nyaho bapana yén Yusuf téh geus maot. Mangtaun-taun sanggeusna, Yusuf panggih deui jeung kulawargana. Tapi ayeuna, manéhna geus jadi pangawasa. Manéhna bisa waé ngahakiman jeung ngabales lanceuk-lanceukna. Mémang, lanceuk-lanceukna kaduhung pisan geus jahat ka Yusuf. Tapi maranéhna tetep sieun Yusuf ngabales maranéhna. Yusuf ngomong ka maranéhna, ”Ulah sieun ku kuring. Kuring moal ngangkat diri jadi Allah.” (Kaj. 37:18-20, 27, 28, 31-35; 50:15-21) Yusuf teu ngarebut hak Yéhuwa pikeun ngahakiman batur.
20-21. Kumaha supaya urang teu ngarasa diri nu paling bener?
20 Urang bisa nyonto Yusuf nu teu ngarebut hak Yéhuwa pikeun ngahakiman. Misalna, urang teu meunang goréng sangka ka dulur-dulur saiman, da urang téh teu bisa maca haté, ngan Yéhuwa nu bisa. (Sil. 16:2) Anjeunna nyaah ka sakabéh jalma teu sual budaya jeung kasang tukangna. Anjeunna gé ngajurung urang pikeun ’muka haté urang sagedé-gedéna’. (2 Kor. 6:13) Urang téh hayang mikanyaah dulur-dulur saiman urang, lain ngahakiman maranéhna.
21 Urang gé teu meunang goréng sangka ka batur anu lain Saksi. (1 Tim. 2:3, 4) Urang pasti moal ngahakiman baraya sorangan jeung mikir maranéhna moal bisa jadi Saksi. Lamun urang ngahakiman siga kitu, éta hartina urang lancang jeung ngarasa diri paling bener. Yéhuwa téh masih méré kasempetan ka ”kabéh jalma di mana-mana” supaya tarobat. (Kis. 17:30) Sing inget, lamun urang ngarasa diri nu paling bener, éta hartina urang téh jalma teu bener.
22. Ku naon Sadérék boga tékad pikeun suka kana hal-hal nu bener?
22 Lamun urang terus nuturkeun patokan ti Yéhuwa, urang bakal bagja. Urang gé bisa jadi tuladan nu alus keur batur. Ku kituna, maranéhna bakal leuwih nyaah ka urang jeung ka Yéhuwa. Mugia urang gé terus ”lapar jeung haus ngalampahkeun nu bener”. (Mat. 5:6, cth.) Sing yakin Yéhuwa téh merhatikeun upaya Sadérék dina ngalakukeun nu bener. Mémang di dunya ieu téh beuki loba jalma nu teu bener, tapi sing inget, ”Yéhuwa téh nyaah ka jalma nu bener”.—Jab. 146:8, NW.
KAWIH 139 Pék Bayangkeun Hirup di Dunya Anyar
^ Di dunya ieu téh ngan saeutik jalma-jalma nu ngalakukeun naon nu bener. Tapi, sabenerna aya jutaan jalma-jalma nu ngalakukeunana. Pasti Sadérék téh salah sahiji ti maranéhna. Sadérék ngalakukeun naon nu bener téh ku lantaran nyaah ka Yéhuwa, sarta Yéhuwa téh suka kana hal-hal nu bener. Kumaha supaya urang leuwih mikasuka kana naon nu bener? Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon maksudna nu bener téh jeung naon mangpaatna lamun urang mikasuka hal-hal nu bener. Urang gé bakal ngabahas kumaha carana supaya leuwih suka kana hal-hal nu bener.
^ Siloka 15:9 (NW): ”Yéhuwa mikageuleuh jalan hirup jalma jahat, tapi Anjeunna nyaah ka jalma-jalma nu ngupayakeun hal-hal nu bener.”
^ Kadang, kokolot téh kudu jadi hakim pikeun nyieun putusan ngeunaan jalma anu ngalakukeun dosa sérius jeung jalma anu tobat. (1 Kor. 5:11; 6:5; Yak. 5:14, 15) Tapi maranéhna gé sadar, maranéhna téh teu bisa maca haté. Maranéhna téh nyieun putusan ngawakilan Yéhuwa. (Bandingkeun 2 Babad 19:6.) Waktu nyieun putusan, maranéhna bakal nyonto sipat Allah anu asup akal, welas asih, jeung adil.