ARTIKEL PALAJARAN 33
Yéhuwa Ngajaga Umat-Na
”PANGERAN nitenan ka nu nurut ka Mantenna.”—JAB. 33:18.
KAWIH 4 ’Yéhuwa Pangangon Abdi’
NU DIBAHAS *
1. Ku naon Isa ngadoa supaya Yéhuwa ngajaga murid-muridna?
DINA peuting saacan maot, Isa ngadoakeun murid-muridna sacara husus. Manéhna ménta supaya Bapana di sorga ngajaga murid-muridna. (Yah. 17:15, 20) Yéhuwa téh geus pasti ngajaga jeung ngalindungan umat-Na. Tapi, Isa nyaho yén Sétan bakal bébéakan nyerang murid-muridna. Isa ngarti, supaya bisa nyanghareupan tangtangan ti Iblis, maranéhna téh butuh bantuan ti Yéhuwa.
2. Dumasar Jabur 33:18-20, ku naon sabenerna urang teu kudu sieun pikeun nyanghareupan tangtangan?
2 Dunya ieu téh dikawasaan ku Sétan. Ku kituna, urang Kristen nyanghareupan loba tangtangan nu bisa ngaleutikkeun haté jeung nguji kasatiaan ka Yéhuwa. Tapi dina artikel ieu, urang bakal ngabahas yén urang teu kudu sieun. Yéhuwa téh ngajaga urang. Anjeunna nyaho tangtangan naon waé nu disanghareupan ku urang, jeung Anjeunna siap ngabantu. Hayu urang bahas dua conto dina Alkitab nu nunjukkeun yén Yéhuwa téh ”nitenan ka nu nurut ka Mantenna”.—Baca Jabur 33:18-20.
YÉHUWA NGABANTU WAKTU URANG NGARASA TEU BOGA SASAHA
3. Bisa jadi, iraha waé urang ngarasa teu boga sasaha?
3 Di sidang téh aya loba dulur saiman, tapi bisa waé urang ngarasa teu boga sasaha. Misalna, barudak ngora meureun ngarasa euweuh nu bisa mantuan maranéhna waktu kudu ngajelaskeun kapercayaanana di hareupeun kelas atawa waktu maranéhna pindah ka sidang nu anyar. Bisa jadi, urang téh sering sedih atawa boga pikiran négatif tapi urang ngarasa euweuh nu bisa nulungan. Urang meureun embung nyarita ka batur lantaran ngarasa batur mah moal ngarti kana parasaan urang. Bisa ogé urang téh ngarasa batur teu paduli ka urang. Lamun urang ngarasa teu boga sasaha, teu sual naon waé alesanana, urang bisa putus asa jeung hariwang. Yéhuwa téh embung urang ngarasa kitu. Naon buktina?
4. Ku naon Nabi Élia ngomong, ”Mung kantun abdi anu hirup keneh”?
4 Pék pikirkeun saurang priya nu satia, nyaéta Élia. Geus 40 poé leuwih Élia kabur ku lantaran Izebél geus nyieun sumpah rék maéhan manéhna. (1 Rja. 19:1-9) Geus kitu, sup manéhna asup ka hiji guha, tuluy ngomong ka Yéhuwa, ”Mung kantun abdi [nabi] anu hirup keneh.” (1 Rja. 19:10) Sabenerna mah, aya kénéh nabi-nabi séjén nu hirup. Aya 100 nabi nu disumputkeun ku Obaja supaya teu dipaéhan ku Izebél. (1 Rja. 18:7, 13) Jadi, ku naon atuh Élia ngarasa teu boga sasaha? Bisa jadi, Élia mikir nabi-nabi nu disalametkeun ku Obaja téh geus paraéh kabéh. Atawa, meureun manéhna mikir euweuh nu daék nyembah Yéhuwa padahal di Gunung Karmél geus kabukti yén Yéhuwa téh Allah nu bener. Bisa ogé manéhna mikir euweuh nu nyaho manéhna téh rék dipaéhan. Atawa, manéhna mikir teu aya nu paduli ka manéhna. Alkitab teu ngajelaskeun kumaha percisna parasaan Élia. Tapi nu pasti mah, Yéhuwa nyaho naon nu dirasakeun ku Élia, jeung Anjeunna nyaho kumaha cara nulungan manéhna.
5. Kumaha Yéhuwa ngayakinkeun Élia yén manéhna téh teu sorangan?
5 Yéhuwa téh ngalakukeun sababaraha hal pikeun nulungan Élia. Anjeunna ngajurung Élia pikeun ngabudalkeun kahariwanganana. Dua kali Anjeunna nanya kieu ka Élia, ”Keur naon di dieu?” (1 Rja. 19:9, 13) Unggal Élia ngungkabkeun parasaanana, Yéhuwa ngadéngékeun manéhna. Yéhuwa ngajawab Élia ku cara némbongkeun yén Anjeunna téh nyarengan manéhna jeung nunjukkeun yén Anjeunna téh Allah Nu Mahakawasa. Yéhuwa gé ngayakinkeun Élia yén sabenerna masih loba kénéh urang Israél nu ngawula Anjeunna. (1 Rja. 19:11, 12, 18) Sanggeus ngungkabkeun parasaanana jeung ngadéngé jawaban Yéhuwa, Élia pasti ngarasa plong. Yéhuwa gé méré sababaraha tugas penting ka Élia. Élia dititah ngalantik Hasaél pikeun jadi raja di Siria, ngalantik Yéhu pikeun jadi raja Israél, sarta ngalantik Élisa pikeun jadi nabi. (1 Rja. 19:15, 16) Ku méré tugas-tugas ieu, Yéhuwa téh ngabantu Élia supaya tetep boga pikiran nu positif. Anjeunna gé méré sobat keur Élia, nyaéta Élisa. Lamun Sadérék ngarasa teu boga sasaha, kumaha Sadérék bisa narima bantuan ti Yéhuwa?
6. Waktu ngarasa teu boga sasaha, naon nu bisa didoakeun ku Sadérék? (Jabur 62:9)
6 Yéhuwa hayang Sadérék ngadoa ka Anjeunna. Yéhuwa téh nyaho naon masalah Sadérék, jeung Anjeunna ngayakinkeun Sadérék yén iraha waé Sadérék ngadoa, pasti didéngékeun ku Anjeunna. (1 Tés. 5:17) Yéhuwa téh resep ngadéngékeun doa umat-Na. (Sil. 15:8) Waktu ngarasa teu boga sasaha, naon nu bisa didoakeun ku Sadérék? Siga Élia, pék budalkeun parasaan Sadérék ka Yéhuwa. (Baca Jabur 62:9.) Caritakeun masalah-masalah Sadérék jeung naon nu dirasakeun ku Sadérék. Tanya ka Yéhuwa naon nu kudu dilakukeun ku Sadérék. Misalna, lamun anjeun masih sakola, meureun anjeun kudu ngajelaskeun kapercayaan anjeun ka babaturan anjeun. Bisa jadi, anjeun sieun jeung ngarasa euweuh nu bisa ngabantu. Pék pénta kawani jeung kabijaksanaan ka Yéhuwa supaya bisa méré kasaksian ku cara nu hadé. (Luk. 21:14, 15) Lamun Sadérék keur sedih atawa leutik haté, pék pénta bantuan ka Yéhuwa supaya Sadérék bisa nyaritakeunana ka urang Kristen nu asak sacara rohani. Pénta supaya Yéhuwa ngabantu manéhna ngarti kana parasaan Sadérék. Jadi, pék budalkeun parasaan Sadérék ka Yéhuwa, tuluy tingali kumaha Anjeunna ngajawab doa-doa Sadérék. Salian ti éta, tarima ogé bantuan ti batur. Ku kituna, Sadérék moal ngarasa sorangan deui.
7. Urang bisa diajar naon tina pangalaman Mario?
7 Yéhuwa téh méré tugas nu penting ka urang. Anjeunna pasti merhatikeun jeung ngahargaan upaya urang pikeun ngajalankeun tugas di sidang jeung dina palayanan. (Jab. 110:3) Lamun urang sibuk dina hal-hal rohani, urang téh moal ngarasa sorangan teuing. Ku naon bisa kitu? Pék perhatikeun pangalaman saurang budak ngora nu ngaranna Mario. * Teu lila sanggeus Mario dibaptis, salah saurang sobatna ninggalkeun Yéhuwa. Mario nyarita, ”Waktu manéhna ninggalkeun Yéhuwa, abdi jadi teu yakin ka diri sorangan. Abdi sieun, bisi teu bisa nedunan ikrar ka Yéhuwa jeung teu bisa jadi anggota kulawarga-Na deui. Abdi ngarasa geus teu boga sasaha jeung moal aya nu ngarti kana parasaan abdi.” Naon nu ngabantu Mario? Ceuk manéhna, ”Abdi ngusahakeun pikeun leuwih getol dina palayanan. Jadina, abdi teu ngan mikirkeun diri sorangan jeung parasaan abdi hungkul. Abdi gé jadi leuwih bagja jeung teu ngarasa sorangan teuing lantaran bisa dines bareng jeung dulur-dulur saiman.” Meureun urang teu bisa ngawawar langsung ti imah ka imah jeung dulur-dulur saiman, tapi urang pasti dikuatkeun ku maranéhna waktu nulis surat atawa méré kasaksian liwat telepon. Naon deui nu ngabantu Mario? Ceuk manéhna, ”Waktu meunang tugas dina pasamoan, abdi ngupayakeun pikeun persiapan jeung nepikeun bagian abdi sahadé-hadéna. Liwat tugas-tugas ieu, abdi ngarasa dihargaan ku Yéhuwa jeung ku dulur-dulur saiman.”
YÉHUWA NGABANTU WAKTU URANG NYANGHAREUPAN TANGTANGAN NU BEURAT
8. Kumaha parasaan urang waktu meunang tangtangan nu beurat?
8 Urang teu kudu héran lamun meunang tangtangan dina ahir jaman ieu. (2 Tim. 3:1) Tapi, meureun tangtanganana téh sok teu disangka-sangka, datangna gé sok ujug-ujug. Misalna, bisa waé urang boga masalah ékonomi, keuna panyakit nu parah, atawa ditinggal maot ku kulawarga jeung babaturan. Sakapeung, urang jadi strés jeung ngarasa geus teu sanggup deui, komo deui lamun tangtanganana teu eureun-eureun atawa datangna sakaligus. Sing inget, Yéhuwa téh ngajaga urang. Ku bantuan Anjeunna, urang pasti sanggup nyanghareupan tangtangan naon waé.
9. Sebutkeun masalah naon waé nu disanghareupan ku Ayub.
9 Pék perhatikeun kumaha Yéhuwa nulungan saurang priya nu satia, nyaéta Ayub. Manéhna téh meunang sababaraha masalah sakaligus. Ngan dina sapoé, ingon-ingonna dirampog jeung diparaéhan. Bujang-bujangna gé maraot. Jeung, nu paling sedih téh kabéh barudakna maot. (Ayub 1:13-19) Teu lila ti harita, pas keur sedih kénéh, Ayub keuna panyakit nu nyieun sakujur awakna pareurih. (Ayub 2:7) Saking teu tahanna, Ayub nepi ka ngomong, ”Abdi pasrah, parantos bosen hirup.”—Ayub 7:16.
10. Kumaha Yéhuwa mantuan Ayub supaya manéhna teger nyanghareupan tangtangan? (Tingali gambar dina sampul hareup.)
10 Yéhuwa ngajaga Ayub. Yéhuwa téh nyaah ka Ayub, jadi Anjeunna méré sagala nu diperlukeun ku Ayub supaya bisa teger nyanghareupan tangtangan. Anjeunna ngingetkeun Ayub kana kabijaksanaana-Na nu luar biasa jeung kumaha Anjeunna ngurus ciptaana-Na. Anjeunna nyebutkeun rupa-rupa sasatoan nu matak tajub. (Ayub 38:1, 2; 39:9, 13, 19, 27; 40:15; 41:1, 2) Yéhuwa gé ngagunakeun lalaki ngora nu satia nu ngaranna Élihu pikeun nguatkeun sarta ngalilipur Ayub. Élihu ngayakinkeun Ayub yén Yéhuwa téh pasti ngaberkahan umat-Na nu tetep tabah. Salian ti éta, Yéhuwa gé ngagerakkeun Élihu pikeun méré naséhat nu ngagedékeun haté. Élihu ngabantu Ayub supaya teu mikirkeun diri sorangan teuing. Élihu ngingetan Ayub yén manusa téh teu aya nanaonna mun dibandingkeun jeung Yéhuwa, Nu Nyipta jagat raya. (Ayub 37:14) Geus kitu, Yéhuwa gé méré tugas ka Ayub, nyaéta ngadoakeun tilu babaturanana nu geus nyieun dosa. (Ayub 42:8-10) Kiwari, kumaha Yéhuwa ngabantu urang waktu aya tangtangan nu beurat?
11. Kumaha Alkitab bisa ngabantu urang waktu nyanghareupan tangtangan?
11 Mémang, Yéhuwa teu ngomong ka urang siga ka Ayub, tapi Anjeunna ngomong liwat Firman-Na, Alkitab. (Rm. 15:4) Anjeunna nguatkeun urang ku cara méré harepan keur mangsa ka hareup. Pék perhatikeun sababaraha ayat nu bisa nguatkeun urang waktu nyanghareupan tangtangan. Dina Kitab Suci, Yéhuwa ngayakinkeun yén moal aya nu bisa ”megatkeun urang tina kanyaah [Anjeunna]”, kaasup tangtangan nu beurat. (Rm. 8:38, 39) Yéhuwa gé ”deukeut ka sakur anu sasambat . . . ka Mantenna”. (Jab. 145:18) Geus kitu, Yéhuwa ngabéjaan, lamun urang ngandelkeun Anjeunna, urang bisa nyanghareupan tangtangan naon waé sarta bisa tetep bagja sanajan keur sangsara. (1 Kor. 10:13; Yak. 1:2, 12) Firman Allah gé ngingetan yén tangtangan nu disanghareupan ku urang téh ngan sementara jeung sakeudeung lamun dibandingkeun jeung hirup langgeng dina mangsa ka hareup. (2 Kor. 4:16, 18) Yéhuwa ngayakinkeun urang yén Anjeunna bakal nyingkirkeun kabéh nu nyababkeun urang sangsara, nyaéta Sétan si Iblis jeung kabéh nu jahat jiga manéhna. (Jab. 37:10) Pék inget sababaraha ayat nu bisa ngabantu Sadérék teger mun engké nyanghareupan tangtangan.
12. Naon nu kudu urang lakukeun supaya bisa meunang mangpaat sapinuhna tina Firman Allah?
12 Yéhuwa téh hayang urang rutin nyadiakeun waktu pikeun diajar Alkitab jeung mikirkeunana. Terus lamun urang ngalarapkeun naon nu geus dibaca, iman urang téh bakal beuki kuat. Urang gé bakal leuwih akrab jeung Bapa di sorga. Hasilna, urang bakal teger waktu aya tangtangan. Yéhuwa gé méré kawasa suci-Na ka jalma-jalma nu ngandelkeun Firman Allah. Kawasa suci éta bisa méré ”kasanggupan nu hébat” supaya urang sanggup nyanghareupan tangtangan naon waé.—2 Kor. 4:7-10.
13. Kumaha kadaharan rohani nu disadiakeun ku ”palayan nu satia jeung bijaksana” bisa ngabantu urang pikeun tabah nyanghareupan masalah?
13 Ku bantuan Yéhuwa, ”palayan nu satia jeung bijaksana” bisa ngahasilkeun loba artikel, vidéo, jeung musik nu nguatkeun iman sarta ngabantu urang tetep kuat sacara rohani. (Mat. 24:45) Urang kudu ngamangpaatkeun kabéh hal nu geus disadiakeun ku Yéhuwa. Anyaran ieu, aya saurang sadérék istri ti Amerika Serikat nu ngahaturkeun nuhun kana kabéh kadaharan rohani nu disadiakeun. Manéhna nyarita, ”Salila 40 taun abdi ngawula Yéhuwa, kasatiaan abdi téh mangkali-kali diuji.” Manéhna nyanghareupan sababaraha masalah nu beurat. Akina maot ditabrak ku supir nu mabok, kolotna gering parah jeung tungtungna maot, manéhna sorangan gé dua kali keuna kangker. Naon nu ngabantu manéhna teger? Ceuk manéhna, ”Yéhuwa téh terus ngurus abdi. Yéhuwa ngagunakeun palayan nu satia jeung bijaksana pikeun nyadiakeun kadaharan rohani nu ngabantu abdi pikeun teger. Ku kituna, abdi gé bisa siga Ayub nu ngomong, ’Nepi ka paéh gé, urang moal nyingkirkeun kasatiaan urang’”.—Ayub 27:5, Terjemahan Dunia Baru.
14. Kumaha Yéhuwa ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun ngabantu urang nyanghareupan kasusah? (1 Tésalonika 4:9)
14 Yéhuwa geus ngalatih umat-Na pikeun silih pikanyaah jeung silih kuatkeun dina mangsa kasusah. (2 Kor. 1:3, 4; baca 1 Tésalonika 4:9.) Siga Élihu, dulur-dulur saiman téh siap ngabantu urang supaya tetep satia waktu nyanghareupan masalah. (Kis. 14:22) Misalna, sanggeus salakina Diana keuna panyakit parah, dulur-dulur saiman di sidangna téh nyumangetan jeung ngabantu Diana supaya bisa tetep kuat sacara rohani. Ceuk manéhna, ”Harita téh meni beurat pisan. Tapi dina bulan-bulan éta, abdi ngarasakeun bantuan ti Yéhuwa. Dulur-dulur saiman di sidang méré loba bantuan. Aya nu datang, nelepon, jeung nangkeup urang duaan. Éta ngabantu urang tetep teger. Terus abdi téh teu bisa nyetir, jadi dulur-dulur saiman nganteur abdi lamun abdi rék masamoan jeung dines.” Urang pasti bungah ku lantaran boga dulur-dulur saiman nu nyaah ka urang!
NGAHATURKEUN NUHUN KANA KANYAAH YÉHUWA
15. Ku naon urang yakin urang bisa teger nyanghareupan masalah?
15 Urang kabéh bakal nyanghareupan masalah. Tapi siga nu geus dibahas, urang téh moal sorangan. Sarua siga bapa nu nyaah ka budakna, Yéhuwa gé terus ngajaga urang. Anjeunna téh terus nyarengan urang. Waktu urang ménta tulung, Yéhuwa siap ngabantu jeung ngadukung urang. (Yes. 43:2) Urang yakin, urang bisa nyanghareupan masalah lantaran Anjeunna téh geus nyadiakeun kabéh nu dibutuhkeun ku urang supaya urang tetep teger. Anjeunna geus méré kurnia pikeun ngadoa, Alkitab, kadaharan rohani nu limpah, sarta dulur-dulur saiman nu siap ngabantu urang.
16. Kumaha supaya urang bisa tetep dipikanyaah ku Yéhuwa?
16 Urang pasti nganuhunkeun pisan ku lantaran Yéhuwa téh terus ngajaga urang. ”Urang bungah ku karana Mantenna.” (Jab. 33:21) Urang bisa nunjukkeun yén urang téh nganuhunkeun kana kanyaah Anjeunna ku cara terus ngamangpaatkeun hal-hal nu geus disadiakeun ku Anjeunna. Urang gé kudu terus ngusahakeun supaya tetep aya dina panyalindungan Yéhuwa. Maksudna, lamun urang terus taat ka Yéhuwa jeung ngalakukeun naon nu bener, Yéhuwa bakal ngajaga urang salilana.—1 Pét. 3:12.
KAWIH 30 Allah, Bapa, jeung Sobat Abdi
^ Urang téh butuh bantuan ti Yéhuwa pikeun nyanghareupan masalah-masalah. Dina artikel ieu, urang bakal diyakinkeun yén Yéhuwa téh merhatikeun umat-Na. Anjeunna téh nyaho masalah naon waé nu disanghareupan ku urang. Anjeunna gé bakal mantuan urang pikeun nyanghareupanana.
^ Sababaraha ngaran geus diganti.