Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 15

Pék Conto Yésus Sangkan Tengtrem Haté

Pék Conto Yésus Sangkan Tengtrem Haté

”Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun.”—PIL. 4:7.

KAWIH 113 Katengtreman Umat Allah

NU DIBAHAS *

1-2. Ku naon Yésus susah haté?

DINA poé panungtunganana di bumi, Yésus susah haté. Moal lila deui anjeunna bakal disiksa nepi ka maot ku jalma-jalma nu jahat. Tapi, Yésus ngarasa susah téh lain lantaran éta wungkul. Anjeunna nyaah pisan ka Bapana jeung hayang nyenangkeun Mantenna. Yésus apal lamun anjeunna tetep satia nyanghareupan cocoba ieu, nami Yéhuwa bakal dibersihkeun tina sagala pitnah jeung dimulyakeun. Yésus ogé nyaah ka manusa. Anjeunna apal yén harepan manusa pikeun hirup langgeng téh gumantung kana kasatiaan anjeunna nepi ka maot.

2 Sanajan ngalaman loba kasusah, Yésus ngarasa tengtrem. Ceuk anjeunna ka para rasulna, ”Maraneh ku Kami rek ditinggalan kakertaan, kakertaan Kami pribadi.” (Yoh. 14:27) Yésus ngarasakeun kakertaan atawa ’katengtreman ti Allah’, nyaéta parasaan tenang nu dihasilkeun tina sosobatanana jeung Yéhuwa. Ku kituna, Yésus jadi teu hariwang.—Pil. 4:6, 7.

3. Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

3 Euweuh nu pernah nyanghareupan tangtangan kawas Yésus, tapi kabéh muridna bakal nyanghareupan kasusah. (Mat. 16:24, 25; Yoh. 15:20) Saperti Yésus, sakapeung urang ngarasa susah haté. Jadi, urang kudu kumaha sangkan teu hariwang teuing jeung kaleungitan katengtreman? Hayu urang bahas tilu hal nu dilakukeun ku Yésus salila palayananana di bumi sarta carana urang bisa nyonto anjeunna waktu nyanghareupan kasusah.

YÉSUS SERING NGADOA

Urang bisa tetep tengtrem ku cara ngadoa (Tingali paragrap 4-7)

4. Dumasar kana 1 Tesalonika 5:17, béré sababaraha conto yén Yésus sering ngadoa dina poé panungtunganana di bumi.

4 Baca 1 Tesalonika 5:17. Dina poé panungtunganana di bumi, Yésus sering ngadoa. Waktu netepkeun acara Pangéling-ngéling, anjeunna ngucapkeun doa sukur pikeun roti jeung anggur. (1 Kor. 11:23-25) Saacan ninggalkeun tempat ngarayakeun Paska, anjeunna ngadoa bareng jeung murid-muridna. (Yoh. 17:1-26) Basa anjeunna jeung murid-muridna nepi di Gétsemané peuting éta, anjeunna ogé mangkali-kali ngadoa. (Mat. 26:36-39, 42, 44) Malahan, kekecapan Yésus nu panungtungan saacan maot téh mangrupa doa. (Luk. 23:46) Yésus ngadoa ka Yéhuwa ngeunaan sagala kajadian dina poé panungtunganana.

5. Ku naon para rasul kaleungitan kawani?

5 Salah sahiji alesan Yésus bisa tetep tabah nyanghareupan kasusah téh lantaran anjeunna sering ngadoa ka Bapana. Ari para rasul kalah ka saré lainna tetep waspada jeung ngadoa. Jadi pas aya tangtangan, maranéhna kaleungitan kawani. (Mat. 26:40, 41, 43, 45, 56) Waktu nyanghareupan kasusah, urang bisa tetep satia lamun nuturkeun conto Yésus jeung terus ngadoa. Naon nu bisa didoakeun?

6. Ku naon iman bisa ngabantu urang tetep tengtrem?

6 Urang bisa ngadoa sangkan Yéhuwa nguatkeun iman urang. (Luk. 17:5; Yoh. 14:1) Urang butuh iman lantaran Sétan bakal nguji kabéh murid Yésus. (Luk. 22:31) Ku naon iman bisa ngabantu urang tetep tengtrem waktu nyanghareupan masalah nu teu eureun-eureun? Lamun geus sabisa-bisa ngaréngsékeun masalahna, urang bakal masrahkeun masalahna ka Yéhuwa. Éta lantaran urang boga iman yén Mantenna bisa ngaréngsékeun masalahna leuwih hadé ti batan urang. Jadi, pikiran jeung haté urang bakal tengtrem.—1 Pet. 5:6, 7.

7. Sadérék bisa diajar naon tina pangalaman Robert?

7 Doa ngabantu urang tengtrem haté teu sual naon masalah nu keur disanghareupan. Perhatikeun conto Robert, kokolot nu satia nu umurna 80-an. Ceuk manéhna, ”Naséhat di Pilipi 4:6, 7 ngabantu abdi nyanghareupan loba masalah. Abdi pernah boga masalah ékonomi. Abdi gé pernah eureun jadi kokolot.” Kumaha Robert bisa tetep tengtrem? Manéhna ngomong, ”Unggal ngarasa hariwang, abdi gancang ngadoa. Abdi yakin lamun sering ngadoa jeung ngadoana sapinuh haté, abdi jadi leuwih tengtrem.”

YÉSUS SUMANGET NGAWAWAR

Urang bisa tetep tengtrem ku cara ngawawar (Tingali paragrap 8-10)

8. Saperti nu disebutkeun dina Yohanes 8:29, ku naon Yésus bisa tengtrem haté?

8 Baca Yohanes 8:29. Basa keur dikaniaya, Yésus bisa tengtrem haté lantaran apal yén kasatianana nyenangkeun Bapana. Anjeunna tetep taat sanajan éta téh teu gampang. Lantaran nyaah ka Bapana, anjeunna ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa dina kahirupanana. Misalna, saacan datang ka bumi, anjeunna gawé bareng jeung Yéhuwa. (Sil. 8:30) Basa di bumi, anjeunna sumanget ngajar batur ngeunaan Bapana. (Mat. 6:9; Yoh. 5:17) Éta nu ngalantarankeun Yésus bungah pisan.—Yoh. 4:34-36.

9. Naon sababna sibuk ngawawar bisa ngabantu urang tetep tengtrem?

9 Urang bisa nyonto Yésus ku cara taat ka Yéhuwa jeung ”rajin ngalakonan kawajiban pikeun Gusti”. (1 Kor. 15:58) Lamun urang sibuk dina pangwawaran, urang jadi boga pandangan nu bener kana masalah urang. (Ras. 18:5) Misalna, jalma-jalma nu dipanggihan dina dines seringna mah boga masalah nu leuwih beurat ti batan urang. Tapi, waktu maranéhna diajar nyaah ka Yéhuwa jeung ngalarapkeun naséhat-Na, kahirupan maranéhna jadi leuwih hadé jeung leuwih bagja. Unggal ningali hal ieu, urang leuwih yakin Yéhuwa bakal ngurus urang. Kayakinan éta ngabantu urang tetep tengtrem. Ieu kaalaman ku saurang sadérék istri nu saumur hirupna kudu bajoang ngalawan déprési jeung parasaan euweuh hargaan. Ceuk manéhna, ”Lamun sibuk ngawawar, abdi bisa ngadalikeun parasaan jeung leuwih bungah. Abdi ngarasa lamun keur dines, abdi raket pisan jeung Yéhuwa.”

10. Sadérék bisa diajar naon tina pangalaman Brenda?

10 Perhatikeun ogé conto sadérék istri nu ngaranna Brenda. Boh manéhna boh budak awéwéna boga panyakit nu nyerang sistim saraf pusat. Brenda kudu maké korsi roda jeung osok laleuleus. Mun keur bisa, manéhna ngawawar ti imah ka imah, tapi seringna mah manéhna méré kasaksian liwat surat. Ceuk manéhna, ”Waktu abdi geus paham jeung narimakeun panyakit abdi moal cageur ayeuna, abdi jadi bisa leuwih ngutamakeun palayanan. Malah, waktu ngawawar, abdi teu mikirkeun teuing kasusah abdi, tapi leuwih mikirkeun kumaha carana ngabantu jalma-jalma di daérah sidang abdi. Pangwawaran téh ngingetkeun abdi kana harepan dina mangsa kahareup.”

YÉSUS DAÉK NARIMA BANTUAN TI SOBAT-SOBATNA

Urang bisa tetep tengtrem ku cara campur gaul jeung sobat (Tingali paragrap 11-15)

11-13. (a) Kumaha para rasul jeung nu séjénna bener-bener jadi sobat keur Yésus? (b) Lantaran dibantuan ku sobat-sobatna, naon nu dirasakeun ku Yésus?

11 Salila palayanan Yésus, para rasul téh bener-bener jadi sobat keur anjeunna. Maranéhna jadi sobat saperti nu disebutkeun dina Alkitab, ”Aya oge [sobat] nu satia leuwih ti dulur sorangan.” (Sil. 18:24) Sobat nu kawas kitu téh dihargaan ku Yésus. Salila palayananana, teu aya dulur tegesna nu boga iman ka anjeunna. (Yoh. 7:3-5) Malah aya dulurna nu nyebut anjeunna teu waras. (Mar. 3:21) Tapi, para rasulna mah béda. Yésus ngomong ka maranéhna dina peuting saacan anjeunna maot, ”Maraneh teu kendat ngabaturan Kami dina sagala cocoba anu kasorang ku Kami.”—Luk. 22:28.

12 Sanajan para rasul pernah nguciwakeun Yésus, nu diperhatikeun ku anjeunna téh lain kasalahanana tapi iman maranéhna. (Mat. 26:40; Mar. 10:13, 14; Yoh. 6:66-69) Dina peuting saacan dipaéhan, Yésus ngomong ka para rasulna nu satia, ”Maraneh ku Kami disebut sobat, lantaran geus dibarere nyaho sagala perkara anu ku Rama didawuhkeun ka Kami.” (Yoh. 15:15) Pasti, sobat Yésus téh sumber kategeran anjeunna. Lantaran dibantuan dina palayanan, haté Yésus pinuh ku kabungah.—Luk. 10:17, 21.

13 Salian ti para rasul, Yésus ogé boga sobat séjénna, boh awéwé boh lalaki, nu milu ngawawar jeung anjeunna sarta méré bantuan séjénna. Aya nu ngondang Yésus ka imahna ngarah bisa dahar bareng. (Luk. 10:38-42; Yoh. 12:1, 2) Aya ogé nu milu indit-inditan jeung anjeunna sarta nyumbangkeun pangabogana. (Luk. 8:3) Yésus boga sobat-sobat nu bageur lantaran anjeunna gé bageur ka maranéhna. Anjeunna ngalampahkeun kahadéan ka maranéhna jeung tara ménta hal-hal nu di luar kasanggupan maranéhna. Yésus mémang sampurna, tapi anjeunna ngahargaan pisan dukungan ti sobat-sobatna nu teu sampurna. Pasti, maranéhna ngabantu Yésus tetep tengtrem haté.

14-15. Kumaha urang bisa boga sobat nu bageur, jeung kumaha maranéhna bisa nulungan urang?

14 Sobat nu bageur bakal ngabantu urang tetep satia ka Yéhuwa. Cara nu panghadéna pikeun boga sobat nu bageur nyaéta urang kudu bageur ka batur. (Mat. 7:12) Misalna, Alkitab ngajurung urang pikeun ngagunakeun waktu jeung tanaga pikeun mantuan batur, utamana nu ”eukeur kakurangan”. (Epe. 4:28) Naha Sadérék merhatikeun aya anggota sidang nu butuh bantuan? Naha Sadérék bisa balanja keur dulur-dulur nu teu bisa kaluar imah? Naha Sadérék bisa nyadiakeun dahareun keur dulur nu ngalaman masalah ékonomi? Lamun Sadérék apal carana ngagunakeun situs Internét jw.org® jeung aplikasi JW Library®, naha Sadérék daék ngajarkeun éta ka batur? Lamun urang sibuk nulungan batur, urang bakal leuwih bagja.—Ras. 20:35.

15 Sobat urang bakal ngadukung waktu urang keur kasusahan jeung ngabantu urang tetep tengtrem haté. Siga Élihu nu ngadéngékeun waktu Ayub nyaritakeun kasusahanana, sobat urang gé bakal sabar ngadéngékeun waktu urang ngungkabkeun parasaan. (Ayub 32:4) Ulah ngarepkeun manéhna nyieun putusan keur urang. Tapi, tangtu bijaksana lamun urang ngadéngékeun naséhat manéhna tina Alkitab. (Sil. 15:22) Saperti Raja Daud nu rendah haté daék narima bantuan ti sobatna, urang gé teu kudu géngsi narima bantuan ti sobat lamun mémang butuh. (2 Sam. 17:27-29) Sobat nu siga kitu téh kurnia ti Yéhuwa.—Yak. 1:17.

CARANA TETEP TENGTREM HATÉ

16. Numutkeun Pilipi 4:6, 7, naon hiji-hijina cara urang bisa meunangkeun katengtreman? Jelaskeun.

16 Baca Pilipi 4:6, 7Ku naon Yéhuwa nyebutkeun yén urang bisa tengtrem lamun ”ngahiji jeung Kristus Yesus”? Lantaran urang bisa tengtrem haté jeung pikiran lamun paham kana tugas Yésus jeung boga iman ka anjeunna. Misalna, ku jalan tebusan Yésus, dosa-dosa urang dihampura. (1 Yoh. 2:12) Urang tangtu kalilipur! Salaku Raja ti Karajaan Allah, Yésus bakal nyingkirkeun kabéh hal goréng nu dibalukarkeun ku Sétan jeung dunyana. (Yes. 65:17; 1 Yoh. 3:8; Wahyu 21:3, 4) Urang jadi boga harepan nu éndah! Sanajan Yésus méré tugas nu teu gampang, anjeunna nyarengan jeung ngarojong urang salila poé-poé panungtungan. (Mat. 28:19, 20) Ku kituna, urang jadi teger haté! Panglilipur, harepan, jeung kategeran téh hal-hal nu paling dibutuhkeun pikeun ngarasa tengtrem.

17. (a) Kumaha urang bisa tetep tengtrem pikiran? (b) Sakumaha nu dijangjikeun dina Yohanes 16:33, naon nu bisa dilakukeun ku urang?

17 Jadi, kumaha urang bisa tetep tengtrem pikiran sanajan ngalaman loba kasusah? Pék conto naon nu dilakukeun ku Yésus. Kahiji, ngadoa jeung ulah eureun. Kadua, taat ka Yéhuwa jeung sumanget ngawawar sanajan teu gampang. Katilu, narima bantuan ti sobat sangkan bisa nyanghareupan tangtangan. Ku kituna, katengtreman ti Allah bakal ngajaga haté jeung pikiran Sadérék. Saperti Yésus, Sadérék gé bisa ngéléhkeun sagala kasusah.—Baca Yohanes 16:33.

KAWIH 41 Mugi Doa Abdi Didangukeun

^ par. 5 Urang kabéh boga masalah nu bisa ngaleungitkeun katengtreman urang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu hal nu dilakukeun ku Yésus nu bisa diconto ku urang sangkan tetep tengtrem sanajan sangsara ku masalah.