Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 16

Ngabéla Bebeneran ngeunaan Nu Maot

Ngabéla Bebeneran ngeunaan Nu Maot

”Ka hareup bakal aya jalma-jalma anu naringgalkeun piwuruk Kristus, kaceot ku roh-roh bohong, mengpar kana pangajaran setan.”—1 TIM. 4:1.

KAWIH 73 Pasihan Abdi Kawani

NU DIBAHAS *

Ti batan pipilueun kana kabiasaan nu teu nyenangkeun Allah, mending ngalilipur baraya nu kakara ditinggal maot (Tingali paragrap 1-2) *

1-2. (a) Kumaha carana Sétan nipu manusa? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

SÉTAN, ”bapana sagala bohong”, geus nipu manusa ti jaman Adam jeung Hawa. (Yoh. 8:44) Kabohongan Sétan téh misalna pangajaran palsu ngeunaan nu maot jeung kahirupan sanggeus maot. Pangajaran ieu jadi dasar pikeun kabiasaan jeung tradisi loba jalma. Balukarna, sababaraha sadérék urang kudu bajoang ”ngabela iman kapercayaan” maranéhna waktu kulawarga atawa babaturanana maot.—Yud. 3, Sunda Formal (SF).

2 Lamun Sadérék ngalaman hal éta, kumaha pangajaran Alkitab ngeunaan nu maot ngabantu Sadérék tetep satia? (Epe. 6:11) Kumaha Sadérék bisa ngalilipur jeung nguatkeun dulur saiman nu didesek pikeun miluan kabiasaan nu teu nyenangkeun Allah? Artikel ieu bakal ngabahas pituduh Yéhuwa ngeunaan hal éta. Mimitina, hayu urang bahas naon nu diajarkeun Alkitab ngeunaan nu maot.

BEBENERAN NGEUNAAN KAAYAAN NU MAOT

3. Naon balukar tina kabohongan nu mimiti?

3 Allah teu hoyong manusa maot. Tapi sangkan bisa hirup langgeng, Adam jeung Hawa kudu taat ka Yéhuwa. Jadi, Mantenna masihan paréntah nu saderhana, ”Tangkal anu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng . . . buahna teu meunang didahar, sabab mun didahar, poe eta keneh maneh paeh.” (Kaj. 2:16, 17) Tuluy, Sétan nyieun masalah. Manéhna ngomong ka Hawa liwat oray, ”Hamo matak paeh.” Hanjakalna, Hawa percaya jeung ngadahar éta buah. Salakina gé kalah ka milu ngadahar. (Kaj. 3:4, 6) Jadina, sakabéh manusa keuna ku dosa jeung maot.—Rum 5:12.

4-5. Kumaha Sétan terus nipu umat manusa?

4 Sakumaha nu geus disebutkeun ku Allah, Adam jeung Hawa maot. Tapi, Sétan teu eureun nyieun kabohongan ngeunaan nu maot. Ka dieunakeun, manéhna nyieun kabohongan séjén. Salah sahijina ngajarkeun lamun awak saurang jalma maot, rohna mah tetep hirup di alam séjén. Ti mimiti aya manusa nepi ka kiwari, rupa-rupa kabohongan siga kitu téh geus teu kaitung lobana.—1 Tim. 4:1.

5 Ku naon loba nu katipu? Lantaran Sétan ngamangpaatkeun parasaan manusa ngeunaan maot. Urang diciptakeun pikeun hirup langgeng, jadi urang teu hayang maot. (Pan. 3:11, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Urang nganggap maot téh musuh.—1 Kor. 15:26.

6-7. (a) Naha Sétan suksés nyumputkeun bebeneran ngeunaan nu maot? Jelaskeun. (b) Ku naon bebeneran Alkitab ngalantarankeun urang teu sieun deui ka nu maot?

6 Sanajan kitu, bebeneran ngeunaan nu maot teu bisa disumput-sumputkeun. Malahan ayeuna beuki loba jalma nu nyaho jeung nguarkeun pangajaran Alkitab ngeunaan kaayaan nu maot jeung harepan pikeun nu maot. (Pan. 9:5, 10; Ras. 24:15) Bebeneran ieu tangtu ngalilipur urang. Urang jadi apal kana kaayaan nu maot jeung teu sieun deui. Contona, urang teu sieun ka nu maot jeung teu ngahariwangkeun maranéhna. Urang nyaho maranéhna téh teu hirup jeung teu bisa nyilakakeun sasaha, siga nu saré tibra. (Yoh. 11:11-14) Nu maot gé teu apal kana waktu. Jadi sanajan maranéhna geus maot ratusan taun, waktu dihirupkeun deui karasana téh siga nu kakara peureum, ari pék téh geus hudang deui.

7 Sadérék tangtu satuju yén bebeneran ngeunaan kaayaan nu maot téh jelas, saderhana, jeung asup akal. Ieu béda pisan jeung kabohongan Sétan nu ngalieurkeun! Salian ti nyasabkeun jalma-jalma, kabohongan éta gé mitnah Nu Nyipta. Supaya leuwih kabayang sakumaha parahna karuksakan nu dibalukarkeun ku Sétan, hayu urang bahas tilu pananya: Kumaha Sétan mitnah Yéhuwa ku kabohonganana? Kumaha jalma-jalma jadi ngarasa teu perlu percaya kana tebusan Kristus? Kumaha éta ngalantarankeun manusa jadi beuki sedih jeung sangsara?

KARUKSAKAN NU DILANTARANKEUN KU KABOHONGAN SÉTAN

8. Saperti nu disebutkeun di Yermia 19:5, kumaha Sétan mitnah Yéhuwa ku kabohonganana?

8 Yéhuwa dipitnah. Salah sahiji kabohongan Sétan téh nyaéta nu maot disiksa di naraka. Ieu téh mitnah Allah! Éta saolah-olah ngagambarkeun Allah nu asih sarua kejemna jeung Iblis. (1 Yoh. 4:8) Kumaha parasaan Sadérék kana hal ieu? Tah komo deui parasaan Yéhuwa! Sabenerna, Mantenna ijid kana sagala hal nu kejem.—Baca Yermia 19:5.

9. Lantaran kabohongan Sétan, jalma-jalma jadi kumaha kana korban tebusan Kristus nu disebutkeun di Yohanes 3:16 jeung 15:13?

9 Jalma-jalma jadi ngarasa teu perlu percaya kana tebusan Kristus. (Mat. 20:28) Kabohongan Sétan séjénna téh nyaéta manusa boga jiwa nu teu bisa maot. Lamun kitu mah manusa téh geus hirup langgeng. Jadi, Kristus teu perlu deui nebus urang. Sing inget, korban Kristus téh bukti kanyaah nu panggedéna ka umat manusa. (Baca Yohanes 3:16; 15:13.) Jadi, bayangkeun kumaha parasaan Yéhuwa jeung Putra-Na kana kabohongan nu nyapirakeun kurnia nu luar biasa ieu!

10. Kumaha kabohongan Sétan ngeunaan nu maot ngalantarankeun manusa jadi beuki sedih jeung sangsara?

10 Manusa jadi beuki sedih jeung sangsara. Kolot nu sedih lantaran budakna maot bisa jadi dibéjaan yén budakna dipénta ku Allah rék dijadikeun malaikat di sawarga. Naha kabohongan ieu téh nyieun maranéhna kalilipur atawa kalah ka beuki sedih? Pangajaran palsu ngeunaan naraka pernah dijadikeun dasar pikeun nyiksa jalma-jalma. Aya nu diduruk dina tihang lantaran ngalawan pangajaran garéja. Numutkeun buku ngeunaan Inkuisisi Spanyol, sababaraha jalma maréntahkeun tindakan nu kejem éta téh tujuanana sangkan jalma nu dianggap murtad ”ngasaan kumaha rasana seuneu abadi di naraka”. Jadi, maranéhna bisa tobat saacan maot jeung teu kudu disiksa di naraka. Di sababaraha nagri, jalma-jalma ngarasa kudu muja karuhunna pikeun ngahormat atawa ménta berkah ka maranéhna. Nu séjénna méré sasajén pikeun nenangkeun karuhunna supaya teu ngahukum maranéhna. Hanjakalna, kapercayaan nu dumasar kana kabohongan Sétan téh teu bener-bener ngalilipur. Nu aya jalma-jalma kalah ka beuki hariwang jeung sieun.

CARANA NGABÉLA BEBENERAN ALKITAB

11. Kumaha baraya atawa babaturan nu niatna alus ngadesek urang pikeun ngalanggar Firman Allah?

11 Kanyaah ka Allah jeung Firman-Na nguatkeun tékad urang pikeun taat ka Yéhuwa sanajan baraya atawa babaturan nu niatna alus ngadesek urang pikeun ngalampahkeun kabiasaan nu teu luyu jeung Alkitab. Sangkan urang ngarasa éra, maranéhna bisa jadi ngomong yén urang teu nyaah atawa teu hormat ka almarhum. Atawa maranéhna ngomong yén tindakan urang nyababkeun almarhum nyilakakeun nu hirup. Kumaha urang bisa ngabéla bebeneran Alkitab? Aya sababaraha prinsip nu bisa dilarapkeun.

12. Kapercayaan jeung kabiasaan naon nu jelas-jelas teu luyu jeung Alkitab?

12 Sing boga tékad pikeun ’misahkeun diri’ tina kapercayaan jeung kabiasaan nu teu luyu jeung Alkitab. (2 Kor. 6:17) Di hiji nagri di Karibia, loba nu percaya yén jalma nu maot bakal ngajungjurigan jeung ngabales saha waé nu jahat ka manéhna. Hiji sumber nyebutkeun ”jurig” éta malahan bisa ”nyieun masalah di masarakat”. Di Afrika, aya kabiasaan nutupan eunteung di imah almarhum jeung malik-malikeun poto nu aya dina témbok. Ku naon? Supaya nu maot teu bisa ningali dirina sorangan! Salaku hamba Yéhuwa, tangtu urang moal percaya kana mitos atawa pipilueun kana kabiasaan nu ngadukung kabohongan Sétan!—1 Kor. 10:21, 22.

Urang bisa nyingkahan masalah lamun ngarisét publikasi Alkitab jeung ngomong ku cara nu soméah ka baraya nu lain Saksi (Tingali paragrap 13-14) *

13. Saperti nu disebutkeun di Yakobus 1:5, Sadérék kudu kumaha lamun teu yakin kana hiji kabiasaan?

13 Lamun Sadérék teu yakin kana hiji kabiasaan, pék ngadoa ka Yéhuwa ménta kabijaksanaan. (Baca Yakobus 1:5.) Tuluy, pék ngarisét tina publikasi urang. Lamun perlu, tatanya ka kokolot sidang. Maranéhna moal ngabéjaan naon nu kudu dilakukeun, tapi bakal méré nyaho prinsip-prinsip Alkitab nu cocog, saperti nu dibahas di dieu. Lamun kitu, Sadérék keur ngalatih ’budi akal’ nu bisa ngabantu Sadérék ”ngabedakeun hade jeung goreng”.—Ibr. 5:14, SF.

14. Naon waé nu bisa dilakukeun sangkan batur teu nyeri haté?

14 ”Dina sagala hal . . . ulah tinggal ti tujuan pikeun kamulyaan Allah. Omat, ulah nyieun picurigaeun jeung pinyerieun hate batur.” (1 Kor. 10:31, 32, SF) Waktu rék mutuskeun bakal miluan hiji kabiasaan atawa henteu, pikirkeun pangaruhna kana haté sanubari batur, hususna dulur saiman. Urang embung nganyenyeri haté batur! (Mar. 9:42) Urang gé embung nyinggung batur nu lain Saksi. Lantaran nyaah, urang bakal ngomong ku cara nu merenah. Éta ngamulyakeun Yéhuwa. Urang tangtu moal paréa-réa omong atawa ngaléléwé tradisi maranéhna. Sing inget, kanyaah téh gedé pangaruhna! Lamun urang némbongkeun kanyaah bari tetep sopan jeung mikirkeun parasaan batur, batur nu nentang bisa leuleuy haténa.

15-16. (a) Ku naon alus lamun batur apal kapercayaan Sadérék? Béré conto. (b) Kumaha urang bisa ngalarapkeun kekecapan Paulus nu dicatet di Rum 1:16?

15 Béré nyaho batur yén Sadérék téh Saksi-Saksi Yéhuwa. (Yes. 43:10) Sadérék leuwih bisa nenangkeun kulawarga lamun geus méré nyaho baraya jeung tatangga yén Sadérék nyembah ka Allah Yéhuwa. Francisco, ti Mozambik, nulis, ”Waktu abdi jeung Carolina, pamajikan abdi, diajar bebeneran, abdi duaan ngabéjaan kulawarga geus moal deui muja nu maot. Putusan ieu diuji waktu lanceuk awéwéna Carolina maot. Di dieu, aya upacara ngamandian mayit. Dulur nu pangdeukeutna kudu saré tilu poé di tempat caina dipiceun. Cenah tujuanana mah ngarah roh almarhumah tenang. Kulawarga téh hayangna Carolina nu ngalakukeunana.”

16 Kumaha Francisco jeung pamajikanana nyanghareupan kaayaan ieu? Francisco ngajelaskeun, ”Lantaran abdi duaan nyaah jeung hayang nyenangkeun Yéhuwa, abdi embung pipilueun. Kulawarga Carolina ambek pisan. Maranéhna nuduh abdi duaan teu ngahargaan nu maot jeung ngomong moal nganjangan atawa nulungan deui abdi duaan. Tapi, lantaran abdi geus ngajelaskeun kapercayaan abdi saacanna, abdi teu ngabahas hal éta waktu maranéhna keur ambek. Malahan aya dulur nu ngabéla, maranéhna ngomong abdi duaan geus ngajelaskeun saacanna. Ka dieunakeun, kulawarga Carolina teu ambek deui, jeung urang bisa akur deui. Malahan aya nu datang ka imah ménta bacaan Alkitab.” Urang ulah nepi ka éra ngabéla bebeneran ngeunaan nu maot.—Baca Rum 1:16 ti Sunda Formal.

NGALILIPUR JEUNG NGADUKUNG JALMA NU KEUR SEDIH

Sobat sajati ngalilipur jeung nguatkeun jalma nu ditinggal maot (Tingali paragrap 17-19) *

17. Kumaha urang bisa jadi sobat sajati pikeun dulur saiman nu keur sedih?

17 Waktu aya dulur saiman nu ditinggalkeun ku nu dipikanyaah, urang kudu sabisa-bisa jadi ”sobat sajati . . .  jadi dulur waktu aya kasusah”. (Sil. 17:17, NW) Kumaha urang bisa jadi ”sobat sajati”, utamana pikeun dulur saiman nu keur sedih lantaran didesek pikeun ngalampahkeun kabiasaan nu teu luyu jeung Alkitab? Ku cara ngalarapkeun prinsip-prinsip Alkitab. Hayu urang perhatikeun dua di antarana.

18. Ku naon Yésus ceurik, jeung naon palajaranana keur urang?

18 ”Milu ceurik ka nu ceurik.” (Rum 12:15) Urang bisa jadi bingung rék ngomong naon ka jalma nu keur sedih. Tapi sakapeung, cipanon urang téh leuwih gedé pangaruhna ti batan kekecapan. Waktu sobatna Yésus nu ngaranna Lasarus maot, Maria, Marta, jeung nu séjénna ceurik. Opat poé sanggeusna waktu Yésus datang, anjeunna ”nangis” sanajan anjeunna apal rék ngahirupkeun deui Lasarus. (Yoh. 11:17, 33-35) Ceurikna Yésus ngagambarkeun parasaan Bapana. Éta ogé nunjukkeun yén Yésus nyaah ka kulawarga Lasarus. Maria jeung Marta tangtu kalilipur. Sarupa kitu, waktu dulur saiman ngarasakeun kanyaah jeung perhatian urang, maranéhna moal ngarasa sorangan lantaran dikurilingan ku sobat nu nyaah jeung siap ngadukung.

19. Waktu ngalilipur dulur saiman nu keur sedih, kumaha urang bisa ngalarapkeun Pandita 3:7?

19 ”Aya waktuna ngajejempe, aya waktuna nyarita.” (Pan. 3:7) Cara séjén pikeun ngalilipur dulur saiman nyaéta ngaregepkeun carita manéhna. Antepkeun manéhna sina ngungkabkeun eusi haténa jeung ulah kasinggung lamun manéhna ”kalepasan omong”. (Ayub 6:1-3) Bisa jadi manéhna keur loba pikiran lantaran didesek ku dulur nu lain Saksi. Jadi, pék ngadoa bareng jeung manéhna. Suhunkeun kakuatan jeung pikiran nu tenang ka Allah nu ”ngadangu” doa. (Jab. 66:19) Lamun kaayaanana cocog, Sadérék bisa babarengan maca Alkitab atawa artikel nu cocog, saperti pangalaman hirup nu ngagedékeun haté.

20. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

20 Sukur urang mah geus nyaho bebeneran ngeunaan nu maot jeung harepan nu éndah pikeun nu geus maot! (Yoh. 5:28, 29) Jadi, ku kekecapan jeung laku lampah, hayu urang terus wani ngabéla bebeneran Alkitab jeung nyaritakeunana ka batur unggal aya kasempetan. Artikel saterusna bakal ngabahas cara Sétan séjénna pikeun ngabobodo manusa, nyaéta spiritisme. Urang ogé bakal nyaho ku naon urang kudu nyingkahan kabiasaan jeung hiburan nu aya patalina jeung jiret Sétan éta.

KAWIH 24 Hayu ka Gunung Yéhuwa

^ par. 5 Sétan jeung roh-roh jahat nipu manusa ku kabohongan ngeunaan kaayaan nu maot. Kabohongan ieu ngalantarankeun munculna loba kabiasaan nu teu luyu jeung Alkitab. Artikel ieu bakal ngabantu Sadérék tetep satia ka Yéhuwa waktu didesek ku batur pikeun miluan kabiasaan éta.

^ par. 55 KATERANGAN GAMBAR: Saurang jalma nu keur sedih lantaran ditinggal maot dililipur ku barayana nu Saksi Yéhuwa.

^ par. 57 KATERANGAN GAMBAR: Sanggeus ngarisét ngeunaan kabiasaan nguburkeun nu maot, saurang Saksi ngajelaskeun kapercayaanana ka barayana ku cara nu soméah.

^ par. 59 KATERANGAN GAMBAR: Para kokolot keur ngalilipur jeung nguatkeun saurang Saksi nu kakara ditinggal maot.