Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 14

Naha Sadérék Ngalaksanakeun Palayanan Sagemblengna?

Naha Sadérék Ngalaksanakeun Palayanan Sagemblengna?

”Terus wawarkeun warta hadé jeung laksanakeun sagemblengna palayanan manéh.”—2 TIM. 4:5, cth., Terjemahan Dunia Baru (NW).

KAWIH 57 Ngawawar ka Sagala Jalma

NU DIBAHAS *

Sanggeus dihirupkeun deui, Yésus manggihan murid-muridna jeung méré pituduh pikeun ’ngadatangan jalma-jalma jeung ngajadikeun murid’ (Tingali paragrap 1)

1. Naon nu hayang dilaksanakeun ku sakabéh hamba Allah, jeung naon alesanana? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

KRISTUS YÉSUS maréntahkeun murid-muridna, ”Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami.” (Mat. 28:19) Sakabéh hamba Allah nu satia hayang diajar carana ’ngalaksanakeun sagemblengna’ palayanan ieu. (2 Tim. 4:5, NW) Dibandingkeun jeung pagawéan séjénna, pagawéan ieu téh leuwih penting, leuwih gedé mangpaatna, jeung teu bisa diengké-engké. Tapi, nyadiakeun loba waktu keur palayanan téh bisa jadi teu gampang.

2. Bari ngalaksanakeun palayanan, masalah naon waé nu kudu disanghareupan ku urang?

2 Aya kagiatan penting séjénna nu ngabutuhkeun waktu jeung tanaga urang. Urang bisa jadi kudu digawé mangjam-jam unggal poé keur nganapkahan diri sorangan jeung kulawarga, atawa boga tanggung jawab séjén di kulawarga. Meureun urang gé keur gering, strés, atawa loba nu karasa lantaran geus kolot. Jadi, kumaha urang bisa sagemblengna dina palayanan bari nyanghareupan masalah-masalah éta?

3. Urang bisa nyimpulkeun naon tina kekecapan Yésus dina Mateus 13:23?

3 Lamun urang teu bisa ngagunakeun leuwih loba waktu pikeun ngawula Yéhuwa, ulah leutik haté. Yésus apal yén teu unggal jalma bisa ngahasilkeun buah Karajaan nu sarua jumlahna, nyaéta méré waktu jeung tanaga nu sarua dina palayanan. (Baca Mateus 13:23.) Yéhuwa ngahargaan pisan sagala hal nu dilakukeun ku urang dina palayanan salila éta téh nu panghadéna. (Ibr. 6:10-12) Tapi, bisa jadi urang ngarasa bisa ngalakukeun leuwih. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas carana ngutamakeun palayanan, tetep hirup saderhana, jeung jadi leuwih tarampil dina ngawawar jeung ngajar. Tapi saacanna, hayu urang bahas naon hartina ngalaksanakeun palayanan sagemblengna.

4. Naon hartina ngalaksanakeun sagemblengna palayanan urang?

4 Singgetna, pikeun sagemblengna dina palayanan, urang kudu sabisa-bisa milu ngawawar jeung ngajar. Tapi nu penting pikeun Yéhuwa mah lain jumlah waktu nu digunakeun, tapi alesan urang ngawawar. Lantaran nyaah ka Yéhuwa jeung sasama, urang resep ngalaksanakeun palayanan ku sakuat tanaga. * (Mar. 12:30, 31; Kol. 3:23) Ngawula Allah sakuat tanaga téh hartina urang ngagunakeun sagala kakuatan jeung kamampuh urang dina palayanan bari suka bungah. Lamun urang ngahargaan pangwawaran, urang bakal ngabagikeun warta hadé ka saloba-lobana jalma.

5-6. Naha jalma nu teu boga loba waktu bisa ngutamakeun palayanan? Ibaratkeun.

5 Ibaratna kieu, aya saurang budak ngora nu hobi maén gitar. Manéhna bakal ngagitar unggal aya waktu. Ahirna, manéhna meunang pagawéan di kafé jadi pamaén gitar dina ahir minggu. Tapi, bayaranana teu cukup keur minuhan pangabutuhna. Ku kituna, manéhna digawé jadi kasir di supermarkét ti Senén nepi ka Jumaah. Sanajan kalolobaan waktuna dipaké keur gawé di supermarkét, haténa mah kana musik. Hayangna mah manéhna jadi leuwih jago ngagitar jeung jadi musisi. Unggal aya kasempetan, manéhna maén gitar sanajan sakeudeung.

6 Kitu ogé, meureun Sadérék teu bisa leuwih sering ngawawar. Tapi, éta nu dipikaresep ku Sadérék. Sadérék hayang leuwih tarampil ngageuing haté jalma-jalma ku warta hadé. Tapi lantaran kudu ngurus loba hal, Sadérék jadi mikir kumaha carana ngutamakeun kagiatan pangwawaran.

CARANA NGUTAMAKEUN PALAYANAN

7-8. Kumaha urang bisa nyonto sikep Yésus kana palayanan?

7 Sikep Yésus kana palayanan bisa jadi conto keur urang. Nu paling penting dina kahirupan anjeunna téh nyaritakeun Karajaan Allah ka batur. (Yoh. 4:34, 35) Anjeunna leumpang ratusan kilométer pikeun ngawawar ka saloba-lobana jalma. Unggal aya kasempetan, anjeunna ngawawar ka jalma-jalma di imahna atawa di tempat umum. Yésus miheulakeun palayanan dina kahirupanana.

8 Urang bisa nyonto Yésus ku cara néangan kasempetan pikeun ngawawar iraha jeung di mana waé. Urang réla nyieun pangorbanan sangkan bisa ngawawar. (Mar. 6:31-34; 1 Pet. 2:21) Di sidang, aya nu bisa ngawula jadi panaratas ékstra, biasa, jeung istiméwa. Aya ogé nu diajar basa séjén atawa pindah ka daérah nu leuwih ngabutuhkeun pawarta. Tapi, kagiatan pangwawaran téh lolobana dilakukeun ku para pawarta nu teu bisa ngalakukeun hal éta tapi tetep méré nu panghadéna. Teu sual kumaha kaayaanana, Yéhuwa teu ménta urang ngalampahkeun hal-hal nu moal kahontal. Yéhuwa hoyong urang bagja ngawula Mantenna bari ngawawarkeun ”warta hadé nu mulya ti Allah nu bagja”.—1 Tim. 1:11 (NW); Pam. 30:11.

9. (a) Kumaha Paulus ngutamakeun pangwawaran sanajan kudu digawé nyieun ténda? (b) Numutkeun Rasul 28:16, 30, 31, kumaha sikep Paulus kana palayananana?

9 Rasul Paulus méré tuladan dina ngutamakeun palayanan. Basa manéhna keur di Korinta dina perjalanan misionarisna nu kadua, duitna téréh béak jadi kudu digawé nyieun ténda. Tapi, éta lain pagawéan nu utama keur Paulus. Manéhna nyieun ténda pikeun ngabiayaan palayananana, jadi manéhna ”teu menta bayaran” waktu ngawawar di Korinta. (2 Kor. 11:7) Sanajan kudu digawé, manéhna terus ngutamakeun palayanan jeung ngawawar unggal Sabat. Waktu kaayaanana geus leuwih hadé, Paulus bisa leuwih sering ngawawar. Manéhna ”tambah jongjon nguarkeun pangandika Allah ka urang Yahudi, mertelakeun yen Yesus teh Jurusalamet”. (Ras. 18:3-5; 2 Kor. 11:9) Ka dieunakeun, waktu manéhna dipanjara di imahna di Rum salila dua taun, Paulus nulis surat jeung ngawawar ka jalma-jalma nu nganjang. (Baca Rasul 28:16, 30, 31.) Paulus embung disimpangkeun ku naon waé. Manéhna ogé embung eureun ngalakukeun palayananana. (2 Kor. 4:1) Siga Paulus, sanajan urang ngagunakeun loba waktu pikeun digawé, urang masih bisa ngutamakeun palayanan dina kahirupan urang.

Aya loba cara pikeun sagemblengna dina palayanan (Tingali paragrap 10-11)

10-11. Kumaha urang bisa tetep sagemblengna dina palayanan sanajan keur gering?

10 Lamun urang teu bisa sering ngawawar ti imah ka imah lantaran geus kolot atawa gering, urang bisa ngawawar ku cara séjén. Urang Kristen abad kahiji ngawawar di mana waé. Maranéhna ngamangpaatkeun unggal kasempetan pikeun nyaritakeun bebeneran ka saha waé nu dipanggihan, misalna ti imah ka imah, di tempat umum, jeung méré kasaksian teu resmi. (Ras. 17:17; 20:20) Lamun urang teu bisa loba leumpang, urang bisa diuk di tempat umum tuluy ngawawar ka jalma nu ngaliwat. Atawa urang ogé bisa méré kasaksian teu resmi, nulis surat, atawa kasaksian liwat telepon. Loba pawarta nu teu bisa ngawawar ti imah ka imah lantaran boga masalah kaséhatan atawa masalah séjénna, bisa tetep suka bungah ngawawar ku cara ieu.

11 Sanajan gering, Sadérék bisa tetep sagemblengna dina palayanan. Perhatikeun deui conto Rasul Paulus. Manéhna ngomong yén bisa kuat téh lantaran meunang ”kakawasaan ti Allah”. (2 Kor. 4:7, Sunda Formal [SF]) Paulus butuh dikuatkeun waktu keur gering dina salah sahiji perjalanan panginjilanana. Manéhna ngajelaskeun ka urang Galata, ”Kumaha asalna sim kuring ngawartakeun Injil Kasalametan ka aranjeun, nya eta lantaran sim kuring katarajang gering.” (Gal. 4:13) Sarupa kitu, lantaran gering, Sadérék jadi bisa ngawawar ka dokter, suster, jeung nu ngarawat Sadérék. Biasana, maranéhna keur aya di tempat gawé waktu para pawarta ngawawar ka imah maranéhna.

CARANA TETEP HIRUP SADERHANA

12. Naon hartina ngajaga panon tetep ”saderhana”?

12 Ceuk Yésus, ”Panon teh minangka lampu awak. Lamun panon cekas [”saderhana”, NW], sakujur awak ngempray caang.” (Mat. 6:22) Naon maksudna? Nu dimaksud ku anjeunna téh urang kudu ngajaga hirup urang tetep saderhana atawa boga hiji tujuan jeung teu disimpangkeun ku loba hal. Yésus ogé méré tuladan ku cara ngutamakeun palayanan dina kahirupanana. Anjeunna ogé ngajar murid-muridna pikeun ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa jeung Karajaana-Na. Urang nyonto Yésus lamun ngajalankeun kahirupan nu ’mentingkeun heula Karajaan Allah sarta kaadilanana’.—Mat. 6:33, SF.

13. Kumaha carana sangkan urang bisa leuwih ngutamakeun palayanan?

13 Urang bisa leuwih ngutamakeun palayanan lamun ngurangan waktu pikeun hal-hal nu teu pati penting sangkan boga leuwih loba waktu pikeun mantuan batur wanoh jeung nyaah ka Yéhuwa. * Misalna, naha urang bisa ngurangan waktu gawé sangkan boga leuwih loba waktu pikeun ngawawar dina tengah minggu? Naha urang bisa ngurangan rékréasi nu méakkeun waktu?

14. Naon nu dilakukeun ku hiji pasangan sangkan boga leuwih loba waktu keur ngawawar?

14 Ieu nu dilakukeun ku saurang kokolot nu ngaranna Elias jeung pamajikanana. Ceuk manéhna, ”Harita téh abdi duaan can bisa naratas, tapi aya nu bisa dilakukeun sangkan boga leuwih loba waktu keur ngawawar. Jadi dimimitian ti hal-hal nu leutik, misalna ngirit duit, ngurangan rékréasi, jeung ngomong ka dunungan supaya ngarobah jadwal gawé. Hasilna, abdi duaan bisa ngawawar peuting-peuting, boga leuwih loba palajar Alkitab, malahan bisa ngawawar dua kali sabulan di tengah minggu. Abdi duaan mani bungah pisan!”

CARANA SUPAYA LEUWIH TARAMPIL DINA NGAWAWAR JEUNG NGAJAR

Urang bakal terus nyieun kamajuan dina dines lamun ngalarapkeun saran-saran ti pasamoan tengah minggu (Tingali paragrap 15-16) *

15-16. Luyu jeung 1 Timoteus 4:13, 15, kumaha carana sangkan urang leuwih tarampil sabagé pawarta? (Tingali ogé kotak ”Nu Bisa Diupayakeun Sangkan Sagemblengna dina Palayanan”.)

15 Cara séjén pikeun leuwih sagemblengna dina palayanan téh nyaéta ningkatkeun kasanggupan pikeun ngawawar. Jalma-jalma nu digawé di sababaraha widang kudu rutin dilatih sangkan leuwih ngarti jeung tarampil. Kitu ogé sabagé pawarta Karajaan, urang kudu terus diajar carana leuwih tarampil dina palayanan.—Sil. 1:5; baca 1 Timoteus 4:13, 15.

16 Tapi, kumaha urang bisa terus nyieun kamajuan? Ku cara bener-bener merhatikeun pituduh dina Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan. Dina pasamoan ieu, aya saran-saran alus ngarah urang tarampil dina dines. Misalna, waktu pupuhu keur méré saran ka nu meunang tugas, urang bisa merhatikeun saran naon waé nu bisa ngabantu urang leuwih tarampil dina dines. Tuluy, urang bisa ngalarapkeun saran éta waktu nyaritakeun warta hadé ka batur. Urang gé bisa ménta bantuan atawa ngawawar bareng jeung pangawas kelompok dines, pawarta nu geus pangalaman, panaratas, atawa pangawas wilayah. Lamun urang leuwih tarampil ngagunakeun publikasi nu aya dina Pakakas Ngajar, urang bakal leuwih resep ngawawar jeung ngajar.

17. Naon hasilna lamun Sadérék sagemblengna dina palayanan?

17 Jadi ”batur gawé Allah” téh mangrupakeun kahormatan! (1 Kor. 3:9, NW) Lamun Sadérék ”terang ka anu panghadena” jeung ngutamakeun palayanan, Sadérék bakal ’nyembah PANGERAN bari jeung suka’. (Pil. 1:10; Jab. 100:2) Salaku palayan Allah, Sadérék bisa yakin bakal dikuatkeun ku Mantenna supaya bisa ngalaksanakeun palayanan sanajan Sadérék boga masalah jeung watesan. (2 Kor. 4:1, 7; 6:4) Teu sual Sadérék bisa leuwih sering ngawawar atawa henteu, Sadérék bisa tetep ’atoh’ lamun geus sabisa-bisa ngalaksanakeun palayanan. (Gal. 6:4) Lamun Sadérék ngalaksanakeun palayanan sagemblengna, éta bukti yén Sadérék nyaah ka Yéhuwa jeung sasama. Ku kituna, ”boh [Sadérék] pribadi, boh anu ngadengekeun piwuruk-piwuruk [Sadérék]” bisa salamet.—1 Tim. 4:16.

KAWIH 58 Néangan Jalma nu Resep Rukun

^ par. 5 Urang boga tugas pikeun ngawawarkeun warta hadé Karajaan jeung ngajadikeun murid. Artikel ieu bakal ngabahas kumaha carana urang bisa sagemblengna dina palayanan, sanajan urang masing-masing boga loba masalah. Urang ogé bakal diajar carana jadi pawarta nu leuwih tarampil jeung leuwih suka bungah.

^ par. 4 KATERANGAN TAMBAHAN: Palayanan urang téh kaasup rupa-rupa kagiatan ngawawar jeung ngajar, ngawangun jeung ngarawat fasilitas organisasi, jeung kagiatan bantuan kamanusaan.—2 Kor. 5:18, 19; 8:4.

^ par. 13 Tingali tujuh cara nu aya dina kotak ”Cara Menyederhanakan Hidup Saudara” dina Menara Pengawal Juli 2016, kaca 10.

^ par. 62 KATERANGAN GAMBAR: Saurang Sadérék istri keur mintonkeun carana ngadatangan deui dina pasamoan tengah minggu. Sanggeusna, pupuhu méré saran-saran, tuluy ku manéhna ditulis dina brosur Ngajar. Dina ahir minggu, manéhna ngalarapkeun saran éta dina dines.