Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Artikel Palajaran 16

Pék Déngékeun, Sing Kenal, Sing Karunyaan

Pék Déngékeun, Sing Kenal, Sing Karunyaan

”Ulah ngahukum make dasar bukti lahirna, kudu make dasar kaadilan.”​—YOH. 7:24.

KAWIH 101 Digawé Sauyunan

NU DIBAHAS *

1. Bebeneran naon ngeunaan Yéhuwa nu ngagedékeun haté urang?

SADÉRÉK resep teu diukur numutkeun warna kulit, beungeut, atawa bentuk awak? Pasti henteu. Urang bungah lantaran Yéhuwa teu ngukur urang numutkeun naon nu ditingali ku manusa! Misalna, cara Yéhuwa ningali putra-putra Isai béda jeung cara Samuél. Yéhuwa nyarios yén salah sahiji putra Isai bakal jadi raja Israil. Tapi, nu mana? Basa ningali putra cikalna Isai, nyaéta Éliab, Samuél mikir, ’Pasti ieu nu dipilih ku Yéhuwa.’ Éliab téh dedeganana gagah siga raja. ”Tapi dawuhan PANGERAN, ’Ulah nenjo kana dedegna, ulah ngareret kana kasepna. Eta mah teu kapake.’” Naon palajaranana? Saur Yéhuwa, ”Jalma mah nenjo luarna, Kami mah nilik eusina.”​—1 Sam. 16:1, 6, 7.

2. Numutkeun Yohanes 7:24, ku naon ulah ngukur batur tina rupa luarna? Béré ibarat.

2 Lantaran teu sampurna, urang sok ngukur batur tina rupa luarna. (Baca Yohanes 7:24.) Tapi lamun urang nempo ti luarna wungkul, urang ngan nyaho saeutik ngeunaan saurang jalma. Ibaratna kieu, dokter nu ahli jeung loba pangalaman gé ngan bisa nyaho saeutik lamun saukur nempo pasiénna. Lamun hayang nyaho riwayat kaséhatan, parasaan, atawa gejala-gejala nu dirasakeun ku si pasién, manéhna kudu bener-bener ngadéngékeun. Ngarah nyaho jero awak pasién, dokter bisa jadi ménta manéhna dirontgen. Mun teu kitu, dokter bisa salah nangtukeun panyakitna. Kitu ogé, urang moal bener-bener paham ka dulur-dulur saiman lamun saukur ningali rupa luarna. Urang hayang paham sipat-sipat nu sabenerna. Mémang, ngan Yéhuwa nu bisa bener-bener paham ka dulur-dulur urang lantaran bisa maca haté. Ari urang mah teu bisa. Tapi, urang bisa satékah polah nyonto Yéhuwa. Kumaha carana?

3. Kumaha urang bisa nyonto Yéhuwa tina kisah-kisah Alkitab nu bakal dibahas?

3 Kumaha sikep Yéhuwa ka hamba-hamba-Na? Mantenna ngadangukeun, mikirkeun kaayaan jeung sagala nu mangaruhan maranéhna, sarta karunyaan ka maranéhna. Waktu ngabahas naon nu dilakukeun ku Yéhuwa ka Yunus, Élias, Hajar, jeung Elut, hayu urang pikirkeun kumaha urang bisa ngalakukeun nu sarua ka dulur-dulur saiman urang.

DÉNGÉKEUN BENER-BENER

4. Ku naon bisa jadi urang goréng sangka ka Yunus?

4 Lantaran ngan nyaho saeutik, urang bisa waé nganggap Yunus téh teu bisa diandelkeun, malah teu taat. Manéhna narima paréntah langsung ti Yéhuwa pikeun nepikeun hukuman ka urang Ninéwé. Lainna taat, Yunus kalah ka balayar ka arah sabalikna, ”sangkan jauh ti PANGERAN”. (Yun. 1:1-3) Mun Sadérék, daék teu méré kasempetan deui ka Yunus pikeun ngaréngsékeun tugas éta? Sigana moal. Tapi, Yéhuwa mah tetep masihan kasempetan ka Yunus.​—Yun. 3:1, 2.

5. Urang diajar naon tina kekecapan Yunus dina Yunus 2:1, 2, 9?

5 Urang bisa nyaho Yunus téh jalma nu siga kumaha tina doana. (Baca Yunus 2:1, 2, 9.) Tangtu Yunus sering ngadoa. Tapi tina salah sahiji doana, urang bisa nyaho yén Yunus teu ngan saukur jalma nu kabur tina tugasna. Kekecapanana nunjukkeun yén Yunus téh rendah haté, boga rasa sukur, jeung boga tékad pikeun taat ka Yéhuwa. Teu héran lamun Yéhuwa teu ningali kasalahan Yunus wungkul. Doana dijawab, Yunus gé terus jadi nabi!

Lamun urang nyaho nu sabenerna, urang bakal leuwih rasrasan (Tingali paragrap 6) *

6. Ku naon upaya urang pikeun ngadéngékeun bener-bener téh moal cumah?

6 Supaya bisa ngadéngékeun bener-bener, urang kudu rendah haté jeung sabar. Sahenteuna aya tilu alesan ku naon upaya urang moal cumah. Kahiji, urang moal salah sangka ka batur. Kadua, urang bisa paham parasaan jeung niat dulur urang, urang gé jadi rasrasan ka manéhna. Jeung katilu, lamun urang bener-bener ngadéngékeun dulur urang, manéhna bisa leuwih paham ka dirina sorangan. Sakapeung urang gé kakara paham kana parasaan urang sorangan waktu éta dicaritakeun ka batur. (Sil. 20:5) Aya kokolot di Asia nyarita, ”Abdi pernah salah, nyaéta ngomong tapi teu ngadéngékeun heula. Abdi méré nyaho saurang sadérék istri supaya manéhna leuwih hadé dina méré koméntar. Ari pék téh manéhna teu pati bisa maca jeung kudu bajoang pikeun méré koméntar.” Ku kituna saacan méré naséhat, kabéh kokolot kudu ’ngaregepkeun heula’ sangkan nyaho nu sabenerna!​—Sil. 18:13.

7. Tina naon nu dilakukeun ku Yéhuwa ka Élias, urang diajar naon?

7 Sababaraha dulur saiman hésé ngungkabkeun parasaanana lantaran kasang tukangna, kabudayaanana, atawa kapribadianana. Kumaha ngarah maranéhna leuwih laluasa ngungkabkeun parasaanana ka urang? Inget naon nu dilakukeun ku Yéhuwa ka Élias. Basa Élias kabur ti Isebél, manéhna teu langsung ngungkabkeun parasaanana ka Yéhuwa. Sanggeus sababaraha poé, kakara Élias ngabudalkeun eusi haténa ka Bapana di sawarga. Ku Yéhuwa bener-bener didangukeun. Tuluy Mantenna ngagedékeun haté Élias jeung masihan tugas penting. (1 Rja. 19:1-18) Mémang butuh waktu pikeun dulur-dulur urang ngarasa laluasa ngungkabkeun parasaanana. Tapi lamun urang sabar siga Yéhuwa, maranéhna bakal percaya ka urang tuluy ngungkabkeun parasaanana. Waktu maranéhna ngungkabkeun parasaanana, urang kudu bener-bener ngadéngékeun.

SING KENAL KA DULUR-DULUR SAIMAN

8. Numutkeun Kajadian 16:7-13, kumaha carana Yéhuwa nulungan Hajar?

8 Hajar, palayanna Sarai, nyieun tindakan nu teu bijaksana sanggeus manéhna disérénkeun ka Abram sina ditikah. Waktu Hajar hamil, manéhna ngahina Sarai nu teu boga budak. Balukarna, Hajar dikejeman ku Sarai nepi ka ahirna kabur. (Kaj. 16:4-6) Lantaran urang teu sampurna, meureun urang nganggap Hajar téh awéwé adigung nu pantes dihukum. Tapi, Yéhuwa teu ngarasa kitu ka Hajar. Mantenna ngutus malaikat ka Hajar, tuluy malaikat éta ngabantu Hajar ngarobah sikepna, Hajar ogé diberkahan. Hajar ngarasa Yéhuwa merhatikeun jeung paham kana sagala kaayaanana. Manéhna kageuing pikeun nyebut Yéhuwa téh ”Anu Maha Tingali”.​—Baca Kajadian 16:7-13.

9. Naon sababna Yéhuwa bageur ka Hajar?

9 Naon nu ditingali ku Yéhuwa ti Hajar? Mantenna apal pisan kumaha Hajar baheulana jeung naon waé nu geus kaalaman ku manéhna. (Sil. 15:3) Hajar téh urang Mesir nu matuh di antara urang Ibrani. Naha manéhna sok ngarasa euweuh batur? Naha manéhna sok sono ka kulawarga jeung nagrina? Manéhna lain hiji-hijina pamajikan Abram. Harita, aya hamba Allah nu boga pamajikan leuwih ti hiji. Tapi, éta lain kahoyong Yéhuwa. (Mat. 19:4-6) Jadi, teu héran lamun perkawinan siga kitu nyababkeun masalah gedé siga timburu jeung kaambek. Sikep Hajar nu teu ngahormat Sarai teu dianggap bener ku Yéhuwa, tapi Mantenna bageur lantaran mikirkeun parasaan jeung kaayaan Hajar.

Sing kenal ka dulur-dulur saiman (Tingali paragrap 10-12) *

10. Kumaha urang bisa leuwih kenal ka dulur-dulur urang?

10 Urang bisa nyonto Yéhuwa ku cara sabisa-bisa paham ka dulur-dulur saiman. Sing leuwih kenal ka maranéhna. Pék ngobrol saacan jeung sanggeus pasamoan, ajak dines, sarta lamun bisa, ajak dahar bareng. Ku kituna, Sadérék bakal nyaho yén sadérék istri nu katingalina judes téh sabenerna mah éraan, sadérék nu beunghar téh lainna beuki duit tapi béréhan, atawa sadérék istri jeung barudakna nu sering telat téh sabenerna ditentang ku salakina. (Mat 7:1) Tangtu, ulah nepi ka ”campur kana urusan batur”. (1 Tim. 5:13) Tapi, lamun urang nyaho ngeunaan dulur-dulur urang jeung kaayaanana, urang bakal leuwih paham ka maranéhna.

11. Ku naon para kokolot kudu kenal ka domba-domba?

11 Para kokolot hususna kudu nyaho kasang tukang sadérék-sadérék nu diurusna. Perhatikeun conto ti Artur, saurang pangawas wilayah. Manéhna jeung kokolot séjén ngadatangan saurang sadérék istri nu katingalina éraan. Artur nyarita, ”Ari pék téh salakina maot sababaraha taun sanggeus manéhna kawin. Sanajan hirupna teu gampang, manéhna ngagedékeun dua budak awéwéna nepi ka maju rohani. Tapi ayeuna panonna geus teu awas, jaba manéhna keur déprési. Sanajan kitu, kanyaah jeung imanna ka Yéhuwa tetep kuat. Abdi loba diajar tina tuladan hadé manéhna.” (Pil. 2:3) Pangawas wilayah ieu nyonto tuladan Yéhuwa. Yéhuwa kenal ka domba-domba-Na jeung terang kana kasusahan maranéhna. (Bud. 3:7) Kokolot nu kenal ka domba-domba bakal leuwih bisa nulungan maranéhna.

12. Naon mangpaat nu dirasakeun Yip Yee sanggeus leuwih kenal ka sadérék istri di sidangna?

12 Lamun Sadérék nyaho kasang tukang ti dulur saiman nu pikakeuheuleun, Sadérék bakal leuwih rasrasan ka manéhna. Ieu contona: Yip Yee nu cicing di Asia nyarita, ”Aya sadérék istri di sidang nu ngomongna téh tarik pisan. Mani teu sopan. Tapi basa abdi dines bareng jeung manéhna, abdi kakara nyaho manéhna téh osok ngabantuan kolotna jualan lauk di pasar. Manéhna kudu ngomong tarik ngarah didatangan ku nu meuli.” Yip Yee neruskeun, ”Abdi diajar, lamun hayang paham ka dulur-dulur, abdi perlu nyaho heula kasang tukangna.” Butuh upaya sangkan kenal ka dulur saiman. Tapi lamun Sadérék nuturkeun naséhat Alkitab pikeun muka haté, Sadérék nyonto Yéhuwa nu mikanyaah ”sakabeh jelema”.​—1 Tim. 2:3, 4, Sunda Formal; 2 Kor. 6:11-13.

SING KARUNYAAN

13. Numutkeun Kajadian 19:15, 16, naon nu dilakukeun ku para malaikat basa Elut kalékéd, jeung naon sababna?

13 Pas kaayaan keur gawat, Elut teu gancang nuturkeun pituduh Yéhuwa. Dua malaikat datang, tuluy ngomong yén Elut jeung kulawargana kudu kaluar ti Sadumu. Ku naon? Ceuk malaikat, ”Ieu nagara sakeudeung deui baris dibasmi ku kami.” (Kaj. 19:12, 13) Isukna, Elut sakulawarga masih kénéh aya di imah. Jadi para malaikat ngélingan deui. Tapi, Elut mani ”kaleked pisan”. Urang bisa waé nganggap Elut teu ngawaro Yéhuwa, malah teu taat. Tapi, Yéhuwa teu ninggalkeun Elut. ”Bawaning ku watir-watirna PANGERAN ka anjeunna”, para malaikat ngenyang éta kulawarga kaluar ti Sadumu.​—Baca Kajadian 19:15, 16.

14. Ku naon Yéhuwa karunya ka Elut?

14 Aya loba alesan ku naon Yéhuwa karunya ka Elut. Meureun Elut asa-asa ninggalkeun imahna téh da sieuneun ku jalma-jalma di luar kota. Aya ogé bahaya séjénna. Sigana Elut ogé apal, aya dua raja nu tigebrus kana sumur-sumur aspal di lebak nu teu jauh ti dinya. (Kaj. 14:8-12) Salaku kapala kulawarga, Elut pasti ngahariwangkeun pamajikan jeung barudakna. Elut gé beunghar, bisa jadi manéhna boga imah nu alus di Sadumu. (Kaj. 13:5, 6) Mémang, éta kabéh teu bisa dijadikeun alesan ku Elut pikeun teu langsung taat ka Yéhuwa. Tapi, Yéhuwa teu ngan saukur merhatikeun kasalahan Elut. Malah, manéhna dianggap jalma ”nu hade”.​—2 Pet. 2:7, 8.

Lamun urang daék ngadéngékeun, urang bisa karunyaan ka batur (Tingali paragrap 15-16) *

15. Ti batan ngukur batur tina lalampahanana, naon nu sakuduna dilakukeun ku urang?

15 Ti batan ngukur batur tina lalampahanana, leuwih hadé lamun urang sabisa-bisa paham kana parasaanana. Veronica, saurang sadérék istri di Eropa, ngupayakeun hal éta. Ceuk manéhna, ”Aya sadérék istri nu katingalina téh baeud baé. Manéhna sok ngajauhan batur. Abdi sieun ngadeukeutan manéhna téh. Tapi abdi mikir, ’Lamun abdi jadi manéhna, pasti abdi hayang boga batur.’ Jadi abdi tatanya ka manéhna supaya nyaho parasaanana. Ari pék téh manéhna daék ngungkabkeun parasaanana! Ayeuna abdi leuwih ngarti ka manéhna.”

16. Ku naon urang kudu ngadoa sangkan leuwih rasrasan ka batur?

16 Ngan Yéhuwa nu bisa bener-bener paham ka urang. (Sil. 15:11) Jadi, pénta bantuan Yéhuwa sangkan Sadérék bisa mandang batur saperti Yéhuwa mandang manéhna, ogé sangkan Sadérék bisa karunya ka manéhna. Doa ngabantu saurang sadérék nu ngaranna Anzhela jadi leuwih rasrasan. Aya saurang sadérék istri di sidangna nu hésé akur jeung nu séjén. Ceuk Anzhéla, ”Lamun urang langsung ngiritik jeung ngajauhan manéhna mah gampang. Tapi, abdi ménta bantuan Yéhuwa sangkan leuwih bisa rasrasan ka manéhna.” Naha Yéhuwa ngajawab doana? Anzhela neruskeun, ”Urang dines bareng, tuluy ngobrol mangjam-jam. Abdi bener-bener ngadéngékeun manéhna. Ayeuna abdi beuki nyaah jeung hayang ngagedékeun haté manéhna.”

17. Naon sakuduna tékad urang?

17 Urang teu meunang mikir aya nu kudu dipikarunya aya nu henteu. Kabéh boga masalah siga Yunus, Élias, Hajar, jeung Elut. Di antarana mémang aya nu boga masalah ku lantaran kasalahan sorangan, tapi sabenerna mah urang kabéh gé pernah kitu. Jadi, asup akal lamun Yéhuwa ngajurung urang pikeun rasrasan ka papada dulur. (1 Pet. 3:8) Lamun urang nurut, urang bakal nguatkeun kasatunggalan ti kulawarga sadunya nu anggotana rupa-rupa jalma. Jadi, mugia urang boga tékad pikeun ngadéngékeun, kenal, jeung karunyaan ka dulur saiman.

KAWIH 87 Pasamoan Méré Kakuatan

^ par. 5 Lantaran teu sampurna, urang sok gancang ngukur sipat jeung tindakan batur. Tapi, Yéhuwa ’nilik eusi’ haté. (1 Sam. 16:7) Artikel ieu bakal ngabahas ngeunaan kanyaah Yéhuwa ka Yunus, Élias, Hajar, jeung Elut. Ku kituna, urang bisa nyonto Yéhuwa dina némbongkeun kanyaah ka dulur saiman.

^ par. 52 KATERANGAN GAMBAR: Sadérék nu geus kolot keuheul lantaran aya sadérék ngora nu telat masamoan, tapi ahirna manéhna nyaho sadérék éta telat lantaran mobilna ditubruk.

^ par. 54 KATERANGAN GAMBAR: Saurang pangawas kelompok dines mimitina mikir yén sadérék istri ieu teu daék campur gaul, tapi ahirna manéhna nyaho sadérék ieu éraan jeung risi mun aya di antara jalma-jalma nu teu pati dikenal.

^ par. 56 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék istri kakara panggih jeung sadérék istri séjénna di Balé Karajaan. Mimitina mah, manéhna mikir sadérék éta judes. Tapi sanggeus ngobrol jeung leuwih kenal, sabenerna mah henteu kitu.