Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Artikel Palajaran 18

Terus Lumpat dina Pangbalapan ”Nepi ka Garis Ahir”

Terus Lumpat dina Pangbalapan ”Nepi ka Garis Ahir”

”Bapa enggeus beres balap, geus nepi ka garis ahir.”​—2 TIM. 4:7.

KAWIH 129 Urang Kudu Terus Tabah

NU DIBAHAS *

1. Urang kabéh kudu kumaha?

SADÉRÉK daék teu milu balap lumpat nu hésé, komo Sadérék keur gering atawa laleuleus? Meureun embung. Tapi, Rasul Paulus nyebutkeun yén kabéh urang Kristen sajati keur nempuh pangbalapan. (Ibr. 12:1) Jadi, teu sual ngora atawa kolot, jagjag atawa leuleus, urang kabéh kudu terus lumpat nepi ka ahir lamun hayang meunang hadiah ti Yéhuwa.​—Mat. 24:13.

2. Ku naon Paulus teu asa-asa méré naséhat nu dicatet dina 2 Timoteus 4:7, 8?

2 Baca 2 Timoteus 4:7, 8Paulus teu asa-asa ngomong sotéh lantaran manéhna ’geus beres balap, nepi ka garis ahir’. Tapi, pangbalapan naon nu sabenerna keur diomongkeun ku Paulus?

PANGBALAPAN NAON?

3. Pangbalapan naon nu keur diomongkeun ku Paulus?

3 Pikeun ngajarkeun hal-hal penting, Paulus sok maké istilah pangbalapan nu diayakeun di Yunani kuno. (1 Kor. 9:25-27; 2 Tim. 2:5) Sababaraha kali Paulus ngibaratkeun kahirupan urang Kristen siga balap lumpat. (1 Kor. 9:24; Pil. 2:16, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Saurang jalma mimiti milu ”balap” téh waktu manéhna ngabaktikeun diri ka Yéhuwa tuluy dibaptis. (1 Pet. 3:21) Manéhna nepi ka garis ahir téh waktu Yéhuwa masihan hadiah hirup langgeng.​—Mat. 25:31-34, 46; 2 Tim. 4:8.

4. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

4 Naon nu sarua antara balap lumpat jarak jauh jeung kahirupan Kristen? Aya sababaraha. Hayu urang bahas tilu di antarana. Kahiji, urang kudu nuturkeun jalur nu bener. Kadua, urang kudu terus mikirkeun garis ahir. Jeung katilu, urang kudu terus lumpat sanajan aya tangtangan.

TUTURKEUN JALUR NU BENER

Urang kabéh kudu nuturkeun jalan kahirupan Kristen (Tingali paragrap 5-7) *

5. Jalan mana nu kudu dituturkeun ku urang, jeung naon sababna?

5 Dina pangbalapan nu nyaanan, sangkan bisa meunang hadiah, atlét balap lumpat kudu nuturkeun jalur nu geus ditangtukeun ku nu ngayakeun pangbalapan éta. Kitu ogé, lamun hayang meunang hadiah hirup langgeng, urang kudu nuturkeun jalan kahirupan Kristen. (Ras. 20:24; 1 Pet. 2:21) Tapi, Sétan jeung jalma-jalma nu nuturkeun manéhna hayang urang milih jalan séjén jeung lumpat cara maranéhna. (1 Pet. 4:4) Maranéhna ngaléléwé jalan hirup urang jeung ngaku-ngaku yén jalan hirup maranéhna bakal ngabébaskeun. Tapi, éta bohong.​—2 Pet. 2:19.

6. Sadérék diajar naon tina pangalaman Brian?

6 Kabéh nu jalan hirupna dipangaruhan ku Sétan engkéna bakal nyaho yén jalan nu dipilih ku maranéhna téh teu ngabébaskeun. Maranéhna kalah ka diperbudak. (Rum 6:16) Contona Brian. Kolotna ngajurung manéhna pikeun nuturkeun jalan kahirupan Kristen. Tapi pas geus rumaja, manéhna cangcaya jalan éta bisa ngabagjakeun. Jadi manéhna milu lumpat jeung jalma-jalma nu nuturkeun kahayang Sétan. Manéhna nyarita, ”Sihoréng, naon nu disebut kabébasan téh kalah ka ngalantarankeun abdi kabeungkeut ku kacanduan. Abdi nyalahgunakeun narkoba, alkohol sarta hirup rucah. Abdi nyobaan narkoba nu kelasna beuki lila beuki beurat jeung abdi diperbudak ku nu kararitu. . . . Ngarah bisa ngabiayaan kahirupan abdi nu siga kitu, abdi ngajual narkoba.” Ahirna, Brian mutuskeun pikeun hirup luyu jeung papakon Yéhuwa. Manéhna ngarobah jalan hirupna tuluy dibaptis taun 2001. Manéhna ayeuna bisa bener-bener bagja lantaran nuturkeun jalan kahirupan Kristen. *

7. Numutkeun Mateus 7:13, 14, dua jalan naon nu aya di hareupeun urang?

7 Nuturkeun jalan hirup nu bener téh kacida pentingna! Sétan hayang urang kabéh eureun nuturkeun jalan nu ”brasna kana kahirupan” tuluy pindah jalur ka jalan nu rubak nu dituturkeun ku kalolobaan jalma di dunya. Jalan éta dipikaresep ku loba jalma jeung gampang dituturkeun. Tapi, éta jalan ”brasna kana kabinasaan”. (Baca Mateus 7:13, 14 tina catetan handap.) * Ngarah aya di jalan nu bener jeung teu disimpangkeun, urang kudu ngandel jeung nurut ka Yéhuwa.

ULAH DISIMPANGKEUN DINA PANGBALAPAN

Urang ulah disimpangkeun jeung ulah ngalantarankeun batur labuh (Tingali paragrap 8-12) *

8. Lamun labuh, naon nu dilakukeun ku saurang atlét balap lumpat?

8 Atlét balap lumpat jarak jauh terus merhatikeun jalan di hareupna sangkan teu labuh. Tapi, bisa jadi manéhna kadupak ku atlét séjén atawa tikusruk kana logak. Lamun labuh, manéhna nangtung deui jeung neruskeun pangbalapan. Atlét éta teu terus mikirkeun naon nu nyababkeun manéhna labuh, tapi mikirkeun garis ahir jeung hadiah nu dipiharep.

9. Lamun labuh, naon nu kudu dilakukeun ku urang?

9 Dina pangbalapan rohani, bisa waé urang labuh sababaraha kali, maksudna nyieun salah dina ucap jeung lampah urang. Atawa, bisa jadi batur nyieun kasalahan nu nganyenyeri urang. Urang teu kudu héran. Urang kabéh teu sampurna, bari jeung kudu lumpat babarengan di jalan kahirupan nu heureut. Jadi urang tangtu pernah kadupak ku batur atawa ngadupak batur. Paulus nyaho yén sakapeung urang ”pareng pasendatan jeung batur”. (Kol. 3:13) Tapi ti batan terus mikirkeun naon nu nyababkeun urang labuh, mending urang terus mikirkeun hadiahna. Lamun urang labuh, pék nangtung deui jeung teruskeun pangbalapan. Urang moal nepi ka garis ahir jeung narima hadiah lamun urang aral tuluy embung nangtung deui. Salian ti éta, urang bisa ngahalangan batur nu keur lumpat di jalan kahirupan nu heureut ieu.

10. Kumaha sangkan urang teu ”ngalantarankeun batur labuh”?

10 Cara séjén sangkan urang teu ”ngalantarankeun batur labuh” nyaéta urang sabisa-bisa daék ngéléhan, ulah maksakeun kahayang sorangan. (Rum 14:13, 19-21; 1 Kor. 8:9, 13) Dina hal ieu, urang béda jeung atlét balap lumpat nu nyaanan. Manéhna mah teu daék ngéléhan, jeung hayang meunangkeun hadiah keur sorangan. Manéhna ngan saukur mikirkeun kapentinganana sorangan lantaran hayang jadi nu panghareupna. Tapi urang mah teu paunggul-unggul jeung batur. (Gal. 5:26; 6:4) Tujuan urang justru hayang ngabantu saloba-lobana jalma nepi ka garis ahir bareng jeung urang, sarta narima hadiah mangrupa kahirupan. Jadi urang hayang ngalarapkeun naséhat Paulus nu diilhamkeun, ”Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae.”​—Pil. 2:4.

11. Naon nu terus dipikirkeun ku atlét balap lumpat, jeung naon sababna?

11 Salian terus merhatikeun jalan nu di hareupna, atlét balap lumpat ogé terus mikirkeun garis ahir. Sanajan garis ahirna tacan katempo, manéhna ngabayangkeun dirina ngaliwatan éta garis tuluy narima hadiahna. Lantaran terus mikirkeun hadiahna, manéhna kajurung pikeun terus lumpat nepi ka garis ahir.

12. Naon nu dijangjikeun ku Yéhuwa ka urang?

12 Dina pangbalapan urang, Yéhuwa ngajamin bakal masihan hadiah ka umat-Na nu ngaréngsékeun pangbalapan, nyaéta hirup langgeng di sawarga atawa di bumi pirdaus. Alkitab ngagambarkeun sakumaha éndahna kahirupan urang engké supaya urang bisa ngabayangkeunana. Lamun urang terus mikirkeun kahirupan nu dijangjikeun ku Yéhuwa, tékad urang bakal beuki kuat pikeun tetep tabah.

TERUS LUMPAT SANAJAN AYA TANGTANGAN

Urang hayang terus lumpat dina pangbalapan rohani sanajan aya tangtangan (Tingali paragrap 13-20) *

13. Naon kaleuwihan urang ti batan para atlét nu nyaanan?

13 Aya nu kudu disanghareupan ku para atlét balap lumpat Yunani, misalna rasa capé jeung pegel. Lamun geus kitu, maranéhna kudu ngandelkeun palatihan nu geus dilakukeun sarta kakuatanana sorangan. Sarupa kitu, dina pangbalapan rohani, urang gé geus dilatih. Tapi urang boga kaleuwihan ti batan para atlét. Urang bisa meunangkeun kakuatan ti Yéhuwa jeung éta moal béak-béak. Lamun urang ngandelkeun Yéhuwa, Mantenna teu ngan saukur jangji pikeun ngalatih urang tapi ogé nguatkeun urang!​—1 Pet. 5:10.

14. Kumaha 2 Korinta 12:9, 10 ngabantu urang dina nyanghareupan tangtangan?

14 Paulus kudu nyanghareupan loba tangtangan. Salian dihina jeung dikaniaya, sakapeung manéhna gé ngarasa lemah jeung kudu ngarasakeun ”cucuk di jero awak”. (2 Kor. 12:7) Tapi, hal-hal éta teu ngalantarankeun Paulus nyerah. Manéhna malah beuki ngandelkeun Yéhuwa. (Baca 2 Korinta 12:9, 10.) Lantaran sikep Paulus éta, Yéhuwa ngabantu manéhna nyanghareupan sakabéh tangtangan.

15. Lamun nyonto Paulus, naon nu bakal dirasakeun ku urang?

15 Lantaran iman urang, bisa jadi urang gé dihina jeung dikaniaya. Meureun urang boga masalah kaséhatan atawa sok ngarasa laleuleus. Tapi lamun urang nyonto Paulus, dina kaayaan siga kitu, urang bakal ngarasakeun dukungan Yéhuwa.

16. Sanajan lemah, naon nu bisa dilakukeun ku Sadérék?

16 Naha Sadérék keur gering ngagolér dina kasur atawa diuk di korsi roda? Naha tuur Sadérék geus ripuh atawa panon geus teu awas? Mun enya, naha Sadérék bisa milu dina pangbalapan rohani bareng jeung nu ngora atawa nu jagjag? Tangtu bisa! Loba nu geus kolot jeung rémpo gé keur lumpat dina jalan kahirupan. Maranéhna bisa ngalakukeun éta lain ku kakuatanana sorangan. Tapi, maranéhna ngandelkeun kakuatan ti Yéhuwa ku cara ngadéngékeun acara pasamoan liwat telepon atawa nongton acara pasamoan liwat Internét. Maranéhna gé milu ngajadikeun murid ku cara méré kasaksian ka dokter, baraya, atawa ka nu ngarawatna.

17. Kumaha parasaan Yéhuwa ka nu boga masalah kaséhatan?

17 Lamun Sadérék boga masalah kaséhatan, ulah leutik haté jeung mikir yén Sadérék moal bisa nepi ka garis ahir. Yéhuwa nyaah ka Sadérék lantaran iman jeung sagala hal nu geus dilakukeun ku Sadérék keur Mantenna. Ayeuna Sadérék leuwih butuh bantuan Yéhuwa. Sadérék moal ditolak ku Mantenna. (Jab. 9:11) Malah, Mantenna bakal beuki deukeut jeung Sadérék. Perhatikeun carita ti sadérék istri nu boga sababaraha masalah panyakit, ”Lantaran masalah panyakit abdi beuki loba, abdi teu bisa sering méré kasaksian. Tapi abdi apal, upaya abdi nu saeutik gé bisa ngabungahkeun haté Yéhuwa. Abdi jadi bagja.” Waktu Sadérék ngarasa lemah, sing inget Sadérék téh disarengan ku Yéhuwa. Pikirkeun tuladan Paulus, jeung inget kekecapanana nu nguatkeun, ”Ari keur lembek sim kuring mah jadi bedas.”​—2 Kor. 12:10.

18. Masalah teu gampang naon nu disanghareupan ku sababaraha hamba Yéhuwa?

18 Sababaraha nu milu dina pangbalapan rohani boga tangtangan séjén. Maranéhna boga masalah nu teu katempo, ku kituna bisa jadi batur teu paham. Misalna, aya nu keur déprési atawa strés beurat. Naon sababna masalah hamba-hamba Yéhuwa nu dipikanyaah ieu téh teu gampang? Lantaran lamun saurang jalma leungeunna potong atawa gering di korsi roda mah, éta bakal katempo ku batur. Jadina batur kajurung nulungan. Tapi, ari jalma nu boga gangguan émosi atawa panyakit méntal mah teu kaciri keur gering. Kaayaanana sarua ripuhna jeung jalma nu leungeunna potong, tapi batur meureun teu nunjukkeun kanyaah jeung perhatian nu dibutuhkeun ku manéhna.

19. Urang bisa diajar naon tina pangalaman Mépibosét?

19 Lamun Sadérék teu séhat jeung ngarasa disalahartikeun ku batur, pangalaman Mépibosét bisa nguatkeun Sadérék. (2 Sam. 4:4) Manéhna téh cacad, geus kitu Raja Daud salah sangka ka manéhna. Éta kabéh lain salah Mépibosét. Tapi, manéhna teu jadi aral, malah manéhna muji sukur kana hal-hal hadé dina hirupna. Manéhna ngahargaan kahadéan Daud nu pernah ditunjukkeun ka manéhna. (2 Sam. 9:6-10) Jadi, basa Daud salah sangka ka manéhna, Mépibosét teu ngan saukur mikirkeun masalahna. Kasalahan Daud teu ngalantarankeun manéhna jadi aral. Manéhna gé teu nyalahkeun Yéhuwa lantaran kasalahan Daud éta. Mépibosét terus ngadukung raja nu dilantik ku Yéhuwa. (2 Sam. 16:1-4; 19:24-30) Conto hadé Mépibosét dicatet dina Firman Yéhuwa demi mangpaat urang.​—Rum 15:4.

20. Naon nu kaalaman ku sababaraha hamba Yéhuwa, tapi maranéhna bisa yakin kana hal naon?

20 Lantaran strés beurat, aya dulur-dulur saiman nu sok ngarasa geumpeur jeung teu percaya diri unggal babarengan jeung jalma réa dina kagiatan sapopoé. Maranéhna meureun ngarasa teu genah aya di antara loba jalma, tapi maranéhna terus datang ka pasamoan jeung kongrés. Maranéhna ngarasa ngomong ka nu teu dikenal téh hésé, tapi maranéhna ngomong ka batur pas keur dines. Mun éta nu dirasakeun ku Sadérék, sing yakin Sadérék teu sorangan. Loba nu bajoang saperti Sadérék. Sing inget, Yéhuwa atoh ningali upaya Sadérék nu sapinuh haté. Sabenerna, Sadérék bisa terus satia téh bukti yén Yéhuwa ngaberkahan jeung masihan kakuatan nu dibutuhkeun ku Sadérék. * (Pil. 4:6, 7; 1Pet. 5:7) Lamun Sadérék ngawula Yéhuwa sanajan aya masalah kaséhatan fisik atawa émosi, sing yakin Sadérék kamanah ku Yéhuwa.

21. Ku bantuan Yéhuwa, naon nu bisa dilakukeun ku urang kabéh?

21 Sukurna téh pangbalapan nu nyaanan jeung pangbalapan nu disebutkeun ku Paulus téh aya bédana. Lamun balap lumpat nyaanan dina jaman Alkitab mah ngan saurang nu meunang hadiah. Tapi ari dina pangbalapan rohani mah, kabéh nu satia bakal meunang hadiah, nyaéta hirup langgeng. (Yoh. 3:16) Jeung dina pangbalapan nu nyaanan mah, kabéh atlét kudu jagjag ngarah bisa meunang. Ari urang mah teu kabéh boga awak nu jagjag, tapi urang bisa tetep tabah. (2 Kor. 4:16) Ku bantuan Yéhuwa, urang bakal lumpat nepi ka garis ahir!

KAWIH 144 Teuteup Pahala!

^ par. 5 Kiwari, loba hamba Yéhuwa boga masalah lantaran umurna beuki ngolotan. Aya ogé nu gering ripuh. Urang kabéh gé sakapeung sok ngarasa laleuleus. Jadi, lamun ngadéngé yén urang kudu milu balap lumpat, urang bisa ngarasa teu sanggup. Artikel ieu bakal ngabahas kumaha carana sangkan urang kabéh bisa terus lumpat jeung meunangkeun hadiah saperti nu disebutkeun ku Rasul Paulus.

^ par. 6 Tingali artikel ”Alkitab Mengubah Kehidupan” dina Menara Pengawal 1 Januari 2013.

^ par. 7 Mateus 7:13, 14 (NW): ”Heug arasup ka gerbang nu sempit, sabab gerbang nu rubak jeung jalan nu lega mah brasna kana kabinasaan, jeung loba nu arasup ka dinya. Ari gerbang nu sempit jeung jalan nu heureut mah brasna kana kahirupan, sarta ngan saeutik nu manggihan jalan éta.”

^ par. 20 Saran-saran pikeun nyanghareupan strés sarta pangalaman ti sadérék-sadérék nu bisa nyanghareupanana bisa ditingali dina acara bulan Méi 2019. Buka PERPUSTAKAAN > JW BROADCASTING®.

^ par. 64 KATERANGAN GAMBAR: Sibuk dina palayanan ngabantu saurang sadérék nu geus kolot tetep aya dina pangbalapan rohani.

^ par. 66 KATERANGAN GAMBAR: Urang bisa ngalantarankeun batur labuh lamun maksa batur nginum leuwih loba alkohol atawa teu ngadalikeun diri dina nginum.

^ par. 68 KATERANGAN GAMBAR: Sanajan keur ngagolér dina kasur rumah sakit, saurang sadérék terus lumpat dina pangbalapan rohani ku cara méré kasaksian ka nu ngarawatna.