Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 14

Tuturkeun Tapak Suku Anjeunna

Tuturkeun Tapak Suku Anjeunna

”Kristus oge geus nandangan sangsara pikeun aranjeun, sarta Anjeunna maparin tuladan anu ku urang kudu dipiconto.”​—1 PET. 2:21.

KAWIH 13 Kristus Tuladan Urang

NU DIBAHAS *

Yésus geus ninggalkeun tapak sukuna supaya bisa dituturkeun ku urang (Tingali paragrap 1-2)

1-2. Na urang bisa nuturkeun tuladan Yésus? Béré ibaratna.

BAYANGKEUN Sadérék jeung sababaraha babaturan Sadérék naék ka hiji gunung. Kaayaan di gunung téh bahaya, jalanna gé pinuh ku leutak. Tapi, aya saurang jalma anu geus apal jalan di éta gunung. Manéhna leumpang di hareupeun Sadérék. Lila-lila, éta jalma ngajauhan jeung teu katingali deui. Tapi lantaran tapak sukuna aya dina leutak, Sadérék jadi teu hariwang. Sadérék jeung babaturan Sadérék pasti sabisa-bisa nuturkeun tapak suku manéhna!

2 Sabagé urang Kristen sajati, urang téh saolah-olah keur naék ka hiji gunung nu kaayaanana bahaya, nyaéta dunya Sétan nu jahat. Tapi untungna, Yéhuwa geus méré Yésus, Putra-Na, pikeun nunjukkeun jalan ka urang. Yésus téh tuladan nu sampurna. (1 Pet. 2:21) Ceuk salah sahiji sumber anu ngabahas ngeunaan Alkitab, dina ayat ieu Pétrus ngibaratkeun Yésus jiga saurang jalma nu keur nunjukkeun jalan. Yésus téh ninggalkeun tapak suku, atawa tuladan, pikeun dituturkeun ku urang. Ayeuna, hayu urang bahas tilu pananya: Naon hartina nuturkeun tapak suku Yésus? Ku naon urang kudu nuturkeunana? Jeung, kumaha carana?

NAON HARTINA NUTURKEUN TAPAK SUKU YÉSUS?

3. Naon hartina nuturkeun tapak suku saurang jalma?

3 Naon hartina nuturkeun tapak suku saurang jalma? Dina Alkitab, kadang kecap ”leumpang” jeung ”suku” téh ngamaksudkeun jalan hirup saurang jalma. (Sil. 3:23; 6:16-19) Jadi, nuturkeun tapak suku saurang jalma téh maksudna nuturkeun tuladan éta jalma.

4. Naon hartina nuturkeun tapak Yésus?

4 Jadi, naon hartina nuturkeun tapak Yésus? Hartina, urang kudu nyonto tuladan anjeunna. Dina ayat téma, tuladan Yésus nu keur dicaritakeun ku Pétrus téh nyaéta waktu anjeunna tabah najan dikaniaya. (1 Pet 2:18-25) Tapi, teu ngan éta wungkul nu bisa dipiconto ku urang. Sakabéh kahirupan Yésus, nyaéta naon anu diomongkeunana jeung naon anu dilakukeunana, bisa dipiconto ku urang.

5. Na jalma nu teu sampurna bisa nyonto tuladan Yésus nu sampurna? Jelaskeun.

5 Pan urang téh teu sampurna, na urang bisa nyonto tuladan Yésus? Bisa. Mémang urang moal bisa nuturkeun tuladan Yésus sacara sampurna, tapi urang kudu sabisa-bisa nyonto anjeunna. Mun ngalakukeunana, urang téh sabenerna keur nuturkeun naséhat Yohanes ogé, ”Lampah [urang] kudu sakumaha lampah Kristus.”​—1 Yoh. 2:6.

KU NAON URANG KUDU NUTURKEUN TULADAN YÉSUS?

6-7. Ku naon urang bakal beuki deukeut jeung Yéhuwa mun urang nuturkeun tuladan Yésus?

6 Urang bisa leuwih deukeut jeung Yéhuwa lamun nuturkeun tuladan Yésus. Ku naon bisa kitu? Aya dua alesanana. Kahiji, cara hirup Yésus téh nyenangkeun Yéhuwa. (Yoh. 8:29) Jadi, lamun urang nuturkeun tuladan Yésus, urang gé bakal nyenangkeun Yéhuwa. Mantenna pasti bakal ngadeukeut ka jalma nu hayang jadi sobat-Na.​—Yak. 4:8.

7 Kadua, Yésus nyonto tuladan Bapana ku cara nu sampurna. Éta sababna, Yésus ngomong, ”Anu geus nenjo Kami tangtu nenjo ka Rama.” (Yoh. 14:9) Jadi, urang bisa nyonto sipat jeung sikep Yésus ka batur. Misalna, anjeunna téh karunyaan ka jalma nu katerap ku panyakit lépra. Anjeunna gé rasrasan ka awéwé nu gering parah. Salian ti éta, Yésus gé milu sedih ka jalma nu sungkawa. (Mar. 1: 40, 41; 5:25-34; Yoh. 11:33-35) Mun urang nyonto tuladan Yésus, éta hartina urang gé keur nyonto tuladan Yéhuwa. Mun sipat urang beuki mirib jeung Yéhuwa, urang gé beuki deukeut jeung Mantenna.

8. Ku naon urang bisa ”ngelehkeun” dunya lamun nyonto tuladan Yésus?

8 Lamun urang nuturkeun tuladan Yésus, urang téh moal kapangaruhan ku dunya. Dina peuting saacan Yésus maot, anjeunna ngomong kieu, ”Dunya geus eleh ku Kami.” (Yoh. 16:33) Yésus téh teu kapangaruhan ku cara pikir, kahayang, jeung kalakuan jalma-jalma di ieu dunya. Tapi, Yésus téh terus mikirkeun naon tujuan anjeunna diutus ka bumi, nyaéta pikeun nyucikeun nami Yéhuwa. Ari urang kumaha? Di dunya ieu téh aya loba hal nu bisa nyababkeun urang teu satia ka Yéhuwa. Tapi lamun urang nyonto Yésus pikeun terus ngalakukeun kahayang Yéhuwa, urang gé bakal bisa ”ngelehkeun” dunya.​—1 Yoh. 5:5.

9. Urang kudu kumaha supaya bisa meunang hirup langgeng?

9 Urang bisa meunang hirup langgeng mun nuturkeun tuladan Yésus. Aya saurang lalaki ngora nu beunghar nanyakeun kumaha carana supaya bisa hirup langgeng. Ceuk Yésus, ”Tuturkeun Bapa,” atawa maksudna jadi murid anjeunna. (Mat. 19:16-21) Terus ka sababaraha urang Yahudi anu teu percaya anjeunna téh Kristus, Yésus ngomong kieu, ”Domba Kaula mah . . . anut ka Kaula. Ku Kaula dibarere hirup langgeng.” (Yoh. 10:24-29) Terus ka Nikodémus, saurang anggota Sanhédrin anu hayang nyaho kana pangajaran anjeunna, Yésus ngomong yén ”anu percaya ka Anjeunna” bakal ”meunang hirup langgeng”. (Yoh. 3:16) Urang nunjukkeun urang percaya ka Yésus ku cara nuturkeun pangajaranana jeung nyonto tindakan anjeunna. Mun urang ngalakukeunana, urang bisa meunang kahirupan anu langgeng.​—Mat. 7:14.

KUMAHA SUPAYA URANG BISA NYONTO TULADAN YÉSUS SABISA-BISANA?

10. Ngarah bisa ’terang ka Yesus’, urang kudu kumaha? (Yohanes 17:3)

10 Ngarah bisa nyonto tuladan Yésus, urang kudu kenal heula ka anjeunna. (Baca Yohanes 17:3.) Tapi, urang teu bisa ujug-ujug ’terang ka Yesus’. Éta téh butuh upaya jeung waktu. Urang kudu teterusan diajar ngeunaan anjeunna. Urang kudu nyaho kumaha sipat-sipatna, kumaha cara pikirna, jeung kumaha patokan hirupna. Najan urang geus lila jadi umat Allah, urang kudu terus upaya pikeun kenal ka Yéhuwa jeung Putra-Na.

11. Naon waé anu dicaritakeun dina opat Injil?

11 Supaya urang bisa kenal ka Putra-Na, Yéhuwa geus nyatet opat Injil dina Firman-Na. Opat Injil ieu téh nyaritakeun kahirupan jeung palayanan Yésus. Jadi urang bisa apal omongan, tindakan, jeung parasaan Yésus. Mun maca opat Injil, urang téh saolah-olah keur ningali tapakna Yésus. Urang jadi bisa bener-bener mikirkeun tuladan Yésus. (Ibr. 12:3) Terus, urang gé bisa beuki kenal ka Yésus. Ku kituna, urang bisa nuturkeun tuladan Yésus sabisa-bisana.

12. Kumaha supaya urang bisa meunang mangpaat sapinuhna tina Injil?

12 Supaya urang bisa meunang mangpaat sapinuhna tina Injil, teu cukup mun saukur dibaca wungkul. Urang kudu nyadiakeun waktu pikeun bener-bener mikirkeun eusina. (Bandingkeun Yosua 1:8, Terjemahan Dunia Baru.) Ku kituna, hayu urang bahas dua cara kumaha urang bisa mikirkeun bener-bener eusi Injil jeung ngalarapkeunana.

13. Kumaha supaya urang bisa leuwih ngabayangkeun kisah Yésus nu dicatet dina Injil?

13 Kahiji, bayangkeun kisah nu dicaritakeun dina Injil. Pék tingali, déngé, jeung rasakeun naon nu keur kajadian. Ngarah bisa kitu, urang kudu mariksa publikasi-publikasi nu disadiakeun ku organisasi. Waktu maca hiji kisah, pék téangan naon anu kajadian saacan jeung sanggeusna. Téangan leuwih loba ngeunaan jalma-jalma jeung tempat-tempat anu dicaritakeun. Geus kitu, bandingkeun jeung carita dina Injil séjénna, sabab bisa jadi dina Injil séjénna téh kisah éta dicaritakeun leuwih rinci.

14-15. Kumaha carana ngalarapkeun palajaran tina kisah hirup Yésus?

14 Kadua, pikirkeun naon sasaruaanana kisah dina Injil jeung kahirupan Sadérék. (Yoh. 13:17) Sanggeus maca kisah Yésus, pék pikirkeun: ’Aya teu palajaran nu bisa dilarapkeun ku abdi? Kumaha abdi bisa ngagunakeun kisah ieu keur mantuan batur?’ Pék pikirkeun Sadérék rék mantuan saha. Terus dina waktu nu cocog, Sadérék bisa ngabagikeun palajaranana ku cara nu bijaksana.

15 Ayeuna, hayu urang coba gunakeun dua cara tadi. Urang bakal diajar tina carita randa miskin nu ditingali ku Yésus di bait.

RANDA MISKIN DI BAIT

16. Caritakeun kisah nu dicatet dina Markus 12:41.

16 Bayangkeun kisahna. (Baca Markus 12:41.) Kisah ieu kajadian dina 11 Nisan 33 M, sababaraha poé saacan Yésus maot. Harita, Yésus geus sapoéeun ngajar di bait, bari kudu nyanghareupan tangtangan ti para pamingpin agama. Aya anu nanyakeun ti mana wewenang Yésus, aya ogé anu méré pananya-pananya anu hésé ngarah Yésus teu bisa ngajawab. (Mar. 11:27-33; 12:13-34) Geus kitu, Yésus pindah ka bagian séjén di bait, meureun di bagian anu disebut Téras Kaom Istri. Anjeunna ningali peti-peti derma anu ngajéjér di témbok téras. Yésus diuk bari merhatikeun jalma-jalma anu ngasupkeun duit kana éta peti. Anjeunna ningali aya loba jalma beunghar nu ngasupkeun loba duit logam kana peti derma. Meureun, Yésus gé bisa ngadéngé sora kencréngna.

17. Naon nu dilakukeun ku randa miskin anu dicatet dina Markus 12:42?

17 Baca Markus 12:42. Teu lila, Yésus ningali saurang wanita. Manéhna téh saurang randa ”anu kacida miskinna”. (Luk. 21:2) Hirupna mani susah. Keur kahirupan sapopoé gé, kadang manéhna teu boga duit. Tapi manéhna nyampeurkeun hiji peti derma, terus cicing-cicing ngasupkeun dua duit logam, teu kadéngé-kadéngé acan sadana gé. Anu diasupkeun ku manéhna téh dua duit logam lépton. Éta téh duit logam anu nilaina pangleutikna. Pikeun meuli manuk piit hiji gé teu cukup, padahal éta téh manuk nu pangmurahna anu dijual keur dahareun.

18. Dumasar Markus 12:43, 44, Yésus ngomong naon ngeunaan sumbangan ti saurang randa?

18 Baca Markus 12:43, 44. Yésus tajub pisan ningali éta randa. Yésus nepi ka manggil murid-muridna, terus ménta maranéhna merhatikeun éta randa. Geus kitu, Yésus ngomong, ”Randa anu bieu dermana panggedena ti batur. Sabab nu sejen [utamana nu baleunghar] mah dermana lantaran duitna leuwih, ari randa nu bieu mah sanajan kacida miskinna, merena teh sakabeh kabogana, pikeun kaperluan hirupna teh diasupkeun kabeh kana ieu peti.” Waktu éta randa ngasupkeun sakabéh duit pangabogana, manéhna percaya, ku karana satia asih Yéhuwa, Mantenna bakal ngurus kahirupanana.​—Jab. 26:3.

Jiga Yésus, pék puji batur nu geus méré nu panghadéna keur Yéhuwa (Tingali paragrap 19-20) *

19. Urang diajar naon tina kekecapan Yésus ngeunaan randa miskin?

19 Pikirkeun sasaruaanana jeung kahirupan Sadérék. Pék pikirkeun, ’Abdi diajar naon tina kekecapan Yésus ngeunaan randa nu miskin?’ Pikirkeun parasaan éta randa. Mun bisa mah, pasti éta randa hayang méré leuwih keur Yéhuwa. Tapi sabenerna, manéhna geus méré anu panghadéna keur Yéhuwa. Yésus apal, Bapana ngahargaan pisan sumbangan éta randa. Jadi, naon palajaranana? Yéhuwa hayang urang méré anu panghadéna, nyaéta ku cara ngawula Mantenna ku sapinuh haté. (Mat. 22:37; Kol. 3:23) Yéhuwa resep lamun urang sabisa-bisa ngawula Mantenna. Misalna, urang bisa ngagunakeun waktu jeung tanaga pikeun ngadukung kagiatan dines jeung milu masamoan.

20. Kumaha urang bisa ngagunakeun kisah randa miskin ieu pikeun mantuan batur? Béré conto.

20 Kumaha urang bisa ngagunakeun kisah randa miskin ieu pikeun mantuan batur? Pikirkeun saha waé anu bisa dikuatkeun ku urang. Meureun, aya nu leutik haté lantaran ngarasa henteu bisa méré loba hal ka Yéhuwa. Misalna, meureun aya sadérék istri anu geus sepuh, manéhna téh ripuh jeung geus teu boga loba tanaga pikeun sering-sering dines. Jadi, manéhna ngarasa leutik haté. Atawa, meureun aya sadérék anu gering parah, jadi manéhna teu bisa rutin masamoan. Urang bisa nguatkeun maranéhna ku cara ngucapkeun ’omongan nu hade’. (Epe. 4:29) Urang gé bisa ngabagikeun palajaran tina kisah randa miskin tadi pikeun nguatkeun maranéhna. Yakinkeun maranéhna, Yéhuwa téh senang lantaran maranéhna geus méré anu panghadéna. (Sil. 15:23; 1 Tes. 5:11) Meureun, maranéhna mah ngarasa anu dibikeun ku maranéhna téh teu sapira. Tapi, lamun urang muji maranéhna lantaran maranéhna geus méré nu panghadéna, urang téh keur nyonto tuladan Yésus.

21. Naon tékad Sadérék?

21 Urang pasti nganuhunkeun pisan lantaran kisah hirup Yésus dicatet sacara rinci dina Injil. Urang jadi bisa nyonto Yésus. Jadi, hayu urang diajar tina opat Injil waktu keur palajaran pribadi atawa waktu keur Ibadah Kulawarga. Urang gé kudu inget, supaya bisa meunangkeun mangpaat saloba-lobana, urang kudu ngabayangkeun kisahna sarta ngalarapkeun palajaranana. Terus salian ti nyonto tindakan Yésus, urang gé kudu ngadéngékeun omongan Yésus. Dina artikel saterusna, urang bakal diajar tina omongan Yésus saacan anjeunna maot.

KAWIH 15 Puji Putra Cikal Yéhuwa!

^ par. 5 Sabagé urang Kristen sajati, urang téh kudu sabisa-bisa nyonto tuladan Yésus. Naon waé tuladan Yésus nu kudu dipiconto? Urang bakal ngajawab éta dina ieu artikel. Urang gé bakal ngabahas ku naon urang kudu nyonto tuladan anjeunna, sarta kumaha carana.

^ par. 60 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék istri ngalenyepan omongan Yésus ngeunaan randa miskin, geus kitu manéhna muji sadérék istri nu geus sepuh lantaran geus sabisa-bisa ngawula Yéhuwa.