Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kumaha Carana Nyanghareupan Parasaan Hariwang?

Kumaha Carana Nyanghareupan Parasaan Hariwang?

PARASAAN hariwang téh beban keur haté urang. (Sil. 12:25) Pernah teu Sadérék ngarasa susah haté lantaran hariwang atawa ngarasa geus teu sanggup nyanghareupan kasusah? Lamun pernah, lain ngan Sadérék sorangan nu ngarasa kitu. Loba ogé nu ngarasa capé, hariwang, sarta déprési ku rupa-rupa hal. Misalna, aya anu capé lantaran kudu ngurus kulawargana anu gering, aya nu sedih lantaran ditinggal maot ku kulawarga atawa babaturan, terus aya ogé anu sangsara lantaran musibat alam. Jadi, kumaha carana supaya urang bisa tetep tabah? a

Urang bisa diajar carana nyanghareupan kahariwangan ti Raja Daud. Manéhna téh sering nyanghareupan kasusah, malah pernah ampir dipaéhan. (1 Sam. 17:34, 35; 18:10, 11) Kumaha Daud bisa nyanghareupan kahariwanganana? Kumaha urang bisa nyonto tuladan manéhna?

CARANA DAUD NYANGHAREUPAN KAHARIWANGAN

Daud ngalaman sababaraha masalah sakaligus. Manéhna diudag-udag ku Raja Saul nu hayang maéhan manéhna. Geus kitu, pas Daud jeung balad-baladna balik ka Siklag, maranéhna reuwas ningali harta bandana geus dirampog ku musuh, imah-imahna diduruk, sarta anggota kulawargana gé diculik. Kumaha réaksi Daud? ”Daud sabaladna tinggarauk careurik antep-antepan nepi ka beak tanaga.” Teu ngan éta hungkul, baladna Daud gé hayang ”ngabenturan [Daud] ku batu”. (1 Sam. 30:1-6) Jadi, Daud ngalaman tilu masalah sakaligus. Kulawargana diculik, manéhna sieun dipaéhan ku baladna, jeung manéhna keur diudag-udag ku Raja Saul. Bayangkeun sakumaha hariwangna Daud téh!

Naon nu dilakukeun ku Daud? Manéhna ’negerkeun dirina ku PANGERAN Allahna’. Kumaha carana? Urang apal mun Daud aya masalah, manéhna sok ngadoa ménta bantuan ka Yéhuwa. Terus Daud gé osok mikirkeun kumaha Yéhuwa mantuan manéhna salila ieu. (1 Sam. 17:37; Jab. 18:3, 7) Daud ngarasa manéhna butuh pituduh ti Yéhuwa, jadi manéhna ménta pituduh ka Anjeunna. Sanggeus narima pituduh ti Yéhuwa, manéhna langsung nyieun tindakan. Hasilna, Daud jeung balad-baladna diberkahan ku Yéhuwa. Maranéhna gé bisa nyalametkeun kulawargana jeung harta bandana. (1 Sam. 30:7-9, 18, 19) Pék perhatikeun tilu hal nu dilakukeun ku Daud. Manéhna ngadoa ménta bantuan ti Yéhuwa, mikirkeun kumaha Yéhuwa geus mantuan manéhna, jeung nyieun tindakan nuturkeun pituduh ti Yéhuwa. Kumaha urang bisa nyonto Daud? Perhatikeun tilu carana.

PÉK CONTO DAUD WAKTU SADÉRÉK KEUR HARIWANG

1. Ngadoa. Waktu keur hariwang, urang bisa ngadoa sarta ménta bantuan jeung kabijaksanaan ti Yéhuwa. Urang bisa ngarasa leuwih tengtrem lamun ngadoa jeung ngabudalkeun eusi haté urang ka Anjeunna. Lamun kaayaanana teu cocog, urang bisa ngucapkeun doa anu singget di jero haté. Mun urang ménta bantuan ka Yéhuwa, hartina urang téh percaya ka Yéhuwa, siga Daud. Ceuk Daud, ”PANGERAN teh panyalindungan kaula, benteng kaula anu kuat Allah kaula teh pangraksa kaula, jeung Mantenna kaula aman.” (Jab. 18:3) Naha enya doa téh bener-bener bisa ngabantu urang? Saurang panaratas nu ngaranna Kahlia nyarita, ”Sanggeus ngadoa, haté téh asa tengtrem. Doa ngabantu abdi pikeun boga cara pikir siga Yéhuwa. Abdi gé jadi beuki percaya ka Anjeunna.” Jadi, doa téh hadiah nu luar biasa ti Yéhuwa nu bisa ngabantu urang nyanghareupan parasaan hariwang.

2. Pikirkeun kumaha Yéhuwa geus nulungan Sadérék. Pernah teu Sadérék ngarasa teu sanggup nyanghareupan masalah tapi ahirna Sadérék bisa tabah ku bantuan ti Yéhuwa? Waktu urang nginget-nginget deui kumaha Yéhuwa geus nulungan urang sarta hamba-hamba-Na di jaman baheula, pikiran urang bakal tenang. Urang gé bakal leuwih percaya ka Anjeunna. (Jab. 18:18-20) Saurang kokolot nu ngaranna Joshua ngomong, ”Abdi boga daptar doa-doa nu geus dijawab. Daptar ieu ngingetkeun abdi kana kajadian-kajadian waktu Yéhuwa ngajawab doa abdi nu rinci.” Lamun urang nginget-nginget kumaha Yéhuwa nulungan urang salila ieu, urang bakal dikuatkeun pikeun nyanghareupan parasaan hariwang.

3. Jieun tindakan. Saacan nyieun putusan, urang kudu néangan pituduh ti Yéhuwa nu aya dina Firman-Na. (Jab. 19:8, 12) Loba jalma ngarasakeun mangpaatna ngarisét hiji ayat. Maranéhna jadi leuwih ngarti kumaha cara ngalarapkeunana dina kahirupan. Saurang kokolot anu ngaranna Jarrod ngajelaskeun, ”Mun abdi ngarisét, abdi bisa diajar loba hal tina hiji ayat. Abdi gé jadi ngarti naon anu rék diajarkeun ku Yéhuwa ka abdi. Abdi jadi bener-bener paham kana ayat nu keur dibaca sarta bisa nuturkeun pituduh ti Yéhuwa.” Mun urang néangan pituduh ti Yéhuwa nu aya dina Firman-Na jeung nuturkeunana, urang bakal leuwih gampang pikeun nyanghareupan parasaan hariwang.

YÉHUWA BAKAL NGABANTU SADÉRÉK SUPAYA TABAH

Daud apal ngarah bisa nyanghareupan parasaan hariwang, manéhna téh butuh bantuan Yéhuwa. Manéhna nganuhunkeun pisan bantuan ti Yéhuwa nepi ka ngomong kieu, ”Gusti maparin abdi . . . kasanggupan ngabedah pertahanan lawan. Nya Allah pisan nu maparin kakuatan ka kaula.” (Jab. 18:30, 33) Bisa jadi, urang ngarasa masalah urang téh siga pertahanan lawan anu kuat pisan. Tapi ku bantuan Yéhuwa, urang bisa nyanghareupan kabéh masalah! Jadi lamun urang ngadoa ménta bantuan Yéhuwa, mikirkeun kumaha baheula Anjeunna ngabantu urang, jeung nyieun tindakan nuturkeun pituduh-Na, urang bisa yakin yén Yéhuwa bakal méré urang kakuatan sarta kabijaksanaan pikeun nyanghareupan parasaan hariwang!

a Lamun saurang jalma boga parasaan hariwang anu parah, bisa jadi manéhna butuh bantuan dokter.