Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 15

Naha Sadérék Jadi ”Tuladan . . . dina Hal Ucapan”?

Naha Sadérék Jadi ”Tuladan . . . dina Hal Ucapan”?

”Kudu jadi tuladan keur jalma-jalma nu satia dina hal ucapan.”​—1 TIM. 4:12.

KAWIH 90 Sing Silih Hatéan

NU DIBAHAS a

1. Saha nu méré urang kasanggupan pikeun ngomong?

 YÉHUWA méré urang kasanggupan pikeun ngomong. Waktu Adam manusa nu mimiti diciptakeun, manéhna ngagunakeun kasanggupan ieu pikeun komunikasi jeung Bapana di sorga. Manéhna gé bisa nyieun kekecapan nu anyar. Adam ngagunakeun kasanggupanana pikeun méré ngaran ka sakabéh sasatoan. (Kaj. 2:19) Manéhna pasti resep pisan basa mimiti ngobrol jeung manusa séjénna, nyaéta Hawa, pamajikanana nu geulis.​—Kaj. 2:22, 23.

2. Kumaha kasanggupan pikeun ngomong disalahgunakeun dina jaman baheula jeung jaman ayeuna?

2 Teu lila ti harita, kasanggupan pikeun ngomong téh disalahgunakeun. Sétan si Iblis ngabohong ka Hawa, tungtungna manusa jadi dosa jeung teu sampurna. (Kaj. 3:1-4) Adam gé nyalahgunakeun kasanggupan ieu waktu manéhna nyalahkeun Hawa jeung Yéhuwa, padahal manéhna sorangan nu salah. (Kaj. 3:12) Kain ngabohong ka Yéhuwa sanggeus maéhan adina, nyaéta Habél. (Kaj. 4:9) Ka dieunakeun, jalma-jalma gé ngomongna kacida kalasarna. Éta digambarkeun ku puisi nu dijieun ku Lamékh, turunan Kain. (Kaj. 4:23, 24) Kumaha jeung jaman ayeuna? Urang ningali loba pamingpin pulitik nu teu asa-asa pikeun ngomong kasar di hareupeun umum. Salian ti éta, ampir kabéh film ngagunakeun kekecapan nu goréng. Jalma-jalma gé geus biasa ngomong kasar di sakola jeung di tempat gawé. Jadi, kekecapan maranéhna téh ngagambarkeun sakumaha ancur kaayaan dunya ayeuna.

3. Urang kudu ati-ati kana hal naon, jeung naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Lamun teu ati-ati, urang bisa kababawa lantaran geus biasa ngadéngé batur ngucapkeun omongan nu goréng. Tangtu sabagé urang Kristen, urang hayang nyenangkeun Yéhuwa. Urang embung ngucapkeun omongan nu goréng. Urang hayang ngagunakeun kasanggupan ngomong ku cara nu bener, nyaéta pikeun ngamulyakeun Allah urang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha cara ngalakukeunana dina dines, pasamoan, sarta obrolan sapopoé. Tapi mimitina, hayu urang bahas ku naon Yéhuwa merhatikeun naon nu diucapkeun ku urang.

YÉHUWA MERHATIKEUN OMONGAN URANG

Kumaha omongan urang nyingkabkeun eusi haté urang? (Tingali paragrap 4-5) d

4. Nurutkeun Malaki 3:16, ku naon Yéhuwa téh merhatikeun naon nu diucapkeun ku urang?

4 Baca Malaki 3:16. Ku naon Yéhuwa nyatet ngaran jalma-jalma nu omonganana nunjukkeun yén maranéhna mikasieun Anjeunna jeung ngahargaan ngaran-Na? Omongan urang téh nyingkabkeun eusi haté urang. Ceuk Isa, ”Omongan anu mudal téh asalna ti jero haté.” (Mat. 12:34) Jadi, naon nu diomongkeun ku urang némbongkeun sakumaha nyaahna urang ka Yéhuwa. Yéhuwa hayang jalma-jalma nu nyaah ka Anjeunna hirup bagja salilana di dunya anyar.

5. (a) Naon pakaitna omongan urang jeung ibadah urang? (b) Mun ningali gambar, naon nu kudu urang perhatikeun waktu urang ngomong?

5 Cara urang ngomong téh nangtukeun ditarima atawa henteuna ibadah urang ku Yéhuwa. (Yak. 1:26) Jalma-jalma nu teu nyaah ka Allah ngomongna osok bari ambek-ambekan, kasar, jeung sombong. (2 Tim. 3:1-5) Tangtu urang embung siga kitu. Pasti urang hayang omongan urang nyenangkeun Yéhuwa. Tapi, naha enya Yéhuwa bakal resep lamun urang soméah dina dines jeung pasamoan tapi ari ka kulawarga mah ngomongna kasar lantaran euweuh nu ningali?​—1 Pét. 3:7.

6. Naon hasilna waktu Kimberly ngagunakeun kasanggupan ngomongna ku cara nu hadé?

6 Lamun urang ngagunakeun kasanggupan ngomong ku cara nu hadé, éta nyirikeun urang téh hamba Yéhuwa. Urang némbongkeun ka batur naon bédana jalma-jalma ’nu ngabarakti ka [Allah] jeung nu henteu’. (Mal. 3:18) Ieu kabukti tina pangalaman saurang sadérék nu ngaranna Kimberly. b Manéhna téh ngagawékeun tugas sakola jeung batur sakelasna. Sanggeus gawé babarengan, baturna ningali yén Kimberly téh béda ti murid-murid séjénna. Kimberly mah tara ngomongkeun batur di tukangeunana. Manéhna gé terus ngomongkeun nu hadé jeung tara ngomong kasar. Baturna ieu jadi panasaran jeung ahirna daék diajar Alkitab. Yéhuwa pasti resep pisan lamun jalma-jalma jadi katarik kana bebeneran ku lantaran cara ngomong urang nu hadé!

7. Kumaha Sadérék hayang ngagunakeun kasanggupan pikeun ngomong nu dibéré ku Yéhuwa?

7 Urang kabéh pasti hayang ngagunakeun kasanggupan ngomong pikeun ngamulyakeun Yéhuwa sarta ngaraketkeun diri jeung sadérék-sadérék. Jadi, hayu urang bahas sababaraha saran supaya urang bisa terus jadi ”tuladan . . . dina hal ucapan”.

JADI TULADAN DINA DINES

Mun urang soméah ka batur waktu dines, éta téh nyenangkeun Yéhuwa (Tingali paragrap 8-9)

8. Urang bisa diajar naon tina cara ngomong Isa?

8 Sanajan aya nu nyieun keuheul, urang kudu tetep bageur jeung ngahargaan manéhna. Salila palayananana, Isa dituduh tukang nginum cianggur, jelema rewog, baladna si Iblis, teu ngajalankeun Sabat, jeung ngahina Allah. (Mat. 11:19; 26:65; Luk. 11:15; Yah. 9:16) Tapi, Isa teu pernah ngabales ku kekecapan nu kasar. Kitu ogé, lamun aya nu nyieun keuheul, urang kudu nyonto Isa jeung teu ngabales ku omongan nu kasar. (1 Pét. 2:21-23) Tangtu ieu téh teu gampang. (Yak. 3:2) Jadi, naon nu bisa ngabantu?

9. Kumaha urang bisa ngajaga omongan urang waktu ngawawar?

9 Waktu ngawawar, bisa jadi urang panggih jeung jalma nu ngomongna kasar. Kadé, ulah nepi ka urang jadi miluan ambek ogé. Saurang sadérék nu ngaranna Sam nyarita kieu, ”Abdi sok mikir, jelema ieu téh butuh warta hadé sarta manéhna pasti bisa barobah. Sakapeung, nu boga imah téh ambek lantaran urang datangna dina waktu nu teu cocog.” Waktu panggih jeung jalma nu ambek, Sadérék Lucia ngadoa ménta bantuan ka Yéhuwa supaya tetep tenang, bisa nahan diri, jeung teu ngomong kasar ka nu boga imah. Urang gé bisa ngalakukeun hal-hal éta mun panggih jeung jalma nu ambek.

10. Nurutkeun 1 Timotius 4:13, naon nu perlu urang tingkatkeun?

10 Jadi guru nu leuwih tarampil. Timotius téh pawarta nu geus tarampil. Najan kitu, manéhna kudu terus ningkatkeun cara ngajarna. (Baca 1 Timotius 4:13.) Kumaha urang bisa jadi guru nu leuwih tarampil? Urang kudu persiapan bener-bener. Urang pasti nganuhunkeun pisan lantaran aya alat bantu nu bisa ngabantu urang jadi guru nu leuwih tarampil. Urang bisa néangan cara-cara tina brosur Sing Leukeun dina Maca jeung Ngajar atawa tina Jurnal Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan Kristen, bagian ”Upayakeun Diri dina Dines”. Naha Sadérék geus ngamangpaatkeun publikasi-publikasi éta? Lamun urang persiapan bener-bener, engké pas ngomong téh urang moal geumpeur teuing jeung leuwih percaya diri.

11. Kumaha sababaraha sadérék bisa jadi guru nu tarampil?

11 Urang bisa jadi guru nu leuwih tarampil lamun urang daék merhatikeun jeung diajar ti sadérék-sadérék di sidang. Sam, nu disebutkeun saacanna, sok mikirkeun ku naon sababaraha sadérék meni alus cara ngajarna. Sam merhatikeun cara ngajar maranéhna jeung nuturkeunana. Sadérék istri nu ngaranna Talia merhatikeun cara ti sadérék-sadérék nu tarampil nepikeun hutbah. Jadi manéhna bisa diajar kumaha carana ngajawab topik-topik nu sering ditanyakeun dina dines.

JADI TULADAN DINA PASAMOAN

Ngawih sapinuh haté dina pasamoan téh ngamulyakeun Yéhuwa (Tingali paragrap 12-13)

12. Tangtangan naon waé nu disanghareupan ku sababaraha sadérék?

12 Urang kabéh bisa ngadukung pasamoan ku cara ngawih babarengan jeung méré koméntar anu geus disiapkeun. (Jab. 22:23) Aya nu ngarasa hésé pikeun ngawih atawa méré koméntar di hareupeun umum. Sadérék ngarasa kitu teu? Lamun enya, Sadérék tangtu hayang nyaho kumaha sadérék-sadérék séjén nyanghareupan hal éta.

13. Kumaha supaya Sadérék bisa ngawih sapinuh haté dina pasamoan?

13 Sapinuh haté ngawih keur Yéhuwa. Urang ngawih dina pasamoan téh utamana pikeun muji Yéhuwa. Sadérék istri nu ngaranna Sara ngarasa teu jago ngawih, tapi manéhna tetep ngawih sabab hayang muji Yéhuwa. Jadi waktu persiapan keur pasamoan, manéhna gé nyiapkeun kawihna. Manéhna latihan heula jeung mikirkeun naon hubunganana antara kawih jeung topik nu rék dibahas. Ceuk manéhna, ”Abdi jadi leuwih mikirkeun lirikna tibatan mikirkeun abdi teu bisa ngawih.”

14. Lamun Sadérék sok geumpeuran, naon nu bisa ngabantu Sadérék supaya tetep bisa méré koméntar?

14 Getol méré koméntar. Keur sababaraha jalma, mémang ieu téh teu gampang. Talia, nu disebutkeun saacanna, nyarita kieu, ”Abdi téh sok geumpeuran. Meureun batur mah teu sadar, da katingalina abdi téh ngomongna tenang. Padahal pikeun méré koméntar téh asa hésé pisan.” Tapi, Talia teu nahan diri. Waktu persiapan keur pasamoan, manéhna sok inget, jawaban nu mimiti téh sakuduna pondok jeung langsung ngajawab pananyana. Ceuk manéhna, ”Jadi, teu nanaon lamun jawaban abdi pondok, saderhana, jeung langsung ngajawab pananyana, puguh éta nu dipikahayang ku nu mandu.”

15. Naon nu kudu urang inget ngeunaan koméntar urang?

15 Najan kitu, aya sababaraha sadérék nu nahan diri pikeun méré koméntar, padahal maranéhna lain jalma nu éraan. Ku naon? Saurang sadérék istri anu ngaranna Juliet ngajelaskeun, ”Sakapeung abdi téh asa-asa méré koméntar, bisi koméntar abdi téh saderhana teuing jeung teu pati alus.” Tapi, urang kudu inget yén Yéhuwa hayang urang méré koméntar nu pangalusna, luyu jeung kasanggupan urang. c Yéhuwa ngahargaan pisan usaha urang pikeun ngamulyakeun Anjeunna dina pasamoan jeung henteu nahan diri pikeun méré koméntar.

JADI TULADAN DINA OBROLAN SAPOPOÉ

16. Omongan jiga kumaha nu kudu disingkahan ku urang?

16 Ulah ngahina batur. (Éf. 4:31) Jiga nu geus dibahas, urang Kristen teu meunang ngomong kasar. Tapi, aya rupa-rupa omongan kasar nu kudu disingkahan. Misalna, urang kudu ati-ati ulah nepi ka ngagogoréng batur ti budaya, kaom, atawa bangsa séjén. Salian ti éta, urang gé embung nyieun batur kasinggung. Salah saurang sadérék ngaku, ”Nya, sakapeung maksud abdi mah heureuy hungkul, tapi geuningan omongan abdi téh nganyenyeri haté batur. Salila mangtaun-taun, pamajikan mantuan abdi. Pas keur duaan, manéhna sok ngabéjaan mun omongan abdi nganyenyeri manéhna atawa nu séjén.”

17. Nurutkeun Éfésus 4:29, kumaha urang bisa nguatkeun batur?

17 Omongan urang téh kudu nguatkeun batur. Urang kudu leuwih gancang muji tibatan ngiritik atawa protés. (Baca Éfésus 4:29.) Sabenerna, aya loba hal alus nu geus ditarima ku urang Israél. Tapi lainna nganuhunkeun, maranéhna téh kalah ka kukulutus. Sadérék pasti inget laporan goréng ti sapuluh mata-mata nu ngalantarankeun urang Israél ”ngarasula ka Musa”. (Bil 13:31–14:4) Nya, pujian téh bisa ngalantarankeun saurang jalma jadi leuwih bungah. Urang bisa yakin yén budak awéwéna Yéfta pasti dikuatkeun pikeun ngajalankeun tugasna lantaran dipuji ku babaturanana. (Hak. 11:40) Sara, nu dicaritakeun saacanna, ngomong, ”Mun urang muji batur, manéhna téh jadi ngarasa dipikanyaah ku Yéhuwa jeung dianggap penting dina organisasi-Na.” Jadi, pék téangan kasempetan pikeun muji batur.

18. Nurutkeun Jabur 15:1, 2, ku naon urang kudu ngomong jujur, jeung naon deui nu kaasup dina ngabohong?

18 Kudu jujur. Urang moal bisa nyenangkeun Yéhuwa lamun urang teu jujur. Anjeunna ijid kana sagala kabohongan. (Sil. 6:16-19) Dina jaman ayeuna, jalma-jalma nganggap ngabohong téh geus biasa, tapi urang teu meunang ngalakukeunana lantaran keur Yéhuwa mah éta téh salah. (Baca Jabur 15:1, 2.) Mémang urang moal ngabohong, tapi urang gé teu meunang nyumputkeun fakta nu nyababkeun batur jadi salah paham.

Yéhuwa resep lamun urang ngarobah topik obrolan nu négatif jadi positif (Tingali paragrap 19)

19. Urang kudu ati-ati kana hal naon deui?

19 Ulah ngagosip. (Sil. 25:23; 2 Tés. 3:11) Juliet, nu dicaritakeun saacanna, ngajelaskeun kumaha gosip mangaruhan manéhna. Ceuk Juliet, ”Ngadéngékeun gosip téh nyieun abdi leutik haté. Abdi gé jadi teu percaya deui ka jalma éta. Sok, nyaho ti mana manéhna moal ngagosipkeun abdi ogé?” Lamun Sadérék ngarasa obrolanana geus jadi gosip nu pibahayaeun, geura robah topikna.​—Kol. 4:6.

20. Naon nu sakuduna jadi tékad urang?

20 Ayeuna, jalma-jalma téh geus biasa ngomong kasar. Jadi, urang kudu bener-bener usaha pikeun nyenangkeun Yéhuwa ku omongan urang. Sing inget, kasanggupan ieu téh kurnia ti Yéhuwa. Anjeunna merhatikeun cara urang ngagunakeunana. Anjeunna bakal ngaberkahan lamun urang ngagunakeunana ku cara nu hadé, misalna dina dines, pasamoan, jeung obrolan sapopoé. Engké waktu dunya nu jahat ieu diancurkeun, urang bakal leuwih gampang pikeun ngamulyakeun Yéhuwa ku omongan urang. (Yud. 15) Tapi ti ayeuna kénéh, urang kudu sabisa-bisa nyenangkeun Yéhuwa ku ucapan urang.​—Jab. 19:15.

KAWIH 121 Urang Butuh Kadali Diri

a Yéhuwa téh méré urang kurnia nu luar biasa, nyaéta kasanggupan pikeun ngomong. Tapi hanjakalna, loba nu teu ngagunakeun kasanggupan ieu sakumaha nu dipikahayang ku Yéhuwa. Kumaha supaya omongan urang bisa nguatkeun batur jeung nyenangkeun Yéhuwa di dunya nu jahat ieu? Kumaha supaya omongan urang bisa tetep nyenangkeun Yéhuwa, misalna dina dines, pasamoan, atawa obrolan sapopoé? Artikel ieu bakal ngajawab pananya-pananya éta.

b Sababaraha ngaran geus diganti.

c Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan méré koméntar, tingali artikel ”Puji Yéhuwa dina Pasamoan” dina Warta Hadé Januari 2019.

d KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék ambek lantaran nu boga imahna kasar, saurang sadérék nahan diri pikeun nyanyi, jeung saurang sadérék istri nu resep ngagosip.