Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

”Aranjeun Kudu Muji Sukur”

”Aranjeun Kudu Muji Sukur”

NAHA Sadérék téh jalma nu osok nganuhunkeun? Pananya ieu perlu dipikirkeun ku urang masing-masing. Alkitab nganubuatkeun yén dina jaman kiwari, jalma-jalma ”taya panarima”. (2 Tim. 3:2) Bisa jadi Sadérék kenal jeung jalma nu hayangna téh diladénan jeung dibéré waé. Maranéhna ngarasa teu kudu nganuhunkeun da nganggap éta mah geus sakuduna. Sadérék resep teu bareng jeung jalma modél kitu?

Sabalikna, Yéhuwa nyarios ka hamba-hamba-Na, ”Aranjeun kudu muji sukur.” Urang kudu ’narimakeun [sagala hal] reujeung sukur’. (Kol. 3:15; 1 Tes. 5:18) Sabenerna, nganuhunkeun téh alus keur urang. Hayu urang bahas sababaraha alesanana.

NGABANTU URANG NGARASA DIPIKANYAAH

Salah sahiji alesan penting urang nganuhunkeun téh lantaran urang jadi boga pandangan nu positif ka diri sorangan. Waktu ngucapkeun nuhun, urang bisa ngarasa bungah, nu narimana gé ngarasa dihargaan. Ku naon duanana bisa meunang mangpaat? Pikirkeun conto ieu: Lamun aya batur nu daék nyieun kahadéan keur Sadérék, éta hartina manéhna ngarasa Sadérék layak narimana. Manéhna téh nyaah ka Sadérék. Lamun ngarasa dipikanyaah, Sadérék tangtu ngarasa bungah. Urang bisa ngabayangkeun kajadian nu kaalaman ku Rut. Boas béréhan ka Rut. Tangtu Rut bungah pisan lantaran apal aya nu perhatian ka manéhna.​—Rut 2:10-13.

Utamana, urang kudu nganuhunkeun ka Allah. Tangtu, Sadérék osok mikirkeun loba berkah jasmani jeung rohani nu geus jeung terus disadiakeun ku Allah. (Pam. 8:17, 18; Ras. 14:17) Tapi ti batan mikirkeun ngan saliwat kahadéan ti Allah, Sadérék bisa nyadiakeun waktu pikeun ngalenyepan sakitu lobana berkah nu geus dipasihkeun ku Allah ka Sadérék jeung jalma nu dipikanyaah ku Sadérék. Lamun Sadérék ngalenyepan yén Nu Nyipta téh sakitu béréhanana, Sadérék bakal beuki ngahargaan Mantenna jeung sadar yén Mantenna téh ngahargaan jeung kacida nyaahna ka Sadérék.​—1 Yoh. 4:9.

Ulah ngan saukur mikirkeun kahadéan jeung ngalenyepan berkah-berkah ti Allah, Sadérék gé kudu ngucapkeun sukur ka Yéhuwa. (Jab. 100:4, 5) Aya nu nyebutkeun yén ”ngucapkeun sukur téh penting keur kabagjaan manusa”.

NGUATKEUN SOSOBATAN

Ngahaturkeun nuhun gé alus lantaran bisa nguatkeun sosobatan. Urang kabéh hayang dihargaan. Jadi, lamun Sadérék nganuhunkeun ka batur nu geus bageur ka Sadérék, Sadérék jeung manéhna bakal beuki akrab. (Rum 16:3, 4) Salian ti éta, jalma nu osok nganuhunkeun leuwih resep nulungan batur. Manéhna ngarasa batur geus bageur ka manéhna, jadi kajurung pikeun bageur ogé. Jelas, urang bisa bagja lamun nulungan batur. Ieu luyu jeung ucapan Yésus, ”Leuwih bagja mere ti batan nampa.”​—Ras. 20:35.

Robert Emmons, wakil diréktur proyék nu ngarisét ngeunaan rasa sukur di University of California, nyebutkeun yén sangkan bisa nganuhunkeun urang kudu sadar urang téh silih butuhkeun. Sakapeung urang nu méré, sakapeung urang nu narima. Kanyataanana, sangkan bisa tetep hirup jeung bagja urang butuh bantuan batur. Misalna, aya nu nyadiakeun dahareun atawa bantuan médis. (1 Kor. 12:21) Jalma nu resep nganuhunkeun bakal ngahargaan naon nu geus dilakukeun ku batur ka manéhna. Naha Sadérék gé boga kabiasaan kitu?

NGABANTU URANG BOGA PANDANGAN NU POSITIF

Mekarkeun rasa sukur gé alus lantaran urang jadi leuwih mikirkeun hal nu positif ti batan nu négatif. Pikiran Sadérék téh bisa diibaratkeun kawas saringan. Lamun keur mikirkeun hiji hal, urang moal bakal mikirkeun hal séjénna. Kitu ogé, lamun Sadérék mikirkeun hal-hal nu positif, Sadérék teu pati mikirkeun masalah. Beuki gedé panghargaan Sadérék, beuki loba deui hal-hal hadé nu ditingali ku Sadérék. Éta ngalantarankeun rasa sukur Sadérék jadi beuki gedé. Lamun Sadérék resep nganuhunkeun, Sadérék bakal nuturkeun anjuran Rasul Paulus, ”Sing saruka hirup ngahiji jeung Gusti.”​—Pil. 4:4.

Nganuhunkeun bisa ngaleungitkeun parasaan négatif. Teu mungkin pan urang nganuhunkeun bari jeung ngarasa sirik, sedih, jeung keuheul? Jalma nu resep nganuhunkeun gé moal mata duitan lantaran manéhna geus ngarasa cukup jeung embung ngungudag harta banda.​—Pil. 4:12.

PIKIRKEUN BERKAH-BERKAH NU GEUS DITARIMA!

Urang Kristen sadar yén Sétan hayang urang sedih jeung leutik haté waktu nyanghareupan kasusah dina ahir jaman. Manéhna atoh lamun urang boga pikiran négatif jeung resep kukulutus. Hal éta ngalantarankeun Sadérék teu sumanget nguarkeun warta hadé. Sabenerna, rasa sukur aya patalina jeung buah padamelan roh, kaasup rasa gumbira narima hal-hal hadé ti Allah sarta iman kana kabéh jangji Allah.​—Gal. 5:22, 23.

Sabagé salah sahiji hamba Yéhuwa, Sadérék bisa jadi satuju kana bahasan ngeunaan rasa sukur ieu. Tapi, Sadérék gé nyaho yén urang teu ujug-ujug resep nganuhunkeun jeung boga pandangan nu positif. Ulah leutik haté. Sadérék bisa ngamekarkeun jeung tetep boga rasa sukur. Kumaha carana? Unggal poé, sadiakeun waktu pikeun mikirkeun hal-hal nu bisa dihargaan ku Sadérék. Beuki sering ngalakukeunana, Sadérék bakal boga kabiasaan pikeun nganuhunkeun. Ku kituna, Sadérék bakal leuwih bagja ti batan jalma-jalma nu ngan mikirkeun kasusahan hirup. Pikirkeun hal-hal hadé ti Allah jeung batur nu ngagedékeun haté jeung ngabungahkeun Sadérék. Malah, Sadérék bisa nyatet dua atawa tilu hal nu bisa disukurkeun ka Allah unggal poé.

Sababaraha ahli nu ngarisét hal ieu nyebutkeun, lamun urang sering nganuhunkeun, éta bisa ngarobah cara digawéna otak. Urang jadi boga pola pikir nu leuwih positif. Jelema nu resep nganuhunkeun téh jelema nu leuwih bagja. Jadi, pikirkeun berkah-berkah nu geus ditarima, rasakeun hal-hal hadé dina hirup Sadérék, jeung terus muji sukur! Ti batan nganggap hal-hal éta geus sakuduna, Sadérék ”kudu nganuhunkeun ka PANGERAN, nuhun ku kasaeana-Na” jeung ’narimakeun reujeung sukur’.​—1 Bab. 16:34; 1 Tes. 5:18.