Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 52

Kolot, Ajar Budak Sadérék Mikanyaah Yéhuwa

Kolot, Ajar Budak Sadérék Mikanyaah Yéhuwa

”Anak teh kurnia ti PANGERAN.”​—JAB. 127:3.

KAWIH 134 Barudak Kurnia ti Allah

NU DIBAHAS *

1. Naon tanggung jawab nu dipercayakeun ku Yéhuwa ka kolot?

KA PASANGAN nu mimiti, Yéhuwa masihan hasrat pikeun boga budak. Alkitab nyebutkeun, ”Anak teh kurnia [”warisan”, Terjemahan Dunia Baru (NW)] ti PANGERAN.” (Jab. 127:3) Naon hartina? Bayangkeun, sobat Sadérék nitipkeun duit loba pisan ka Sadérék. Kumaha parasaan Sadérék? Meureun Sadérék ngarasa dihargaan lantaran geus dipercaya. Tapi, Sadérék gé ngarasa hariwang kumaha carana sangkan duit éta teu leungit. Sobat urang, Yéhuwa, nitipkeun hal nu leuwih penting ti batan duit ka para kolot. Mantenna mercayakeun tanggung jawab pikeun ngurus jeung ngabagjakeun budak maranéhna.

2. Pananya naon waé nu bakal dibahas?

2 Saha nu sakuduna mutuskeun naha salaki pamajikan rék boga budak jeung iraha boga budakna? Naon nu bisa dilakukeun ku kolot sangkan budakna hirup bagja? Perhatikeun sababaraha prinsip dina Firman Allah nu bisa ngabantu pasangan Kristen nyieun putusan nu bijaksana.

HARGAAN PUTUSAN HIJI PASANGAN

3. (a) Saha nu kudu mutuskeun naha hiji pasangan rék boga budak atawa henteu? (b) Prinsip Alkitab mana waé nu kudu diinget ku sobat jeung kulawarga ti hiji pasangan?

3 Dina sababaraha kabudayaan, jalma-jalma ngarasa yén pasangan nu anyaran kawin kudu gancang boga budak. Pasangan éta bisa ngarasa kadesek ku kulawarga jeung batur pikeun nuturkeun kabiasaan éta. Jethro ti Asia ngomong, ”Di sidang, aya nu ngadesek pasangan-pasangan nu can boga budak pikeun gancang boga budak.” Jeffrey, sadérék séjénna ti Asia, nyebutkeun, ”Aya nu ngomong, lamun teu boga budak, saha nu rék ngurus mun engké geus kolot?” Tapi, unggal pasangan kudu mutuskeun rék boga budak atawa henteu. Maranéhna nu kudu mutuskeun, lantaran éta téh tanggung jawab maranéhna. (Gal. 6:5) Tangtu, sobat jeung kulawarga hayang pasangan anyar téh bagja. Tapi, kabéh kudu inget yén masalah boga budak mah kudu diputuskeun ku pasangan éta.​—1 Tes. 4:11.

4-5. Dua hal naon nu kudu dibahas ku hiji pasangan nu rék boga budak, jeung iraha alusna éta dibahas? Jelaskeun.

4 Pasangan nu mutuskeun rék boga budak kudu ngabahas dua pananya penting ieu: Kahiji, iraha maranéhna rék boga budak? Kadua, hayang boga budak sabaraha? Jadi, iraha waktu nu pangcocogna pikeun ngabahas éta? Jeung, ku naon dua pananya éta téh penting pisan?

5 Biasana mah, pasangan nu rék kawin ngabahas sual boga budak saacan kawin. Ku naon alus ti saacan kawin? Salah sahiji alesanana nyaéta boga pandangan nu sarua ngeunaan hal éta téh penting. Salian ti éta, maranéhna kudu mikirkeun naha geus siap nyekel tanggung jawab éta. Aya pasangan nu mutuskeun teu boga budak heula hiji atawa dua taun sanggeus kawin lantaran jadi kolot mah butuh loba waktu jeung tanaga. Pasangan éta mikir lamun teu boga budak heula, maranéhna duaan bisa beuki deukeut sarta bisa ngabiasakeun diri jeung kahirupan rumah tangga.​—Epe. 5:33.

6. Dina jaman nu loba kasukeran ieu, naon nu diputuskeun ku sababaraha pasangan?

6 Aya ogé pasangan Kristen nu nyonto tilu putra Nuh jeung pamajikanana. Maranéhna teu gancang-gancang boga budak. (Kaj. 6:18; 9:18, 19; 10:1; 2 Pet. 2:5) Yésus nyaruakeun jaman urang jeung ”jaman Enoh” sarta mémang urang hirup ’dina ahir jaman nu loba kasukeran’. (Mat. 24:37; 2 Tim. 3:1) Éta sababna, aya pasangan nu mutuskeun teu boga budak heula supaya bisa ngabaktikeun loba waktu pikeun palayanan.

Waktu mutuskeun rék boga budak jeung nangtukeun rék boga budak sabaraha, pasangan nu bijaksana bakal ”ngitung-ngitung” heula (Tingali paragrap 7) *

7. Kumaha prinsip dina Lukas 14:28, 29 jeung Siloka 21:5 bisa ngabantu hiji pasangan?

7 Waktu mutuskeun rék boga budak jeung rék boga budak sabaraha, pasangan nu bijaksana bakal ”ngitung-ngitung” heula. (Baca Lukas 14:28, 29.) Pasangan nu geus boga budak nyebutkeun yén ngagedékeun budak mémang butuh duit, tapi ogé butuh waktu jeung tanaga. Ku kituna, hiji pasangan kudu mikirkeun pananya-pananya ieu: ’Naha abdi duaan kudu digawé pikeun nyumponan kabutuhan dasar? Naha abdi duaan geus satuju naon waé nu kaasup ”kabutuhan dasar”? Lamun abdi duaan kudu digawé, saha nu ngurus budak? Urang hayang pikiran jeung kalakuan budak urang dipangaruhan ku saha?’ Lamun éta pasangan ngabahas pananya-pananya ieu ku cara nu tenang, maranéhna ngalarapkeun Siloka 21:5.​Baca.

Salaki nu nyaahan bakal sabisa-bisa ngabantu pamajikanana(Tingali paragrap 8)

8. Tangtangan naon nu bisa disanghareupan ku pasangan Kristen, jeung naon nu bakal dilakukeun ku salaki nu nyaahan?

8 Budak téh butuh jeung layak dibéré loba waktu tur tanaga boh ku indung boh ku bapana. Jadi, kolot nu boga loba budak jeung umurna dareukeut, ngarasa hésé méré perhatian ka tiap budak. Sababaraha kolot nu boga barudak nu laleutik kénéh ngarasa bingung kudu kumaha. Saurang indung bisa jadi kapeureut tanaga jeung émosina. Naha manéhna masih kénéh boga tanaga pikeun diajar, ngadoa, jeung rutin dines? Tangtangan séjénna, naha manéhna bisa merhatikeun jeung meunang mangpaat tina pasamoan. Tangtu, salaki nu nyaahan bakal sabisa-bisa ngabantu pamajikanana waktu budakna keur butuh perhatian, boh di pasamoan boh di imah. Misalna, manéhna bisa ngabantu pamajikanana ngagawékeun pagawéan imah. Manéhna gé satékah polah ngayakeun Ibadah Kulawarga nu rutin sarta bakal rutin dines bareng jeung kulawargana.

AJAR BUDAK MIKANYAAH YÉHUWA

9-10. Naon nu kudu dilakukeun ku kolot nu hayang ngajar budakna?

9 Naon waé nu bisa dilakukeun ku kolot pikeun ngajar budakna mikanyaah Yéhuwa? Kumaha kolot bisa ngalindungan budakna ti dunya nu bejad ieu? Perhatikeun sababaraha hal nu bisa dilakukeun ku kolot.

10 Ngadoa ménta bantuan Yéhuwa. Perhatikeun tuladan Manoah jeung pamajikanana, kolotna Simson. Basa Manoah jeung pamajikanana téréh boga budak, manéhna ngadoa ka Yéhuwa ménta bingbingan ngeunaan carana ngagedékeun budak.

11. Kumaha kolot bisa nyonto Manoah, sakumaha nu dicaritakeun dina Hakim 13:8?

11 Nihad jeung Alma, ti Bosnia-Herzegovina, diajar tina tuladan Manoah. Maranéhna nyarita, ”Siga Manoah, abdi duaan nyuhunkeun bingbingan Yéhuwa supaya jadi kolot nu hadé. Yéhuwa ngajawab doa urang ku rupa-rupa cara, liwat ayat-ayat, publikasi Alkitab, pasamoan, jeung kongrés.”​—Baca Hakim 13:8.

12. Yusup jeung Mariam méré tuladan naon ka barudakna?

12 Ngajar ku tuladan. Omongan mémang penting, tapi tuladan Sadérék bakal leuwih gedé pangaruhna ka budak. Urang yakin Yusup jeung Mariam méré tuladan nu alus keur barudakna, kaasup Yésus. Yusup banting tulang pikeun nganapkahan kulawargana. Salian ti éta, Yusup ngajurung kulawargana pikeun ngahargaan hal-hal rohani. (Pam. 4:9, 10) Sanajan teu diwajibkeun ku Hukum, Yusup mawa kulawargana ka Yérusalém ”unggal-unggal taun” pikeun ngarayakeun Paska. (Luk. 2:41, 42) Sababaraha bapa di jaman éta bisa waé nganggap perjalanan siga kitu téh ngarépotkeun sarta méakkeun waktu jeung duit. Tapi, Yusup ngahargaan hal-hal rohani jeung ngajar barudakna sangkan boga pandangan nu sarua. Mariam ogé apal kana eusi Alkitab. Ku omongan jeung tuladan, manéhna tangtu ngajar barudakna pikeun mikanyaah Firman Allah.

13. Kumaha hiji pasangan nyonto tuladan Yusup jeung Mariam?

13 Nihad jeung Alma, nu tadi disebutkeun, hayang nuturkeun tuladan Yusup jeung Mariam. Kumaha maranéhna ngajar budak pikeun mikanyaah jeung ngawula Yéhuwa? Ceuk maranéhna, ”Unggal poé, laku lampah abdi duaan nunjukkeun yén nuturkeun prinsip Yéhuwa téh alus.” Nihad nambahkeun, ”Lamun hayang budak jadi jalma bageur, urang heula nu kudu bageur.”

14. Ku naon kolot kudu nyaho saha waé babaturan budak?

14 Ngabantu budak Sadérék milih babaturan anu hadé. Indung bapa kudu nyaho saha babaturan budak jeung naon nu dilakukeun ku maranéhna. Kolot gé kudu nyaho budak téh ngobrol jeung saha waé dina média sosial jeung handphone. Babaturan bisa mangaruhan pikiran jeung laku lampah budak.​—1 Kor. 15:33.

15. Kolot bisa diajar naon tina conto Jessie?

15 Kumaha lamun kolot teu pati bisa maké komputer atawa alat éléktronik séjénna? Jessie, saurang bapa di Filipina, nyebutkeun, ”Abdi teu pati ngarti kana téknologi. Tapi, abdi tetep ngajar budak bahayana maké alat éléktronik.” Jessie teu ngaulah-ulah budakna maké alat éléktronik pédah manéhna teu pati ngarti kana alat éta. Manéhna ngajelaskeun, ”Abdi nitah barudak maké alat éléktronik keur diajar basa anyar, nyiapkeun pasamoan, jeung maca Alkitab unggal poé.” Indung bapa, naha Sadérék geus maca tur ngabahas jeung budak saran nu asup akal di jw.org® dina bagian ”Budak Ngora”, ngeunaan ngirim pesen jeung masang poto dina Internét? Naha Sadérék geus lalajo jeung ngabahas vidéo Anjeun atawa Alat Éléktronik nu Jadi Dunungan? sarta Sing Pinter dina Maké Jejaring Sosial bareng jeung maranéhna? * Bahan-bahan éta alus pikeun ngabantu Sadérék ngajar budak bijaksana dina maké alat éléktronik.​—Sil. 13:20.

16. Naon nu dilakukeun ku loba kolot, jeung naon hasilna?

16 Loba kolot mastikeun sangkan budakna bisa campur gaul jeung jalma-jalma nu jadi tuladan dina ngawula Allah. Contona, N’Déni jeung Bomine, salaki pamajikan ti Pantai Gading, sering ngondang pangawas wilayah mondok di imahna. N’Déni nyarita, ”Pangaruhna alus pisan ka budak. Manéhna jadi panaratas, malahan ayeuna osok jadi pangawas wilayah cadangan.” Naha Sadérék gé ngalakukeun nu sarua?

17-18. Ti iraha kuduna kolot ngajar budak?

17 Latih budak ti leuleutik kénéh. Beuki awal kolot ngalatih budak, éta beuki hadé. (Sil. 22:6) Perhatikeun conto Timoteus nu milu Paulus nganjangan sidang-sidang. Énika, indungna Timoteus, jeung Lois, ninina, ngajar manéhna ”ti bubudak”, nu dina basa aslina mah bisa ngamaksudkeun budak nu orok kénéh.​—2 Tim. 1:5; 3:15.

18 Pasangan salaki pamajikan séjénna ti Pantai Gading, nyaéta Jean-Claude jeung Peace, ngajar genep budakna mikanyaah jeung ngawula Yéhuwa. Kumaha maranéhna bisa suksés? Maranéhna nyonto tuladan Énika jeung Lois. Ceuk maranéhna, ”Abdi duaan ngajarkeun Firman Allah ka barudak ti orok kénéh, teu lila sanggeus maranéhna dilahirkeun.”​—Pam. 6:6, 7.

19. Naon maksudna ngajarkeun Firman Allah ka budak Sadérék?

19 Naon hartina ’ngajarkeun’ Firman Allah ka budak Sadérék? Dina Pamindo 6:7, kecap Ibrani nu ditarjamahkeun jadi ’ngajarkeun’ hartina ”ngajar mangkali-kali”. Sangkan bisa kitu, kolot kudu rutin nyadiakeun waktu keur budakna. Kolot bisa waé jéngkél lantaran kudu ngabéjaan budakna mangkali-kali. Tapi, kolot bisa nganggap ieu téh kasempetan pikeun ngajar budakna paham kana Firman Allah jeung ngalarapkeunana.

Kolot kudu nyaho cara ngajar unggal budakna(Tingali paragrap 20) *

20. Jelaskeun kumaha Jabur 127:4 bisa dilarapkeun dina ngagedékeun budak.

20 Sadérék kudu ngarti ka budak. Jabur 127 ngabandingkeun budak jeung jamparing atawa panah. (Baca Jabur 127:4.) Panah dijieun tina bahan nu béda-béda, ukuranana gé béda-béda. Kitu ogé, moal aya dua budak nu percis sarua. Jadi, kolot kudu nyaho cara ngajar unggal budakna. Hiji pasangan ti Israel nu geus suksés ngagedékeun dua budakna pikeun ngawula Yéhuwa, méré nyaho carana, ”Abdi jeung batur hirup ngajar budak hiji éwang.” Tangtu unggal kapala kulawarga bisa mutuskeun naha budakna perlu jeung bisa diajar kawas kitu.

YÉHUWA BAKAL NGABANTU SADÉRÉK

21. Bantuan naon nu disadiakeun ku Yéhuwa keur kolot?

21 Kolot bisa jadi kawalahan ku tangtanganana, tapi budak téh kurnia ti Yéhuwa. Mantenna siap ngabantu iraha waé. Mantenna kersa ngadangukeun doa ti para kolot. Jeung Mantenna bakal ngajawab doa maranéhna liwat Alkitab, publikasi, sarta tuladan jeung saran ti kolot séjén nu geus boga pangalaman di sidang.

22. Naon hal nu panghadéna nu bisa dibikeun ku kolot ka budak?

22 Aya nu nyebutkeun ngagedékeun budak téh proyék 20 taun, tapi urang mah moal bener-bener eureun jadi kolot. Hal nu panghadéna nu bisa dibikeun ku kolot ka budak téh nyaéta kanyaah, waktu, jeung didikan tina Alkitab. Tanggapan unggal budak kana didikan téh béda-béda. Tapi, loba budak nu digedékeun ku kolot nu mikanyaah Yéhuwa ngarasa saperti Joanna Mae, sadérék istri ti Asia. Ceuk manéhna, ”Mun nginget-nginget didikan kolot, abdi nganuhunkeun pisan lantaran geus dididik jeung diajar mikanyaah Yéhuwa. Abdi teu ngan saukur dibéré kahirupan, tapi ogé dibéré kahirupan nu aya tujuanana.” (Sil. 23:24, 25) Jutaan sadérék urang gé ngarasa siga kitu.

KAWIH 59 Puji Huwa Babarengan

^ par. 5 Naha pasangan salaki pamajikan kudu boga budak? Lamun rék boga budak, hayang boga sabaraha? Jeung, kumaha kolot bisa ngadidik budakna sangkan mikanyaah jeung ngawula Yéhuwa? Artikel ieu bakal ngabahas conto-conto jaman kiwari jeung prinsip-prinsip Alkitab nu bisa ngabantu urang ngajawab pananya-pananya éta.

^ par. 15 Tingali ogé Pertanyaan Kaum Muda—Jawaban yang Praktis Jilid 1, psl. 36, jeung Jilid 2, psl. 11.

^ par. 60 KATERANGAN GAMBAR: Salaki pamajikan keur ngabahas naha rék boga budak atawa henteu sarta mikirkeun suka bungah jeung tanggung jawabna.

^ par. 64 KATERANGAN GAMBAR: Salaki pamajikan keur ngajar Alkitab ka barudakna, tapi ngajarna dipisahkeun lantaran umur jeung kasanggupan budakna béda-béda.