Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Inget

Naha Sadérék Inget

Naha Sadérék bisa ngajawab pananya-pananya ieu nu dumasar kana Warta Hadé 2019?

Naon hartina jangji Allah nu nyebutkeun yén ”satiap pakarang anu dipake narajang ka maneh, moal matak kua-kieu”? (Yes. 54:17)

Urang percaya Allah bakal ngalindungan urang tina serangan ”jalma-jalma lalim”. (Yes. 25:4, 5) Musuh moal bisa ngaleungitkeun harepan urang pikeun hirup langgeng.​—w19.01, kaca 6-7.

Kumaha Allah kaciri adil tina tindakana-Na ka urang Kanaan jeung urang Israil nu nyimpang?

Allah bakal ngahakiman saha waé nu laku lampahna cabul jeung nu nindes ka para awéwé jeung barudak. Yéhuwa ngaberkahan umat-Na nu satia ka Mantenna jeung adil ka batur.​—w19.02, kaca 22-23.

Kumaha lamun urang aya di antara jalma-jalma nu teu saiman nu keur ngadoa?

Urang bisa cicing jeung tetep sopan, tapi moal ngucapkeun ”amin” atawa pacekel-cekel leungeun. Urang bisa ngadoa sorangan dina jero haté.​—w19.03, kaca 31.

Ku naon pelécéhan budak téh dosa nu parah pisan?

Pelécéhan budak téh dosa ka korbanna, sidang, pamaréntah, jeung Allah. Lamun hukum pamaréntah nitah sangkan tuduhan pelécéhan dilaporkeun, kokolot sidang kudu nuturkeun hukum éta.​—w19.05, kaca 9-10.

Kumaha carana ngarobah haté jeung pikiran supaya leuwih hadé?

Carana: Ngadoa ka Yéhuwa. Ngalenyepan naon nu kudu dirobah dina diri urang. Sing bijaksana dina milih babaturan.​—w19.06, kaca 11.

Naon nu bisa dilakukeun ku urang ayeuna sangkan siap nyanghareupan panganiayaan?

Urang kudu nguatkeun sosobatan jeung Yéhuwa. Sing percaya, Mantenna nyaah sarta moal ninggalkeun urang. Pék baca Alkitab unggal poé jeung sering ngadoa. Sing percaya, berkah-berkah ti Karajaan Allah bakal ngawujud. Apalkeun ayat-ayat nu dipikaresep jeung lagu-lagu nu ngamulyakeun Yéhuwa.​—w19.07, kaca 2-4.

Urang kudu kumaha sangkan kulawarga urang mikanyaah Yéhuwa jeung disalametkeun?

Urang kudu rasrasan, némbongkeun laku lampah nu hadé, jeung kudu sabar tur bijaksana.​—w19.08, kaca 15-17.

Ku naon pagawéan nu ditugaskeun ku Yésus matak seger? (Mateus 11:28)

Urang boga pangawas Kristen nu nyaahan, babaturan nu panghadéna, jeung pagawéan nu panghadéna.​—w19.09, kaca 23.

Kumaha Allah bisa masihan urang kadaék jeung kasanggupan pikeun nyieun tindakan? (Pil. 2:13)

Waktu urang maca Firman Allah jeung ngalenyepanana, Allah bakal masihan kakuatan, masihan kadaék pikeun ngalaksanakeun kahoyong-Na jeung kasanggupan pikeun nyieun tindakan. Roh suci Allah bisa ningkatkeun bakat urang.​—w19.10, kaca 21.

Naon waé nu kudu dilakukeun saacan nyieun putusan nu penting?

Aya lima cara: Pék ngarisét. Pék ngadoa ménta kabijaksanaan. Pariksa motif Sadérék. Sing rinci. Sing asup akal.​—w19.11, kaca 27-29.

Naha pangajaran ngeunaan jiwa nu teu bisa maot téh asalna tina omongan Sétan ka Hawa?

Katingalina henteu. Sétan ngomong yén Hawa moal paéh. Sétan teu ngomong yén awak manéhna wungkul nu paéh, rohna mah tetep hirup di alam séjén. Kabéh pangajaran palsu leungit pas Caah Gedé. Pangajaran ngeunaan jiwa nu teu bisa maot katingalina muncul saacan jalma-jalma nu nyieun munara Babul dipaburencaykeun ku Allah.​—w19.12, kaca 15.