Pananya ti nu Maca
Waktu Sétan méré nyaho Hawa yén manéhna moal maot lamun ngadahar buah tina tangkal anu méré pangarti geusan ngabédakeun nu hadé ti nu goréng, naha manéhna keur nyebutkeun paham nu umum ayeuna nyaéta jiwa nu teu bisa maot?
Katingalina henteu. Si Iblis teu ngomong lamun Hawa ngadahar buah nu dilarang ku Allah, awak manéhna wungkul nu paéh, rohna mah tetep hirup di alam séjén. Liwat oray, Sétan ngomong lamun Hawa ngadahar éta buah, ”hamo matak paeh”. Saolah-olah Sétan nyebutkeun yén Hawa bakal tetep hirup, hirup leuwih genah di bumi, jeung teu kudu nurut ka Allah.—Kaj. 2:17; 3:3-5.
Lamun pangajaran ngeunaan jiwa nu teu bisa maot lain ti saprak di Taman Éden, ti saprak iraha atuh? Urang teu bisa mastikeun. Nu urang nyaho mah kabéh pangajaran agama palsu geus musna waktu Caah Gedé dina jaman Nuh. Euweuh pangajaran palsu nu tetep aya sanggeus Caah Gedé lantaran Nuh jeung kulawargana wungkul nu salamet, maranéhna téh hamba-hamba Allah nu sajati.
Jadi, tangtu pangajaran ngeunaan jiwa nu teu bisa maot munculna sanggeus Caah Gedé. Ti saprak basa nu dipaké di Babul dikusutkeun sarta jalma-jalmana ”dipaburencaykeun ka sakuliah dunya” ku Allah, maranéhna gé pasti mawa pangajaran ngeunaan jiwa nu teu bisa maot. (Kaj. 11:8, 9) Teu sual iraha pangajaran palsu éta mimiti aya, nu pasti mah Sétan si Iblis, ”bapana sagala bohong”, nu jadi dalangna jeung manéhna resep ningali éta pangajaran sumebar ka mana-mana.—Yoh. 8:44.