Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 49

Boh Keur Digawé Boh Keur Istirahat ”Aya Waktuna”

Boh Keur Digawé Boh Keur Istirahat ”Aya Waktuna”

”Urang nyingkir heula neangan tempat sepi ngarah rineh.”​—MAR. 6:31.

KAWIH 143 Terus Dagoan Poé Yéhuwa

NU DIBAHAS *

1. Kumaha pandangan jalma-jalma kana pagawéan?

KUMAHA pandangan jalma-jalma di sakurilingeun Sadérék kana pagawéan? Ayeuna di loba nagri, jalma-jalma saribuk pisan jeung durduran digawé. Maranéhna jadi teu boga waktu keur istirahat, keur kulawarga, jeung keur nyumponan pangabutuh rohanina. (Pan. 2:23) Tapi, aya ogé jalma nu pangedulan jeung boga loba alesan supaya teu digawé.​—Sil. 26:13, 14.

2-3. Ngeunaan pagawéan, Yéhuwa jeung Yésus masihan tuladan naon?

2 Yéhuwa jeung Yésus boga pandangan nu béda jeung jalma-jalma di dunya ieu. Geus pasti Yéhuwa mah resep digawé. Buktina Yésus nyebutkeun, ”Rama Kaula teu kendat barangdamel nepi ka ayeuna, Kaula oge kudu kitu.” (Yoh. 5:17) Bayangkeun padamelan nu dilakukeun ku Allah waktu nyiptakeun mahluk-mahluk nu teu kaitung lobana jeung jagat raya anu agréng. Acan deui sakitu lobana ciciptaan di bumi nu éndah nu dicicingan ku urang. Éta sababna nu nulis jabur nyebutkeun, ”Sakitu pepekna dadamelan Gusti, nun PANGERAN! Eta sadayana dipidamelna estu kalayan binangkit, bumi teh pinuh ku saniskara ciciptan Gusti.”​—Jab. 104:24.

3 Yésus nyonto Bapana. Anjeunna digawé bareng jeung Allah waktu ”ngadegkeun langit”. Anjeunna nyarengan Yéhuwa jadi ”ahli adegan”. (Sil. 8:27-31) Basa keur di bumi, Yésus gé ngalampahkeun pagawéan nu luar biasa. Tugas ti Yéhuwa dianggap dahareun ku anjeunna jeung éta ngabuktikeun yén Yésus téh utusan Allah.​—Yoh. 4:34; 5:36; 14:10.

4. Urang bisa diajar naon ti Yéhuwa jeung Yésus ngeunaan waktu istirahat?

4 Lantaran Yéhuwa jeung Yésus getol digawé, naha éta hartina urang teu perlu istirahat? Lain kitu. Mémang Yéhuwa tara capé jeung teu butuh istirahat. Tapi, Alkitab nyebutkeun yén sanggeus nyiptakeun langit jeung bumi, Yéhuwa ”reureuh, liren tina sagala damel”. (Bud. 31:17) Yéhuwa lirén didamel téh supaya bisa ningali hasil padamelana-Na. Basa di bumi, Yésus gé getol digawé, tapi tetep boga waktu keur reureuh sarta bisa dahar bareng jeung sobat-sobatna.​—Mat. 14:13; Luk. 7:34.

5. Naon nu dirasa hésé ku umat Allah?

5 Alkitab ngajurung umat Allah pikeun resep digawé. Hamba-hamba Allah kudu getol ulah kedul. (Sil. 15:19) Sadérék digawé pikeun nyumponan pangabutuh kulawarga. Salaku murid Kristus, Sadérék gé boga tanggung jawab pikeun nguarkeun warta hadé. Tapi, tetep Sadérék butuh cukup istirahat. Naha Sadérék sok hésé ngabagi waktu nu saimbang pikeun digawé, dines, jeung istirahat? Kumaha carana nangtukeun sabaraha lila waktu keur digawé jeung keur istirahat?

CARANA SUPAYA SAIMBANG

6. Kumaha Markus 6:30-34 némbongkeun yén Yésus boga pandangan nu saimbang ngeunaan digawé jeung istirahat?

6 Saimbang dina pagawéan téh penting. Raja Suléman diilhamkeun pikeun nulis, ”Sagala perkara di dunya aya waktuna.” Manéhna nyebutkeun aya waktu keur melak, ngadegkeun, susah, bungah, igel-igelan, jeung nu séjénna. (Pan. 3:1-8) Jelas, aya dua hal penting dina kahirupan, nyaéta digawé jeung istirahat. Yésus boga pandangan nu saimbang ngeunaan digawé jeung istirahat. Hiji waktu, sanggeus balik ngawawar, para rasul sakitu sibukna nepi ka ”teu kaburu tuang-tuang acan”. Ceuk Yésus, ”Urang nyingkir heula neangan tempat sepi ngarah rineh, jeung supaya maraneh bisa ngaso heula sakeudeung.” (Baca Markus 6:30-34.) Sanajan Yésus jeung murid-muridna hésé néangan waktu keur istirahat, anjeunna apal maranéhna butuh istirahat.

7. Naon mangpaatna lamun urang diajar ngeunaan Sabat?

7 Sakali-sakali, urang butuh istirahat atawa ngarobah jadwal rutin urang. Tina aturan Allah ngeunaan Sabat mingguan pikeun bangsa Israil, urang apal hal éta téh penting. Urang mémang teu ngajalankeun Hukum Musa, tapi urang bisa meunang mangpaat tina hukum ngeunaan Sabat. Diajar hal éta bisa ngabantu urang mariksa pandangan urang ngeunaan digawé jeung istirahat.

SABAT—WAKTU PIKEUN REUREUH JEUNG IBADAH

8. Numutkeun Budalan 31:12-15, naon tujuanana poé Sabat?

8 Firman Allah nyebutkeun yén sanggeus genep ”poe” Allah nyiptakeun, Mantenna eureun tina padamelana-Na di bumi. (Kaj. 2:2) Tapi, lantaran Yéhuwa resep didamel, Mantenna ”teu kendat barangdamel” dina hal-hal séjén. (Yoh. 5:17) Sabat mingguan keur bangsa Israil téh nurutkeun conto poé istirahat Yéhuwa sakumaha nu disebutkeun dina buku Kajadian. Allah nyebutkeun yén Sabat téh tanda antara Mantenna jeung Israil. Éta téh ”poe reureuh anu hidmat anu kudu dibaktikeun ka [Allah]”. (Baca Budalan 31:12-15.) Saha waé teu meunang digawé, kaasup budak leutik, badéga, malahan ingon-ingon. (Bud. 20:10) Ku kituna, jalma-jalma bisa leuwih merhatikeun hal-hal rohani.

9. Dina jaman Yésus, jalma-jalma boga pandangan salah naon ngeunaan poé Sabat?

9 Sabat téh keur kahadéan umat Allah, tapi loba pamingpin agama dina jaman Yésus kaleuleuwihi jeung kaku teuing ngajalankeunana. Malahan maranéhna nganggap yén metik gandum atawa nyageurkeun nu gering dina poé Sabat téh salah. (Mar. 2:23-27; 3:2-5) Tapi, lain éta nu dipikahoyong ku Yéhuwa, Yésus gé nandeskeun hal ieu ka jalma-jalma nu ngadéngékeunana.

Dina poé Sabat, kulawarga Yésus ngutamakeun hal-hal rohani (Tingali paragrap 10) *

10. Tina Mateus 12:9-12, kumaha pandangan Yésus ngeunaan Sabat?

10 Yésus jeung murid-muridna nu Yahudi ngajalankeun Sabat lantaran maranéhna di bawah Hukum Musa. * Tapi tina ucapan jeung tindakanana, Yésus nunjukkeun yén ngajalankeun Sabat téh kudu asup akal. Jadi, teu masalah mun rék nyieun kahadéan jeung nulungan batur mah. Ceuk anjeunna, ”Najan keur poe Sabat oge Hukum Agama urang ngidinan ari nulungan ka sasama hirup mah.” (Baca Mateus 12:9-12.) Anjeunna teu nganggap hal éta ngalanggar Sabat. Tina tindakan Yésus, urang nyaho alesan pangpentingna dina ngajalankeun Sabat, nyaéta supaya umat Allah bisa leuwih mikirkeun hal-hal rohani lantaran reureuh tina pagawéan sapopoé. Yésus digedékeun ku kulawarga nu ngajalankeun Sabat pikeun ibadah. Urang nyaho hal ieu tina ayat nu nyaritakeun ngeunaan Yésus basa anjeunna keur aya di lemburna, Nasarét, ”Dina poe Sabat [Yésus] angkat ka imah ibadah sakumaha kabiasaana-Na.”​—Luk. 4:15-19.

KUMAHA PANDANGAN SADÉRÉK NGEUNAAN PAGAWÉAN?

11. Saha nu jadi tuladan keur Yésus ngeunaan pagawéan?

11 Yusup ngajar Yésus carana jadi tukang kayu sarta ngajarkeun pandangan Allah ngeunaan pagawéan. (Mat. 13:55, 56) Meureun Yésus merhatikeun Yusup banting tulang unggal poé pikeun nganapkahan kulawargana nu gedé. Ka dieunakeun, Yésus ngomong ka murid-muridna, ”Nu digarawe teh pantes mareunang bayaran.” (Luk. 10:7) Jelas, Yésus geus biasa getol digawé.

12. Ayat-ayat mana nu némbongkeun yén urang kudu getol digawé?

12 Kitu ogé jeung Rasul Paulus, kagiatan utamana mah méré kasaksian ngeunaan Yésus jeung pangajaranana. Tapi, Paulus gé kudu néangan napkah. Jamaah Tésalonika apal Paulus téh ”beurang peuting digawe banting tulang” lantaran ”embung nyusahkeun” sasaha. (2 Tes. 3:8; Ras. 20:34, 35) Waktu Paulus nyebutkeun yén manéhna digawé, bisa jadi nu dimaksud téh nyieun ténda. Basa keur di Korinta, manéhna cicing jeung Akwila sarta Priskila nu sarua ”pagaweanana kana nyieun tenda”. Paulus digawé ”beurang peuting” téh lain maksudna manéhna durduran digawé. Manéhna henteu teterusan nyieun ténda. Misalna pas keur poé Sabat, manéhna ngawawar ka urang Yahudi, nu sarua ogé keur reureuh digawé.​—Ras. 13:14-16, 42-44; 16:13; 18:1-4.

13. Urang diajar naon ti tuladan Paulus?

13 Rasul Paulus téh tuladan nu hadé. Manéhna kudu néangan napkah, tapi ogé rutin ”ngawawarkeun Injil ti Allah”. (Rum 15:16, Sunda Formal (SF); 2 Kor. 11:23) Manéhna gé ngajurung batur pikeun ngawawar. Matakna, Paulus nganggap Akwila jeung Priskila sabagé ”batur . . . ngawula ka Kristus Yesus”. (Rum 12:11; 16:3) Paulus ngajurung jamaah Korinta pikeun ”garetol, rajin ngalakonan kawajiban pikeun Gusti”. (1 Kor. 15:58; 2 Kor. 9:8) Malah Paulus diilhamkeun ku Yéhuwa pikeun nulis, ”Mun teu ngoprek moal nyapek.”​—2 Tes. 3:10, SF.

14. Naon maksud kekecapan Yésus nu dicatet dina Yohanes 14:12?

14 Pagawéan pangpentingna dina ahir jaman téh nyaéta ngawawar jeung ngajadikeun murid. Yésus nganubuatkeun yén pagawéan murid-muridna bakal leuwih gedé ti batan anjeunna! (Baca Yohanes 14:12.) Ieu lain hartina urang bakal nyieun mujijat saperti anjeunna. Tapi, murid-muridna bakal ngawawar jeung ngajar ka daérah nu leuwih lega, ka leuwih loba jalma, jeung dina waktu nu leuwih lila.

15. Pananya naon waé nu kudu dipikirkeun, jeung naon sababna?

15 Lamun Sadérék digawé néangan napkah, pék pikirkeun, ’Naha di pagawéan, abdi katelah jalma nu getol? Naha pagawéan abdi bisa bérés dina waktuna? Naha abdi geus méré nu panghadéna?’ Mun jawabanana enya, Sadérék bisa jadi dipercaya ku dunungan. Batur gawé ogé bakal leuwih daék dibéré kasaksian. Ngeunaan ngawawar jeung ngajar, pék pikirkeun, ’Naha abdi katelah pawarta nu getol dines? Naha abdi persiapan waktu rék ngadatangan deui? Naha abdi gancang ngadatangan deui jalma-jalma nu minat? Naha abdi rutin dines ku rupa-rupa cara?’ Mun jawabanana enya, Sadérék bakal bungah dina dines.

KUMAHA PANDANGAN SADÉRÉK NGEUNAAN ISTIRAHAT?

16. Ngeunaan istirahat, naon bédana pandangan Yésus sarta murid-muridna jeung kalolobaan jalma ayeuna?

16 Yésus apal yén anjeunna jeung murid-muridna kadang-kadang butuh istirahat. Tapi, kalolobaan jalma harita jeung dina jaman ayeuna siga lalaki beunghar dina misil Yésus. Lalaki éta ngomong ka diri sorangan, ”Pek geura reureuh, dahar, nginum, nyenangkeun diri!” (Luk. 12:19; 2 Tim. 3:4) Ceuk pamikirna mah reureuh jeung senang-senang téh nu pangpentingna. Sabalikna, dina pandangan Yésus jeung murid-muridna mah nyenangkeun diri sorangan téh lain nu pangpentingna.

Lamun urang boga pandangan nu saimbang ngeunaan digawé jeung istirahat, urang bisa ngutamakeun hal-hal hadé nu ngabungahkeun (Tingali paragrap 17) *

17. Kumaha urang bisa ngagunakeun waktu liburan?

17 Ayeuna urang gé nyonto Yésus. Lamun keur libur digawé, urang teu ngan saukur istirahat tapi ogé bisa méré kasaksian jeung datang ka pasamoan. Ngajadikeun murid jeung masamoan téh penting pisan keur urang, éta sababna urang réla nyieun upaya pikeun rutin ngalakukeunana demi Yéhuwa. (Ibr. 10:24, 25) Waktu keur pelesir, urang hayang tetep hadir di pasamoan di mana waé ayana, jeung sabisa-bisa méré kasaksian ka saha waé nu dipanggihan.​—2 Tim. 4:2.

18. Naon nu dipikahayang ku Kristus Yésus, Raja urang?

18 Urang nganuhunkeun pisan ka Kristus Yésus, Raja urang, nu henteu kaku jeung geus mantuan urang boga pandangan nu saimbang kana pagawéan jeung istirahat! (Ibr. 4:15) Anjeunna hayang urang bisa cukup istirahat. Anjeunna gé hayang urang getol digawé pikeun nyumponan pangabutuh sarta bungah dina ngajadikeun murid. Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas naon nu geus dilakukeun ku Yésus pikeun ngabébaskeun urang tina pangbudakan nu kejem.

KAWIH 38 Mantenna Bakal Nguatkeun Anjeun

^ par. 5 Alkitab ngajar urang supaya saimbang antara pagawéan jeung istirahat. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas Sabat mingguan nu dijalankeun ku bangsa Israil. Tina conto éta, urang jadi nyaho kumaha sakuduna pandangan urang kana pagawéan jeung waktu istirahat.

^ par. 10 Murid-murid ngajénan pisan hukum Sabat. Waktu keur nyiapkeun rampé jeung minyak seungit keur mayit Yésus, maranéhna reureuh heula dina poé Sabat.​—Luk. 23:55, 56.

^ par. 55 KATERANGAN GAMBAR: Yusup jeung kulawargana ka sinagoga dina poé Sabat.

^ par. 57 KATERANGAN GAMBAR:Saurang bapa digawé keur nganapkahan kulawargana. Basa keur libur digawé, manéhna ngagunakeun waktu keur kagiatan rohani, sanajan manéhna jeung kulawargana keur pelesir.