Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Inget?

Naha Sadérék Inget?

Naha Sadérék bisa ngajawab pananya-pananya ieu nu dumasar kana Warta Hadé 2020?

Kumaha sakuduna sikep urang ka jalma-jalma nu diistrénan?

Urang ngahargaan iman maranéhna, tapi urang embung méré perhatian nu kaleuleuwihi. Urang embung ”ngugung-ngugung” maranéhna. (Yud. 16) Ulah nanyakeun ngeunaan harepan maranéhna, sabab éta mah urusan pribadi.​—w20.01, kaca 29.

Ku naon Sadérék bisa yakin yén Yéhuwa merhatikeun Sadérék?

Alkitab nyebutkeun, Yéhuwa merhatikeun Sadérék ti saacan Sadérék lahir. Yéhuwa ngadangukeun doa Sadérék. Mantenna apal eusi haté jeung pipikiran Sadérék. Terus, lalampahan Sadérék bisa ngalantarankeun Yéhuwa sedih atawa bungah. (1 Bab. 28:9; Sil. 27:11) Yéhuwa gé geus narik Sadérék.​—w20.02, kaca 12.

Iraha waktu pikeun ngomong jeung iraha waktu pikeun jempé?

Urang bungah waktu nyarita ka batur ngeunaan Yéhuwa. Terus, urang wani ngomong waktu ningali aya jalma nu bakal nyieun kasalahan. Kokolot gé wani méré naséhat nu dibutuhkeun. Tapi, urang moal nanya (atawa méré nyaho) kagiatan Saksi di nagri nu ngalarang kagiatan urang. Urang gé moal nyaritakeun hal-hal nu sipatna pribadi jeung rasiah.​—w20.03, kaca 20-21.

Naon bédana simeut nu dicatet dina Yoel pasal 2 jeung nu dicatet dina Wahyu pasal 9?

Yoel 2:20-29 nyebutkeun, Allah bakal nyingkirkeun simeut-simeut sarta jangji bakal mulihkeun karuksakan nu dilantarankeun ku simeut-simeut éta. Sanggeusna, Allah bakal ngeusikeun roh-Na. Hal-hal éta ngawujud waktu Babilon nyerang Israil, jeung sanggeusna. Ari dina Wahyu 9:1-11 mah, simeut téh ngagambarkeun hamba-hamba Yéhuwa nu diistrénan. Maranéhna wani nguarkeun yén Allah bakal ngahakiman dunya nu jahat ieu. Balukarna, nu ngadukung dunya ieu ngarasa kaganggu.​—w20.04, kaca 3-6.

Saha raja kalér ayeuna?

Rusia jeung balad-baladna. Maranéhna mangaruhan umat Allah, ngalarang kagiatan pangwawaran, jeung ijid ka para Saksi. Raja kalér saingan jeung raja kidul.​—w20.05, kaca 13.

Naha enya sipat-sipat nu bisa ”dihasilkeun ku roh suci” téh geus dicatet kabéh dina Galata 5:22, 23 (NW)?

Henteu. Roh suci ngabantu supaya urang boga sipat-sipat alus séjénna. Misalna, roh suci mantuan supaya urang jadi jalma bener. (Epe. 5:8, 9)—w20.06, kaca 17.

Naon salah sahiji bahayana nga-post dina média sosial?

Nu di-post ku Sadérék dina média sosial bisa waé nunjukkeun Sadérék téh jalma nu resep pamér, lain jalma nu rendah haté.​—w20.07, kaca 6-7.

Urang Kristen diajar naon ti nalayan nu tarampil?

Para nalayan digawé dina waktu jeung tempat nu cocog, apal carana ngagunakeun pakakas nu cocog, jeung wani digawé sanajan cuaca ujug-ujug barobah. Dina palayanan, urang bisa nyonto hal-hal éta.​—w20.09, kaca 5.

Kumaha carana ngabantu palajar beuki nyaah ka Yéhuwa?

Urang bisa ngajurung palajar pikeun maca Alkitab unggal poé jeung ngalenyepan ayat-ayat nu dibaca. Urang gé bisa ngajar manéhna pikeun ngadoa.​—w20.11, kaca 4.

Naon maksudna ”Sakabéh anu geus maraot bakal dihirupkeun deui lantaran . . . Kristus”?​—1 Kor. 15:22.

Paulus teu ngamaksudkeun kabéh jalma nu maot bakal dihirupkeun deui. Manéhna keur ngabahas ngeunaan urang Kristen nu diistrénan, nu jadi bagian ti ”sakabeh” jalma éta. Maranéhna geus ”dijadikeun umat suci Allah, . . . ngahiji jeung Kristus Yesus”. (1 Kor. 1:2 ;15:18, NW)—w20.12, kaca 5-6.

Naon nu bakal dilakukeun ku urang Kristen nu diistrénan sanggeus dirobah ”di jero sakiceup mata waktu sangkakala ditiup panganggeusan”?​—1 Kor. 15:51-53.

Maranéhna jeung Kristus bakal ngagitik bangsa-bangsa ku iteuk beusi. (Wahyu 2:26, 27)—w20.12, kaca 12-13.