Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PELAJARAN 50

Nu Maot téh Bakal Jiga Kumaha Waktu Dihirupkeun Deui?

Nu Maot téh Bakal Jiga Kumaha Waktu Dihirupkeun Deui?

”He maot, mana kakawasaan maneh? Mana peurah panyeureud maneh?”​—1 KOR. 15:55.

KAWIH 141 Kahirupan téh Mujijat

NU DIBAHAS *

1-2. Ku naon kabéh urang Kristen kudu diajar ngeunaan dihirupkeunana deui jalma-jalma di sawarga?

KALOLOBAAN umat Yéhuwa ayeuna boga harepan pikeun hirup langgeng di bumi. Ari urang Kristen nu diistrénan nu hirup kénéh di bumi mah boga harepan pikeun dihirupkeun deui di sawarga. Jadi, maranéhna pasti hayang nyaho kahirupan di sawarga téh kumaha. Tapi, ku naon jalma-jalma nu boga harepan hirup di bumi gé kudu diajar hal ieu? Dina artikel ieu, urang bakal ningali, pihudangeunana urang Kristen nu diistrénan di sawarga téh bakal mawa berkah keur jalma-jalma nu boga harepan hirup di bumi. Jadi, teu sual urang boga harepan hirup di sawarga atawa di bumi, urang bisa diajar ngeunaan dihirupkeunana deui jalma-jalma di sawarga.

2 Allah méré ilham ka sababaraha murid Yésus dina abad kahiji pikeun nulis ngeunaan dihirupkeunana deui jalma-jalma di sawarga. Rasul Yohanes ngajelaskeun, ”Dulur-dulur nu dipikanyaah, ayeuna urang téh putra-putra Allah, tapi urang can nyaho engké urang bakal kumaha. Nu pasti mah urang bakal jiga Mantenna waktu Mantenna némbongkeun dirina, sabab urang bakal bener-bener nénjo Mantenna.” (1 Yoh. 3:2, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Jadi, urang Kristen nu diistrénan téh can nyaho engké maranéhna bakal kumaha waktu dihirupkeun deui di sawarga dina wujud roh. Tapi, engké maranéhna bakal bener-bener bisa nénjo Yéhuwa. Alkitab teu méré nyaho kabéh hal ngeunaan dihirupkeunana deui jalma-jalma di sawarga. Tapi, Rasul Paulus méré sababaraha katerangan ngeunaan hal éta. Maranéhna bakal babarengan jeung Kristus waktu anjeunna ’nalukkeun sakabeh pamarentahan, sakabeh kawasa, jeung sakabeh kakuatan’, sarta nalukkeun ”musuh anu pangpandeurina . . . nya eta maot”. Ahirna, Yésus jeung maranéhna ’bakal nalukkeun anjeun’ jeung saniskara ka Yéhuwa. (1 Kor. 15:24-28) Pasti éta téh luar biasa! *

3. Jiga nu disebutkeun dina 1 Korinta 15:30-32, kumaha harepan pihudangeunana nu maot mangaruhan Paulus?

3 Lantaran yakin kana pihudangeunana nu maot, Paulus bisa tabah nyanghareupan loba cocoba. (Baca 1 Korinta 15:30-32.) Ceuk manéhna, ”Unggal poe sim kuring nyanghareupan bahya pati.” Paulus gé nulis, ”Sim kuring di Epesus sasat kudu tarung jeung sato-sato galak.” Meureun maksudna téh tarung jeung sato galak nyaanan di stadion nu aya di Épésus. (2 Kor. 1:8; 4:10; 11:23) Atawa, meureun nu dimaksud ’sato galak’ téh nyaéta urang Yahudi jeung musuh-musuhna Paulus. (Ras. 19:26-34; 1 Kor. 16:9) Intina, Paulus téh nyanghareupan loba bahaya. Tapi manéhna percaya, dina mangsa kahareup mah hirupna moal sangsara jiga kitu deui.​—2 Kor. 4:16-18.

Kulawarga nu cicing di nagri nu ngalarang kagiatan urang tetep ibadah ka Allah, maranéhna yakin pisan Allah bakal ngaberkahan (Tingali paragrap 4)

4. Kumaha harepan pihudangeunana nu maot nguatkeun urang Kristen ayeuna? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

4 Urang hirup dina jaman nu pinuh ku bahaya. Sababaraha dulur saiman jadi korban kajahatan. Aya ogé nu cicingna di daérah-daérah nu sering perang, jadi kaayaanana téh teu aman. Di sababaraha nagri, umat Yéhuwa téh teu meunang ngawawar. Maranéhna bisa waé dipanjara atawa dipaéhan lamun ibadah ka Yéhuwa. Tapi, dulur-dulur saiman urang tetep ibadah ka Yéhuwa jeung méré tuladan alus keur urang. Maranéhna teu sieun sabab maranéhna apal mun ayeuna kudu maot gé, Yéhuwa bakal méré kahirupan nu leuwih hadé dina mangsa kahareup.

5. Pandangan salah naon nu bisa ngalemahkeun iman urang kana pihudangeunana nu geus maot?

5 Baheula, aya nu mikir, ”Hayu urang nyatu nginum, da isukan mah urang paraeh.” Paulus ngingetan dulur-dulur saiman yén pandangan jiga kitu téh bahaya. Sabenerna, saacan jaman Paulus gé, jalma-jalma geus boga pandangan jiga kitu. Harita, katingalina Paulus téh keur ngutip Yesaya 22:13, nu nyaritakeun ngeunaan sikep urang Israil. Maranéhna leuwih resep senang-senang, tibatan nguatkeun sosobatanna jeung Allah. Semboyan maranéhna téh kieu: Isuk mah kumaha isuk wé, nu penting poé ieu aing senang-senang. Jalma-jalma kiwari gé boga pandangan jiga kitu. Tapi, Alkitab gé nyatet balukar nu dirasakeun ku urang Israil.​—2 Bab. 36:15-20.

6. Kumaha harepan pihudangeunana deui nu maot sakuduna mangaruhan pergaulan urang?

6 Harepan pihudangeunana nu geus maot téh kuduna mangaruhan pergaulan urang. Baheula, urang Kristen di Korinta kuduna henteu gaul jeung jalma-jalma nu teu percaya kana pihudangeunana nu geus maot. Naon palajaranana? Lamun urang loba teuing gaul jeung jalma-jalma nu teu paduli kana mangsa kahareup jeung ngan mikirkeun senang-senang wungkul, urang bisa kababawa. Éta bisa ngaruksak cara pikir jeung kabiasaan urang. Malah, urang bisa ngalakukeun hal nu dipikageuleuh ku Allah, nyaéta dosa. Jadi, Paulus méré naséhat nu teges, ”Pake pikiran sehat, geura eureun tina lampah doraka. Kudu arera, di aranjeun aya anu teu nyaraho ka Allah.”​—1 Kor. 15:33, 34.

MAKÉ BADAN ANU KUMAHA?

7. Jiga nu disebutkeun dina 1 Korinta 15:35-38, bisa waé jalma-jalma ngomong naon?

7 Baca 1 Korinta 15:35-38. Jalma nu hayang batur teu percaya kana pihudangeunana nu geus maot meureun ngomong, ”Kumaha ngahirupkeunana deui anu geus maraot? Make badan anu kumaha engkena?” Urang bisa mikirkeun naon nu ditulis ku Paulus ngeunaan hal ieu, sabab ayeuna gé jalma-jalma boga pandangan nu béda-béda ngeunaan kahirupan sanggeus maot. Tapi, kumaha ceuk Alkitab?

Paulus méré ibarat ngeunaan binih jeung pepelakan pikeun ngajelaskeun Allah bisa méré awak nu cocog keur nu dihirupkeun deui (Tingali paragrap 8)

8. Ibarat naon nu bisa ngabantu urang ngarti yén Allah sanggup ngahirupkeun deui jalma-jalma maké awak nu béda?

8 Waktu saurang jalma maot, lila-lila awakna téh ancur. Tapi, pikirkeun ieu: Allah téh sanggup nyiptakeun jagat raya, padahal asalna mah euweuh nanaon. Jadi, Allah gé pasti sanggup ngahirupkeun deui nu maot jeung méré awak nu cocog keur manéhna. (Kaj. 1:1; 2:7) Waktu ngabahas ngeunaan pihudangeunana jalma-jalma di sawarga, Paulus ngagunakeun hiji ibarat. Paulus rék nunjukkeun, jang ngahirupkeun deui maranéhna, Allah mah henteu ngabutuhkeun awak manusa nu geus ancur. Pikirkeun ngeunaan ”binih” atawa ’siki’ pepelakan. Binih nu dipelak bakal tumuwuh jadi pepelakan nu anyar. Wujudna téh béda pisan jeung binihna. Nya, Allah téh bisa ngatur pitangkaleunana unggal binih. Jadi, Allah gé bisa méré awak keur jalma nu dihirupkeun deui.

9. Kumaha 1 Korinta 15:39-41 ngajelaskeun ngeunaan rupa-rupa awak?

9 Baca 1 Korinta 15:39-41. Paulus nyebutkeun, mahluk hirup téh diciptakeun maké awak nu béda-béda. Misalna awak sapi, manuk, jeung lauk téh béda. Terus di langit, panonpoé jeung bulan gé béda. Paulus gé nulis, ”Antara bentang jeung bentang deui oge kaendahanana henteu sarua.” Mun ku panon wungkul mah, meureun kabéh béntang téh katingalina sarua. Tapi ceuk para ahli, béntang téh béda-béda. Aya nu gedé, aya nu leutik, aya nu beureum, bodas, aya ogé nu konéng jiga panonpoé. Terus, Paulus gé ngabédakeun ”wujud anu aya di langit [”sawarga”, NW] jeung wujud anu aya di bumi”. Naon maksudna? Di bumi, urang téh boga awak nu sipatna daging. Ari nu di sawarga mah boga awak nu sipatna roh, jiga para malaikat.

10. Jalma-jalma nu dihirupkeun di sawarga bakal boga awak jiga kumaha?

10 Paulus gé nulis, ”Kitu oge halna badan jelema anu geus maraot lamun geus dihirupkeun deui. Badan anu dikubur teh sipatna henteu langgeng, ari badan anu geus dihirupkeun deui sipatna abadi.” Mun saurang jalma maot, pan awakna téh ancur jeung balik deui jadi lebu taneuh. (Kaj. 3:19) Jadi, ku naon Paulus ngomong ”badan anu geus dihirupkeun deui sipatna abadi”? Paulus henteu keur ngomongkeun manusa anu dihirupkeun deui di bumi, jiga jalma-jalma nu dihirupkeun deui ku Élias, Élisa, jeung Yésus. Tapi, manéhna téh keur ngomongkeun jalma-jalma nu dihirupkeun deui di sawarga ku ”badan nu sipatna rohani”.​—1 Kor. 15:42-44.

11-12. Sanggeus dihirupkeun deui, naon nu béda ti Yésus? Terus, kumaha urang Kristen nu diistrénan gé bakal ngalaman nu sarua jeung anjeunna?

11 Waktu hirup di bumi, Yésus téh boga awak nu sipatna daging. Tapi waktu dihirupkeun deui, anjeunna jadi ”roh anu ngahirupkeun” jeung balik deui ka sawarga. Kitu ogé, urang Kristen nu diistrénan bakal dihirupkeun deui dina wujud roh jeung hirup di sawarga. Paulus ngajelaskeun, ”Urang dijurukeun teh sakumaha mahluk anu asal tina lebu taneuh; ari engke mah, urang teh baris sakumaha anu asal ti sawarga.”​—1 Kor. 15:45-48; 1 Kor. 15:49, Sunda Formal.

12 Paulus geus téréh bérés ngabahas ngeunaan pihudangeunana nu maot. Urang kudu inget, Yésus téh teu dihirupkeun deui maké awak nu sipatna daging. Paulus nyebutkeun yén ”sipat daging jeung getih moal bisa dibawa ka Karajaan Allah” di sawarga. (1 Kor. 15:50) Jadi, para rasul jeung urang Kristen nu diistrénan gé moal dihirupkeun deui di sawarga maké awak nu sipatna daging jeung getih, nu bisa ancur. Iraha maranéhna dihirupkeun deui téh? Paulus ngomong, sanggeus maot, maranéhna moal langsung dihirupkeun deui, tapi maranéhna bakal dihirupkeun dina mangsa kahareup. Waktu Paulus nulis 1 Korinta, sababaraha murid téh ”geus maraot”, misalna Rasul Yakobus. (Ras. 12:1, 2) Para rasul jeung urang Kristen séjénna nu diistrénan gé bakal maraot engkéna.​—1 Kor. 15:6.

UNGGUL TINA MAOT

13. Naon nu jadi tanda pisumpingeunana Kristus?

13 Yésus jeung Paulus nyebutkeun hiji mangsa nu penting, nyaéta mangsa pisumpingeunana Kristus. Dina mangsa éta, bakal loba perang, lini, wabah panyakit, jeung kajadian-kajadian goréng di dunya ieu. Hal-hal nu diramalkeun dina Alkitab ieu téh geus jadi kanyataan ti taun 1914. Tapi, aya tanda séjénna nu disebutkeun. Yésus ngomong, warta hadé yén Karajaan Allah geus maréntah téh bakal diuarkeun ”ka sakuliah dunya, kadenge ku unggal jelema, geus kitu kakara datang poe kiamat”. (Mat. 24:3, 7-14) Paulus gé ngomong yén ”dina wanci Gusti sumping”, urang Kristen nu diistrénan nu geus maot téh bakal dihirupkeun deu.​—1 Tes. 4:14-16; 1 Kor. 15:23.

14. Urang Kristen nu diistrénan nu maot dina mangsa pisumpingeunana Kristus bakal kumaha?

14 Ayeuna, mun urang Kristen nu diistrénan maot, maranéhna langsung dihirupkeun deui di sawarga. Éta sajalan jeung kekecapan Paulus dina 1 Korinta 15:51, 52, ”Urang teh moal waka maot kabeh, tapi urang kabeh bakal dirobah. Kajadianana ngadadak di jero sakiceup mata waktu sangkakala ditiup panganggeusan.” Kekecapan Paulus ieu téh keur jadi kanyataan. Sanggeus dihirupkeun deui, dulur-dulur Kristus ieu bakal suka bungah sabab maranéhna bakal ”saterusna hirup reureujeungan jeung [Jungjunan]”.​—1 Tes. 4:17.

Bareng jeung Yésus, jalma-jalma nu dirobah ”di jero sakiceup mata” bakal ngabinasakeun kabéh nu jahat di bumi (Tingali paragrap 15)

15. Naon nu dilakukeun ku jalma-jalma nu dirobah ”di jero sakiceup mata”?

15 Di sawarga, naon nu bakal dilakukeun ku jalma-jalma nu dirobah ”di jero sakiceup mata”? Ceuk Yésus, ”Sakur nu unggul, anu ngalampahkeun pangersa Kami nepi ka tutug, rek dibere kawasa sakumaha kawasa anu katarima ku Kami ti Ama Kami, nya eta kawasa murba ka bangsa-bangsa, kawasa marentah jeung ngagitik maranehna ku iteuk beusi datang ka bubuk kawas pariuk remuk.” (Wahyu 2:26-28) Maranéhna bakal nuturkeun Yésus jeung ngagitik bangsa-bangsa maké iteuk beusi.​—Wahyu 19:11-15.

16. Kumaha jalma-jalma bakal unggul tina maot?

16 Waktu jalma-jalma nu diistrénan dihirupkeun deui di sawarga, maranéhna téh unggul tina maot. (1 Kor. 15:54-57) Jadi, maranéhna bakal bisa milu nyingkirkeun kabéh kajahatan dina perang Armagédon nu bakal datang. Terus, jutaan urang Kristen séjénna bakal salamet tina ”mangsa cilaka” jeung hirup di dunya anyar. (Wahyu 7:14, NW) Maranéhna gé bakal nyaksian, kumaha maot ditaklukkeun waktu miliaran jalma nu geus maot baheula diharirupkeun deui. Bayangkeun kumaha bungahna waktu éta kajadian! (Ras. 24:15) Kabéh nu kabukti satia ka Yéhuwa bakal unggul tina maot, nu diwariskeun ku Adam. Maranéhna bakal hirup langgeng.

17. Dumasar 1 Korinta 15:58, urang kudu kumaha?

17 Surat Paulus ka urang Kristen di Korinta ngeunaan pihudangeunana nu maot téh nengtremkeun pisan. Kabéh urang Kristen pasti nganuhunkeun kana hal éta. Urang gé hayang nuturkeun naséhat Paulus, ku cara sabisa-bisa ”ngalakonan kawajiban pikeun Gusti”. (Baca 1 Korinta 15:58.) Mun urang satia jeung getol ngalakonan kawajiban urang, urang bisa yakin hirup urang bakal bagja dina mangsa kahareup. Waktu harepan urang jadi nyata, éta téh bakal jauh leuwih éndah tibatan nu bisa urang bayangkeun. Upaya urang ayeuna téh moal percumah!

KAWIH 140 Ahirna, Hirup Salawasna!

^ par. 5 Dina artikel ieu, urang bakal neruskeun diskusi tina 1 Korinta pasal 15 ngeunaan pihudangeunana nu maot, hususna pihudangeunana urang Kristen nu diistrénan. Tapi, hal ieu gé aya patalina jeung domba-domba lian. Artikel ieu bakal ngabahas kumaha harepan pihudangeunana nu maot mangaruhan kahirupan urang ayeuna, jeung méré harepan keur urang dina mangsa kahareup.

^ par. 2Pananya ti Nu Maca” di majalah ieu ngabahas tulisan Paulus dina 1 Korinta 15:29.