Pananya ti Nu Maca
Siloka 24:16 nyebutkeun, ”Jalma jujur mah sakumaha seringna tibeubeut oge moal weleh menyat deui.” Na ayat ieu keur ngabahas saurang jalma anu teterusan nyieun dosa sarta dihampura ku Allah?
Sabenerna, lain éta nu keur dibahas dina ayat ieu. Ayat ieu ngamaksudkeun jalma anu teterusan meunang masalah tapi manéhna tetep teger.
Perhatikeun ayat saacanna jeung sanggeusna, ”Ulah cara jalma jahat nu ngareka rek ngarampog jalma jujur, atawa ngagusur imahna. Jalma jahat mah tangtu ajur ku balahi. Sabalikna jalma jujur mah sakumaha seringna tibeubeut oge moal weleh menyat deui. Ulah gumbira lamun musuh cilaka, ulah bungah lamun manehna tijungkel.”—Sil. 24:15-17.
Aya anu mikir, ayat 16 téh ngamaksudkeun saurang jalma nu ngalakukeun dosa, terus manéhna tobat. Tapi najan geus mangkali-kali jiga kitu, manéhna ngarasa bisa tetep nyobat jeung Allah. Dua pamingpin agama ti Inggris nulis, ”Ti jaman baheula nepi ka ayeuna, para pandéta ngajelaskeun ayat éta jiga kitu.” Dua pamingpin agama éta gé nyebutkeun, katerangan ti para pandéta téh bisa ngamaksudkeun ”saurang jalma bageur bisa waé . . . nyieun dosa gedé, tapi tetep nyaah ka Allah. Terus sanggeus tobat, manéhna dipikanyaah deui ku Allah”. Pandangan jiga kitu téh dipikaresep ku jalma-jalma nu teu daék eureun ngalakukeun hal-hal nu salah. Manéhna bisa waé mikir, najan manéhna teterusan ngalakukeun dosa, Allah pasti ngahampura manéhna.
Tapi, maksud tina ayat 16 téh lain éta.
Kecap Ibrani nu ditarjamahkeun jadi ”labuh”, saperti ”tibeubeut” dina ayat 16 jeung ”tijungkel” dina ayat 17, téh bisa rupa-rupa hartina. Kecap éta bisa dihartikeun nyaanan, misalna sapi anu ngadeprek atawa jalma anu ragrag tina loténg. (Pam 22:4, 8) Tapi, kecap éta gé bisa boga harti kiasan, misalna, ”PANGERAN nungtun hirup jalma di jalan sorangeunana, nangtayungan ka sakur anu kamanah ku Mantenna. Lamun maranehna labuh, moal ngudupung bae, sabab tangtu ku PANGERAN dihudangkeun deui.”—Jab. 37:23, 24.
Tapi, perhatikeun koméntar ti Propésor Edward H. Plumptre, ”Kecap Ibrani pikeun [”labuh”] teu pernah ngamaksudkeun labuh kana dosa.” Jadi, sarjana séjénna ngajelaskeun ayat 16 jiga kieu, ”Percumah jahat ka umat Allah, da maranéhna bakal teger. Ari nu jahat mah moal.”
Jadi, Siloka 24:16 henteu keur ngabahas saurang jalma anu teterusan ”tibeubeut” atawa labuh kana dosa. Justru, ayat éta keur ngabahas saurang jalma anu teterusan meunang masalah jeung cocoba. Di dunya nu jahat ieu, jalma bener bisa waé boga masalah kaséhatan atawa masalah séjénna. Malah, bisa waé manéhna dikaniaya ku pamaréntah lantaran imanna. Tapi manéhna yakin, Allah téh bakal nulungan, jadi manéhna bisa teger. Pék pikirkeun sakumaha sering urang ningali umat Allah dibantuan ku Mantenna. Urang yakin, ”PANGERAN nulungan sakur anu kasusahan sarta ngahudangkeun anu lalabuh.”—Jab. 41:2-4; 145:14-19.
Jadi, ”jalma jujur”, atawa jalma bener, mah teu senang ningali batur susah. Tapi, manéhna tenang lantaran jalma nu ”sieun ku Allah tinangtu mulus rahayu”.—Pan. 8:11-13; Ayub 31:3-6; Jab. 27:5, 6.