Pananya ti Nu Maca
Na kekecapan Paulus dina 1 Korinta 15:29 ngamaksudkeun yén dina jaman baheula, aya urang Kristen nu dibaptis pikeun ngawakilan nu geus maot?
Henteu. Euweuh catetan Alkitab atawa sajarah nu nunjukkeun hal éta.
Loba tarjamahan Alkitab nu nyieun jalma-jalma mikir yén dina jaman Paulus, saurang jalma bisa dibaptis ku cai pikeun ngawakilan nu geus maot. Misalna, aya nu narjamahkeun jiga kieu, ”Lamun anu maot moal dihirupkeun deui, naon gunana jelema dibaptis ku karana anu geus maot?”—Kitab Suci Nganggo Basa Sunda Sadidinten.
Perhatikeun koméntar ti dua sarjana Alkitab. Dr. Gregory Lockwood nyebutkeun, ”Euweuh bukti dina Alkitab atawa dina sajarah anu nunjukkeun, baheula saurang jalma bisa dibaptis pikeun ngawakilan anu geus maot.” Kitu ogé, Propésor Gordon D. Fee nulis, ”Baptisan jiga kitu téh euweuh dina catetan Alkitab atawa dina sajarah.” Manéhna ngomong, hal éta teu pernah disebutkeun dina Perjangjian Anyar. Terus, euweuh bukti nu nunjukkeun baptisan éta pernah dilakukeun ku urang Kristen dina abad kahiji atawa ku garéja-garéja nu diadegkeun teu lila sanggeus para rasul maot.
Ceuk Alkitab, murid-murid Yésus kudu ’ngadatangan jalma-jalma saalam dunya, ngabaptis, jeung ngajar maranehna ngalakonan sagala perkara’ anu geus diparéntahkeun ku anjeunna. (Mat. 28:19, 20) Jadi saacan saurang jalma dibaptis, manéhna kudu diajar, percaya, sarta taat ka Yéhuwa jeung Putra-Na. Jalma nu geus maot mah moal bisa ngalakukeunana. Terus, urang Kristen nu hirup kénéh gé moal bisa ngawakilan manéhna.—Pan. 9:5, 10; Yoh. 4:1; 1 Kor. 1:14-16.
Jadi, naon atuh maksud kekecapan Paulus?
Sababaraha urang Kristen di Korinta teu percaya nu maot bakal dihirupkeun deui. (1 Kor. 15:12) Jadi Paulus nunjukkeun, pandangan jiga kitu téh salah. Paulus ngomong, ”Unggal poe sim kuring nyanghareupan bahya pati.” Najan kitu manéhna yakin, sanggeus maot, manéhna bakal dihirupkeun deui di sawarga, jiga Yésus.—1 Kor. 15:30-32, 42-44.
Urang Kristen di Korinta kudu ngarti, saacan nu diistrénan dihirupkeun deui di sawarga, maranéhna bakal nyanghareupan tangtangan sarta maot heula. ”Dibaptis supaya ngahiji jeung Kristus Yésus” téh hartina dibaptis ”supaya maot jeung anjeunna”. (Rum 6:3) Maksudna, maranéhna bakal ngalaman naon nu kaalaman ku Yésus, nyaéta nyanghareupan tangtangan sarta maot, kakara maranéhna bakal dihirupkeun deui di sawarga.
Leuwih ti dua taun sanggeus Yésus dibaptis ku cai, anjeunna ngomong ka dua rasulna, ”Maraneh ge . . . bakal dibaptis ku baptisan anu ku Kami kudu dilakonan.” (Mar. 10:38, 39) Nu Yésus maksud téh lain dibaptis ku cai. Maksud Yésus mah, anjeunna bakal maot lantaran satia ka Allah. Paulus nulis, urang Kristen nu diistrénan bakal ”milu kana sangsara Kristus”, jadi maranéhna gé bakal ”milu dimulyakeun jeung Anjeunna”. (Rum 8:16, 17; 2 Kor. 4:17) Ku kituna, maranéhna gé bakal maot sarta dihirupkeun di sawarga.
Kasimpulanna, mun sacara akurat mah, ayat éta bisa ditarjamahkeun jiga kieu, ”Lamun anu maot moal dihirupkeun deui, naon gunana jelema dibaptis supaya maot? Jang naon maranéhna dibaptis pikeun tujuan éta?”