Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 50

”Manéh Bakal Bareng jeung Urang di Pirdaus”

”Manéh Bakal Bareng jeung Urang di Pirdaus”

”Urang jangji poé ieu, manéh bakal bareng jeung urang di Pirdaus.”​—LUK. 23:43.

KAWIH 145 Jangji Allah ngeunaan Pirdaus

NU DIBAHAS a

1. Saacan maot, Isa ngomong naon ka saurang penjahat di gigireunana? (Lukas 23:39-43)

 ISA JEUNG dua penjahat di gigireunana keur sakarat jeung téréh maot. (Luk. 23:32, 33) Dua penjahat éta téh moyokan Isa, jadi jelas maranéhna lain murid-muridna Isa. (Mat. 27:44; Mar. 13:32) Tapi saurang penjahat ngarobah sikepna. Ceuk manéhna, ”Isa, sing inget ka abdi mun geus jadi raja.” Isa ngajawab, ”Urang jangji poé ieu, manéh bakal bareng jeung urang di Pirdaus.” (Baca Lukas 23:39-43.) Harita, bisa jadi penjahat éta geus nyaho ngeunaan warta nu sering diuarkeun ku Isa nyaéta ”Pamaréntahan sorga geus deukeut”, tapi manéhna can jadi murid Isa. Isa gé teu pernah nyebutkeun yén penjahat éta bakal asup ka Pamaréntahan nu di sorga. (Mat. 4:17) Tapi harita mah, Isa keur nyebutkeun Pirdaus nu engkéna aya di bumi. Naon buktina?

Urang bisa nyimpulkeun naon ti penjahat nu ngobrol jeung Isa, sarta kira-kira naon nu dipikanyaho ku manéhna? (Tingali paragrap 2-3)

2. Ku naon urang bisa nyimpulkeun yén penjahat nu tobat téh urang Yahudi?

2 Penjahat nu tobat éta téh jigana urang Yahudi. Manéhna ngomong kieu ka penjahat nu hijina deui, ”Ari manéh teu sieun ku Allah?” (Luk. 23:40) Urang Yahudi téh ibadahna ngan ka hiji Allah, tapi bangsa-bangsa séjén mah percaya ka loba allah. (Bud. 20:2, 3; 1 Kor. 8:5, 6) Mun para penjahat éta lain urang Yahudi, meureun pananyana kieu, ”Ari manéh teu sieun ku allah-allah?” Salian ti éta, Isa téh diutusna ka ”bangsa Israél, nu siga domba-domba nyasar”, lain ka bangsa séjén. (Mat. 15:24) Urang Israél apal, Allah bakal ngahirupkeun deui nu geus maot. Penjahat tadi gé jigana apal kana hal éta. Tina kekecapanana, manéhna yakin Allah bakal ngahirupkeun deui Isa pikeun jadi Raja dina Pamaréntahan Allah. Meureun manéhna gé miharep bakal dihirupkeun deui ku Allah.

3. Waktu Isa nyebutkeun Pirdaus, kira-kira naon anu dipikirkeun ku penjahat nu tobat? Jelaskeun. (Kajadian 2:15)

3 Lamun si penjahat éta urang Yahudi, manéhna pasti nyaho carita ngeunaan Adam jeung Hawa sarta Pirdaus nu diciptakeun ku Yéhuwa pikeun jadi tempat panyicingan maranéhna. Jadi, manéhna gé meureun mikir yén Pirdaus nu disebutkeun ku Isa téh nyaéta taman nu éndah nu aya di bumi.​—Baca Kajadian 2:15.

4. Kekecapanna Isa ka penjahat éta sakuduna ngajurung urang pikeun ngabayangkeun naon?

4 Kekecapan Isa ka penjahat éta sakuduna ngajurung urang pikeun ngabayangkeun siga kumaha kahirupan di Pirdaus téh. Terus, sabenerna pamaréntahan Raja Sulaéman nu tengtrem gé geus méré gambaran siga kumaha kahirupan di Pirdaus engké. Urang bisa yakin yén Isa, nu leuwih hébat tibatan Sulaéman, jeung 144.000 bakal digawé bareng pikeun ngarobah bumi jadi Pirdaus nu éndah. (Mat. 12:42) ”Domba-domba lian” pasti hayangeun nyaho kumaha carana supaya bisa hirup salilana di Pirdaus.​—Yah. 10:16.

BAKAL SIGA KUMAHA KAHIRUPAN DI PIRDAUS TÉH?

5. Ceuk Sadérék, bakal siga kumaha kahirupan di Pirdaus téh?

5 Naon nu kabayang ku Sadérék waktu mikirkeun ngeunaan kahirupan di Pirdaus? Sadérék meureun ngabayangkeun taman nu éndah, siga Taman Éden. (Kaj. 2:7-9) Sadérék meureun inget kana nubuat Nabi Mika anu nyebutkeun yén umat Allah bakal ”jongjon ngurus kebon anggur jeung kondang”. (Mika 4:3, 4, KITAB SUCI © LAI 1991) Ayat-ayat dina Alkitab nyebutkeun yén engké bakal aya loba pisan kadaharan. (Jab. 72:16; Yes. 65:21, 22) Jadi, Sadérék meureun ngabayangkeun Sadérék bakal diuk di taman nu éndah jeung aya loba dahareun nu ngareunah. Terus udarana gé bersih, seungit ku pepelakan jeung kekembangan. Sadérék gé meureun ngabayangkeun kulawarga jeung sobat-sobat Sadérék, kaasup jalma-jalma anu geus dihirupkeun deui, bisa ngarumpul deui jeung sareuri bungah. Éta kabéh téh lain ngan hayalan. Éta pasti jadi kanyataan di bumi ieu! Di Pirdaus gé, urang kabéh bakal boga pagawéan anu nyugemakeun.

Urang bakal ngajar jalma-jalma nu dihirupkeun deui (Tingali paragrap 6)

6. Naon anu bakal dilakukeun ku urang di Pirdaus? (Tingali gambar.)

6 Yéhuwa hayang urang bungah ngajalankeun pagawéan urang. (Pan. 2:24) Dina Pamaréntahan Sarébu Taun Al-Masih, urang bakal sibuk pisan. Jalma-jalma anu salamet tina kasangsaraan anu kacida hébatna sarta jutaan jalma anu dihirupkeun deui téh butuh pakéan, dahareun, jeung imah. Bayangkeun bakal sakumaha sibuk jeung resepna urang! Baheula, Adam jeung Hawa téh kudu ngurus taman nu dicicingan ku maranéhna. Engké gé urang kudu ngurus bumi ngarah jadi Pirdaus. Terus, bayangkeun sakumaha resepna ngajar jutaan jalma anu dihirupkeun deui. Maranéhna téh ngan nyaho saeutik ngeunaan Yéhuwa sarta tujuana-Na. Urang gé kudu ngajarkeun loba hal ka jalma-jalma nu satia nu hirup saacan jaman Isa.

7. Urang bisa yakin kana hal naon, jeung ku naon?

7 Urang bisa yakin yén engké di Pirdaus, hirup urang bakal tengtrem, makmur, jeung tartib. Ku naon? Yéhuwa geus méré gambaran bakal siga kumaha kahirupan di Pirdaus téh. Urang bisa ningali hal éta tina conto pamaréntahan Raja Sulaéman.

PAMARÉNTAHAN SULAÉMAN GEUS MÉRÉ GAMBARAN NGEUNAAN PIRDAUS

8. Kumaha kekecapan anu ditulis ku Raja Daud dina Jabur 37:10, 11, 29 jadi kanyataan dina jaman baheula? (Tingali ”Pananya ti Nu Maca” dina édisi ieu.)

8 Raja Daud dibéré ilham pikeun nulis ngeunaan kaayaan nu tengtrem waktu raja nu bijaksana jeung satia maréntah. (Baca Jabur 37:10, 11, 29.) Urang sering macakeun Jabur 37:11 ka batur waktu nyarita ngeunaan Pirdaus. Ayat éta téh cocog lantaran Isa gé ngutip ayat éta waktu méré Hutbah di Gunung. Manéhna nunjukkeun yén ayat éta bakal jadi kanyataan dina mangsa ka hareup. (Mat. 5:5) Tapi, sabenerna kekecapan Daud gé geus jadi kanyataan salila pamaréntahan Raja Sulaéman. Waktu Sulaéman maréntah Israél, umat Allah hirup tengtrem jeung makmur di tanah anu ”pinuh ku susu jeung madu”. Allah ngomong, ”Lamun maraneh nurut kana pikukuh-pikukuh jeung timbalan-timbalan Kami, . . . maraneh di eta tanah ku Kami rek dijieun aman santosa, hees jongjon sepi karisi.” (Ima. 20:24; Ima. 26:3, 6, KITAB SUCI © LAI 1991) Jangji ieu jadi kanyataan salila pamaréntahan Sulaéman. (1 Bab. 22:9; 29:26-28) Yéhuwa gé jangji yén jalma-jalma anu ibadah ka allah-allah palsu bakal ”gancang musna”. (Jab. 37:10, KITAB SUCI © LAI 1991) Ku kituna, kekecapan nu aya dina Jabur 37:10, 11, 29 téh geus jadi kanyataan dina jaman baheula jeung bakal jadi kanyataan deui engké dina mangsa ka hareup.

9. Ratu ti Syéba ngomong naon sanggeus ningali karajaan Sulaéman?

9 Katengtreman jeung kamakmuran urang Israél basa Sulaéman jadi raja téh kadangu ku Ratu ti Syéba. Sang Ratu ngahaja indit ka Yérusalém pikeun ngabuktikeun hal éta. (1 Rja. 10:1) Sanggeus ningali sorangan, manéhna ngomong kieu, ”Anu kadangu mah teu paro-parona acan. . . . Bagja rahayat sang Raja sarta bagja para palayanna anu terus nyarengan Raja, sabab maranéhna bisa ngadangu kabijaksanaan Raja!” (1 Rja. 10:6-8) Tapi, éta téh ngan saeutik gambaran tina naon anu bakal diwujudkeun ku Yéhuwa keur manusa waktu Isa Putra-Na jadi Raja.

10. Dina hal naon waé Isa téh leuwih hébat tibatan Sulaéman?

10 Dina sagala hal, Isa leuwih hébat tibatan Sulaéman. Sulaéman téh teu sampurna. Manéhna nyieun kasalahan-kasalahan nu sérius nu nyababkeun umat Allah sangsara. Sabalikna, Isa mah Pangawasa nu sampurna jeung euweuh cacadna. (Luk. 1:32; Ibr. 4:14, 15) Isa tetep satia ka Allah sanajan meunang cocoba nu beurat ti Sétan. Isa gé kabukti teu pernah ngalakukeun dosa jeung moal pernah nyilakakeun rahayatna. Urang pasti reueus pisan boga Raja nu siga Isa.

11. Saha anu bakal ngabantu Isa pikeun maréntah?

11 Isa bakal maréntah bareng jeung 144.000 pikeun ngurus umat manusa sarta ngalaksanakeun tujuan Yéhuwa pikeun bumi. (Why. 14:1-3) Ka-144.000 éta téh geus ngalaman loba cocoba salila hirup di bumi. Jadi, maranéhna pasti apal sakumaha susahna hirup di bumi. Naon waé anu bakal dilakukeun ku 144.000 nu bakal maréntah bareng jeung Isa?   

NAON WAÉ NU BAKAL DILAKUKEUN KU 144.000?

12. Yéhuwa bakal méré tugas naon ka 144.000?

12 Tugas Isa jeung nu maréntah bareng manéhna téh jauh leuwih beurat tibatan tugas Sulaéman. Waktu jadi raja Israél, Sulaéman kudu ngurus jutaan jalma di hiji nagri. Tapi, engké dina Pamaréntahan Allah, Isa jeung nu maréntah bareng manéhna kudu ngurus miliaran jalma di sakuliah dunya. Yéhuwa méré kahormatan nu luar biasa ka 144.000 éta!

13. Ka-144.000 boga tanggung jawab naon?

13 Siga Isa, ka-144.000 téh bakal jadi raja jeung imam. (Why. 5:10) Dina Torét, tanggung jawab utama para imam téh nyaéta ngajaga kaséhatan jasmani jeung rohani umat Allah. Torét téh ngan saukur ”kalangkang tina hal-hal alus nu bakal datang”. Ku kituna, urang bisa nyimpulkeun yén ka-144.000 gé bakal ngajaga kaséhatan jasmani jeung rohani ti umat Allah. (Ibr. 10:1) Mémang, urang teu apal kumaha cara maranéhna komunikasi jeung rahayatna nu aya di bumi. Tapi nu pasti mah, engké di Pirdaus, urang bakal terus narima bingbingan nu dibutuhkeun.​—Why. 21:3, 4

NAON NU KUDU DILAKUKEUN KU ”DOMBA-DOMBA LIAN” SUPAYA BISA HIRUP DI PIRDAUS?

14. Naon hubungan antara ”domba-domba lian” jeung ”kumpulan leutik”?

14 Kelompok anu bakal maréntah bareng jeung Isa téh disebut ”kumpulan leutik”. (Luk. 12:32) Tapi Isa gé nyebutkeun kelompok nu kadua, nyaéta ”domba-domba lian”. Dua kelompok ieu téh dihijikeun ku hiji pangangon. (Yah. 10:16) Ayeuna, dua kelompok ieu téh keur digawé bareng sarta bakal terus digawé bareng nepi ka bumi dirobah jadi Pirdaus. Terus, nu kaasup ”kumpulan leutik” bakal ka sorga. Ari nu kaasup ”domba-domba lian” bakal boga harepan pikeun hirup salilana di bumi. Tapi, aya sababaraha hal anu kudu dilakukeun ku ”domba-domba lian” supaya bisa hirup di bumi Pirdaus.

Ti ayeuna kénéh, urang bisa nyiapkeun diri pikeun hirup di Pirdaus (Tingali paragrap 15) b

15. (a) Kumaha ”domba-domba lian” digawé bareng jeung dulur-dulurna Isa? (b) Kumaha urang bisa nyonto sadérék nu keur di toko ieu? (Tingali gambar.)

15 Penjahat nu tobat tadi téa maot saacan manéhna boga kasempetan pikeun nunjukkeun rasa sukurna ka Isa. Béda jeung manéhna, urang sabagé ”domba-domba lian” mah boga kasempetan pikeun nunjukkeun rasa sukur urang ka Isa. Misalna, urang bisa nunjukkeun kanyaah ka dulur-dulurna Isa nu dilantik ku kawasa suci. Isa nyebutkeun, urang bakal diadilan dumasar sikep urang ka dulur-dulurna éta. (Mat. 25:31-40) Urang bisa ngadukung dulur-dulurna Isa ku cara tetep sumanget ngawawar jeung ngajadikeun murid. (Mat. 28:18-20) Ku kituna, urang hayang terus ngamangpaatkeun alat bantu pikeun ngajarkeun Alkitab, misalna buku Hirup Bagja Salilana! Lamun Sadérék can mandu palajaran Alkitab, meureun Sadérék bisa netepkeun cita-cita pikeun mandu palajaran Alkitab ka saloba-lobana jalma.

16. Naon anu perlu dilakukeun supaya urang siap jadi rahayat tina Pamaréntahan Allah?

16 Urang teu kudu ngadagoan Pirdaus datang heula pikeun jadi jalma anu layak hirup di ditu. Ti ayeuna, urang bisa diajar pikeun jujur dina sagala ucapan jeung tindakan sarta pikeun saimbang dina sagala hal. Terus, urang gé bisa satia ka Yéhuwa, ka batur hirup, jeung ka dulur-dulur saiman. Lamun urang geus biasa taat ka Yéhuwa di dunya nu jahat ieu, engké bakal leuwih gampang keur urang pikeun taat ka Anjeunna di Pirdaus. Urang gé bisa ngalatih kasanggupan jeung bakat supaya urang siap hirup di ditu. Tingali artikel ”Sadérék Siap pikeun ’Ngawaris Bumi’?” dina édisi ieu.

17. Naha urang kudu leutik haté lantaran dosa-dosa nu dilakukeun baheula? Jelaskeun.

17 Urang ulah teterusan rumasa salah lantaran dosa nu dilakukeun ku urang baheula. Tapi urang gé teu meunang mikir, lantaran aya korban tebusan, urang jadi bisa ”ngahaja terus nyieun dosa”. (Ibr. 10:26-31) Sanajan kitu, urang bisa yakin yén Yéhuwa bakal ngahampura lamun urang tobat tina dosa-dosa urang, ménta bantuan ka Anjeunna sarta ka para kokolot, jeung ngarobah tindakan urang. (Yes. 55:7; Kis. 3:19) Sing inget, Isa pernah ngomong kieu ka urang Parisi, ”Urang datang téh lain rék néangan jalma bener, tapi jalma nu ngalampahkeun dosa.” (Mat. 9:13) Korban tebusan bisa nebus kabéh dosa urang.

SADÉRÉK BISA HIRUP SALILANA DI PIRDAUS

18. Mun engké Sadérék panggih jeung penjahat nu aya di gigireun Isa téa, naon nu bakal diobrolkeun ku Sadérék?

18 Bayangkeun Sadérék aya di Pirdaus. Sadérék keur ngobrol jeung penjahat nu aya di gigireun Isa tadi. Pasti Sadérék jeung manéhna ngahargaan pisan pangorbanan Isa. Sadérék bisa nanyakeun ka manéhna naon nu kajadian sababaraha jam saacan Isa maot jeung kumaha parasaanana basa Isa ngajawab paméntana. Manéhna gé bisa waé nanya ka Sadérék kumaha rasana hirup dina ahir jaman. Diajar Firman Allah bareng jeung jalma jiga kitu téh mangrupa kahormatan!—Éf. 4:22-24.

Dina Pamaréntahan Sarébu Taun, saurang sadérék resep pisan bisa mekarkeun katarampilanana (Tingali paragrap 19)

19. Ku naon hirup di Pirdaus téh moal matak bosen? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

19 Hirup di Pirdaus téh moal matak bosen, sabab urang bakal panggih jeung loba jalma nu pangalamanana aralus, sarta urang bakal boga pagawéan nu nyugemakeun. Tapi nu panghadéna mah, unggal poé urang bakal beuki kenal ka Bapa nu di sorga sarta ngarasakeun nikmatna sagala hal hadé nu geus disadiakeun ku Anjeunna. Urang gé moal béak bahan pikeun diajar ngeunaan Anjeunna sarta ciptaana-Na. Beuki lila urang hirup, beuki jero kanyaah urang ka Allah. Urang pasti nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa sarta ka Isa lantaran geus méré jangji pikeun hirup salilana di Pirdaus!

KAWIH 22 Karajaan Allah, Sing Geura Datang!

a Alus mun Sadérék sering mikirkeun bakal kumaha kahirupan di Pirdaus engké. Beuki sering Sadérék mikirkeun naon anu geus disadiakeun ku Yéhuwa, Sadérék bakal beuki sumanget nyaritakeun ngeunaan dunya anyar ka batur. Artikel ieu bakal nguatkeun iman urang kana jangji Isa ngeunaan Pirdaus nu bakal datang.

b KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék ngawawar ka batur. Manéhna hayang ngajarkeun bebeneran ka jalma nu dihirupkeun deui engkéna.