Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 52

Mantuan Batur Tetep Tabah Waktu Keur Susah

Mantuan Batur Tetep Tabah Waktu Keur Susah

”Iraha bae ge kudu nulung ka nu butuh, sabisa-bisa.”​—SIL. 3:27, KITAB SUCI © LAI 1991.

KAWIH 103 Para Pangangon Kurnia ti Allah

NU DIBAHAS a

1. Naon cara nu sering digunakeun ku Yéhuwa pikeun ngajawab doa hamba-hamba-Na?

 SADÉRÉK téh bisa digunakeun ku Yéhuwa pikeun ngajawab doa batur. Sadérék bisa mantuan batur, teu sual Sadérék téh kokolot, palayan sidang, panaratas, atawa pawarta. Terus teu sual Sadérék geus kolot atawa ngora kénéh, pameget atawa istri, Sadérék bisa mantuan batur. Waktu saurang jalma sasambat ménta tulung ka Yéhuwa, Allah urang téh sering ngagunakeun kokolot jeung hamba-hamba-Na nu séjén pikeun nguatkeun éta jalma. (Kol. 4:11) Urang pasti bungah pisan bisa ngalayanan Yéhuwa jeung dulur-dulur saiman ku cara éta! Urang gé bisa mantuan jeung nguatkeun dulur-dulur saiman waktu aya wabah panyakit, musibat alam, atawa waktu aya panganiayaan.

MANTUAN BATUR WAKTU AYA WABAH PANYAKIT

2. Ku naon mantuan batur waktu aya wabah panyakit téh bisa waé hésé?

2 Lantaran aya wabah panyakit, bisa jadi hésé pikeun mantuan batur. Misalna, meureun urang hayang panggih jeung babaturan atawa hayang ngajamu nu keur kakurangan, tapi urang teu bisa, da kaayaanana can aman kénéh. Terus meureun urang gé hayang mantuan batur, tapi kulawarga urang kakurangan atawa anggota kulawarga urang aya nu keur gering. Nu pasti mah, urang hayang pisan mantuan dulur-dulur saiman. Yéhuwa resep lamun urang sabisa-bisa mantuan maranéhna. (Sil. 3:27; 19:17) Jadi, naon waé nu bisa dilakukeun ku urang?

3. Urang diajar naon tina tuladan kokolot di sidangna Desi? (Yermia 23:4)

3 Nu bisa dilakukeun ku para kokolot. Para kokolot téh perlu kenal ka domba-domba Allah. (Baca Yermia 23:4.) Desi, saurang sadérék istri nu dicaritakeun dina artikel saacanna, nyarita kieu, ”Ti baheula, para kokolot dina kelompok dines urang téh osok dines bareng jeung anggota kelompokna sarta osok ngumpul-ngumpul bareng.” b Jadi waktu aya pandémi COVID-19 jeung aya sababaraha anggota kulawargana Desi nu maot, para kokolot jadi leuwih gampang méré bantuan ka Desi.

4. Ku naon para kokolot bisa nguatkeun Desi, jeung naon palajaranana?

4 Desi nyarita, ”Lantaran abdi geus nyobat jeung para kokolot, abdi jadi leuwih laluasa ngabudalkeun eusi haté jeung nyaritakeun kahariwangan abdi.” Naon palajaranana keur para kokolot? Sadérék kudu jadi pangangon nu hadé sarta nyobat jeung para pawarta saacan aya cocoba. Lamun aya wabah panyakit nu nyababkeun Sadérék teu bisa datang ka imah para pawarta, pék cobaan cara séjénna pikeun nguatkeun dulur saiman. Desi nyarita kieu, ”Dina sapoé, kadang aya sababaraha kokolot nu ngirim pesen atawa nelepon abdi. Maranéhna sok ngabagikeun ayat-ayat. Sabenerna, abdi geus apal kana ayat-ayat éta, tapi angger wéh éta nguatkeun abdi.”

5. Kumaha para kokolot bisa nyaho naon nu dibutuhkeun ku dulur-dulur saiman jeung bisa méré bantuan?

5 Salah sahiji cara pikeun nyaho naon nu dibutuhkeun ku dulur-dulur saiman téh nyaéta nanya ka maranéhna tapi ulah nepi ka nyieun maranéhna éra. (Sil. 20:5) Naha maranéhna boga cukup dahareun, obat-obatan, atawa hal-hal séjénna? Naha maranéhna bisa waé di-PHK atawa teu bisa mayar kontrakan? Naha urang bisa mantuan maranéhna meunangkeun bantuan ti pamaréntah? Desi narima bantuan ti dulur-dulur saimanna. Tapi nu paling ngabantu manéhna tabah nyaéta waktu para kokolot nunjukkeun kanyaah jeung nguatkeun manéhna. Ceuk Desi, ”Para kokolot ngadoa bareng jeung abdi. Mémang abdi teu pati inget naon nu diobrolkeun harita, tapi abdi inget naon nu dirasakeun ku abdi. Saolah-olah Yéhuwa téh ngomong, ’Manéh teu sorangan.’”​—Yes. 41:10, 13.

Sadérék nu meunang bagian dina pasamoan resep bisa ngadéngé koméntar ti dulur-dulur saiman nu datang ka pasamoan jeung ti sadérék nu milu masamoan maké konperénsi vidéo ku lantaran gering (Tingali paragrap 6)

6. Naon waé nu bisa dilakukeun ku anggota sidang pikeun nguatkeun batur? (Tingali gambar.)

6 Nu bisa dilakukeun ku urang. Mémang, tugas pikeun nguatkeun dulur-dulur saiman téh utamana mah tugas para kokolot. Tapi, Yéhuwa hayang urang ngalakukeunana ogé. (Gal. 6:10) Misalna mun aya dulur saiman nu keur gering, urang bisa méré bantuan. Meureun keur urang mah éta téh teu sapira, tapi keur manéhna bisa jadi nguatkeun pisan. Barudak leutik gé bisa nyieun kartu atawa ngagambar pikeun nguatkeun batur. Barudak ngora bisa mantuan balanja atawa ngalakukeun hal-hal séjénna keur dulur saiman nu gering. Meureun Sadérék bisa masak jeung ngirimkeunana ka dulur-dulur saiman nu keur gering. Lantaran aya wabah panyakit, kabéh anggota sidang téh perlu dikuatkeun. Jadi sanggeus pasamoan, urang bisa ngobrol jeung maranéhna sacara langsung atawa dina konperénsi vidéo. Tong poho, para kokolot gé perlu dikuatkeun. Meureun lantaran aya wabah panyakit, tugas maranéhna téh jadi leuwih loba. Aya sababaraha dulur saiman nu ngirimkeun kartu ucapan pikeun ngahargaan pagawéan para kokolot. Lamun urang ”silih tegerkeun jeung silih kuatkeun”, urang téh geus ngalakukeun bagian urang!​—1 Tés. 5:11.

MANTUAN BATUR WAKTU AYA MUSIBAT ALAM

7. Naon nu bisa waé kaalaman ku jalma-jalma nu keuna musibat alam?

7 Musibat alam bisa ngarobah kahirupan jalma-jalma dina sakiceup mata. Korban musibat alam bisa kaleungitan harta banda atawa imahna. Malah, bisa waé aya kulawargana nu maot. Dulur-dulur saiman urang gé bisa ngalaman hal sarupa kitu. Jadi, naon nu bisa dilakukeun ku urang pikeun ngabantu maranéhna?

8. Naon nu bisa dilakukeun ku para kokolot jeung kapala kulawarga saacan aya musibat alam?

8 Nu bisa dilakukeun ku para kokolot. Para kokolot, pék bantu dulur-dulur saiman pikeun nyiapkeun diri saacan musibat alam datang. Pastikeun kabéh anggota sidang nyaho carana nyalametkeun diri jeung carana ngontak para kokolot. Margaret anu dicaritakeun dina artikel saacanna ngomong kieu, ”Pas masamoan, dina pangabutuh sidang téh para kokolot geus ngingetan yén di daérah urang bisa waé masih aya kebakaran hutan. Ceuk para kokolot, lamun pamaréntah nitah urang ninggalkeun imah atawa lamun kaayaanana katingali bahaya, urang kudu geura ninggalkeun imah.” Panginget éta téh mani pas dina waktuna, sabab lima minggu sanggeusna aya kebakaran hutan nu gedé pisan. Terus, dina ibadah kulawarga, para kapala kulawarga gé bisa ngabahas naon anu kudu dilakukeun ku kabéh anggota kulawarga. Lamun Sadérék jeung kulawarga geus nyiapkeun diri, engké Sadérék bisa leuwih tenang waktu aya musibat alam.

9. Naon nu kudu dilakukeun ku para kokolot saacan jeung sanggeus musibat alam?

9 Lamun Sadérék saurang pangawas kelompok dines lapangan, Sadérék kudu boga nomor telepon jeung alamat nu panganyarna ti dulur-dulur saiman di kelompok Sadérék. Jadi engké saupama aya musibat alam, Sadérék bisa langsung ngontak maranéhna jeung méré bantuan nu dibutuhkeun. Terus lamun aya informasi nu panganyarna, geura béré nyaho koordinator badan kokolot. Engké manéhna bakal ngontak pangawas wilayah. Ku kituna, maranéhna bisa méré bantuan nu cocog. Sanggeus aya kebakaran hutan, pangawas wilayah di daérahna Margaret téh teu saré nepi ka 36 jam. Manéhna digawé bareng jeung para kokolot pikeun ngurus 450 dulur saiman nu teu boga tempat panyicingan. (2 Kor. 11:27) Ku kituna, sadérék-sadérék di ditu bisa kaurus.

10. Ku naon para kokolot kudu nguatkeun dulur-dulur saiman nu keuna musibat alam? (Yahya 21:15)

10 Para kokolot boga tanggung jawab pikeun nguatkeun dulur-dulur saiman sacara rohani jeung ngabantu maranéhna supaya teu hariwang teuing. (1 Pét. 5:2) Pas aya musibat alam, para kokolot kudu mastikeun yén dulur-dulur saiman téh salamet sarta boga dahareun nu cukup, boga pakéan, jeung tempat panyicingan nu aman. Tapi sababaraha bulan sanggeusna, maranéhna gé butuh dibantu sacara rohani jeung émosi. (Baca Yahya 21:15.) Harold, salah saurang anggota Panitia Cabang nu sering panggih jeung dulur-dulur saiman nu keuna musibat alam, ngomong kieu, ”Butuh waktu supaya maranéhna bisa hirup normal deui. Meureun maranéhna geus bisa ngajalankeun kahirupan sapopoé, tapi sakapeung maranéhna bisa jadi sedih lantaran inget deui ka kulawargana nu geus maot atawa harta bandana nu geus leungit. Aya ogé nu jadi trauma. Ieu kabéh téh wajar jeung lain hartina maranéhna kurang iman.”

11. Para kokolot bisa méré bantuan naon ka kulawarga-kulawarga?

11 Para kokolot téh ”milu ceurik ka nu ceurik”. (Rm. 12:15) Sadérék-sadérék nu jadi korban musibat alam meureun perlu diyakinkeun yén maranéhna téh tetep dipikanyaah ku Yéhuwa jeung ku dulur-dulur saiman. Para kokolot pasti hayang ngabantu kulawarga-kulawarga pikeun rutin ngajalankeun kagiatan rohani saperti ngadoa, maca Alkitab, masamoan, jeung dines. Para kokolot gé bisa ngajurung indung bapa pikeun mantuan barudakna leuwih mikirkeun hal-hal nu teu bisa dirampas ku musibat alam. Indung Bapa, pék ingetan barudak yén Yéhuwa téh bakal terus mantuan jeung jadi Sobat maranéhna. Yakinkeun ogé yén maranéhna téh boga kulawarga rohani di sakuliah dunya anu siap mantuan.​—1 Pét. 2:17.

Bisa teu Sadérék ngarélakeun diri pikeun mantuan korban musibat alam di daérah Sadérék? (Tingali paragrap 12) e

12. Naon nu bisa dilakukeun ku urang pikeun mantuan nu keuna musibat alam? (Tingali gambar.)

12 Nu bisa dilakukeun ku urang. Lamun di daérah Sadérék aya musibat alam, Sadérék bisa nanya heula ka para kokolot kumaha carana méré bantuan. Meureun Sadérék bisa nyadiakeun tempat panyicingan sementara keur para korbanna atawa rélawan nu mantuan. Sadérék gé bisa ngirim dahareun atawa hal-hal séjénna nu dibutuhkeun ku maranéhna. Terus lamun aya musibat alam di daérah nu jauh, Sadérék gé masih bisa mantuan. Kumaha carana? Sadérék bisa ngadoakeun dulur-dulur saiman nu jadi korban. (2 Kor. 1:8-11) Sadérék gé bisa ngabantu ku cara méré sumbangan keur pagawéan sakuliah dunya. (2 Kor. 8:2-5) Tapi, lamun Sadérék sanggup pikeun indit jeung mantuan di tempat nu jauh, Sadérék bisa nanya heula ka kokolot kumaha cara ngadaptarna. Engké lamun geus diondang, Sadérék bakal narima palatihan pikeun mantuan di tempat nu cocog.

MANTUAN BATUR WAKTU AYA PANGANIAYAAN

13. Masalah naon waé nu disanghareupan ku dulur saiman nu cicing di nagri nu ngalarang kagiatan pangwawaran?

13 Aya sababaraha nagri anu ngalarang kagiatan pangwawaran urang. Dulur-dulur di ditu téh osok dikaniaya. Kahirupan maranéhna jadi beuki hésé, padahal maranéhna gé boga masalah ékonomi, gering, sarta ditinggal maot ku kulawarga. Lantaran kagiatan urang dilarang, para kokolot gé jadi teu bébas pikeun datang langsung jeung nguatkeun dulur-dulur saiman. Ieu nu kaalaman ku Andrei, saurang sadérék nu dicaritakeun dina artikel saacanna. Aya sadérék istri dina kelompok dinesna nu boga masalah ékonomi. Manéhna gé ngalaman kacilakaan, jadi kudu sababaraha kali dioperasi. Balukarna, sadérék istri ieu jadi teu bisa digawé. Tapi sanajan kagiatan urang dilarang jeung aya pandémi, dulur-dulur di ditu ngalakukeun nu panghadéna pikeun ngabantu sadérék istri ieu. Yéhuwa pasti ningali upaya maranéhna.

14. Kumaha para kokolot bisa méré tuladan ku cara ngandelkeun Yéhuwa?

14 Nu bisa dilakukeun ku para kokolot. Andrei ngadoa sarta ngalakukeun sabisa-bisa pikeun mantuan sadérék istri tadi. Kumaha Yéhuwa ngajawab doana? Anjeunna ngagerakkeun dulur-dulur saiman di sidangna nu bisa méré leuwih loba bantuan. Sababaraha dulur saiman nganteurkeun sadérék istri éta ka dokter. Aya ogé nu méré duit ka manéhna. Yéhuwa ngagerakkeun maranéhna pikeun ngalakukeun nu bisa dilakukeun ku maranéhna jeung ngaberkahan upaya maranéhna. (Ibr. 13:16) Jadi para kokolot, lamun kagiatan urang dilarang, pék babagi tugas ka nu séjén. (Yer. 36:5, 6) Tapi pangpangna, andelkeun Yéhuwa. Anjeunna bisa mantuan Sadérék pikeun ngurus dulur-dulur saiman.

15. Kumaha urang bisa tetep ngahiji jeung dulur-dulur saiman waktu aya panganiayaan?

15 Nu bisa dilakukeun ku urang. Waktu kagiatan urang dilarang, meureun urang ngan bisa panggih jeung dulur-dulur saiman dina kelompok nu leuwih leutik. Jadi, penting pisan pikeun ngajaga karukunan jeung dulur saiman. Musuh urang téh si Iblis, lainna dulur-dulur saiman. Jadi, ulah ningali teuing kasalahan dulur-dulur saiman. Terus mun aya masalah, geura dibéréskeun. (Sil. 19:11; Éf. 4:26) Sing réla nulungan dulur-dulur saiman. (Tit. 3:14) Bantuan ti dulur-dulur saiman keur sadérék istri tadi téh bener-bener mangpaat keur kelompok dinesna. Ayeuna, maranéhna jadi leuwih raket siga kulawarga.​—Jab. 133:1.

16. Numutkeun Kolose 4:3, 18, ku cara naon urang bisa ngabantu dulur-dulur urang anu dikaniaya?

16 Aya puluhan rébu dulur saiman anu terus ngawula Yéhuwa sanajan kagiatan maranéhna dilarang ku pamaréntah. Sababaraha di antara maranéhna gé aya anu dipanjarakeun ku lantaran imanna. Urang bisa ngadoakeun maranéhna sarta kulawarga maranéhna. Urang gé bisa ngadoakeun sadérék-sadérék nu wani ngadukung dulur-dulur saiman nu dipanjara. Maranéhna téh réla ngadukung dulur-dulur urang, sanajan bisa waé maranéhna gé ditéwak. c (Baca Kolose 4:3, 18.) Sing inget, doa Sadérék téh bisa ngabantu dulur-dulur saiman.​—2 Tés. 3:1, 2; 1 Tim. 2:1, 2.

Naon nu bisa dilakukeun ku Sadérék jeung kulawarga supaya siap mun aya panganiayaan? (Tingali paragrap 17)

17. Kumaha Sadérék bisa nyiapkeun diri ti ayeuna pikeun nyanghareupan panganiayaan?

17 Ti ayeuna, Sadérék jeung kulawarga bisa nyiapkeun diri pikeun nyanghareupan panganiayaan. (Kis. 14:22) Ulah ngabayangkeun kabéh hal goréng nu bakal kajadian. Sadérék sarta barudak perlu nguatkeun sosobatan jeung Yéhuwa. Lamun Sadérék ngarasa hariwang, pék budalkeun eusi haté ka Allah. (Jab. 62:8, 9) Sadérék jeung kulawarga gé bisa ngabahas ku naon Yéhuwa bisa dipercaya. d Sarua siga nyiapkeun barudak pikeun nyanghareupan musibat alam, Sadérék gé bisa nyiapkeun barudak pikeun nyanghareupan panganiayaan. Lamun barudak percaya ka Yéhuwa, maranéhna bakal wani jeung tenang waktu aya panganiayaan.

18. Bakal siga kumaha kahirupan urang dina mangsa ka hareup?

18 Katengtreman ti Allah téh bisa ngalindungan urang. (Flp. 4:6, 7) Yéhuwa bakal nengtremkeun urang waktu aya wabah panyakit, musibat alam, jeung panganiayaan. Anjeunna ngagunakeun para kokolot pikeun nguatkeun urang. Anjeunna gé méré kasempetan ka urang pikeun silih bantu jeung dulur-dulur saiman. Katengtreman nu dirasakeun ku urang ayeuna bisa nyiapkeun urang pikeun nyanghareupan tangtangan nu leuwih beurat dina mangsa ka hareup jeung ”kasangsaraan nu kacida hébatna”. (Mat. 24:21) Dina mangsa éta, urang kudu tetep tenang jeung ngabantu batur pikeun tetep tenang ogé. Sanggeus ”kasangsaraan nu kacida hébatna” liwat, urang moal nyanghareupan masalah-masalah nu nyieun urang waswas deui. Urang bakal ngarasakeun katengtreman anu langgeng jeung sampurna, siga nu dipiharep ku Yéhuwa.​—Yes. 26:3, 4.

KAWIH 109 Sing Enya-Enya Mikanyaah

a Yéhuwa sering ngagunakeun umat-Na nu satia pikeun mantuan jalma-jalma nu keur susah. Sadérék gé bisa digunakeun ku Anjeunna pikeun nguatkeun dulur-dulur saiman. Urang bakal ngabahas naon waé nu bisa dilakukeun ku urang pikeun mantuan batur nu butuh bantuan.

b Sababaraha ngaran geus diganti.

c Kantor cabang atawa dulur-dulur saiman di kantor pusat teu bisa ngabantu neruskeun surat Sadérék ka dulur-dulur saiman anu keur dipanjara.

d Tingali artikel ”Siapkeun Diri ti Ayeuna pikeun Nyanghareupan Panganiayaan” dina majalah Warta Hadé bulan Juli 2019.

e KATERANGAN GAMBAR: Sapasang salaki pamajikan mawakeun dahareun keur hiji kulawarga nu ngungsi pikeun sababaraha waktu lantaran aya musibat alam.