Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Inget?

Naha Sadérék Inget?

Naha Sadérék bisa ngajawab pananya-pananya ieu nu dumasar kana Warta Hadé 2022?

Naon mangpaatna lamun urang nyadiakeun waktu keur nyarita ka Yéhuwa, ngadéngékeun, jeung mikirkeun Anjeunna?

Urang bisa nyieun putusan nu leuwih hadé, jadi guru Alkitab nu leuwih tarampil, boga iman nu leuwih kuat, jeung beuki nyaah ka Yéhuwa.​—w22.01, kaca 30-31.

Naon mangpaatna lamun urang percaya ka Yéhuwa jeung wakil-wakil-Na di bumi?

Ti ayeuna, urang kudu percaya kana cara Yéhuwa ngurus sagala hal, ulah cangcaya kana pituduh atawa putusan ti para kokolot. Waktu kasangsaraan nu kacida hébatna datang, urang bakal siap pikeun nuturkeun pituduh naon waé sanajan katingalina anéh atawa teu asup akal.​—w22.02, kaca 4-6.

Naon maksudna waktu malaikat ngomong ka Jakaria yén ”[Gupernur] Zérubabél nyekel lot”? (Jak. 4:8-10)

Titingalian ieu ngayakinkeun umat Allah yén sanajan teu megah, bait nu harita keur dibangun téh geus cukup keur Allah sarta cocog jeung standar-Na.​—w22.03, kaca 16-17.

Kumaha urang bisa méré ”tuladan . . . dina hal ucapan”? (1 Tim. 4:12)

Urang kudu soméah jeung sopan waktu dines, ngawih sapinuh haté dina pasamoan, sarta getol méré koméntar. Omongan urang gé kudu jujur sarta nguatkeun, lainna ngahina batur.​—w22.04, kaca 6-9.

Ku naon sato galak nu disebutkeun dina buku Wahyu 13:1, 2 boga kabéh ciri-ciri ti opat sato galak (opat pamaréntahan) nu disebutkeun dina buku Daniel pasal 7?

Sato galak nu disebutkeun dina Wahyu 13 teu ngan ngagambarkeun hiji kawasa dunya hungkul, saperti Roma. Tapi, éta ngagambarkeun kabéh kawasa pulitik nu ngawasaan umat manusa.​—w22.05, kaca 9.

Naon koncina supaya urang bisa percaya kana sipat adil Allah?

Lamun aya nu ngahina, nyinggung, atawa ngomong kasar ka urang, pék piceun amarah jeung kakeuheul, pasrahkeun kabéh masalahna ka Yéhuwa. Anjeunna nu bakal ngalilipur urang.​—w22.06, kaca 10-11.

Naon nu kudu diinget ku sadérék nu ngadoa dina pasamoan?

Doa sakuduna henteu dijadikeun kasempetan pikeun méré naséhat atawa pangumuman ka sidang. Nu ngadoa gé teu perlu nepikeun ”doa nu panjang”, komo deui dina doa bubuka. (Mat. 6:7)—w22.07, kaca 24-25.

Naon maksudna ”nu ngalampahkeun hal-hal jahat” bakal ”dihirupkeun pikeun dihakiman”? (Yah. 5:29)

Dihakiman di dieu téh lain maksudna dihukum dumasar kana laku lampah maranéhna saacan maot. Tapi, maranéhna bakal dipariksa dumasar kana kalakuan maranéhna sanggeus dihirupkeun deui.​—w22.09, kaca 18.

Dina kongrés Séptémber 1922, J.F. Rutherford méré panginget penting naon?

Dina kongrés nu diayakeun di Cedar Point, Ohio, AS, manéhna ngomong ku sora nu tarik, ”Raja geus maréntah! Sadérék-sadérék kudu méré nyaho kabéh jalma ngeunaan hal ieu. Jadi, uarkeun, uarkeun, uarkeun Raja jeung Pamaréntahana-Na!”​—w22.10, kaca 3-5.

Dina Yesaya pasal 30, tilu cara naon nu digunakeun ku Yéhuwa pikeun mantuan urang tabah?

Pasal ieu nunjukkeun yén Anjeunna (1) ngadangukeun jeung ngajawab doa urang, (2) ngabingbing urang, jeung (3) ngaberkahan urang ayeuna jeung ka hareupna.​—w22.11, kaca 9.

Ku naon urang bisa nyimpulkeun yén Jabur 37:10, 11, 29 téh geus jadi kanyataan dina jaman baheula jeung bakal jadi kanyataan ogé dina mangsa ka hareup?

Kekecapan Daud ngagambarkeun kaayaan ayem tengtrem nu dirasakeun ku urang Israél basa Sulaéman jadi raja. Isa ngutip ayat 11 jeung nyebutkeun yén kaayaan éta bakal ngawujud di Pirdaus dina mangsa ka hareup. (Mat. 5:5; Luk. 23:43)—w22.12, kaca 8-10, 14.