ARTIKEL PALAJARAN 51
Tetep Tengtrem Waktu Aya Cocoba
”Maranéh ulah nepi ka susah haté atawa kaéléhkeun ku kasieun.”—YAH. 14:27.
KAWIH 112 Yéhuwa Sumber Katengtreman
NU DIBAHAS a
1. Naon ”katengtreman ti Allah” téh, jeung naon mangpaatna keur urang? (Filipi 4:6, 7)
AYA HIJI katengtreman nu teu dipikanyaho ku jalma-jalma di dunya ieu, nyaéta ”katengtreman ti Allah”. Éta téh katengtreman nu dirasakeun lamun urang boga hubungan nu raket jeung Bapa di sorga. Lamun urang boga katengtreman ti Allah, urang bakal ngarasa aman. (Baca Filipi 4:6, 7.) Urang bisa nyobat jeung jalma-jalma nu nyaah ogé ka Anjeunna. Terus, urang gé bisa nyobat sareng ”Allah katengtreman”. (1 Tés. 5:23) Jadi lamun urang kenal, percaya, jeung taat ka Bapa urang, katengtreman ti Allah bisa ngabantu urang tetep tenang waktu aya cocoba.
2. Ku naon urang bisa yakin yén urang bisa meunangkeun katengtreman ti Allah?
2 Urang bisa ngarasakeun katengtreman ti Allah najan nyanghareupan cocoba, saperti wabah panyakit, musibat alam, waktu aya huru-hara, atawa waktu aya panganiayaan. Cocoba-cocoba éta téh bisa nyieun urang sieun. Tapi Isa méré naséhat kieu ka murid-muridna, ”Maranéh ulah nepi ka susah haté atawa kaéléhkeun ku kasieun.” (Yah. 14:27) Loba dulur saiman anu geus nuturkeun naséhat Isa éta. Ku bantuan Yéhuwa, maranéhna bisa tetep tengtrem sanajan nyanghareupan cocoba nu beurat.
TETEP TENGTREM WAKTU AYA WABAH PANYAKIT
3. Kumaha épidémi atawa pandémi ngarampas katengtreman urang?
3 Épidémi jeung pandémi téh bisa bener-bener ngarobah kahirupan urang, misalna COVID-19. Dina hiji panalitian ngeunaan pangaruh COVID-19 keur jalma-jalma, leuwih ti satengahna téh jadi leuwih waswas, déprési, kacanduan alkohol jeung narkoba, sarta hayang bunuh diri. Panalitian éta gé nyebutkeun, kasus KDRT jadi beuki loba. Lamun di daérah Sadérék aya wabah panyakit, kumaha ngarah Sadérék teu waswas teuing jeung bisa ngarasakeun katengtreman ti Allah?
4. Lamun nyaho nubuat Isa ngeunaan ahir jaman, ku naon urang bisa tengtrem?
4 Isa geus nganubuatkeun yén dina ahir jaman téh bakal aya wabah panyakit ”di mana-mana”. (Luk. 21:11) Lamun nyaho kana hal ieu, urang bisa ngarasa tengtrem. Ku naon? Sabab urang moal reuwas mun aya wabah panyakit. Urang nyaho éta téh bakal kajadian sakumaha anu geus disebutkeun ku Isa. Jadi, urang kudu nuturkeun naséhat Isa keur jalma-jalma nu hirup dina ahir jaman, ”Maranéh teu kudu sieun.”—Mat. 24:6.
5. (a) Sajalan jeung Filipi 4:8, 9, naon waé nu sakuduna didoakeun ku urang waktu aya wabah panyakit? (b) Naon mangpaatna ngadéngékeun rekaman audio Alkitab?
5 Wabah panyakit bisa nyababkeun urang ngarasa hariwang jeung sieun. Éta nu kaalaman ku saurang sadérék istri nu ngaranna Desi. b Sanggeus emangna, kapilanceukna, jeung para dokter maot lantaran COVID-19, manéhna sieun katépaan atawa népakeunana ka indungna nu geus sepuh. Terus lantaran pandémi, manéhna sieun kaleungitan pagawéan, engké jadi teu bisa meuli dahareun atawa mayar kontrakan. Manéhna nepi ka teu bisa saré mikiranana. Tapi parasaan Desi bisa tengtrem deui. Ku naon? Manéhna ngadoa enya-enya ka Yéhuwa supaya tetep tenang jeung boga cara pikir nu bener. (Baca Filipi 4:8, 9.) Manéhna gé ngadéngékeun ”omongan” Yéhuwa tina rekaman audio Alkitab. Ceuk manéhna, ”Haté téh meni asa tenang ngadéngékeun nu maca Alkitab. Abdi jadi ngarasa dipikanyaah ku Yéhuwa.”—Jab. 94:19.
6. Kumaha palajaran pribadi jeung masamoan nguatkeun Sadérék?
6 Waktu aya wabah panyakit, bisa jadi urang henteu laluasa ngagawékeun hal-hal nu baheulana digawékeun ku urang. Tapi sanajan aya wabah panyakit, urang kudu tetep boga jadwal palajaran pribadi jeung rutin masamoan. Dina publikasi jeung vidéo urang, loba pangalaman dulur saiman anu nunjukkeun yén maranéhna téh tetep satia ngawula Yéhuwa, sanajan nyanghareupan cocoba sarupa kitu. (1 Pét. 5:9) Pasamoan téh bisa ngabantu urang mikirkeun hal-hal nu positif tina Alkitab. Dina pasamoan, urang gé bisa silih kuatkeun jeung dulur-dulur saiman. (Rm. 1:11, 12) Lamun Sadérék mikirkeun kumaha Yéhuwa nyarengan hamba-hamba-Na nu keur gering, kasieunan, atawa ngarasa teu boga sasaha, iman Sadérék bakal dikuatkeun. Sadérék gé bisa yakin Yéhuwa bakal nyarengan Sadérék.
7. Urang bisa diajar naon ti Rasul Yahya?
7 Pék ngaraket ka dulur-dulur saiman. Waktu aya wabah panyakit, meureun urang kudu ngajaga jarak jeung dulur-dulur saiman. Dina kaayaan siga kitu, urang bisa waé ngarasa siga Rasul Yahya. Manéhna hayang pisan panggih langsung jeung babaturanana, Gayus. (3 Yah. 13, 14) Tapi Yahya apal, basa éta mah manéhna teu bisa panggih jeung Gayus. Jadi, Yahya nulis surat ka Gayus. Lamun Sadérék teu bisa panggih langsung jeung dulur-dulur saiman, pék telepon, video call, atawa chat ka maranéhna. Lamun Sadérék tetep raket jeung dulur-dulur saiman, Sadérék bakal ngarasa tengtrem jeung moal ngarasa sorangan teuing. Terus mun Sadérék ngarasa guligah, pék carita ka para kokolot. Maranéhna bisa nguatkeun Sadérék.—Yes. 32:1, 2.
TETEP TENGTREM WAKTU AYA MUSIBAT ALAM
8. Kumaha musibat alam bisa ngarampas katengtreman Sadérék?
8 Lamun Sadérék pernah jadi korban musibat alam saperti banjir, lini, atawa kahuruan, bisa jadi Sadérék teterusan ngarasa waswas. Komo deui lamun Sadérék ditinggal maot ku kulawarga atawa babaturan, atawa lamun Sadérék kaleungitan harta banda. Sadérék bisa ngarasa sedih, teu boga harepan, atawa malah ambek. Éta lain hartina Sadérék téh mata duitan atawa teu boga iman. Parasaan jiga kitu téh wajar, sabab Sadérék geus ngalaman cocoba nu beurat. Batur gé bakal ngarti lamun pikiran jeung sikep Sadérék négatif. (Ayub 1:11) Tapi sanajan kitu, Sadérék bisa tetep ngarasa tengtrem. Kumaha carana?
9. Kumaha Isa ngabantu urang supaya urang siap mun aya musibat?
9 Sing inget kana nubuatna Isa. Loba jalma di dunya ieu mikir, maranéhna moal pernah ngalaman musibat alam. Tapi urang geus apal, ka hareupna bakal beuki loba musibat alam jeung bisa waé urang jadi korbanna. Isa méré nyaho murid-muridna ”bakal aya lini gedé” jeung musibat-musibat séjénna saacan ahir éta datang. (Luk. 21:11) Manéhna gé nganubuatkeun yén ”kajahatan [bakal] beuki loba”. Misalna, urang ningali beuki loba katelengesan, kakerasan, jeung serangan téroris. (Mat. 24:12) Isa teu nyebutkeun éta kabéh bakal kaalaman ku jalma-jalma nu ditolak ku Yéhuwa hungkul. Kanyataanana, loba ogé umat Yéhuwa nu satia nu jadi korban. (Yes. 57:1; 2 Kor. 11:25) Meureun Yéhuwa moal nyieun mujijat pikeun nyalametkeun urang. Tapi, Anjeunna bakal méré naon waé nu dibutuhkeun supaya urang tetep tenang jeung tengtrem.
10. Lamun urang nyiapkeun diri saacan musibat datang, ku naon éta nunjukkeun yén urang téh boga iman? (Siloka 22:3)
10 Urang bakal leuwih tenang waktu aya musibat lamun urang geus nyiapkeun diri saacanna. Tapi, naha éta hartina urang teu boga iman ka Yéhuwa? Lain kitu. Justru lamun urang nyiapkeun diri saacan musibat datang, éta hartina urang boga iman yén Anjeunna bakal ngurus urang. Kumaha bisa? Firman Allah ngajurung urang pikeun nyiapkeun diri saacan bahaya datang. (Baca Siloka 22:3.) Organisasi Allah téh geus sering ngingetan urang pikeun nyiapkeun diri waktu aya kaayaan darurat. Misalna, aya panginget dina publikasi, pasamoan, jeung pangumuman nu pas dina waktuna. c Urang percaya teu ka Yéhuwa? Lamun percaya, urang bakal nuturkeun pituduh-pituduh éta ayeuna, saacan musibat datang.
11. Urang diajar naon tina pangalaman Margaret?
11 Perhatikeun pangalaman sadérék istri nu ngaranna Margaret. Pamaréntah di ditu nitah manéhna kaluar ti imahna lantaran aya kebakaran hutan. Bakating ku sieun, burudul jalma-jalma kalaluar ti imah nepi ka nutupan jalan. Gumpelan-gumpelan haseup mumbul ka langit nepi ka Margaret teu bisa kaluar ti mobilna. Tapi manéhna bisa salamet lantaran geus nyiapkeun diri saacanna. Dina kantongna geus aya péta, jadi manéhna apal jalan mana waé nu kudu ditempuh. Malahan, saacanna gé Margaret geus nyobaan mapay jalan éta. Lantaran geus nyiapkeun diri, Margaret bisa salamet tina kaayaan darurat.
12. Ku naon urang kudu nuturkeun pituduh-pituduh nu aya waktu kaayaan darurat?
12 Ngarah masarakat salamet, pamaréntah bisa waé ménta urang pikeun ngungsi, nuturkeun aturan jam peuting, atawa hal-hal séjénna. Tapi, sababaraha jalma embung nuturkeun hal-hal éta sabab embung kaleungitan harta bandana. Kumaha sakuduna sikep urang Kristen? Ceuk Alkitab, ”Demi Juragan urang, aranjeun kudu tunduk ka sakabéh pamaréntahan manusa, boh ka raja nu leuwih luhur ti aranjeun boh ka gubernur nu dilantik ku raja.” (1 Pét. 2:13, 14) Organisasi Allah gé méré pituduh ngarah urang salamet. Urang sering diingetan pikeun méré nomor telepon jeung alamat anu panganyarna ka para kokolot, ngarah maranéhna bisa ngontak urang waktu aya kaayaan darurat. Sadérék enggeus ngalakukeun éta? Urang gé bisa waé dibéré pituduh pikeun ngumpul di hiji tempat, pikeun ngungsi, pikeun meunangkeun dahareun, jeung pituduh ngeunaan kumaha sarta iraha urang bisa nulungan batur. Lamun urang henteu nuturkeun pituduh-pituduh éta, urang bisa ngabahayakeun nyawa sorangan jeung para kokolot. Maranéhna téh geus susah payah ngajaga urang. (Ibr. 13:17) Ceuk Margaret, ”Abdi yakin, abdi téh bisa salamet lantaran nuturkeun pituduh ti para kokolot jeung organisasi.”
13. Naon nu ngabantu loba urang Kristen tetep tengtrem jeung bagja?
13 Loba dulur saiman nu kudu ninggalkeun imahna lantaran jadi korban tina perang atawa huru-hara. Sanajan kitu, maranéhna geus bisa narimakeun kaayaanana sarta ngupayakeun sabisa-bisana pikeun terus aktif dina palayanan ka Yéhuwa. Siga urang Kristen dina abad kahiji anu malencar lantaran aya panganiayaan, maranéhna terus ”nguarkeun warta hadé ngeunaan firman Allah ka mana-mana”. (Kis. 8:4) Ku cara ngawawar, maranéhna leuwih ngutamakeun Pamaréntahan Allah tibatan kasusah maranéhna. Hasilna, maranéhna tetep tengtrem jeung bagja.
TETEP TENGTREM WAKTU DIKANIAYA
14. Ku naon panganiayaan bisa ngarampas katengtreman urang?
14 Panganiayaan téh bisa ngarampas katengtreman urang. Lamun urang bisa laluasa masamoan, ngawawar, jeung ngalakukeun kagiatan sapopoé bari henteu sieun ditéwak, urang bisa bagja. Tapi lamun urang teu bisa ngalakukeun hal-hal éta, urang bisa ngarasa hariwang jeung sieun ka nu bakal kajadian dina mangsa ka hareup. Parasaan jiga kitu téh wajar. Sanajan kitu, urang tetep kudu ati-ati. Isa geus méré nyaho yén panganiayaan téh bisa nyababkeun urang pegat iman. (Yah. 16:1, 2) Jadi, kumaha supaya urang bisa tetep tengtrem waktu dikaniaya?
15. Ku naon urang teu kudu sieun mun dikaniaya? (Yahya 15:20; 16:33)
15 Alkitab méré nyaho urang, ”Sabenerna saha waé nu hayang ngabdi ka Allah salaku murid Isa Al-Masih bakal dikaniaya ogé.” (2 Tim. 3:12) Saurang sadérék nu ngaranna Andrei teu nyangka kagiatan pangwawaran di nagrina téh dilarang. Ceuk manéhna, ”Pan di dieu téh loba Saksi Yéhuwa. Piraku rék ditéwakan hiji-hiji?” Pamikiran éta nyababkeun Andrei jadi hariwang. Ari dulur-dulur saimanna mah sadar, bisa waé maranéhna bakal ditéwak. Maranéhna gé teu pati hariwang, sabab masrahkeun masalahna ka Yéhuwa. Jadi, maranéhna teu pati hariwang siga Andrei. Jadi, Andrei ngarobah cara pikirna jeung masrahkeun kabéh masalahna ka Yéhuwa. Ahirna, Andrei bisa ngarasa tengtrem jeung tetep bagja sanajan aya loba masalah. Urang ogé kudu kitu. Isa nyebutkeun, ka hareupna urang bakal dikaniaya, tapi Isa gé ngayakinkeun urang yén urang bisa tetep satia.—Baca Yahya 15:20; 16:33.
16. Waktu aya panganiayaan, pituduh naon nu kudu dituturkeun ku urang?
16 Waktu kagiatan urang dilarang atawa diwatesan, bisa jadi urang narima pituduh-pituduh ti kantor cabang jeung para kokolot. Pituduh-pituduh ieu téh tujuanana pikeun ngalindungan urang, mastikeun urang tetep narima dahareun rohani, jeung ngabantu urang tetep ngawawar sabisa-bisa. Pék tuturkeun pituduh naon waé anu dibikeun, sanajan Sadérék meureun teu pati ngarti ku naon aya pituduh jiga kitu. (Yak. 3:17) Terus, ulah méré nyaho informasi ngeunaan dulur-dulur saiman atawa kagiatan sidang ka jalma-jalma nu teu boga hak pikeun nyaho.—Pan. 3:7.
17. Siga para rasul dina abad kahiji, urang boga tékad naon?
17 Salah sahiji alesanana Sétan nyerang umat Allah téh lantaran urang boga ”tugas pikeun méré kasaksian ngeunaan Isa”. (Why. 12:17) Ulah nepi ka Sadérék kaéléhkeun ku Sétan jeung dunyana nu jahat ieu. Lamun urang terus ngawawar jeung ngajar jalma-jalma sanajan aya tangtangan, urang bisa tetep tengtrem jeung bagja. Dina abad kahiji, pamaréntah Yahudi ngalarang para rasul ngawawar. Tapi maranéhna milih pikeun tetep taat ka Yéhuwa. Jadi maranéhna tetep ngawawar jeung ngarasa bagja. (Kis. 5:27-29, 41, 42) Ka hareupna, kagiatan urang bisa waé diwatesan. Jadi, urang kudu waspada waktu keur ngawawar. (Mat. 10:16) Tapi lamun urang ngalakukeun nu panghadéna, urang bakal tengtrem lantaran urang geus nyenangkeun Yéhuwa jeung ngabagikeun warta nu nyalametkeun kahirupan.
”ARANJEUN DISARENGAN KU ALLAH KATENGTREMAN”
18. Ti saha urang bisa meunangkeun katengtreman nu sajati?
18 Sing yakin, urang bisa tetep tengtrem sanajan nyanghareupan cocoba anu beurat. Urang kudu inget, nu dibutuhkeun ku urang téh katengtreman ti Allah. Ngan Yéhuwa anu bisa méré katengtreman éta. Jadi, urang kudu terus ngandelkeun Anjeunna waktu aya wabah panyakit, musibat alam, atawa waktu urang dikaniaya. Urang gé kudu tetep aya dina organisasi-Na. Pék bayangkeun kahirupan éndah nu aya di hareupeun panon. Sing inget, urang téh ”disarengan ku Allah katengtreman”. (Flp. 4:9) Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas naon nu bisa dilakukeun ku urang pikeun mantuan dulur saiman nu nyanghareupan cocoba ngarah maranéhna bisa ngarasakeun katengtreman ti Allah.
KAWIH 38 Mantenna Bakal Nguatkeun Anjeun
a Yéhuwa jangji bakal méré katengtreman ka jalma-jalma nu nyaah ka Anjeunna. Naon katengtreman ti Allah téh, jeung kumaha supaya urang bisa meunangkeun éta? Kumaha ”katengtreman ti Allah” bisa ngabantu urang tabah waktu aya wabah panyakit, musibat alam, atawa waktu urang dikaniaya? Hayu urang jawab dina artikel ieu.
b Sababaraha ngaran geus diganti.
c Tingali artikel ”Cara Agar Bisa Selamat Saat Terjadi Bencana” dina Sadarlah! No. 5 2017.