Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 49

Urang Bisa Hirup Salilana

Urang Bisa Hirup Salilana

”Kurnia Allah mah hirup langgeng.”​—RM. 6:23.

KAWIH 147 Jangji Hirup Langgeng

NU DIBAHAS a

1. Naon mangpaatna lamun urang ngalenyepan jangji Yéhuwa ngeunaan hirup langgeng?

 YÉHUWA méré jangji yén nu taat ka Anjeunna bakal bisa ”hirup langgeng”. (Rm. 6:23) Waktu urang ngalenyepan berkah nu éndah éta, urang bakal beuki nyaah ka Anjeunna. Pék pikirkeun: Bapa urang nu di sorga nyaah pisan ka urang jeung moal aya nu bisa ngajauhkeun urang ti Anjeunna.

2. Kumaha jangji ngeunaan hirup langgeng bisa ngabantu urang?

2 Jangji Allah ngeunaan hirup langgeng bisa ngabantu urang tetep tabah dina nyanghareupan kasusah ayeuna. Malah sanajan urang diancam rék dipaéhan gé, urang mah moal eureun ngawula Yéhuwa. Ku naon? Lantaran mun urang satia nepi ka maot, Anjeunna bakal ngahirupkeun deui urang, sarta urang gé bakal boga harepan pikeun hirup salilana. (Yah. 5:28, 29; 1 Kor. 15:55-58; Ibr. 2:15) Ku naon urang bisa sakitu yakinna yén urang bakal hirup salilana? Perhatikeun sababaraha alesan ieu.

YÉHUWA HIRUP SALILANA

3. Naon buktina yén Yéhuwa bisa nyieun urang hirup salilana? (Jabur 102:13, 25, 28)

3 Yéhuwa bisa nyieun urang hirup salilana lantaran Anjeunna téh Sumberna kahirupan, sarta Anjeunna gé hirup salilana. (Jab. 36:10) Aya sababaraha ayat dina Alkitab nu ngadukung hal ieu. Misalna, Jabur 90:2 nyebutkeun yén Yéhuwa téh ”Allah nu langgeng sareng baris teras jumeneng salalanggengna”. Jabur 102 gé nyebutkeun hal nu sarupa kitu. (Baca Jabur 102:13, 25, 28.) Terus, Nabi Habakuk gé nyebutkeun kieu ngeunaan Bapa urang di sorga, ”Nun Yéhuwa, Gusti téh tos aya ti baheula kénéh. Nun Allah abdi, Allah nu suci, Gusti moal bisa maot.”​—Hab. 1:12.

4. Lamun urang teu bisa bener-bener paham yén Yéhuwa téh Allah anu langgeng, éta masalah teu? Jelaskeun.

4 Naha Sadérék ngarasa hésé pikeun paham yén Yéhuwa téh Allah ”pikeun salilana”? (Yes. 40:28) Éta téh wajar. Élihu pernah nyebutkeun kieu ngeunaan Allah, ”Lawasna Mantenna jumeneng, lain taksir-taksireun.” (Ayub 36:26, KITAB SUCI © LAI 1991) Sanajan urang teu bener-bener paham kana hiji hal, lain hartina hal éta téh salah. Misalna, meureun urang teu ngarti kumaha bisa aya listrik, tapi jelas-jelas listrik téh aya pan? Kitu ogé, meureun manusa moal bisa bener-bener ngarti yén Yéhuwa téh euweuh mimitina jeung euweuh ahirna. Tapi, rék manusa ngarti atawa henteu, nya kitu kanyataan ngeunaan Nu Nyipta téh. (Rm. 11:33-36) Anjeunna téh Allah nu hirup salilana. Anjeunna geus aya saacan jagat raya diciptakeun, kaasup panonpoé jeung béntang-béntang. Yéhuwa ngayakinkeun urang yén Anjeunna téh nu ”ngajadikeun bumi ku pangawasa-Na” jeung nu ”mentangkeun langit”. (Yer. 51:15, KITAB SUCI © LAI 1991; Kis. 17:24) Naon deui hal séjénna anu ngayakinkeun urang yén manusa bisa hirup pikeun salilana?

MANUSA DICIPTAKEUN PIKEUN HIRUP SALILANA

5. Manusa nu mimiti meunang harepan hirup naon?

5 Kabéh mahluk hirup nu diciptakeun ku Yéhuwa di bumi téh tungtungna bakal paéh, kajaba manusa. Anjeunna méré urang harepan hirup salilana. Tapi, Yéhuwa ngingetan ka Adam kieu, ”Kajaba ti tangkal anu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng. Eta buahna teu meunang didahar, sabab mun didahar, poe eta keneh maneh paeh.” (Kaj. 2:17, KITAB SUCI © LAI 1991) Lamun Adam jeung Hawa taat ka Yéhuwa, maranéhna moal bakal paéh. Malah, bisa waé engkéna maranéhna meunang ngadahar buah ti ”tangkal kahirupan”. Éta hartina maranéhna bisa ”hirup sapapanjangna”. bKaj. 3:22, KITAB SUCI © LAI 1991.

6-7. (a) Naon deui anu ngabuktikeun yén manusa téh diciptakeun pikeun hirup salilana? (b) Mun Sadérék bisa hirup salilana, Sadérék hayang ngalakukeun naon waé? (Tingali gambar.)

6 Otak urang téh diciptakeun sakitu hébatna. Para ahli manggihan bukti yén otak urang bisa nyimpen leuwih loba informasi tibatan anu bisa dikumpulkeun ku urang salila urang hirup. Dina taun 2010, aya hiji artikel dina jurnal Scientific American Mind anu nyebutkeun yén kapasitas mémori otak manusa téh kurang leuwih 2,5 juta gigabyte. Ieu sarua jeung acara TV anu lilana tilu juta jam (leuwih ti 300 taun). Malah, meureun sabenerna mah otak urang bisa nyimpen leuwih loba informasi tibatan éta. Ieu ngabuktikeun yén Yéhuwa geus nyiptakeun otak urang supaya bisa nyimpen leuwih loba informasi tibatan anu bisa dikumpulkeun ku urang salila 70 atawa 80 taun.​—Jab. 90:10.

7 Yéhuwa gé méré urang kahayang pikeun hirup salilana. Alkitab nyebutkeun yén Yéhuwa ”méré kalanggengan dina haté manusa”. (Pan. 3:11) Ieu salah sahiji alesan ku naon urang nganggap maot téh sabagé musuh. (1 Kor. 15:26) Lamun urang gering parah, naha urang bakal cicing waé teu ngalakukeun naon-naon? Henteu. Biasana urang bakal indit ka dokter atawa nginum ubar supaya bisa cageur deui. Malah, meureun urang bakal ngalakukeun naon waé supaya terus hirup. Terus, mun aya kulawarga atawa babaturan urang nu maot, teu sual manéhna geus kolot atawa masih ngora kénéh, urang pasti bakal sedih pisan, pan? (Yah. 11:32, 33) Manusa téh dibéré kasanggupan jeung kahayang pikeun terus hirup. Ieu ngabuktikeun yén tujuan Allah nyiptakeun manusa téh supaya manusa bisa terus hirup. Tapi, aya alesan séjénna anu bisa ngayakinkeun yén urang téh mémang bener-bener bisa hirup salilana. Hayu urang tingali sababaraha hal anu dilakukeun ku Yéhuwa dina jaman baheula jeung jaman ayeuna. Hal-hal éta ngabuktikeun yén tujuan Anjeunna dina nyiptakeun manusa téh henteu barobah.

Ku lantaran boga harepan hirup langgeng, urang bisa ngabayangkeun naon waé nu bakal dilakukeun dina mangsa ka hareup (Tingali paragrap 7) c

TUJUAN YÉHUWA HENTEU BAROBAH

8. Kumaha Yesaya 55:11 ngabantu urang pikeun yakin kana tujuan Yéhuwa keur urang?

8 Adam jeung Hawa téh geus nyieun dosa jeung nyababkeun turunanana maot. Tapi, tujuan Yéhuwa nyiptakeun manusa téh teu pernah barobah. (Baca Yesaya 55:11.) Anjeunna tetep hayang manusa nu satia pikeun hirup salilana. Urang bisa yakin kana hal éta lamun mikirkeun naon nu geus diucapkeun jeung dilakukeun ku Yéhuwa pikeun ngalaksanakeun tujuana-Na ieu.

9. Naon jangji Allah? (Daniel 12:2, 13)

9 Yéhuwa geus jangji yén nu maraot bakal dihirupkeun deui sarta boga harepan pikeun hirup langgeng. (Kis. 24:15; Tit. 1:1, 2) Ayub yakin yén Yéhuwa hayang pisan ngahirupkeun deui jalma nu maraot. (Ayub 14:14, 15) Terus, Nabi Daniél gé yakin yén jalma-jalma nu maraot bakal dihirupkeun deui sarta boga harepan pikeun hirup langgeng. (Jab. 37:29; baca Daniel 12:2, 13.) Urang Yahudi dina jamanna Isa yakin maranéhna bakal ngawaris ”hirup langgeng” lamun terus satia. (Luk. 10:25; 18:18) Isa nyebutkeun jangji ieu sababaraha kali. Manéhna sorangan gé dihirupkeun deui ku Bapana.​—Mat. 19:29; 22:31, 32; Luk. 18:30; Yah. 11:25.

Sanggeus ningali Élias ngahirupkeun deui nu maot, Sadérék diyakinkeun kana hal naon? (Tingali paragrap 10)

10. Pihudangeunana jalma-jalma dina jaman baheula ngabuktikeun naon? (Tingali gambar.)

10 Yéhuwa téh Allah anu méré kahirupan jeung boga kawasa pikeun ngahirupkeun deui nu geus maraot. Anjeunna geus méré kawasa ka Nabi Élias pikeun ngahirupkeun putra saurang randa ti Sarpat. (1 Rja. 17:21-23) Ka dieunakeun, Nabi Élisa dibéré kawasa ku Allah pikeun ngahirupkeun deui putra ti wanita urang Suném. (2 Rja. 4:18-20, 34-37) Pihudangeunana jalma-jalma éta jeung jalma-jalma séjénna ngabuktikeun yén Yéhuwa téh boga kawasa pikeun ngahirupkeun deui nu geus maraot. Basa di bumi, Isa gé ngabuktikeun yén Bapana geus méré manéhna kawasa pikeun ngahirupkeun nu maraot. (Yah. 11:23-25, 43, 44) Ayeuna, Isa téh geus aya di sorga sarta geus dibéré ”kabéh kakawasaan di sorga jeung di bumi”. Jadi, manéhna bisa ngawujudkeun jangji Allah yén ”kabéh nu aya di jero kuburan” bakal harirup deui jeung boga harepan pikeun hirup salilana.​—Mat. 28:18; Yah. 5:25-29.

11. Ku naon korban tebusan bisa méré urang kasempetan pikeun hirup langgeng?

11 Ku naon Yéhuwa ngarélakeun Putra-Na nu dipikanyaah pikeun disiksa nepi ka maot? Isa nyebutkeun, ”Allah nyaah pisan ka dunya ieu nepi ka masrahkeun Putra hiji-hijina, supaya unggal jalma nu boga iman ka manéhna moal binasa tapi bisa meunangkeun hirup langgeng.” (Yah. 3:16) Ku ngorbankeun Putra-Na pikeun nebus dosa-dosa urang, Allah méré kasempetan supaya urang bisa hirup langgeng. (Mat. 20:28) Rasul Paulus ngajelaskeun pentingna korban tebusan keur ngawujudkeun tujuan Allah. Kieu cenah, ”Sakumaha maot bisa aya ku lantaran saurang jalma, kitu ogé dihirupkeunana deui nu maot bisa aya ku lantaran saurang jalma. Sakumaha kabéh jalma maot ku lantaran Adam, kitu ogé kabéh jalma bakal dihirupkeun ku lantaran Al-Masih.”​—1 Kor. 15:21, 22.

12. Kumaha Yéhuwa ngawujudkeun tujuana-Na?

12 Isa ngajar murid-muridna pikeun ngadoa sangkan Pamaréntahan Allah geura ngawasa sarta kahoyong Allah geura laksana di bumi. (Mat. 6:9, 10) Salah sahiji tujuan Allah keur manusa téh nyaéta supaya manusa bisa hirup salilana di bumi. Pikeun ngawujudkeun hal éta, Yéhuwa geus ngalantik Putra-Na pikeun jadi Raja dina Pamaréntahan Mésias. Anjeunna gé geus ngumpulkeun 144.000 jalma ti bumi anu bakal digawé bareng jeung Isa pikeun ngawujudkeun kahayang Allah.​—Why. 5:9, 10.

13. Naon nu keur dilakukeun ku Yéhuwa ayeuna, jeung naon nu kudu dilakukeun ku urang?

13 Yéhuwa téh keur ngumpulkeun jeung nyiapkeun ”sakumpulan jalma nu kacida lobana” pikeun jadi rahayat Pamaréntahana-Na. (Why. 7:9, 10; Yak. 2:8) Sanajan jalma-jalma ayeuna papecah lantaran silih pikangéwa jeung silih perangan, ”sakumpulan jalma nu kacida lobana” mah sabisa-bisa miceun parasaan ijid ti antara maranéhna. Saolah-olah ”pedang-pedangna ku maranehna dijieunan wuluku”. (Mika 4:3, KITAB SUCI © LAI 1991) Maranéhna gé teu miluan perang nu maéhan loba jalma, tapi justru mantuan loba jalma pikeun néangan ”kahirupan nu sajati” ku cara ngajarkeun saha Allah nu sajati jeung naon waé tujuana-Na. (1 Tim. 6:19) Meureun maranéhna teu dipikaresep ku kulawargana atawa ngalaman masalah ékonomi lantaran ngadukung Pamaréntahan Allah. Tapi, Yéhuwa mastikeun pangabutuh maranéhna terus dicukupan. (Mat. 6:25, 30-33; Luk. 18:29, 30) Hal-hal éta ngayakinkeun urang yén Pamaréntahan Allah téh nyata jeung bakal terus ngawujudkeun tujuan Yéhuwa.

KAHIRUPAN NU ÉNDAH DINA MANGSA KA HAREUP

14-15. Kumaha Yéhuwa ngawujudkeun jangji-Na yén engké moal aya deui nu maot?

14 Ayeuna, Isa geus jadi Raja dina Pamaréntahan Allah nu aya di sorga sarta bakal ngawujudkeun kabéh jangji Yéhuwa. (2 Kor. 1:20) Ti taun 1914, Isa téh geus nalukkeun musuh-musuhna. (Jab. 110:1, 2) Sakeudeung deui, Isa jeung kabéh nu maréntah bareng manéhna bakal ngéléhkeun sakabéh musuh sarta ngabinasakeun kabéh nu jahat.​—Why. 6:2.

15 Salila Pamaréntahan Sarébu Taun Isa, nu maraot bakal dihirupkeun deui, jeung jalma-jalma nu satia bakal jadi sampurna. Sanggeus liwat ujian nu pangahirna, kabéh jalma anu dianggap bener dina pandangan Yéhuwa ”bakal ngawaris bumi sarta bakal hirup salilana di ditu”. (Jab. 37:10, 11, 29) Terus, ”musuh nu pangpandeurina . . . nyaéta maot” bakal dimusnakeun.​—1 Kor. 15:26.

16. Naon alesan utama urang ngawula Yéhuwa?

16 Urang geus ngabahas, harepan urang pikeun hirup langgeng téh dasarna ti Firman Allah. Harepan éta bisa ngabantu urang tetep satia salila ahir jaman nu hésé ieu. Tapi, urang satia ka Yéhuwa jeung ka Isa téh lain lantaran hayang hirup langgeng hungkul. Alesan utama urang satia ka aranjeunna téh lantaran urang nyaah pisan ka aranjeunna. (2 Kor. 5:14, 15) Ku kituna, urang hayang nyonto aranjeunna jeung ngabagikeun harepan nu dipiboga ku urang ka batur. (Rm. 10:13-15) Lamun urang béréhan jeung teu mentingkeun diri, urang bisa nyobat jeung Yéhuwa salilana.​—Ibr. 13:16.

17. Urang masing-masing boga tanggung jawab naon? (Matius 7:13, 14)

17 Urang bakal aya di antara jalma-jalma nu narima hirup langgeng teu? Yéhuwa geus méré kasempetan éta ka urang. Ayeuna, urang kudu milih rék terus aya di jalan kahirupan atawa henteu. (Baca Matius 7:13, 14.) Bakal siga kumaha kaayaanana waktu urang hirup salilana? Urang bakal ngabahas jawabanana dina artikel saterusna.

KAWIH 141 Kahirupan téh Mujijat

a Sadérék hayang hirup salilana teu? Yéhuwa jangji yén engké dina mangsa ka hareup, urang bakal hirup salilana jeung teu sieun deui ku maot. Dina artikel ieu, urang bakal ningali sababaraha alesan ku naon urang bisa bener-bener yakin yén Yéhuwa pasti bakal nedunan jangji-Na ieu.

c KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék nu geus sepuh keur ngabayangkeun naon waé nu bisa dilakukeun ku manéhna mun bisa hirup salilana.