Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

”Percayakeun ka Jelema anu Bisa Diandelkeun”

”Percayakeun ka Jelema anu Bisa Diandelkeun”

”Percayakeun ka jelema anu bisa diandelkeun, sina diajarkeun ku manehna ka nu sejen.”2 TIM. 2:2.

KAWIH: 12353

1, 2. Kumaha pandangan loba jalma kana pagawéanana?

LOBA jalma boga pamikiran lamun harga dirina téh diukur tina pagawéanana. Di sababaraha budaya, waktu mimiti kenalan, geus biasa lamun nanya, ”Pagawéan manéh naon?”

2 Dina Alkitab, sababaraha jalma katelah ku pagawéanana. Misalna, ”Mateus tukang mulung pajeg”, ”tukang nyamak kulit ngaran Simon”, jeung ”tabib Lukas”. (Mat. 10:3; Ras. 10:6; Kol. 4:14) Sakapeung, Alkitab ogé nyebutkeun ngaran jalma dibarengan ku tugasna ti Yéhuwa. Misalna, Raja Daud, Nabi Élias, jeung Rasul Paulus. Maranéhna ngahargaan tugas ti Yéhuwa. Kitu ogé, urang perlu ngahargaan tugas urang dina organisasi Yéhuwa.

3. Ku naon nu leuwih kolot kudu ngalatih nu leuwih ngora? (Tingali gambar dina awal artikel.)

3 Urang resep ngalalayanan Yéhuwa jeung ngahargaan tugas-tugas urang. Lantaran cinta kana tugas urang, hayangna mah urang terus nu ngagawékeunana. Tapi hanjakalna, mun beuki kolot, kaayaan urang teu siga basa keur ngora. (Pan. 1:4) Ieu jadi tangtangan keur hamba-hamba Yéhuwa. Ayeuna, organisasi Yéhuwa terus mekar, jeung ngagunakeun téknologi nu leuwih canggih pikeun nyebarkeun warta hadé. Bisa jadi keur nu kolot mah leuwih hésé diajar hal nu anyar. (Luk. 5:39) Geus lumrah ogé lamun beuki kolot, urang bakal beuki héngkér. (Sil. 20:29) Tangtu bijaksana jeung praktis lamun nu karolot ngalatih nu leuwih ngora pikeun nyepeng tanggung jawab leuwih dina organisasi Yéhuwa.—Baca Jabur 71:18.

4. Ku naon aya nu ngarasa hésé ngabagi tugasna ka batur? (Tingali kotak ” Ku Naon Teu Gampang Ngabagi Tugas Urang ka Batur?”)

4 Sakapeung, teu gampang pikeun sadérék nu boga wewenang lamun kudu ngabagi tugasna ka nu leuwih ngora. Bisa waé manéhna ngarasa sedih lantaran kaleungitan tugas nu dipikaresep. Manéhna bisa ogé ngarasa leutik haté lamun kudu masrahkeun tugasna ka batur. Atawa, ngarasa hariwang lamun pagawéanana moal bérés lantaran digawékeun ku batur. Aya nu ngarasa teu boga waktu pikeun ngalatih batur. Kitu ogé, nu leuwih ngora kudu leuwih sabar lamun can dibéré tanggung jawab leuwih.

5. Pananya naon waé nu bakal dibahas dina ieu artikel?

5 Jadi, ku naon nu leuwih kolot perlu ngabantu nu leuwih ngora pikeun nyepeng tanggung jawab leuwih? Kumaha carana? (2 Tim. 2:2) Ku naon nu leuwih ngora perlu boga sikep nu bener sarta daék diajar waktu gawé bareng jeung nu leuwih kolot atawa nu leuwih pangalaman? Ayeuna, hayu urang tingali kumaha Raja Daud nyiapkeun budakna pikeun hiji tugas penting.

DAUD MANTUAN SULÉMAN

6. Naon nu dipikahayang ku Raja Daud? Tapi, naon kahoyong Yéhuwa?

6 Keur sababaraha taun mah Daud téh jadi buronan, kudu ngumbara ti hiji tempat ka tempat séjén. Tapi sanggeusna jadi raja, manéhna cicing di karaton nu alus. Ceuk Daud ka Nabi Natan, ”Tingali, kaula parantos cicing di karaton tina kai kiputri, ari Peti Perjangjian PANGERAN ngan di jero kemah!” Daud hayang ngawangun bait nu éndah keur Yéhuwa. Natan némbalan, ”Atuh mangga pidamel kumaha kersa, da Gusti teh disarengan ku Allah.” Tapi, lain éta nu dipikahoyong Yéhuwa. Mantenna nitah Natan ngabéjaan Daud, ”Gedong keur panglinggihan Kami dijieunna ulah ku maneh.” Sanajan Yéhuwa jangji bakal terus nyarengan Daud, éta bait bakal diwangun ku anakna Daud. Kumaha sikep Daud?1 Bab. 17:1-4, 8, 11, 12; 29:1.

7. Kumaha sikep Daud kana pituduh Yéhuwa?

7 Daud bisa waé kuciwa lantaran hayang pisan ngawangun bait Yéhuwa. Tapi, manéhna tetep ngadukung proyék nu bakal digawékeun ku Suléman. Daud nyiapkeun tukang nu bakal digarawé jeung ngumpulkeun beusi, tambaga, pérak, emas, jeung kayu. Manéhna teu mikirkeun saha nu bakal dipuji ku diwangunna éta bait, nu engkéna katelah bait Suléman. Sabalikna, manéhna nguatkeun Suléman, pokna, ”Mugia PANGERAN, Allah hidep, nyarengan ka hidep, Anaking! Mugia Mantenna ngalaksanakeun jangji-Na sangkan hidep bisa ngadegkeun eta gedong pikeun Mantenna.”1 Bab. 22:11, 14-16.

8. Ku naon Daud bisa waé ngarasa Suléman can siap ngawangun bait? Tapi, naon nu dilakukeun ku manéhna?

8 Baca 1 Babad 22:5. Daud bisa waé ngarasa lamun Suléman téh can siap ngagawékeun proyék éta. Bait nu diwangun téh ”kudu aheng”, padahal Suléman téh ”budak keneh jeung can aya kanyahona”. Tapi, Daud nyaho lamun Yéhuwa bakal mantuan Suléman. Ku kituna, Daud satékah polah nyiapkeun sagala rupana keur éta proyék.

RESEP NGALATIH BATUR

Urang bungah ningali sadérék nu leuwih ngora nyepeng tanggung jawab leuwih (Tingali paragrap 9)

9. Kumaha parasaan sababaraha sadérék nu leuwih kolot lamun kudu méré tanggung jawab ka batur? Caritakeun ibaratna.

9 Sadérék nu leuwih kolot sakuduna teu ngarasa leutik haté lamun kudu méré tanggung jawab ka nu leuwih ngora. Urang sadar lamun nu pangpentingna téh pagawéan Yéhuwa. Urang ngadukung pagawéan éta lamun ngalatih nu leuwih ngora pikeun nyepeng tanggung jawab. Pék pikirkeun. Waktu leutik kénéh, Sadérék osok ningalikeun bapa Sadérék keur nyupiran mobil. Basa geus gedé, bapa Sadérék ngajelaskeun carana nyupiran. Dina waktuna, Sadérék boga SIM jeung bisa nyupiran sorangan bari sakapeung osok dipapatahan ku bapa Sadérék. Sakali-kali, Sadérék nu nyupiran keur bapa Sadérék. Tapi waktu bapa Sadérék ngolotan, Sadérék nu kudu terus nyupiran. Naha bapa Sadérék ambek? Henteu, manéhna pasti resep disupiran ku Sadérék. Kitu ogé, sadérék nu leuwih kolot pasti bungah lamun ningali jalma nu dilatih ku manéhna jadi siap nyepeng tanggung jawab dina organisasi Yéhuwa.

10. Kumaha pandangan Musa kana tanggung jawabna?

10 Urang kudu ati-ati sangkan teu sirik lamun batur narima tanggung jawab. Urang bisa diajar tina sikep Musa ka sababaraha urang Israil nu jaradi nabi. (Baca Bilangan 11:24-29.) Yosua hayang ngahalangan maranéhna, tapi ceuk Musa, ”Pipilueun teuing kana urusan kami! Kahayang kami mah malah sing saban jelema ku PANGERAN diancikan Roh, sina barisa ngucap kawas ucapan nabi!” Musa nyaho ieu téh pagawéan Yéhuwa. Ti batan néang kamulyaan keur dirina sorangan, Musa hayang kabéh hamba Yéhuwa ogé dibéré tanggung jawab. Lamun urang kumaha? Naha urang bungah waktu batur narima tanggung jawab dina organisasi Yéhuwa?

11. Naon nu dirasakeun ku hiji sadérék nu tugasna dibikeun ka batur?

11 Loba sadérék geus mangpuluh-puluh taun ngawula ka Yéhuwa jeung ngalatih nu séjén pikeun nyepeng tanggung jawab leuwih. Contona Peter, manéhna geus 74 taun aya dina dines sapinuh waktu, kaasup 35 taun ngawula di kantor cabang Eropa. Manéhna ogé geus lila jadi pangawas Departemén Dines. Ka dieunakeun, tugasna téh dibikeun ka Paul, sadérék nu leuwih ngora nu dilatih ku Peter. Naha Peter teu resepeun kana parobahan ieu? Henteu. Ceuk manéhna, ”Abdi resep lamun aya sadérék nu geus dilatih narima leuwih loba tanggung jawab jeung bener-bener ngajalankeun tugasna.”

NGAHARGAAN NU LEUWIH KOLOT

12. Naon palajaran tina conto Réhabam?

12 Waktu Réhabam jadi raja, manéhna ménta pituduh ngeunaan cara ngajalankeun tanggung jawabna ka nu leuwih kolot. Tapi, éta pituduh teu digugu. Sabalikna, manéhna leuwih ngagugu omongan babaturanana nu sapantaran. Balukarna téh kacida goréngna. (2 Bab. 10:6-11, 19) Naon palajaranana? Tangtu bijaksana lamun urang ménta naséhat ti sadérék nu leuwih kolot jeung leuwih pangalaman. Sadérék nu leuwih ngora ulah ngarasa kudu nurutkeun persis cara nu geus dipaké ti baheula. Tapi, lamun nu leuwih kolot méré saran, nu leuwih ngora kudu tetep ngahargaan jeung ulah buru-buru mikir yén saran ti maranéhna téh moal hasil.

13. Kudu kumaha sikep sadérék nu leuwih ngora lamun gawé bareng jeung nu leuwih kolot?

13 Bisa jadi, sadérék nu leuwih ngora ditugaskeun jadi pangawas pikeun sadérék nu leuwih kolot jeung leuwih pangalaman. Alus lamun maranéhna diajar tina pangalaman sadérék nu leuwih kolot. Paul, nu dicaritakeun di paragrap saacanna, ngagantikeun Peter jadi pangawas departemén di Bétel. Ceuk manéhna, ”Abdi sering ménta naséhat ti Peter, abdi ogé ngajurung batur di departemén abdi pikeun ngalakukeunana.”

Paulus nyadiakeun waktu pikeun ngajar Timoteus, Timoteus gé soson-soson diajarna

14. Urang diajar naon tina carana Paulus jeung Timoteus digawé bareng?

14 Timoteus téh jauh leuwih ngora ti batan Paulus jeung geus mangtaun-taun digawé bareng Paulus. (Baca Pilipi 2:20-22.) Ceuk Paulus ka sidang Korinta, ”Sim kuring ngutus Timoteus ka aranjeun. Dina hal anut ka Gusti, Timoteus bisa dipercaya, sim kuring mah geus asa ka anak teges. Ku sim kuring dititah ngingetan deui aranjeun hal jalan hirup sim kuring sanggeusna percaya ka Kristus, jalan anu ku sim kuring diajarkeun di unggal jamaah di mana-mana.” (1 Kor. 4:17) Tina ayat ieu, katingali yén Paulus jeung Timoteus téh silih dukung jeung digawé sabilulungan. Paulus nyadiakeun waktu pikeun ngajarkeun ’jalan hirupna’ ka Timoteus. Timoteus gé soson-soson diajarna. Paulus resep pisan ka Timoteus jeung yakin manéhna bisa merhatikeun sadérék-sadérék di Korinta. Para kokolot perlu nyonto tuladan Paulus waktu ngalatih batur pikeun ngurus sidang.

URANG MASING-MASING BOGA TUGAS PENTING

15. Kumaha naséhat di Rum 12:3-5 bisa ngabantu urang nyanghareupan parobahan?

15 Urang bungah pisan lantaran nyaksian organisasi Yéhuwa di bumi terus mekar. Éta hartina bakal terus aya parobahan. Sababaraha parobahan bisa mangaruhan urang jeung bisa jadi teu gampang nyanghareupanana. Tapi, éta bakal leuwih gampang disanghareupan lamun urang rendah haté jeung ngutamakeun kapentingan Karajaan ti batan kahayang sorangan. Ku kituna, duduluran urang gé bakal beuki raket. Paulus nulis ka urang Kristen di Rum, ”Ulah boga rasa diri leuwih ti kaayaan anu sabenerna.” Manéhna gé ngajelaskeun yén saperti unggal bagian awak aya gunana masing-masing, unggal anggota sidang gé boga tugasna masing-masing.Rum 12:3-5.

Umat Yéhuwa hayang ngadukung Karajaan jeung ngajalankeun pituduh organisasi

16. Naon nu bisa dilakukeun ku unggal urang Kristen sangkan organisasi Yéhuwa tetep rukun jeung satunggal?

16 Umat Yéhuwa tangtu hayang ngadukung Karajaan jeung ngajalankeun pituduh organisasi. Sadérék nu leuwih kolot bisa ngalatih nu leuwih ngora. Sadérék nu leuwih ngora gé bisa tetep handap asor waktu narima tanggung jawab jeung tetep ngahargaan nu leuwih kolot. Sadérék-sadérék nu geus nikah gé tangtu ngahargaan pamajikanana nu terus ngadukung sanajan aya parobahan. Pamajikan bisa nyonto Priskila nu terus satia ngadukung salakina, Akwila.Ras. 18:2.

17. Yésus ngalatih murid-muridna pikeun ngalakukeun pagawéan naon?

17 Karélaan Yésus dina ngalatih batur perlu diconto. Yésus nyaho lamun pagawéan ngawawarkeun warta hadé perlu diteruskeun ku batur. Ku kituna, anjeunna ngalatih murid-muridna pikeun neruskeun pagawéan éta. Sanajan murid-muridna teu sampurna, Yésus yakin yén pagawéan maranéhna bakal leuwih hadé batan anjeunna. (Yoh. 14:12) Lantaran geus dilatih ku Yésus, maranéhna bisa ngawawar ka sakabéh tempat nu bisa didatangan ku maranéhna.Kol. 1:23.

18. Urang bakal boga pagawéan naon dina mangsa kahareup? Naon tugas urang ayeuna?

18 Sanggeus Yésus maot, Yéhuwa ngahirupkeun deui anjeunna jeung masihan loba pagawéan sarta wewenang nu ”dipunjulkeun ti sakabeh raja, ti nu nyarekel kawasa, ti nu malurba, ti nu nyarekel paparentahan”. (Epe. 1:19-21) Sanajan urang maot saacan Armagédon, urang bakal dihirupkeun deui jeung boga pagawéan nu nyugemakeun di dunya nu anyar. Ayeuna gé, urang boga tugas istiméwa pikeun ngawawarkeun warta hadé jeung ngajadikeun murid. Jadi, teu sual urang ngora kénéh atawa geus kolot, urang masing-masing bisa ”rajin ngalakonan kawajiban pikeun Gusti”.1 Kor. 15:58.