Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Apal?

Naha Sadérék Apal?

Kumaha jalma-jalma di jaman baheula ngahurungkeun seuneu waktu keur iinditan?

DINA Kajadian pasal 22, Alkitab nyebutkeun yén Allah maréntahkeun Ibrahim pikeun ngaduruk kurban di tempat nu jauh. Disebutkeun kieu, ”Ishak ku anjeunna dipiwarang manggul suluh nu rek dipake ngaduruk kurban. Ibrahim ku anjeun ngajingjing gobang jeung areng ruhay, bral deui arangkat paduduaan.”Kaj. 22:6.

Alkitab teu ngajelaskeun carana jalma-jalma di jaman éta ngahurungkeun seuneu. Jadi, naha Ibrahim jeung Ishak ngahurungkeun seuneu heula terus mamawa éta seuneu? Saurang koméntator Alkitab nyebutkeun yén seuneu moal bisa ”teterusan ngagedur lamun dibawa indit ka tempat nu jauh”. Sabalikna, Ibrahim jeung budakna bisa jadi mawa pakakas paranti ngahurungkeun seuneu.

Tapi, aya nu ngomong yén teu gampang ngahurungkeun seuneu di jaman éta téh. Jadi, jalma-jalma ngahurungkeun seuneuna téh maké areng ruhay, bisa jadi meunang ménta ti batur. Para ahli nyebutkeun yén Ibrahim mawa areng ruhay nu geus diduruk saacanna indit. Bisa jadi éta areng disimpen dina wadah mangrupa pariuk nu aya rantéan, terus éta wadah dibabawa ku manéhna. (Yes. 30:14) Lamun rék ngahurungkeun seuneu, manéhna kari maké areng ruhay jeung suluh nu geus dibawa.