Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pentingna Sipat Handap Asor

Pentingna Sipat Handap Asor

”Jalma adigung bakal meunang pamoyok, mending oge handap asor.”SIL. 11:2.

KAWIH: 3869

1, 2. Ku naon Allah nolak Saul? (Tingali gambar dina awal artikel.)

WAKTU Saul dipilih ku Yéhuwa jadi raja, manéhna téh handap asor. (1 Sam. 9:1, 2, 21; 10:20-24) Tapi ka dieunakeun, manéhna jadi lancang. Dina hiji waktu, aya rébuan urang Pélisti nu rék perang ngalawan urang Israil. Nabi Samuél geus ngabéjaan Saul yén manéhna rék datang pikeun ngaduruk kurban ka Yéhuwa. Tapi saméméh Samuél datang, urang Israil geus sarieuneun jeung loba nu naringgalkeun Saul. Manéhna teu sabar ngadagoan Samuél, tuluy kurban diduruk ku manéhna padahal mah teu wenang. Éta matak pibendueun Yéhuwa.1 Sam. 13:5-9.

2 Basa Samuél nepi, manéhna nyarékan Saul lantaran teu taat ka Yéhuwa. Tapi, Saul teu rumasa salah. Malahan mah manéhna ngabéla diri jeung nempuhkeun kasalahanana ka batur. (1 Sam. 13:10-14) Ti saprak éta, Saul loba ngalakukeun hal nu lancang. Jadi, Yéhuwa nolak manéhna tina jadi raja. (1 Sam. 15:22, 23) Mimitina kahirupan Saul téh mulus, tapi tungtungna pikasediheun.1 Sam. 31:1-6.

3. (a) Kumaha pandangan loba jalma ngeunaan sipat handap asor? (b) Pananya naon waé nu bakal dijawab?

3 Loba jalma ayeuna ngarasa moal bakal suksés hirupna lamun kudu handap asor. Maranéhna ngagulkeun diri supaya katingali leuwih alus ti batur. Contona, aya saurang aktor kasohor nu jadi pulitikus nu ngomong kieu, ”Dina hirup kuring mah moal aya nu ngaranna handap asor—moal bakal aya.” Tapi, ku naon keur urang Kristen mah handap asor téh penting? Nu kumaha handap asor téh, jeung naon nu teu kaasup handap asor? Artikel ieu bakal ngajawab pananya-pananya éta. Artikel saterusna bakal ngabahas carana urang bisa terus handap asor sanajan dina kaayaan nu sulit.

KU NAON SIPAT HANDAP ASOR TÉH PENTING?

4. Nu siga kumaha lancang téh?

4 Dina Alkitab, sipat adigung téh sabalikna tina sipat handap asor. Ku lantaran teu sabar atawa adigung, saurang jalma bisa jadi lancang. (Baca Siloka 11:2.) Daud ngadoa ka Yéhuwa, ”Luputkeun tina dosa anu dihaja [”lancang”, Terjemahan Dunia Baru (NW)].” (Jab. 19:14) Nu siga kumaha lancang téh? Jalma nu lancang osok ngaléngkahan hak atawa wewenang batur. Lantaran teu sampurna, urang kabéh bisa waé ngalakukeun hal nu lancang. Tapi sakumaha conto Raja Saul, lamun éta geus jadi kabiasaan, éta moal nyenangkeun Yéhuwa. Jabur 119:21 nyebutkeun lamun Yéhuwa bakal ”negor ka jalmi nu adigung”. Naon sababna?

Urang ngajénan Yéhuwa lamun handap asor

5. Ku naon lancang téh kaasup kasalahan nu sérius?

5 Nu kahiji, lamun urang lancang hartina urang teu ngajénan Yéhuwa sabagé Allah tur Pangawasa urang. Nu kadua, lamun urang ngalakukeun naon nu lain wewenang urang, éta bakal jadi piributeun jeung batur. (Sil. 13:10) Nu katilu, urang bakal éra lamun batur nyahoeun urang geus lancang. (Luk. 14:8, 9) Éta alesanana Yéhuwa miharep urang handap asor.

SIGA KUMAHA SIPAT HANDAP ASOR TÉH?

6, 7. Naon patalina sipat handap asor jeung sipat rendah haté?

6 Handap asor raket pisan patalina jeung rendah haté. Urang Kristen nu rendah haté moal jadi takabur. (Pil. 2:3) Jalma nu rendah haté biasana mah handap asor. Manéhna ngarumasakeun diri boga watesan jeung bisa nyieun kasalahan. Manéhna daék ngadéngékeun batur jeung daék diajar ti batur. Jalma nu rendah haté kamanah ku Yéhuwa.

7 Alkitab nunjukkeun lamun jalma nu handap asor mah kenal ka dirina jeung nyaho lamun aya nu teu bisa atawa teu meunang dilakukeun ku manéhna. Ieu ngabantu manéhna jadi bageur jeung ngahargaan batur.

8. Méh bisa terus handap asor, urang kudu nyingkahan cara pikir nu siga kumaha?

8 Bisa waé urang teu nyadar lamun cara pikir urang kapangaruhan ku sipat lancang. Misalna, urang mulai ngarasa diri leuwih penting ti batur lantaran urang atawa sobat urang boga tanggung jawab di sidang. (Rum 12:16) Atawa, urang mulai hayang kapuji ku batur. (1 Tim. 2:9, 10) Malahan mah urang mulai ngatur-ngatur kahirupan batur.1 Kor. 4:6.

9. Ku naon aya jalma nu jadi lancang? Béré contona dina Alkitab.

9 Urang bisa mulai lancang lamun urang teu ngadalikeun kahayang nu salah. Loba nu geus jaradi lancang lantaran maranéhna hayang kapuji ku batur, sirik ka batur, atawa sok ngumbar amarah. Sababaraha contona aya dina Alkitab, misalna Absalom, Usia, jeung Nébukadnésar. Yéhuwa mépélingan maranéhna sangkan rendah haté.2 Sam. 15:1-6; 18:9-17; 2 Bab. 26:16-21; Dan. 5:18-21.

10. Ku naon urang teu meunang ngahakiman batur? Béré contona dina Alkitab.

10 Aya alesan séjénna nu ngalantarankeun sababaraha jalma jadi teu handap asor. Pék pikirkeun conto Abimélék jeung Pétrus. (Kaj. 20:2-7; Mat. 26:31-35) Ku naon maranéhna jadi lancang? Naha éta téh lantaran maranéhna teu nyaho kaayaan nu sabenerna atawa lantaran gagabah? Ku sabab urang teu bisa maca haté, urang teu meunang ngahakiman batur.Baca Yakobus 4:12.

TUGAS SADÉRÉK DINA ORGANISASI ALLAH

11. Urang kudu paham kana hal naon?

11 Jalma nu handap asor paham kana tugasna dina organisasi Allah. Yéhuwa téh Allah nu tartib. Jadi, Mantenna masihan tugas ka unggal anggota sidang. Di antara urang, euweuh nu teu dibutuhkeun di sidang. Yéhuwa masihan urang kurnia, kaparigelan, bakat, atawa kamampuh nu béda-béda, sarta kalaluasaan pikeun ngagunakeunana. Lamun urang handap asor, urang bakal ngagunakeun éta kurnia ku cara nu kamanah ku Mantenna. (Rum 12:4-8) Yéhuwa miharep sangkan urang ngagunakeun éta kurnia pikeun ngamulyakeun Mantenna sarta pikeun nulungan batur.Baca 1 Petrus 4:10.

Kumaha urang bisa nyonto Yésus lamun aya parobahan tugas? (Tingali paragrap 12-14)

12, 13. Naon nu kudu diinget lamun aya parobahan dina kahirupan urang?

12 Dina lumangsungna waktu, nu bisa dilakukeun ku urang dina organisasi Allah bisa barobah. Contona, pikirkeun lobana parobahan nu kaalaman ku Yésus. Mimitina, anjeunna ngan duaan jeung Bapana. (Sil. 8:22) Terus, anjeunna mantuan Yéhuwa dina nyiptakeun malaikat, jagat raya, ogé manusa. (Kol. 1:16) Ka dieunakeun, anjeunna diutus ka dunya, dibabarkeun sabagé orok manusa, terus tumuwuh jadi déwasa. (Pil. 2:7) Sanggeus pupus, Yésus balik deui ka sawarga, sarta jadi Raja Karajaan Allah dina taun 1914. (Ibr. 2:9) Engké dina mangsa kahareup, sanggeus maréntah sabagé Raja salila sarébu taun, Yésus bakal nyérénkeun Karajaan ka Yéhuwa sangkan ”Allah ku manten anu bakal murba ka sakabeh”.1 Kor. 15:28.

13 Bisa jadi aya loba parobahan dina kahirupan urang. Tanggung jawab urang bisa barobah lantaran putusan urang. Contona, nu léléngohan bisa waé mutuskeun rék nikah. Nu geus nikah, bisa waé jadi boga budak. Aya ogé nu mutuskeun rék hirup saderhana sangkan bisa ngawula sapinuh waktu. Tanggung jawab urang ogé bisa barobah lantaran kaayaan nu barobah. Urang jadi bisa méré leuwih loba atawa leuwih saeutik. Tapi, teu sual urang ngora kénéh atawa geus kolot, séhat atawa henteu, Yéhuwa apal lamun urang geus méré nu panghadéna ka Mantenna. Yéhuwa teu miharep leuwih ti kasanggupan urang. Mantenna ngahargaan sagala pangorbanan urang.Ibr. 6:10.

14. Kumaha sipat handap asor ngabantu urang tetep sugema jeung bungah dina sagala kaayaan?

14 Saperti Yésus, urang ogé bisa bungah ku tugas ti Yéhuwa. (Sil. 8:30, 31) Jalma nu handap asor bakal sugema kana tugas jeung tanggung jawabna di sidang. Manéhna tara ngabanding-bandingkeun jeung batur. Sabalikna, manéhna reueus kana tugasna lantaran paham éta téh asalna ti Yéhuwa. Jalma nu handap asor ogé ngahargaan jeung resep ngadukung batur. Manéhna paham lamun batur gé dibéré tugas ku Yéhuwa.Rum 12:10.

PANDANGAN NU BENER NGEUNAAN HANDAP ASOR

15. Urang bisa diajar naon ti Gidion?

15 Gidion téh conto nu alus dina némbongkeun sipat handap asor. Waktu ditugaskeun ku Yéhuwa pikeun nyalametkeun urang Israil ti urang Midian, Gidion ngomong kieu, ”Di kaom Menase, golongan abdi teh panghengkerna, sareng di kulawargi, abdi teh sanes jalmi penting.” (Hak. 6:15) Tapi, Gidion ngandelkeun Yéhuwa sarta narima tugas éta. Gidion hayang mastikeun kahoyong Yéhuwa ka manéhna sarta ngadoa ménta bingbingan Mantenna. (Hak. 6:36-40) Gidion téh jelema nu wanian tur perkasa, tapi bijaksana jeung tara gagabah. (Hak. 6:11, 27) Basa manéhna rék dijadikeun pamingpin ku urang Israil, manéhna teu daékeun. Sanggeus ngalaksanakeun tugas ti Yéhuwa, manéhna balik ka imah.Hak. 8:22, 23, 29.

16, 17. Kumaha cara jalma nu handap asor nyieun kamajuan?

16 Lamun hiji jalma narima tugas nu anyar atawa hayang leuwih kapaké di sidang, lain hartina manéhna teu handap asor. Malahan Alkitab ngajurung hamba-hamba Yéhuwa sangkan nyieun kamajuan tur ngawulaan dulur-dulur saimanna. (1 Tim. 4:13-15) Tapi, naha urang kudu boga tugas nu anyar sangkan bisa maju sacara rohani? Henteu. Urang masih bisa ngamekarkeun sipat-sipat Kristen sarta kamampuh urang sangkan bisa ningkatkeun dines jeung ngabantu nu lian.

17 Saacan narima tugas, jalma nu handap asor bakal mariksa naon nu dipiharep ti manéhna. Manéhna bakal ngadoakeun jeung mikirkeun enya-enya kasanggupanana. Naha manéhna bakal kawalahan nepi ka ngabaékeun hal-hal penting séjénna? Lamun kitu, naha manéhna bisa masrahkeun sabagian pagawéanana ka batur? Sanggeus mikirkeun hal ieu, jalma nu handap asor bisa waé mutuskeun moal narima tanggung jawab éta. Lamun urang handap asor, urang moal ngaenyakeun sagala tanggung jawab nu ditawarkeun.

18. (a) Naon nu bakal dilakukeun ku jalma nu handap asor waktu narima tugas anyar? (b) Kumaha Rum 12:3 ngabantu urang sangkan handap asor?

18 Yéhuwa miharep urang ibadah ”kalawan handap asor”. (Mika 6:8) Jadi, lamun meunang tugas nu anyar, urang bakal ménta bingbingan jeung bantuan ti Mantenna, sakumaha nu dilakukeun ku Gidion. Urang perlu mastikeun kahoyong Yéhuwa tina Alkitab jeung organisasi-Na. Urang gé perlu inget yén sagala nu dilakukeun ku urang téh lain lantaran kamampuh urang sorangan, tapi lantaran Yéhuwa rendah haté jeung kersa nulungan urang. (Jab. 18:36) Jalma nu handap asor moal ”boga rasa diri leuwih ti kaayaan anu sabenerna”.—Baca Rum 12:3.

19. Ku naon urang kudu handap asor?

19 Jalma nu handap asor hayang terus ngamulyakeun Yéhuwa lantaran Mantenna Nu Nyiptakeun jeung Nu Maha Agung di jagat raya. (Wahyu 4:11) Lamun urang handap asor, urang bakal suka bungah teu sual tugas urang di organisasi Allah. Urang bakal ngahargaan parasaan jeung pandangan dulur-dulur saiman urang, ku kituna urang bisa jadi satunggal. Jalma nu handap asor mikirkeun heula balukar tina tindakanana, engkéna ieu bakal ngabantu manéhna nyingkahan kasalahan nu sérius. Yéhuwa ngamanah jalma nu handap asor. Ku sabab kitu, sipat handap asor téh penting pisan pikeun umat Allah. Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas carana tetep handap asor sanajan dina kaayaan nu sulit.