Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Sadérék Bisa Tetep Handap Asor Sanajan Diuji

Sadérék Bisa Tetep Handap Asor Sanajan Diuji

”Hirup ngahiji jeung Allah urang kalawan handap asor.”MIKA 6:8.

KAWIH: 4895

1-3. Naon nu teu dilakukeun ku nabi ti Yuda, jeung naon balukarna? (Tingali gambar dina awal artikel.)

RAJA YAROBAM ti Israil ngawangun altar pikeun ibadah palsu di kota Bétel. Yéhuwa ngutus nabi-Na ti Yuda pikeun nepikeun warta hukuman ka Yarobam. Nabi nu rendah haté éta taat ngajalankeun tugasna. Raja jadi kacida ambekna ka éta nabi, tapi éta nabi ditangtayungan ku Yéhuwa.1 Rja. 13:1-10.

2 Nabi éta teu meunang barang dahar di Israil jeung teu meunang balik ngaliwatan jalan nu sarua. Tapi di tengah jalan, aya aki-aki nu ngabobodo manéhna, pajarkeun téh mawa pesen ti Yéhuwa. Éta aki-aki ngajak nganjang ka imahna pikeun barang dahar. Nabi éta leuwih nurut ka aki-aki éta ti batan ka Yéhuwa. Éta ngalantarankeun Yéhuwa bendu. Di tengah jalan basa rék balik ka Yuda, manéhna dirontok ku singa nepi ka paéh.1 Rja. 13:11-24.

3 Urang teu nyaho ku naon nabi éta leuwih ngagugu ka aki-aki éta ti batan ka Yéhuwa. Nu urang nyaho, éta nabi henteu terus ’hirup ngahiji jeung Allah kalawan handap asor’. (Baca Mika 6:8.) Dina ayat ieu, hirup ngahiji jeung Allah bisa ngamaksudkeun terus ngandel ka Yéhuwa, nurutkeun bingbingana-Na, jeung taat ka Mantenna. Jalma nu handap asor paham pentingna rutin ngadoa. Lamun éta nabi handap asor, tangtuna manéhna bakal mastikeun heula ka Yéhuwa perkara pituduh nu barobah. Sakapeung, urang ogé kudu nyieun putusan nu hésé, jeung euweuh pituduh nu jelas dina Alkitab. Tapi lamun urang handap asor, urang bakal ménta bingbingan ti Yéhuwa sangkan teu nyieun putusan nu salah.

4. Naon nu rék dibahas dina artikel ieu?

4 Dina artikel saacanna urang geus diajar hartina handap asor jeung pentingna sipat éta. Tapi, kumaha carana sangkan urang jadi leuwih handap asor? Kaayaan naon waé nu bisa nguji sipat handap asor urang? Hayu urang bahas sahenteuna tilu kaayaan.Sil. 11:2.

LAMUN KAAYAAN URANG BAROBAH

5, 6. Kumaha Barsilai némbongkeun sipat handap asor?

5 Sikep urang dina nyanghareupan kaayaan atawa tugas nu barobah bisa nguji sipat handap asor urang. Urang bisa nyonto tuladan Barsilai, babaturanna Raja Daud. Waktu Barsilai umurna 80 taun, Daud ngajak manéhna cicing di karaton. Sanajan éta téh hiji kahormatan, Barsilai ngomong lamun tugas éta leuwih alus dibikeun ka Kimham, bisa jadi manéhna téh anakna Barsilai.2 Sam. 19:31-37.

6 Ku naon Barsilai teu narima ajakan Daud? Naha manéhna embung narima tanggung jawab atawa teu daék riweuh? Henteu, éta lantaran Barsilai téh handap asor. Manéhna ngarumasakeun kaayaanana nu geus barobah. (Baca Galata 6:4, 5.) Saperti Barsilai, urang ogé kudu handap asor. Ti batan leuwih merhatikeun kahayang sorangan atawa ngabanding-bandingkeun diri jeung batur, urang ngupayakeun nu panghadéna kanggo Yéhuwa. Ieu leuwih penting ti batan boga hak istiméwa atawa jadi kasohor. (Gal. 5:26) Lamun handap asor, urang bakal gawé sabilulungan jeung dulur saiman pikeun ngamulyakeun Yéhuwa jeung nulungan batur.1 Kor. 10:31.

7, 8. Kumaha sipat handap asor ngabantu urang henteu ngandelkeun diri sorangan?

7 Ngajaga diri tetep handap asor téh teu gampang lamun urang dibéré leuwih loba tanggung jawab atawa wewenang. Tapi, urang bisa diajar tina tuladan Néhémia. Basa ngadéngé lamun urang Yérusalém nyanghareupan loba masalah, manéhna ngadoa ménta tulung ka Yéhuwa. (Neh. 1:4, 11) Yéhuwa ngajawab doa Néhémia. Manéhna dijadikeun gupernur ku Raja Artahsasta. Sanajan beunghar tur boga kawasa, Néhémia tara ngandelkeun diri sorangan. Manéhna salawasna ménta bingbingan ti Yéhuwa sarta maca Hukum-Na. (Neh. 8:1, 8, 9) Néhémia tara ngagunakeun kakawasaanana pikeun kapentingan sorangan atawa pikeun nindes batur.Neh. 5:14-19.

8 Saperti Néhémia, lamun urang narima leuwih loba tanggung jawab atawa tugas, urang hayang tetep handap asor. Urang moal leuwih ngandelkeun kamampuh atawa pangalaman sorangan. Siga kumaha jalma nu ngandelkeun dirina sorangan? Misalna, saurang kokolot sidang teu ngadoa heula saacan ngurus urusan sidang. Atawa, saurang sadérék nyieun putusan heula kakara ngadoa supaya putusanna diberkahan. Jalma nu handap asor moal ngandelkeun dirina sorangan sanajan geus sering migawé hal nu sarua. Manéhna inget lamun kamampuhna moal bisa nandingan Yéhuwa. (Baca Siloka 3:5, 6.) Kiwari, loba jalma ngan mentingkeun dirina sorangan jeung embung éléh ti batur. Tapi, hamba Yéhuwa mah moal siga kitu. Urang moal ngarasa leuwih punjul ti batur lantaran tanggung jawab urang. Sabalikna, urang kabéh sadar kana tanggung jawab masing-masing sarta gawé sabilulungan jeung dulur-dulur saiman urang.1 Tim. 3:15.

LAMUN URANG DICAWAD ATAWA DIPUJI KU BATUR

9, 10. Kumaha sikep jalma nu handap asor lamun dicawad ku batur?

9 Urang bisa waé ngarasa jéngkél lamun dicawad ku batur. Ieu nu kaalaman ku Hana. Sanajan dipikanyaah ku salakina, Hana masih ngarasa teu bagja. Éta lantaran manéhna terus diléléwé ku Pénina, maruna. Hana hayangeun boga anak tapi can kacumponan waé. Hiji poé, basa manéhna keur sedih pisan, manéhna indit ka kémah suci pikeun ngadoa. Katingalieun ku Imam Agung Éli manéhna keur ceurik ngagukguk jeung disangka keur mabok! Hana bisa waé ngarasa jéngkél, tapi manéhna némbalan Éli ku cara nu sopan. Dina doana, Hana némbongkeun iman jeung kanyaahna ka Yéhuwa.1 Sam. 1:5-7, 12-16; 2:1-10.

10 Sipat handap asor bisa ’ngelehkeun pikiran goreng ku anu hade’. (Rum 12:21) Dunya Sétan pinuh ku kajahatan. Jadi, urang teu perlu héran lamun aya nu nyawad urang. Urang bisa waé jéngkél, tapi urang kudu ngalawan parasaan éta. (Jab. 37:1) Rasana bakal leuwih jéngkél lamun nu nyawadna téh dulur saiman urang. Tapi lamun éta nu kaalaman, urang hayang nyonto Yésus. Alkitab nyebutkeun, ”Anjeunna mah dihina tara ngahina deui.” Sabalikna, anjeunna ”sumerah ka pangersa Allah, Hakim anu adil”. (1 Pet. 2:23) Yésus téh rendah haté jeung nyaho yén Yéhuwa bakal ngaleungitkeun kateuadilan. (Rum 12:19) Urang ogé hayang terus rendah haté jeung teu ngabales nu jahat ku nu jahat.1 Pet. 3:8, 9.

11, 12. (a) Kumaha urang bisa tetep handap asor waktu dipuji ku batur? (b) Kumaha sipat handap asor katémbong tina cara papakéan jeung tingkah laku urang?

11 Sipat handap asor urang gé diuji lamun aya jalma nu muji urang. Éster dipuji ku loba jalma. Manéhna téh salah sahiji awéwé nu panggeulisna sa-Pérsia. Salila sataun, Éster jeung loba awéwé séjénna dirawat kageulisanana. Salah saurang ti maranéhna bakal dipilih jadi ratu. Ahirna, Éster nu dipilih ku raja. Sanajan kitu, sipat Éster teu barobah. Manéhna teu ngarasa diri pangpunjulna, tapi tetep handap asor, bageur, jeung ngahargaan batur.Est. 2:9, 12, 15, 17.

Naha cara papakéan urang némbongkeun pangajén ka Yéhuwa jeung batur, atawa nyirikeun urang teu handap asor? (Tingali paragrap 12)

12 Lamun urang handap asor, papakéan jeung tingkah laku urang bakal nunjukkeun yén urang ngahargaan batur sakumaha urang ngahargaan diri sorangan. Ti batan ngagulkeun diri atawa hayang kapuji ku batur, urang hayang boga sipat ”titih rintih” jeung ”lemah lembut”. (Baca 1 Petrus 3:3, 4; Yer. 9:23, 24) Eusi haté urang bakal kaciri tina omongan jeung lalampahan urang. Contona, urang bisa jadi agul lantaran hak istiméwa, kanyaho, atawa kawawuhan urang. Atawa, bisa waé omongan urang nyirikeun lamun pagawéan urang téh hasil upaya sorangan, padahal mah dibantuan ku batur. Pikirkeun conto Yésus, ti batan ngagunakeun hikmatna sorangan, anjeunna sering nyutat Firman Allah. Anjeunna tara néang kamulyaan ti manusa. Sabalikna, anjeunna hayang méré kamulyaan ka Yéhuwa.Yoh. 8:28.

LAMUN RÉK NYIEUN PUTUSAN

13, 14. Kumaha sipat handap asor bisa ngabantu urang nyieun putusan nu alus?

13 Urang ogé kudu handap asor waktu nyieun putusan atawa waktu batur nyieun putusan nu bisa mangaruhan urang. Contona, waktu Rasul Paulus aya di Késaréa, manéhna rék indit ka Yérusalém pikeun ngaréngsékeun pagawéan ti Yéhuwa. Tapi Nabi Agabus ngabéjaan, lamun indit, manéhna bakal ditéwak jeung bisa dipaéhan. Paulus dicaram ku dulur-dulur saimanna. Tapi, Paulus keukeuh rék indit ka Yérusalém. Naha éta hartina Paulus ngandelkeun dirina sorangan? Henteu. Paulus handap asor jeung ngandel ka Yéhuwa. Dulur-dulurna ogé handap asor, jadi maranéhna ngadukung putusan Paulus.Ras. 21:10-14.

14 Sipat handap asor ngabantu urang nyieun putusan nu alus sanajan urang teu nyaho hasilna. Contona, bisa waé urang keur mikir rék asup ka dines sapinuh waktu. Tapi, kumaha lamun urang gering? Kumaha lamun kolot urang gering jeung butuh bantuan? Lamun geus kolot, saha nu rék ngurus urang? Henteu kabéh pananya éta bisa dijawab sanajan geus didoakeun jeung dipikirkeun ku urang. (Pan. 8:16, 17) Tapi, lamun percaya ka Yéhuwa, urang bakal narimakeun kaayaan. Urang bakal mariksa kaayaanana, ménta saran, jeung nu leuwih penting, ngadoa ménta bingbingan Yéhuwa. Terus, urang perlu nuturkeun bingbingan roh Yéhuwa. (Baca Pandita 11:4-6.) Yéhuwa bisa ngaberkahan putusan urang atawa nyaluyukeun deui rencana urang.Sil. 16:3, 9

CARANA SANGKAN LEUWIH HANDAP ASOR

15. Kumaha ngalenyepan sipat jeung kalungguhan Yéhuwa bisa ngabantu urang tetep rendah haté?

15 Kumaha carana sangkan leuwih handap asor? Sahenteuna aya opat cara. Nu kahiji, urang perlu ngalenyepan sipat jeung kalungguhan Yéhuwa. Urang sadar lamun dibandingkeun jeung Yéhuwa mah, urang téh euweuh nanaonna. (Yes. 8:13) Sing inget mun urang téh ngawulaan Allah nu Mahakawasa, lainna manusa atawa malaikat. Ngalenyepan hal ieu bakal ngabantu urang tetep ”ngarendahkeun maneh kana panangan Allah nu ngagem kawasa”.1 Pet. 5:6.

16. Kumaha ngalenyepan kaasih Yéhuwa bisa ngabantu urang handap asor?

16 Nu kadua, urang perlu ngalenyepan sakumaha asihna Yéhuwa ka urang. Paulus ngaibaratkeun sidang Kristen saperti awak manusa. Yéhuwa nyieun unggal bagian awak aya gunana. (1 Kor. 12:23, 24) Unggal anggota sidang dihargaan ku Yéhuwa. Mantenna tara ngabandingkeun urang jeung batur, sarta tara eureun mikaasih urang sanajan urang nyieun kasalahan. Urang ngarasa tengtrem lantaran nyaho Yéhuwa mikaasih urang.

17. Naon mangpaatna ningali kahadéan batur?

17 Nu katilu, urang bisa leuwih handap asor lamun urang ningali kahadéan batur, cara Yéhuwa. Ti batan ngagulkeun diri atawa ngatur kahirupan batur, urang daék ménta saran jeung narima pandangan batur. (Sil. 13:10) Urang bakal milu bungah lamun dulur-dulur urang meunang hak istiméwa. Urang ogé bakal nganuhunkeun ka Yéhuwa lantaran meunang ngawula ka Mantenna.1 Pet. 5:9.

18. Kumaha ngalatih haté sanubari bisa ngabantu urang leuwih handap asor?

18 Nu kaopat, urang perlu ngagunakeun prinsip Alkitab pikeun ngalatih haté sanubari urang. Urang bakal diajar parasaan jeung pikiran Yéhuwa, ku kituna urang bisa nyieun putusan nu nyenangkeun Mantenna. Lamun urang terus diajar, ngadoa, jeung nerapkeun prinsip Alkitab, haté sanubari urang bakal jadi leuwih kuat. (1 Tim. 1:5) Urang ogé diajar miheulakeun kapentingan batur. Lamun urang ngalakukeun ieu kabéh, Yéhuwa jangji bakal ”nyampurnakeun” palatihan urang, kaasup ngabantu urang leuwih handap asor.1 Pet. 5:10.

19. Naon nu bisa ngabantu urang salawasna handap asor?

19 Naha Sadérék inget nabi ti Yuda nu dibahas dina awal artikel ieu? Manéhna paéh sarta kaleungitan sosobatan jeung Yéhuwa lantaran henteu terus handap asor. Tapi, urang bisa tetep handap asor sanajan aya dina kaayaan nu sulit. Loba hamba Yéhuwa geus méré bukti lamun éta téh teu mustahil. Beuki lila urang ngawula ka Yéhuwa, beuki ngandel urang ka Mantenna. (Sil. 8:13) Teu sual kumaha kaayaan urang, urang bisa terus hirup ngahiji jeung Yéhuwa. Ieu téh kahormatan nu istiméwa keur urang. Jadi, hayu urang satékah polah ngupayakeun sangkan tetep handap asor tur hirup ngahiji jeung Yéhuwa salalawasna.