Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

”Sing Percaya ka PANGERAN, Lampahkeun nu Hade”

”Sing Percaya ka PANGERAN, Lampahkeun nu Hade”

”Sing percaya ka PANGERAN, lampahkeun nu hade.”JAB. 37:3.

KAWIH: 13363

1. Yéhuwa masihan kamampuh unik naon ka manusa?

YÉHUWA masihan kamampuh nu unik ka manusa. Mantenna masihan pangarti sangkan urang bisa ngaréngsékeun masalah jeung nyieun rencana pikeun mangsa kahareup. (Sil. 2:11) Yéhuwa gé masihan kakuatan ka urang pikeun ngajalankeun rencana jeung ngahontal cita-cita. (Pil. 2:13) Urang gé dipasihan haté sanubari sangkan bisa ngabédakeun mana nu bener jeung nu salah. Haté sanubari ngingetkeun urang sangkan teu milampah dosa sarta ngoméan kasalahan urang.Rum 2:15.

2. Naon nu dipiharep ku Yéhuwa tina cara urang ngagunakeun kamampuh urang?

2 Yéhuwa miharep urang ngagunakeun kamampuh urang ku cara nu hadé. Ku naon? Lantaran Mantenna mikaasih urang sarta apal yén urang bakal bagja lamun ngagunakeun kamampuh éta. Contona, dina Kitab Ibrani disebutkeun, ”Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil”, jeung ”naon anu dipigawe, pigawe enya-enya.” (Sil. 21:5; Pan. 9:10) Dina Kitab Yunani ogé disebutkeun, ”Saban aya kasempetan sing getol migawe kahadean ka sing saha bae,” jeung ”berkah anu pangmunelna kudu dipake nyieun kahadean ka batur.” (Gal. 6:10; 1 Pet. 4:10) Jadi, Yéhuwa miharep urang ngalakukeun hal nu bisa mawa mangpaat ka diri urang jeung ka batur.

3. Naon waé nu teu bisa dilakukeun ku urang?

3 Yéhuwa hoyong urang ngagunakeun kamampuh urang. Tapi, Mantenna gé paham yén urang téh aya watesanana. Contona, urang teu bisa ngarobah kaayaan urang nu teu sampurna sarta teu bisa ngaleungitkeun dosa jeung maot. (1 Rja. 8:46) Urang gé teu bisa ngadalikeun batur lantaran unggal jalma boga hak pikeun nyieun putusan sorangan. Rék sakumaha lobana gé, pangaweruh jeung pangalaman urang moal bisa nandingan Yéhuwa.Yes. 55:9.

Waktu Sadérék keur aya masalah, ”sing percaya ka PANGERAN, lampahkeun nu hade”

4. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

4 Urang kudu terus dibingbing ku Yéhuwa, percaya yén Mantenna bakal ngadukung sarta ngawujudkeun hal nu moal bisa kalaksana ku urang sorangan. Sanajan kitu, Yéhuwa hoyong urang mikirkeun ogé carana ngaréngsékeun masalah jeung ngabantu batur. (Baca Jabur 37:3.) Urang kudu ”percaya ka PANGERAN” jeung ’ngalampahkeun nu hade’. Kumaha carana? Hayu urang bahas conto Nuh, Daud, jeung hamba-hamba Allah séjénna nu satia jeung ngandelkeun Mantenna. Sanajan maranéhna teu bisa ngarobah kaayaan, aya hal-hal séjén nu bisa dilakukeun ku maranéhna.

LAMUN LOBA KAJAHATAN DI SAKURILINGEUN URANG

5. Jelaskeun kaayaan nu disanghareupan ku Nuh.

5 Jalma-jalma di jaman Nuh kalakuanana cabul jeung ”katelengesanana geus sumebar ka mana-mana”. (Kaj. 6:4, 9-13) Sanajan Nuh nyaho yén Yéhuwa bakal ngamusnahkeun jalma-jalma nu jahat, manéhna pasti keuheuleun kana kalakuan jalma-jalma éta. Nuh mémang teu bisa ngarobah kaayaan, tapi manéhna sadar yén aya hal-hal séjén nu bisa dilakukeun.

Ditolak waktu ngawawar (Tingali paragrap 6-9)

6, 7. (a) Naon nu teu bisa dirobah ku Nuh? (b) Kumaha kaayaan urang sarua jeung kaayaan nu disanghareupan ku Nuh?

6 Nu teu bisa dirobah ku Nuh: Ku karana percaya, Nuh ngawartakeun pangéling ti Yéhuwa, tapi manéhna teu bisa maksa jalma-jalma narima warta éta. Manéhna gé teu bisa nyieun Caah Gedé datang leuwih gancang. Nuh kudu percaya lamun Yéhuwa bakal ngalaksanakeun jangji-Na pikeun numpes kajahatan dina waktuna.Kaj. 6:17.

7 Urang ogé hirup di dunya nu pinuh ku kajahatan. Yéhuwa jangji bakal numpes kajahatan. (1 Yoh. 2:17) Tapi, urang teu bisa maksa batur sangkan narima ’Injil Karajaan’. Urang gé teu bisa nyieun ”mangsa cilaka” datang leuwih gancang. (Mat. 24:14, 21) Saperti Nuh, urang kudu bener-bener yakin yén moal lila deui Yéhuwa bakal mungkas kajahatan. (Jab. 37:10, 11) Urang gé yakin lamun waktuna moal telat barang sapoé gé.Hab. 2:3.

Saperti Nuh, urang kudu boga iman nu kuat, percaya yén Allah bakal mungkas sagala kajahatan

8. Ti batan aral, naon nu dilakukeun ku Nuh? (Tingali gambar dina awal artikel.)

8 Nu bisa dilakukeun ku Nuh: Ti batan aral lantaran teu bisa ngarobah kaayaan, Nuh terus ngalakukeun hal nu bisa dilakukeun ku manéhna. Ku karana percaya, Nuh ngawartakeun pangéling ti Yéhuwa. (2 Pet. 2:5) Tangtu pagawéan éta nguatkeun iman Nuh. Salian ti éta, Nuh ogé nurutkeun paréntah Yéhuwa pikeun ngawangun bahtera.Baca Ibrani 11:7.

9. Kumaha urang bisa nyonto tuladan Nuh?

9 Saperti Nuh, urang getol ”ngalakonan kawajiban pikeun Gusti”. (1 Kor. 15:58) Contona, urang bisa mantuan ngarawat jeung ngawangun Balé Karajaan sarta Balé Kongrés, jadi rélawan dina kongrés, digawé di kantor cabang atawa kantor panarjamahan. Nu pangpentingna, lamun urang getol dina kagiatan pangwawaran, harepan urang bakal beuki kuat. Saurang sadérék nyarita, waktu manéhna ngawartakeun berkah-berkah tina Karajaan Allah, manéhna sadar yén jalma-jalma teu barogaeun harepan, panyangka maranéhna masalah téh moal bakal aya ahirna. Saperti ceuk sadérék éta, harepan urang bakal beuki kuat lamun dicaritakeun ka batur. Harepan éta nguatkeun tékad urang pikeun terus bajoang dina kahirupan!1 Kor. 9:24.

LAMUN URANG NGALAKUKEUN DOSA

10. Jelaskeun kaayaan nu disanghareupan ku Daud.

10 Yéhuwa nyaah pisan ka Raja Daud ku sabab Daud percaya ka Mantenna. (Ras. 13:22) Tapi, Daud kalah ka ngalakukeun dosa, manéhna jinah jeung Batséba. Nu leuwih parah deui, manéhna nyumputkeun dosana ku cara ngarancang siasat sangkan Uria, salakina Batséba, paéh dina perang. Malah, Daud nitah Uria ngirimkeun surat nu eusina téh paréntah pikeun maéhan Uria! (2 Sam. 11:1-21) Ahirna, dosa Daud kanyahoan. (Mar. 4:22) Naon nu dilakukeun ku Daud?

Dosa gedé (Tingali paragrap 11-14)

11, 12. (a) Naon nu teu bisa dirobah ku Daud? (b) Naon nu bakal dilakukeun ku Yéhuwa lamun urang tobat?

11 Nu teu bisa dirobah ku Daud: Kaayaan Daud moal bisa siga baheula deui. Saumur hirupna, manéhna kudu nanggung balukar tina dosana. (2 Sam. 12:10-12, 14) Jadi, Daud butuh iman. Manéhna kudu percaya yén lamun manéhna bener-bener tobat, Yéhuwa bakal ngahampura jeung ngabantu manéhna nyanghareupan balukar tina dosana.

12 Lantaran teu sampurna, urang bisa milampah dosa. Tapi, bisa ogé urang ngalampahkeun dosa gedé nu nyababkeun kaayaan urang moal bisa siga saacanna deui. Geus kitu, urang ogé kudu nanggung balukarna. (Gal. 6:7) Tapi, urang yakin lamun urang tobat, Yéhuwa bakal nguatkeun urang dina nyanghareupan balukar tina dosa urang.Baca Yesaya 1:18, 19; Rasul 3:19.

13. Kumaha Daud mulihkeun deui sosobatanna jeung Yéhuwa?

13 Nu bisa dilakukeun ku Daud: Daud hayang mulihkeun deui sosobatanna jeung Yéhuwa. Naon nu Daud lakukeun? Daud daék dibantu ku Yéhuwa. Misalna, Daud narima naséhat Yéhuwa nu ditepikeun ku Nabi Natan. (2 Sam. 12:13) Dina doana, Daud ngakukeun dosana jeung ngungkabkeun kahayangna pikeun ngaraket deui ka Yéhuwa. (Jab. 51:1-19) Ti batan teterusan ngarasa kaduhung, Daud nyokot hikmahna. Manéhna henteu ngalakukeun dosa nu sarua deui. Sababaraha taun ti harita, Daud maot. Manéhna diinget ku Yéhuwa sabagé hamba nu percaya ka Mantenna.Ibr. 11:32-34.

14. Urang bisa diajar naon tina conto Daud?

14 Urang bisa diajar naon tina conto Daud? Lamun urang ngalakukeun dosa, urang kudu bener-bener tobat, ngakukeun dosa ka Yéhuwa, jeung ménta pangampura ti Mantenna. (1 Yoh. 1:9) Urang gé kudu nyarita ka kokolot lantaran maranéhna bisa ngabantu urang mulihkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa. (Baca Yakobus 5:14-16.) Lamun urang narima bantuan ti Yéhuwa, éta hartina urang yakin yén Yéhuwa bakal ngahampura urang. Urang ogé kudu bisa nyokot hikmah tina kasalahan urang sarta terus satia ngawula ka Yéhuwa.Ibr. 12:12, 13.

DINA KAAYAAN SÉJÉNNA

Panyakit (Tingali paragrap 15)

15. Urang bisa diajar naon tina conto Hana?

15 Bisa jadi Sadérék inget hamba-hamba Allah séjénna nu nyanghareupan kasusah. Tapi, maranéhna tetep percaya ka Yéhuwa bari terus ngagawékeun nu bisa digawékeun ku maranéhna. Contona, Hana pernah teu bisa boga anak. Manéhna teu bisa ngarobah kaayaanana, tapi manéhna percaya Yéhuwa bakal ngalilipur. Jadi, manéhna tetep ibadah di bait jeung nyaritakeun parasaanana ka Yéhuwa. (1 Sam. 1:9-11) Ieu téh conto nu alus keur urang! Lamun urang boga panyakit atawa masalah séjénna nu teu bisa diréngsékeun sorangan, urang kudu masrahkeun kahariwangan ka Yéhuwa jeung yakin Mantenna paduli ka urang. (1 Pet. 5:6, 7) Urang ogé bakal nyieun upaya sangkan meunang mangpaat tina pasamoan jeung acara-acara rohani séjénna.Ibr. 10:24, 25.

Hana percaya ka Yéhuwa, jadi manéhna terus ibadah di bait jeung ngadoa

Budak nu teu ngawula deui ka Yéhuwa (Tingali paragrap 16))

16. Kolot bisa diajar naon tina conto Samuél?

16 Kumaha jeung kolot nu budakna teu ngawula deui ka Yéhuwa? Nabi Samuél teu bisa maksa budakna pikeun tetep satia ka Yéhuwa. (1 Sam. 8:1-3) Manéhna kudu masrahkeun masalah éta ka Yéhuwa. Sanajan kitu, Samuél ngupayakeun pikeun tetep satia jeung nyenangkeun Allah. (Sil. 27:11) Ayeuna, loba kolot nyanghareupan kaayaan nu sarua. Maranéhna percaya lamun Yéhuwa siap ngabagéakeun jalma dosa nu tobat, siga bapa dina misil Yésus ngeunaan anak nu leungit. (Luk. 15:20) Jadi, kolot kudu terus satia ka Yéhuwa sangkan tuladan maranéhna bisa ngageuing budakna pikeun nyobat deui jeung Yéhuwa.

Masalah ékonomi (Tingali paragrap 17)

17. Naon tuladan hadé ti randa miskin?

17 Aya tuladan hadé ti randa miskin di jaman Yésus. (Baca Lukas 21:1-4.) Manéhna teu bisa nyingkirkeun korupsi di bait, ogé teu bisa ngarobah kaayaanana nu miskin. (Mat. 21:12, 13) Tapi, imanna ka Yéhuwa ngajurung manéhna pikeun ngadukung ibadah sajati. Manéhna nyumbangkeun sakabéh hartana, nyaéta ”duit tambaga dua gebleg”. Randa éta bener-bener yakin lamun manéhna ngutamakeun Yéhuwa, Mantenna bakal nyumponan pangabutuhna. Kitu ogé, lamun urang ngutamakeun Karajaan Allah, urang yakin yén Yéhuwa bakal nyumponan sagala pangabutuh urang.Mat. 6:33.

18. Caritakeun pangalaman saurang sadérék nu ngandelkeun Yéhuwa.

18 Ayeuna gé, loba sadérék urang nu terus percaya ka Yéhuwa. Maranéhna henteu terus mikirkeun hal-hal nu teu bisa dirobah, tapi mikirkeun naon nu bisa dilakukeun. Aya conto ti Sadérék Malcolm nu terus satia nepi ka maotna dina taun 2015. Sadérék Malcolm jeung pamajikanana geus ngalaman rupa-rupa kaayaan, boh senang boh susah. Ceuk manéhna, ”Hirup téh teu bisa diduga-duga, teu pasti, jeung teu gampang. Tapi, Yéhuwa ngaberkahan jalma nu ngandelkeun Mantenna.” Naon naséhat ti Sadérék Malcolm? ”Doa ka Yéhuwa sangkan Sadérék sumanget jeung getol dina ngawula. Pikirkeun hal-hal nu bisa Sadérék lakukeun, lain nu teu bisa dirobah ku Sadérék.” *—Tingali catetan handap.

19. (a) Ku naon ayat taunan pikeun 2017 téh cocog pisan? (b) Kumaha Sadérék bakal ngalarapkeun ayat taunan 2017 dina kahirupan Sadérék?

19 Dunya ieu ”geus jahat teh bakal beuki jahat”, jadi urang apal yén kasusahan bakal beuki loba. (2 Tim. 3:1, 13) Tapi nu leuwih penting, urang ulah nyerah waktu nyanghareupan kasusah. Sabalikna, urang kudu boga iman nu kuat jeung mikirkeun hal-hal nu bisa urang lakukeun. Ku kituna, ayat taunan pikeun 2017 téh cocog pisan, ”Sing percaya ka PANGERAN, lampahkeun nu hade”!Jab. 37:3.

Ayat taunan 2017: ”Sing percaya ka PANGERAN, lampahkeun nu hade.”Jab. 37:3

^ par. 18 Tingali Menara Pengawal 15 Oktober 2013, kaca 17 nepi ka 20.