Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 1

Datangan Jalma-Jalma, Jaradikeun Murid

Datangan Jalma-Jalma, Jaradikeun Murid

AYAT TAUNAN 2020: Ku sabab éta datangan jalma-jalma, jaradikeun murid, jeung baptis maranéhna.​—MAT. 28:19.

KAWIH 79 Ajar Maranéhna Sangkan Pengkuh

NU DIBAHAS *

1-2. Naon nu diomongkeun ku hiji malaikat ka para wanita di makam, jeung Yésus nitah naon ka maranéhna?

ISUK-ISUK pisan dina tanggal 16 Nisan 33 M, sababaraha wanita nu keur sedih ngajugjug ka makam. Leuwih ti 36 jam saacanna, mayit Tuang Yésus Kristus dimakamkeun di dinya. Maranéhna rék ngabalurkeun rampé jeung minyak seungit ka mayit Yésus. Ari pék téh barang geus nepi, makamna kosong! Hiji malaikat ngabéjaan para wanita éta yén Yésus geus dihudangkeun tina maot, tuluy ngomong, ”Anjeunna geus angkat ti heula ka Galilea, tangtu Anjeunna kapanggih ku maraneh di ditu.”​—Mat. 28:1-7, Sunda Formal; Luk. 23:56; 24:10.

2 Sanggeus para wanita éta ninggalkeun makam, Yésus manggihan maranéhna tuluy nitah, ”Jung bejakeun ka dulur-dulur Kami yen kudu ka Galilea, engke tepung di ditu.” (Mat. 28:10) Yésus pasti rék méré pituduh nu penting pisan ka para muridna lantaran ieu téh hal nu mimiti dilakukeun ku Yésus sanggeus anjeunna dihirupkeun deui!

NGAJADIKEUN MURID TÉH PARÉNTAH KEUR SAHA?

Waktu Yésus panggih jeung para rasul sarta nu séjénna di Galiléa sanggeus anjeunna dihirupkeun deui, anjeunna méré pituduh pikeun ’ngadatangan jalma-jalma jeung ngajadikeun murid’ (Tingali paragrap 3-4)

3-4. Ku naon urang bisa yakin yén paréntah Yésus nu dicatet dina Mateus 28:19, 20 lain keur para rasul wungkul? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

3 Baca Mateus 28:16-20. Sanggeus ngumpul jeung murid-muridna, Yésus méré nyaho tugas penting nu kudu dilaksanakeun ku murid-muridna dina abad kahiji, ogé ku urang dina jaman ayeuna. Ceuk Yésus, ”Ku sabab eta datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami. . . . Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh.”

4 Yésus hayang sakabéh muridna ngawawar. Paréntah ieu téh lain keur 11 rasulna wungkul. Naon buktina? Basa Yésus méré paréntah pikeun ngajadikeun murid, naha ngan rasul-rasulna wungkul nu datang ka gunung di Galiléa? Inget deui malaikat ngomong ka para wanita, ”Tangtu Anjeunna kapanggih ku maraneh di [Galiléa].” Jadi, sigana mah para wanita ogé daratang ka dinya. Tapi aya deui nu séjén, Rasul Paulus nyebutkeun yén Yésus némbongan ka ”leuwih ti lima ratus urang” sakaligus. (1 Kor. 15:6) Di mana?

5. Ku naon urang bisa nyimpulkeun yén kekecapan dina 1 Korinta 15:6 téh ngamaksudkeun kajadian nu dicatet dina Mateus pasal 28?

5 Urang bisa nyimpulkeun yén nu dimaksud ku Paulus téh nyaéta kajadian nu dicatet dina Mateus pasal 28 basa Yésus ngumpulkeun murid-muridna di Galiléa. Naon sababna? Kahiji, kalolobaan murid Yésus urang Galiléa. Jadi, leuwih asup akal pikeun ngumpulkeun loba jalma di gunung di Galiléa ti batan di hiji imah di Yérusalém. Kadua, sanggeus dihirupkeun deui, Yésus geus manggihan 11 rasulna di hiji imah di Yérusalém. Jadi, lamun pituduh Yésus pikeun ngawawar jeung ngajar ngan keur para rasul, kuduna mah ngomongna téh pas keur di Yérusalém. Tapi henteu kitu, Yésus malah nitah rasul-rasul, para wanita, jeung nu séjénna panggih jeung anjeunna di Galiléa.​—Luk. 24:33, 36.

6. Kumaha Mateus 28:20 nunjukkeun yén paréntah pikeun ngajadikeun muridna téh lumangsung nepi ka ayeuna, jeung naon buktina paréntah ieu keur dijalankeun ayeuna?

6 Perhatikeun alesan katilu ku naon paréntah Yésus pikeun ngajadikeun murid téh lain ngan saukur keur urang Kristen dina abad kahiji. Yésus mungkas pituduhna ku kekecapan, ”Kami tangtu nyarengan ka maraneh salalawasna nepi ka ahir jaman.” (Mat. 28:20) Kekecapan Yésus téh bener, kiwari loba jalma keur ngajadikeun murid. Pikirkeun, ampir 300.000 jalma unggal taun dibaptis jadi Saksi-Saksi Yéhuwa jeung jadi murid Yésus Kristus!

7. Naon nu bakal dibahas ayeuna, jeung naon sababna?

7 Loba palajar Alkitab nu nyieun kamajuan tuluy dibaptis. Tapi aya ogé nu rutin diajar jeung urang tapi asa-asa jadi murid Yésus. Maranéhna resep diajar tapi teu nyieun kamajuan pikeun dibaptis. Lamun Sadérék keur ngajarkeun Alkitab ka saurang jalma, Sadérék pasti hayang ngabantu manéhna ngalarapkeun naon nu geus diajarkeun jeung jadi murid Kristus. Artikel ieu bakal ngabahas kumaha urang bisa ngageuing haté palajar Alkitab jeung ngabantu manéhna maju rohani. Ku naon ieu kudu dibahas? Lantaran bisa jadi urang kudu mutuskeun naha palajaranana kudu dieureunkeun atawa henteu.

GEUING HATÉNA

8. Ku naon teu gampang ngabantu palajar Alkitab mikanyaah Yéhuwa?

8 Yéhuwa hoyong jalma-jalma ngawula Mantenna lantaran nyaah ka Mantenna. Jadi, tujuan urang téh nyaéta ngabantu palajar Alkitab paham yén Yéhuwa perhatian jeung nyaah pisan ka manéhna pribadi. Urang hayang ngabantu manéhna nganggap Yéhuwa téh ”Bapa keur para pahatu jeung nu ngaraksa randa-randa”. (Jab. 68:5, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Lamun palajar Alkitab ngahargaan kanyaah Allah ka manéhna, haténa bakal kageuing jeung jadi mingkin nyaah ka Mantenna. Aya ogé nu ngarasa hésé nganggap Yéhuwa sabagé Bapa nu nyaahan lantaran bapana sorangan gé teu nyaah jeung teu welas asih ka manéhna. (2 Tim. 3:1, 3) Mun kitu, tandeskeun sipat-sipat Yéhuwa nu bisa keuna kana haténa pas Sadérék mandu palajaran. Bantu palajar Alkitab Sadérék paham yén Allah nu nyaah ka manéhna hoyong manéhna hirup langgeng sarta siap ngabantu manéhna meunangkeun hal éta. Naon deui nu bisa dilakukeun ku urang?

9-10. Buku naon nu sakuduna dipaké pikeun mandu palajaran Alkitab, jeung ku naon kudu maké buku éta?

9 Paké buku ”Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?” jeung ”Carana Tetep Dipikaasih ku Allah”. Dua buku ieu husus dijieun pikeun ngabantu urang ngageuing haté palajar Alkitab. Misalna, pasal 1 buku Diajar Kitab Suci ngajawab pananya-pananya: Naha Allah merhatikeun urang?, Kumaha parasaan Allah ningali kasangsaraan manusa?, jeung Naha Sadérék bisa jadi sobat Allah? Ari buku Tetep Dipikaasih ku Allah mah ngabantu palajar Alkitab paham carana ngalarapkeun prinsip Alkitab supaya manéhna bisa leuwih hadé hirupna jeung bisa ngaraket ka Yéhuwa. Sanajan Sadérék geus pernah ngajar maké buku ieu, Sadérék kudu tetep persiapan unggal rék ngajar sarta mikirkeun bagian mana nu cocog jeung kabutuhan palajar Alkitab.

10 Tapi, kumaha lamun palajar resep kana hiji topik nu teu dibahas dina dua buku éta? Sadérék bisa ngajurung manéhna maca sorangan buku nu ngabahas topik éta supaya Sadérék bisa tetep mandu palajaran maké salah sahiji ti dua buku nu tadi geus disebutkeun.

Mimitian palajaran Alkitab ku doa (Tingali paragrap 11)

11. Iraha urang bisa ngamimitian muka jeung nutup palajaran ku doa, jeung kumaha cara ngajelaskeunana?

11 Unggal diajar, mimitian ku doa. Alusna mah Sadérék teu ngaengké-engké muka jeung nutup palajaran ku doa. Biasana éta dilakukeun dina minggu-minggu awal waktu palajar Alkitab geus rutin diajar. Urang kudu ngabantu palajar Alkitab paham yén urang butuh bantuan roh suci Allah sangkan bisa ngarti Firman Allah. Sababaraha guru Alkitab ngajelaskeunana ku cara macakeun Yakobus 1:5, ”Lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah.” Tuluy manéhna nanya, ”Kumaha urang bisa meunangkeun kabijaksanaan ti Allah?” Biasana palajar satuju yén urang kudu ngadoa ka Allah.

12. Kumaha Sadérék bisa ngagunakeun Jabur 139:2-4 pikeun ngabantu palajar Alkitab teu asa-asa ngungkabkeun parasaanana dina doa?

12 Ajar palajar Alkitab carana ngadoa. Jelaskeun, Yéhuwa hoyong ngadangukeun doa manéhna nu sapinuh haté. Béré nyaho yén dina doa pribadi ka Yéhuwa, urang bébas ngungkabkeun parasaan nu teu bisa diungkabkeun ka sasaha. Inget, Yéhuwa apal eusi pikiran urang. (Baca Jabur 139:2-4.) Urang gé bisa ngajurung palajar pikeun ménta bantuan Allah sangkan manéhna bisa ngarobah pikiran jeung kabiasaan nu salah. Misalna, aya nu geus diajar Alkitab tapi resep kénéh kana perayaan nu sabenerna teu meunang keur urang Kristen. Manéhna nyaho éta téh salah, tapi masih kénéh resep kana sababaraha hal tina perayaan éta. Jurung manéhna pikeun ngungkabkeun sabalakana parasaanana ka Yéhuwa jeung jurung manéhna ménta bantuan ka Yéhuwa sangkan bisa mikaresep naon nu dipikaresep ku Allah.​—Jab. 97:10.

Ajak palajar Alkitab ka pasamoan (Tingali paragrap 13)

13. (a) Ku naon urang kudu ngajak palajar Alkitab ka pasamoan ti awal-awal kénéh? (b) Kumaha supaya palajar Alkitab ngarasa betah di balé Karajaan?

13 Ajak palajar Alkitab ka pasamoan ti awal-awal kénéh. Nu didéngé jeung diperhatikeun ku manéhna di pasamoan bisa ngageuing haté manéhna jeung ngabantu manéhna nyieun kamajuan. Setél vidéo Naon nu Diayakeun di Balé Karajaan? sarta ondang manéhna ka pasamoan. Lamun bisa, tawarkeun pikeun indit bareng ka pasamoan. Hadé ogé lamun saacanna Sadérék ngajak pawarta nu béda-béda waktu mandu palajaran Alkitab. Jadi, palajar Alkitab geus wawuh jeung sababaraha anggota sidang sarta ngarasa betah di pasamoan.

BANTU PALAJAR ALKITAB MAJU ROHANI

14. Lantaran nyaah ka Yéhuwa, palajar Alkitab kajurung pikeun ngalampahkeun naon?

14 Tujuan urang téh nyaéta ngabantu palajar Alkitab maju rohani. (Epe. 4:13) Waktu saurang jalma daék diajar Alkitab, bisa jadi nu dipikirkeun ku manéhna téh ngan mangpaatna keur diri sorangan. Tapi waktu manéhna beuki nyaah ka Yéhuwa, manéhna bisa jadi mikirkeun carana nulungan batur, kaasup anggota sidang. (Mat. 22:37-39) Lamun waktuna cocog, ulah asa-asa méré nyaho manéhna yén urang bisa nyumbang pikeun ngadukung kagiatan Karajaan. Éta téh hak istiméwa.

Ajar manéhna ngaréngsékeun masalah (Tingali paragrap 15)

15. Kumaha urang bisa ngabantu palajar Alkitab lamun manéhna boga masalah?

15 Ajar palajar Alkitab carana ngaréngsékeun masalah. Misalna, palajar Alkitab Sadérék, nu geus jadi pawarta can dibaptis, ngomong yén manéhna kasinggung ku saurang sadérék. Ti batan urang méré nyaho saha nu bener saha nu salah, mending ngabahas ayat Alkitab nu bisa ngabantu manéhna. Manéhna bisa ngahampura jeung mopohokeun masalahna, tapi lamun teu bisa, jurung manéhna pikeun ngomong langsung jeung sadérék éta tapi kudu soméah jeung lemah lembut supaya bisa ”ngahiji deui jeung dulur”. (Bandingkeun Mateus 18:15.) Bantu manéhna nyiapkeun naon nu rék diomongkeun. Béré nyaho carana ngarisét masalah ieu dina aplikasi JW Library®, Panduan Riset untuk Saksi-Saksi Yehuwa, jeung jw.org®. Beuki sering dilatih pikeun ngaréngsékeun masalah saacan dibaptis, beuki gampang manéhna akur jeung anggota sidang.

16. Naon mangpaatna lamun Sadérék ngajak pawarta séjén milu ngajar palajar Alkitab?

16 Ajak batur di sidang, kaasup pangawas wilayah nu keur nganjangan sidang, pikeun milu ngajar palajar Alkitab. Ku naon? Salian ti alesan nu geus disebutkeun saacanna, pawarta séjén bisa méré bantuan nu leuwih cocog lantaran pernah boga masalah nu sarua. Misalna, palajar Alkitab hayang eureun ngaroko tapi osok gagal. Mun kitu, ajak Saksi nu geus suksés ngeureunkeun kabiasaan goréng éta, sanajan pernah gagal sababaraha kali. Sadérék éta bisa méré saran nu alus keur palajar Alkitab Sadérék. Lamun Sadérék ngarasa kararagok mandu palajaran bareng jeung sadérék nu geus pangalaman, pénta manéhna nu mandu. Tangtu palajar Alkitab bisa meunang mangpaat tina pangalaman para pawarta séjén. Inget, tujuan urang téh ngabantu palajar Alkitab maju rohani.

NAHA KUDU DIEUREUNKEUN?

17-18. Naon nu kudu dipikirkeun saacan ngeureunkeun palajaran Alkitab jeung saurang jalma?

17 Lamun palajar Alkitab teu nyieun kamajuan, sakapeung sok kapikir, ’Naha palajar Alkitab abdi kudu dieureunkeun diajarna?’ Saacan nyieun putusan, pikirkeun kasanggupan jalma éta. Aya jalma nu butuh waktu leuwih lila pikeun nyieun kamajuan. Pék pikirkeun, ’Mun ningali kaayaan manéhna, naha kamajuanana téh asup akal?’ ’Naha manéhna geus ”ngalakonan” hal-hal nu geus diajarkeun?’ (Mat. 28:20) Bisa jadi butuh waktu lila keur saurang jalma pikeun jadi murid. Tapi, manéhna kudu nyieun kamajuan sanajan lalaunan.

18 Tapi, kumaha lamun palajar Alkitab nu geus diajar sababaraha waktu teu némbongkeun yén manéhna ngahargaan palajaran Alkitab? Misalna kieu: Palajar Alkitab Sadérék geus ngaréngsékeun buku Diajar Kitab Suci, malahan geus ngamimitian diajar buku Tetep Dipikaasih ku Allah, tapi manéhna teu pernah sakali-kali acan datang ka pasamoan, ka Pangéling-ngéling gé henteu! Manéhna gé sering ngabatalkeun palajaran Alkitab ku alesan nu sapira. Mun kitu, Sadérék kudu terus terang ka palajar Alkitab Sadérék. *

19. Naon nu bisa ditanyakeun ka jalma nu katingalina teu ngahargaan palajaran Alkitab, jeung kumaha jawabanana bisa ngabantu Sadérék nyieun putusan?

19 Sadérék bisa nanya kieu, ’Naon nu ngahalangan anjeun jadi Saksi Yéhuwa?’ Meureun palajar Alkitab bakal ngajawab, ’Abdi resep sih diajar Alkitab, tapi jadi Saksi Yéhuwa mah moal lah!’ Lamun sikepna kitu sanajan manéhna geus diajar sababaraha waktu, naha palajaran Alkitabna kudu diteruskeun? Atawa sabalikna, palajar Alkitab Sadérék méré nyaho naon nu ngahalangan manéhna jadi Saksi. Misalna, manéhna ngarasa moal mungkin bisa ngawawar ti imah ka imah. Mun manéhna ngarasa kitu, Sadérék jadi ngarti kumaha cara mantuan manéhna.

Ulah méakkeun waktu ngajar jalma nu teu maju-maju (Tingali paragrap 20)

20. Kumaha Rasul 13:48 ngabantu urang mutuskeun naha rék ngeureunkeun palajaran Alkitab atawa henteu?

20 Hanjakalna, aya palajar Alkitab nu siga bangsa Israil dina jaman Yéhéskél. Perhatikeun, Yéhuwa nyarios naon ka Yéhéskél ngeunaan maranéhna, ”Diaranggapna maneh teh teu kurang teu leuwih ti tukang ngamen, ngawihkeun lagu asmara atawa nabeuh kacapi. Ucap-ucap maneh saukur ditaranggap, ditarurut mah sakecap ge moal.” (Yeh. 33:32) Meureun Sadérék ngarasa beurat rék ngeureunkeun palajaran. Tapi, waktuna kari saeutik deui. (1 Kor. 7:29) Ti batan méakkeun waktu pikeun ngajar jalma nu teu maju-maju, mending urang néangan jalma nu boga ”sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng”.​—Ras. 13:48, NW.

Bisa jadi aya jalma séjén di daérah Sadérék nu keur ngadoa ménta bantuan (Tingali paragrap 20)

21. Naon ayat taunan 2020, jeung ayat éta ngabantu urang ngalakukeun naon?

21 Ayat taunan 2020 ngabantu urang mikirkeun kumaha carana supaya bisa leuwih hadé dina ngajadikeun murid. Hayu urang inget ayat taunan ieu nu ngamuat kekecapan Yésus dina kajadian penting di gunung di Galiléa: Ku sabab éta datangan jalma-jalma, jaradikeun murid, jeung baptis maranéhna.​Mat. 28:19.

Mugia urang boga tékad pikeun leuwih hadé dina ngajadikeun murid jeung ngabantu palajar Alkitab dibaptis (Tingali paragrap 21)

KAWIH 70 Téangan nu Daék Narima

^ par. 5 Ayat taunan pikeun 2020 ngajurung urang pikeun ’ngajadikeun murid’. Sakabéh hamba Yéhuwa kudu taat kana paréntah ieu. Kumaha carana ngageuing haté palajar Alkitab supaya maranéhna jadi murid Kristus? Artikel ieu bakal ngabahas carana urang ngabantu palajar Alkitab raket jeung Yéhuwa. Tuluy urang gé bakal ngabahas naon nu kudu dipikirkeun saacan ngeureunkeun palajaran Alkitab jeung saurang jalma.

^ par. 18 Tongton vidéo Ngeureunkeun Palajar Alkitab nu Teu Nyieun Kamajuan dina JW Broadcasting®.