Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 4

Roh Allah Nganyatakeun yén Maranéhna téh Putra-Putra Allah

Roh Allah Nganyatakeun yén Maranéhna téh Putra-Putra Allah

”Roh Allah ku manten jeung roh urang bareng nganyatakeun yen urang teh putra-putra Allah.”​—RUM 8:16.

KAWIH 25 Milik nu Istiméwa

NU DIBAHAS *

Yéhuwa masihan roh suci-Na ku cara nu luar biasa dina Péntakosta ka kira-kira 120 urang Kristen (Tingali paragrap 1-2)

1-2. Aya kajadian luar biasa naon dina poé Péntakosta 33 M?

DINA poé Minggu isuk-isuk di Yérusalém, aya kira-kira 120 murid keur ngarumpul di loténg imah. Harita téh poé Péntakosta taun 33 M. (Ras. 1:13-15; 2:1) Sababaraha poé saacanna, Yésus nitah maranéhna pikeun ngadagoan di Yérusalém lantaran maranéhna bakal narima kurnia nu istiméwa. (Ras. 1:4, 5) Aya kajadian naon deui saterusna?

2 ”Dumadakan ti langit aya anu ngaguruh sada angin gede.” Sorana kadéngé ka saeusi imah. Tuluy, aya nu ”saperti seuneu, bangunna siga letah-letah” areunteup dina sirah murid-murid. Maranéhna ”kacalikan ku Roh Suci”. (Ras. 2:2-4) Ku cara nu luar biasa ieu Yéhuwa masihan roh suci-Na ka éta kelompok. (Ras. 1:8) Maranéhna téh nu mimiti diistrénan ku roh suci * jeung dibéré harepan pikeun maréntah bareng jeung Yésus di sawarga.

NAON NU KAALAMAN KU JALMA NU DIISTRÉNAN?

3. Ku naon jalma-jalma dina Péntakosta yakin pisan maranéhna diistrénan ku roh suci?

3 Lamun Sadérék aya di antara murid-murid nu ngarumpul di loténg éta, Sadérék pasti moal poho kana kajadianana. Aya nu siga seuneu eunteup dina sirah Sadérék, jeung ujug-ujug Sadérék bisa ngomong basa séjén! (Ras. 2:5-12) Tangtu, Sadérék yakin pisan geus diistrénan ku roh suci. Tapi, naha carana jalma-jalma diistrénan ku roh suci téh sarua kabéh? Henteu. Urang nyaho ti mana?

4. Iraha jalma-jalma dina abad kahiji diistrénan ku roh suci, naha waktuna sarua kabéh? Jelaskeun.

4 Hayu urang bahas iraha saurang jalma diistrénan. Nu diistrénan ku roh suci téh lain ngan saukur kelompok nu jumlahna kira-kira 120 jalma dina Péntakosta 33 M. Dina poé éta kénéh, aya kira-kira 3.000 jalma deui nu narima roh suci sakumaha nu dijangjikeun ku Yésus. Maranéhna diistrénan pas keur dibaptis. (Ras. 2:37, 38, 41) Tapi sababaraha taun sanggeusna, aya nu diistrénanana lain pas keur dibaptis. Contona, urang Samaria diistrénan sababaraha waktu sanggeus maranéhna dibaptis. (Ras. 8:14-17) Malah Kornélius jeung rumah tanggana mah béda pisan. Maranéhna diistrénan saacan dibaptis.​—Ras. 10:44-48.

5. Numutkeun 2 Korinta 1:21, 22, naon nu kaalaman waktu 7saurang jalma diistrénan?

5 Ayeuna urang bahas naon nu kaalaman ku jalma nu diistrénan ku roh suci. Bisa jadi aya nu mimitina mah teu ngarti ku naon Yéhuwa milih manéhna. Meureun manéhna bingung, ’Ku naon Allah milih abdi?’ Tapi nu séjén meureun teu siga kitu. Teu sual naon nu dirasakeun ku maranéhna, Rasul Paulus ngajelaskeun naon nu kaalaman ku jalma nu diistrénan, ”Aranjeun teh percaya . . . [jeung] diterapan cap * Ruh Allah sakumaha anu geus dijangjikeun. Ruh Allah teh, jadi pamanjer tina warisan urang.” (Epe. 1:13, 14, SF) Jadi, Yéhuwa ngagunakeun roh suci-Na pikeun bener-bener ngayakinkeun urang Kristen éta yén manéhna geus dipilih ku Mantenna. Ku cara kitu, roh suci jadi ”tanda [jaminan atawa jangji]” nu ngayakinkeun maranéhna yén dina mangsa kahareup, maranéhna bakal hirup langgeng di sawarga lainna di bumi.​—Baca 2 Korinta 1:21, 22.

6. Naon nu kudu dilakukeun ku urang Kristen nu diistrénan sangkan bisa meunangkeun ganjaranana?

6 Lamun saurang Kristen diistrénan, naha manéhna pasti meunang ganjaran ka sawarga? Henteu. Manéhna yakin geus dipilih ka sawarga. Tapi manéhna kudu inget kana pangéling ieu, ”Sadérék-sadérék sing sabisa-bisa nyieun upaya sangkan aranjeun tetep disaur jeung dipilih ku Allah. Lamun éta terus dilakukeun, aranjeun pasti moal bakal gagal.” (2 Pet. 1:10, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Jadi, sanajan urang Kristen nu diistrénan geus dipilih, atawa disalaur, ka sawarga, maranéhna bakal meunang ganjaranana lamun tetep satia.​—Pil. 3:12-14; Ibr. 3:1; Wahyu 2:10.

KUMAHA SAURANG JALMA BISA NYAHO MANÉHNA DIISTRÉNAN?

7. Kumaha jalma nu diistrénan bisa nyaho manéhna disaur ka sawarga?

7 Tapi, kumaha saurang jalma bisa nyaho manéhna disaur ka sawarga? Jawabanana jelas dina kekecapan Paulus ka urang Rum nu ”disalaur supaya jaradi umat-Na [”jalma-jalma suci”, NW]”. Ceuk manéhna, ”Roh paparin ti Allah teh moal . . . ngalantarankeun aranjeun jadi pinuh ku rasa kasieun, sabalikna bakal midamel aranjeun jadi putra-putra Allah, sarta ku perbawa Roh Allah, aranjeun bisa nyebut ka Allah, ’Ama, nun Ama!’ Roh Allah ku manten jeung roh urang bareng nganyatakeun yen urang teh putra-putra Allah.” (Rum 1:7; 8:15, 16) Jadi, Allah ngagunakeun roh suci-Na pikeun ngayakinkeun jalma-jalma nu diistrénan yén maranéhna disalaur ka sawarga.​—1 Tes. 2:12.

8. Kumaha 1 Yohanes 2:20, 27 nunjukkeun yén urang Kristen nu diistrénan teu kudu diyakinkeun ku batur yén maranéhna diistrénan?

8 Yéhuwa ngabantu maranéhna henteu cangcaya saeutik-eutik acan yén maranéhna dipilih ka sawarga. (Baca 1 Yohanes 2:20, 27 tina catetan handap.) * Tangtu, urang Kristen nu diistrénan kudu diajar ku Yéhuwa di sidang kawas nu séjénna. Tapi, maranéhna teu kudu diyakinkeun ku batur yén maranéhna téh jalma nu diistrénan. Maranéhna geus diyakinkeun ku kawasa nu paling kuat sajagat raya, roh suci Yéhuwa!

MARANÉHNA ”DIJURUKEUN DEUI”

9. Waktu saurang jalma diistrénan, parobahan naon nu kaalaman ku maranéhna saperti nu dijelaskeun dina Epesus 1:18?

9 Kalolobaan hamba Allah kiwari bisa jadi teu ngarti kumaha saurang jalma diistrénan ku Allah. Éta wajar lantaran maranéhna can pernah diistrénan. Allah nyiptakeun manusa pikeun hirup langgeng di bumi lain di sawarga. (Kaj. 1:28; Jab. 37:29) Tapi, aya nu dipilih ku Yéhuwa pikeun hirup di sawarga. Jadi, waktu Mantenna ngistrénan maranéhna, Mantenna bener-bener ngarobah harepan jeung cara pikirna. Ku kituna, maranéhna ngadago-dago pikeun hirup di sawarga.​—Baca Epesus 1:18.

10. Naon hartina ”dijurukeun deui”? (Tingali ogé catetan handap.)

10 Waktu urang Kristen diistrénan ku roh suci, maranéhna ”dijurukeun deui”. * Yésus sacara teu langsung pernah ngomong yén mustahil ngajelaskeun sacara rinci ka jalma nu teu diistrénan kumaha rasana ”dijurukeun deui”, atawa ’dijurukeun ti Roh Allah’.​—Yoh. 3:3-8.

11. Jelaskeun parobahan cara pikir nu kaalaman ku jalma nu diistrénan.

11 Urang Kristen nu diistrénan ngalaman parobahan cara pikir naon? Saacan diistrénan ku Yéhuwa, maranéhna bungah boga harepan hirup langgeng di bumi. Maranéhna ngarepkeun pisan waktuna Yéhuwa nyingkirkeun sagala kajahatan jeung ngarobah bumi ieu jadi pirdaus. Bisa jadi maranéhna ngabayangkeun bakal ngabagéakeun kulawarga atawa sobatna nu dihirupkeun deui. Tapi sanggeus diistrénan, cara pikirna barobah. Ku naon bisa kitu? Ieu lain lantaran maranéhna teu puas kana harepan hirup langgeng di bumi. Ieu ogé lain lantaran maranéhna keur sangsara pisan nepi ka teu hayang deui hirup di bumi. Maranéhna gé teu ujug-ujug ngarasa hirup langgeng di dunya téh bakal bosen. Tapi, Yéhuwa ngagunakeun roh suci-Na pikeun ngarobah cara pikir jeung harepan maranéhna.

12. Numutkeun 1 Petrus 1:3, 4, kumaha parasaan urang Kristen nu diistrénan kana harepanana?

12 Jalma nu diistrénan bisa jadi ngarasa teu layak dibéré hak istiméwa ieu. Tapi, manéhna teu saeutik-eutik acan cangcaya yén Yéhuwa geus milih manéhna. Haténa pinuh ku kabungah jeung panghargaan waktu mikirkeun harepan hirup di sawarga.​—Baca 1 Petrus 1:3, 4.

13. Naon nu dirasakeun ku jalma nu diistrénan kana kahirupanana di bumi?

13 Jadi, naha ieu hartina jalma nu diistrénan hayang maot? Rasul Paulus ngajawab pananya ieu. Manéhna ngibaratkeun awak manusa jeung imah. Manéhna ngomong, ”Sapanjang make ieu imah anu sipat jasmani, urang teh wungkul rumahuh ku rupa-rupa beungbeurat. Tapi lain hartina hayang ucul tina badan nu asal ti dunya, hayang soteh make badan anu ti sawarga, malar badan anu sipatna keuna ku ajal teh salin jadi sipat hirup.” (2 Kor. 5:4) Urang Kristen nu diistrénan lainna bosen hirup jeung hayang geura maot. Sabalikna, maranéhna resep ngajalankeun hirup jeung hayang unggal poé ngawula Yéhuwa bareng jeung kulawarga sarta sobatna. Tapi, teu sual naon nu dilakukeun ku jalma nu diistrénan, maranéhna terus inget kana harepan luar biasa nu bakal ditarima dina mangsa kahareup.​—1 Kor. 15:53; 2 Pet. 1:4; 1 Yoh. 3:2, 3; Wahyu 20:6.

NAHA SADÉRÉK DIISTRÉNAN KU YÉHUWA?

14. Hal-hal naon waé nu teu bisa dijadikeun dasar yén hiji jalma geus diistrénan?

14 Meureun Sadérék mikir naha Sadérék téh diistrénan ku roh suci? Mun kitu, pikirkeun pananya-pananya penting ieu: Naha Sadérék boga kahayang nu gedé pikeun ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa? Naha Sadérék ngarasa sumanget pisan ngawawar? Naha Sadérék gé jalma nu getol jeung resep pisan diajar Alkitab jeung diajar ”maksad-maksad Allah anu pangbunina”? (1 Kor. 2:10) Naha Sadérék ngarasa Yéhuwa masihan hasil nu alus dina pangwawaran? Naha Sadérék ngarasa boga tanggung jawab gedé pikeun ngabantu batur diajar ngeunaan Yéhuwa? Naha Sadérék geus ningali bukti yén Yéhuwa sering ngabantu Sadérék sacara husus? Lamun Sadérék ngajawab enya pikeun pananya-pananya éta, naha éta ngabuktikeun yén Sadérék disaur ka sawarga? Henteu. Naon sababna? Lantaran sakabéh hamba Allah bisa ngarasa siga kitu, teu sual diistrénan atawa henteu. Yéhuwa gé bisa masihan roh suci ka kabéh hamba-Na supaya bisa ngalampahkeun hal-hal éta, teu sual harepanana. Sabenerna, lamun Sadérék cangcaya naha diistrénan ku roh suci atawa henteu, éta hartina Sadérék henteu diistrénan. Jalma-jalma nu disaur ku Yéhuwa moal cangcaya naha maranéhna diistrénan atawa henteu! Maranéhna yakin dipilih!

Yéhuwa masihan roh suci-Na ka Ibrahim, Sarah, Daud, jeung Yohanes Jurubaptis supaya maranéhna bisa ngalakukeun hal-hal nu luar biasa, tapi Mantenna teu ngagunakeun roh suci éta pikeun masihan harepan hirup di sawarga ka maranéhna (Tingali paragrap 15-16) *

15. Naon buktina yén teu sakabéh jalma nu narima roh suci dipilih ka sawarga?

15 Dina Alkitab, aya loba conto jalma-jalma nu boga iman jeung narima roh suci, tapi teu boga harepan ka sawarga. Misalna, Daud dibingbing ku roh suci. (1 Sam. 16:13) Roh suci ngabantu manéhna ngarti kana hal-hal nu jero ngeunaan Yéhuwa jeung ngabingbing manéhna pikeun nulis sababaraha bagian dina Alkitab. (Mar. 12:36) Sanajan kitu, Rasul Pétrus nyebutkeun yén Daud ”henteu munggah ka sawarga”. (Ras. 2:34) Yohanes Jurubaptis ”dilinggihan ku Roh Suci”. (Luk. 1:13-16) Yésus nyebutkeun yén euweuh jalma nu leuwih agung ti batan Yohanes, tapi anjeunna gé nyebutkeun yén Yohanes moal asup ka Karajaan sawarga. (Mat. 11:10, 11) Yéhuwa masihan roh suci-Na supaya maranéhna bisa ngalakukeun hal-hal nu luar biasa, tapi Mantenna teu ngagunakeun roh suci éta pikeun milih maranéhna hirup di sawarga. Naha ieu hartina maranéhna teu pati satia ti batan jalma-jalma nu dipilih pikeun maréntah di sawarga? Henteu, lantaran Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui maranéhna di Pirdaus di bumi.​—Yoh. 5:28, 29; Ras. 24:15.

16. Naon ganjaran nu diarep-arep ku kalolobaan hamba Allah kiwari?

16 Kalolobaan hamba Allah di bumi kiwari teu boga harepan hirup di sawarga. Kitu ogé jeung Ibrahim, Sarah, Daud, Yohanes Jurubaptis, jeung loba deui priya wanita séjénna dina jaman Alkitab. Maranéhna ngarep-ngarep hirup di bumi waktu Karajaan Allah maréntah.​—Ibr. 11:10.

17. Pananya-pananya naon nu bakal dijawab dina artikel saterusna?

17 Lantaran jalma nu diistrénan masih aya kénéh di antara umat Allah kiwari, meureun aya pananya-pananya nu dipikirkeun ku urang. (Wahyu 12:17) Misalna, kumaha sakuduna jalma nu diistrénan mandang dirina sorangan? Kumaha sakuduna sikep Sadérék ka jalma di sidang nu dahar roti jeung nginum anggur dina Pangéling-ngéling? Jeung kumaha lamun jalma-jalma nu ngaku dirina diistrénan téh terus ngalobaan? Naha éta kudu dihariwangkeun? Urang bakal ngajawab pananya-pananya éta dina artikel saterusna.

^ par. 5 Ti saprak Péntakosta 33 M, Yéhuwa masihan harepan nu luar biasa ka sababaraha urang Kristen, nyaéta maréntah bareng jeung Putra-Na di sawarga. Tapi, kumaha maranéhna bisa apal yén maranéhna dipilih pikeun narima hak istiméwa nu luar biasa ieu? Naon nu kaalaman waktu saurang jalma narima ondangan ieu? Artikel ieu dumasar kana artikel dina Menara Pengawal Januari 2016 nu bakal ngajawab pananya-pananya alus éta.

^ par. 2 KATERANGAN TAMBAHAN: Diistrénan ku roh suci: Yéhuwa ngagunakeun roh suci-Na pikeun milih saurang jalma ngarah bisa maréntah bareng jeung Yésus di sawarga. Ku jalan roh suci-Na, Allah masihan jangji pikeun mangsa kahareup ka jalma éta, atawa masihan ”pamanjer”. (Epe. 1:13, 14, Sunda Formal [SF]) Saolah-olah, roh suci ”nganyatakeun”, atawa negeskeun, yén urang Kristen éta bakal meunang ganjaran ka sawarga.​—Rum 8:16.

^ par. 5 KATERANGAN TAMBAHAN: Cap. Cap ieu sipatna henteu permanén. Bisa permanén lamun maranéhna kabukti satia nepi ka saacan maot atawa saacan mangsa cilaka dimimitian.​—Epe. 4:30; Wahyu 7:2-4; tingali ”Pertanyaan Pembaca” dina Menara Pengawal April 2016.

^ par. 8 1 Yohanes 2:20 (NW): ”Maranéh geus diistrénan ku Pribadi Suci, jeung maranéh kabéh geus boga pangaweruh.” 1 Yohanes 2:27 (NW): ”Jeung roh suci nu ditarima ku maranéh lantaran diistrénan ku Mantenna tetep aya dina diri maranéh, ku kituna maranéh teu perlu diajar ku sasaha deui. Roh éta téh bener lain bohong, jeung ngajarkeun sagala hal ka maranéh. Sakumaha nu geus diajarkeun ku roh éta ka maranéh, sing tetep ngahiji jeung anjeunna.”

^ par. 10 Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan ”dijurukeun deui”, tingali Menara Pengawal 1 April 2009, kaca 3-12.

KAWIH 27 Putra-Putra Pilihan Dimulyakeun Allah

^ par. 58 KATERANGAN GAMBAR: Teu sual urang dipanjara lantaran ngajalankeun ibadah atawa bébas ngawawar jeung ngajarkeun bebeneran, urang ngarep-ngarep pikeun hirup di bumi waktu Karajaan Allah maréntah.