Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 3

Yéhuwa Nyaah jeung Ngahargaan Sadérék!

Yéhuwa Nyaah jeung Ngahargaan Sadérék!

”Mantenna henteu lali waktu urang kasoran.”​—JAB. 136:23.

KAWIH 33 Pasrahkeun Kasusah ka Yéhuwa

NU DIBAHAS *

1-2. Kaayaan naon waé nu kaalaman ku loba hamba Yéhuwa, jeung naon pangaruhna ka maranéhna?

BAYANGKEUN tilu kaayaan ieu: Aya budak ngora nu kanyahoan boga panyakit parah nu ngalantarankeun awakna beuki lila beuki lemah. Aya saurang sadérék nu umurna leuwih ti 50 di-PHK padahal getol digawé, tuluy manéhna néangan pagawéan séjén tapi teu meunang-meunang. Aya sadérék istri nu satia nu geus kolot jeung rémpo teu bisa méré loba dina dines ka Yéhuwa.

2 Lamun Sadérék ngalaman salah sahiji kaayaan éta, bisa jadi Sadérék ngarasa euweuh hargaan. Kaayaan éta bisa ngarampas suka bungah, ngancurkeun harga diri, jeung ngaruksak hubungan Sadérék jeung batur.

3. Kahirupan manusa dianggap siga kumaha ku Sétan jeung jalma-jalma nu dipangaruhan ku manéhna?

3 Dunya ieu némbongkeun pandangan Sétan ngeunaan kahirupan manusa. Sétan nganggap manusa téh euweuh hargaan. Manéhna téga ngomong ka Hawa yén Hawa bakal bébas lamun teu taat ka Allah, padahal manéhna nyaho lamun teu taat mah bakal maot. Sakabéh sistim dagang, pulitik, jeung agama dunya ieu dikadalikeun ku Sétan. Jadi teu héran lamun jalma bisnis, pulitikus, sarta pamingpin agama teu ngahargaan hirup manusa jeung martabatna.

4. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

4 Sabalikna, Yéhuwa hoyong urang ngarasa boga harga diri. Mantenna gé bakal nulungan urang nyanghareupan kaayaan-kaayaan nu ngancurkeun harga diri urang. (Jab. 136:23; Rum 12:3) Artikel ieu bakal ngabahas carana Yéhuwa ngabantu urang: (1) Waktu gering parah, (2) waktu aya masalah ékonomi, sarta (3) waktu urang ngolotan jeung ngarasa teu bisa méré nanaon deui dina ngawula Yéhuwa. Tapi mimitina, hayu urang tingali heula ku naon urang masing-masing dihargaan ku Yéhuwa.

URANG DIANGGAP PENTING KU YÉHUWA

5. Ceuk Sadérék, naon buktina yén manusa dianggap penting ku Yéhuwa?

5 Sanajan urang dijieun tina taneuh, urang téh jauh leuwih luhur nilaina ti batan taneuh sakeupeul. (Kaj. 2:7) Pikirkeun sababaraha alesan nu ngayakinkeun urang yén urang téh dianggap penting ku Yéhuwa. Manusa diciptakeun boga sipat-sipat nu nyeplés jeung Mantenna. (Kaj. 1:27) Ku kituna, urang diciptakeun leuwih luhur ti batan sakabéh ciciptaan di bumi. Urang gé dititah ngawasa bumi jeung sakabéh sasatoan.​—Jab. 8:5-9.

6. Alesan naon deui nu ngayakinkeun urang yén manusa nu teu sampurna dianggap penting ku Yéhuwa?

6 Sanggeus Adam nyieun dosa gé, manusa masih dihargaan ku Yéhuwa. Mantenna nganggap urang sakitu pentingna nepi ka réla ngorbankeun Yésus, Putra-Na nu dipikanyaah, pikeun nebus dosa urang. (1 Yoh. 4:9, 10) Ku ayana tebusan, Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui jalma-jalma nu maot lantaran dosa Adam, ”boh nu bageur, boh nu jahat”. (Ras. 24:15) Firman-Na nunjukkeun yén urang dianggap penting ku Mantenna, teu sual kaséhatan urang, kaayaan ékonomi urang, jeung umur urang.​—Ras. 10:34, 35.

7. Alesan séjén naon deui nu ngayakinkeun hamba-hamba Allah yén Yéhuwa nganggap penting maranéhna?

7 Aya alesan séjén ku naon urang yakin Yéhuwa nganggap urang téh penting. Mantenna narik urang jeung merhatikeun kumaha réaksi urang kana warta hadé. (Yoh. 6:44) Waktu urang ngaraket ka Yéhuwa, Mantenna ngaraket ka urang. (Yak. 4:8) Pikeun némbongkeun yén urang téh penting, Mantenna nyadiakeun waktu jeung upaya keur ngajar urang. Mantenna apal urang ayeuna jalma nu kawas kumaha jeung apal kahareupna urang bisa jadi jalma nu kawas kumaha. Mantenna ogé ngadisiplin urang lantaran nyaah ka urang. (Sil. 3:11, 12) Ieu téh bukti nu kuat yén urang dianggap penting ku Yéhuwa!

8. Kumaha kekecapan dina Jabur 18:28-30 bisa mangaruhan pandangan urang kana masalah?

8 Sanajan aya nu nganggap rendah Raja Daud, manéhna apal Yéhuwa nyaah jeung ngadukung manéhna. Ku kituna, Daud jadi boga pandangan nu bener kana kaayaanana. (2 Sam. 16:5-7) Waktu urang keur leutik haté atawa boga masalah, Yéhuwa bisa ngabantu urang boga pandangan nu bener kana kaayaan urang sarta ngabantu urang ngagempur sakabéh hahalang. (Baca Jabur 18:28-30.) Lamun Yéhuwa aya di pihak urang, euweuh nu bisa ngeureunkeun urang ngawula Mantenna ku suka bungah. (Rum 8:31) Hayu urang bahas kumaha urang bisa inget yén Yéhuwa nyaah jeung ngahargaan urang dina tilu kaayaan.

WAKTU KEUR GERING

Maca firman nu diilhamkeun ku Yéhuwa bisa ngabantu urang teu hariwang kana panyakit (Tingali paragrap 9-12)

9. Kumaha panyakit mangaruhan pandangan urang ka diri sorangan?

9 Panyakit bisa mangaruhan émosi jeung bisa nyababkeun urang ngarasa euweuh gunana keur sasaha. Urang sedih waktu urang gering jaba kudu ngandelkeun pitulung batur. Sanajan batur teu apal panyakit urang, urang tetep kudu bajoang ngalawan parasaan éra lantaran teu bisa ngalakukeun nanaon kawas baheula. Dina kaayaan nu nyusahkeun ieu, Yéhuwa nguatkeun urang. Kumaha carana?

10. Numutkeun Siloka 12:25, naon nu bisa ngabantu urang waktu keur gering?

10 Pas keur gering, ”pangbeberah” bisa nguatkeun urang. (Baca Siloka 12:25.) Dina Alkitab, Yéhuwa masihan kekecapan nu nguatkeun pikeun ngingetkeun urang yén urang dihargaan pisan ku Mantenna sanajan keur gering. (Jab. 31:20; 41:4) Lamun urang maca Firman Allah tuluy dibaca deui dibaca deui, Yéhuwa bisa ngabantu urang supaya teu hariwang kana panyakit urang.

11. Kumaha saurang Sadérék dikuatkeun ku Yéhuwa?

11 Perhatikeun pangalaman Julio * nu ngora kénéh. Manéhna keuna panyakit parah nu ngalantarankeun awakna beuki lila beuki lemah. Manéhna gé ngarasa euweuh gunana. Ceuk Julio, ”Abdi teu nyangka panyakit abdi aya pangaruhna kana parasaan. Abdi jadi éra lantaran batur merhatikeun parobahan awak abdi. Beuki parah panyakit abdi, abdi sadar hirup abdi téh bakal barobah. Abdi sedih pisan jeung sasambat ménta bantuan ka Yéhuwa.” Kumaha Yéhuwa nulungan manéhna? ”Lantaran geus baluweng, abdi maca sababaraha ayat nu pondok tina Jabur nu nunjukkeun Yéhuwa merhatikeun hamba-hamba-Na. Unggal poé, abdi maca deui maca deui ayat-ayat éta, hasilna haté abdi jadi tengtrem. Ka dieunakeun, batur gé bisa ningali abdi leuwih sering senyum. Malah lantaran sikep abdi positif, maranéhna ngarasa dikuatkeun. Abdi sadar Yéhuwa ngajawab doa abdi! Mantenna ngabantu abdi ngarobah cara pandang abdi ka diri sorangan. Ayeuna, nu diinget ku abdi mah lain panyakit abdi, tapi kumaha pandangan Mantenna ka abdi sakumaha nu ditulis dina Firman-Na.”

12. Pas keur gering, naon nu kudu dilakukeun sangkan Sadérék meunang pitulung ti Yéhuwa?

12 Lamun Sadérék keur gering, sing yakin Yéhuwa apal naon nu keur kaalaman ku Sadérék. Suhunkeun bantuan Mantenna supaya Sadérék boga pandangan nu bener kana kaayaan Sadérék. Tuluy, baca Alkitab supaya Sadérék bisa meunangkeun kekecapan nu nguatkeun nu disadiakeun ku Yéhuwa. Terus, pikirkeun ayat-ayat nu némbongkeun sakumaha nyaahna Yéhuwa ka hamba-hamba-Na. Hasilna, Sadérék bakal ningali yén Yéhuwa bageur ka kabéh nu satia ngawula Mantenna.​—Jab. 84:12.

WAKTU KEUR BOGA MASALAH ÉKONOMI

Waktu hésé néangan pagawéan, urang bakal dikuatkeun lamun inget jangji Yéhuwa nu bakal nyadiakeun pangabutuh urang (Tingali paragrap 13-15)

13. Bisa jadi, kumaha parasaan saurang kapala kulawarga nu di-PHK?

13 Unggal kapala kulawarga hayang bisa nyumponan pangabutuh kulawargana. Tapi, bisa waé aya sadérék nu di-PHK sanajan manéhna teu nyieun kasalahan. Manéhna geus sabisa-bisa néangan pagawéan séjén tapi teu hasil. Kaayaan éta bisa ngalantarankeun manéhna ngarasa euweuh gunana. Kumaha mikirkeun jangji-jangji Allah bisa nguatkeun manéhna?

14. Ku naon Yéhuwa bakal nedunan jangji-Na?

14 Yéhuwa tara jalir jangji. (Yos. 21:45; 23:14) Mantenna nedunan jangji-Na lantaran sababaraha alesan. Kahiji, lantaran éta mangaruhan nami atawa réputasi-Na. Yéhuwa geus jangji bakal ngurus hamba-hamba-Na nu satia jeung Mantenna ngarasa wajib nedunan jangji-Na. (Jab. 31:2-4) Salian ti éta, Yéhuwa apal yén urang, salaku anggota kulawarga-Na, bakal sedih jeung leutik haté lamun teu diurus ku Mantenna. Mantenna jangji bakal nyumponan pangabutuh jasmani jeung rohani urang, sarta moal aya nu bisa ngahalangan Mantenna nedunan jangji-Na!​—Mat. 6:30-33; 24:45.

15. (a) Naon tangtangan nu disanghareupan ku urang Kristen dina abad kahiji? (b) Jabur 37:18, 19 ngayakinkeun urang kana hal naon?

15 Lamun urang inget alesan Yéhuwa nedunan jangji-Na, urang yakin urang pasti ditulungan ku Mantenna waktu aya masalah ékonomi. Pikirkeun conto urang Kristen dina abad kahiji. Basa aya panganiayaan nu hébat ka sidang di Yérusalém, kabéh ”paburencay . . . ngan rasul-rasul anu kumpul keneh”. (Ras. 8:1) Bayangkeun naon balukarna. Kasusahan ékonomi! Katingalina, urang Kristen kaleungitan imah jeung usahana. Tapi, Yéhuwa teu ninggalkeun maranéhna. Maranéhna gé teu kaleungitan suka bungahna. (Ras. 8:4; Ibr. 13:5, 6; Yak. 1:2, 3) Yéhuwa ngadukung urang Kristen nu satia éta, Mantenna gé bakal ngadukung urang.​—Baca Jabur 37:18, 19.

WAKTU URANG BEUKI KOLOT

Urang bisa yakin Yéhuwa ngahargaan urang jeung dines urang lamun mikirkeun naon nu bisa dilakukeun ku urang sanajan geus kolot (Tingali paragrap 16-18)

16. Naon nu nyababkeun urang ngarasa palayanan urang teu penting pikeun Yéhuwa?

16 Beuki kolot, bisa jadi urang ngarasa teu bisa méré leuwih ka Yéhuwa. Raja Daud bisa jadi ngarasa hariwang siga kitu basa manéhna beuki kolot. (Jab. 71:9) Kumaha Yéhuwa bisa ngabantu urang?

17. Urang bisa diajar naon tina pangalaman Joanna?

17 Perhatikeun pangalaman saurang sadérék istri nu ngaranna Joanna. Manéhna diondang ka Balé Karajaan pikeun milu palatihan ngarawat bangunan-bangunan milik organisasi, tapi manéhna embungeun. Ceuk manéhna, ”Abdi téh geus kolot, randa, jeung teu boga katarampilan nu bisa digunakeun ku Yéhuwa. Abdi moal kapaké lah.” Peuting saacan palatihan, manéhna ngungkabkeun parasaanana ka Yéhuwa. Waktu manéhna nepi di Balé Karajaan isukna, manéhna masih ngarasa teu yakin kudu miluan atawa henteu. Salila palatihan, salah saurang sadérék nepikeun caramah nu nandeskeun yén katarampilan nu pangpentingna mah nyaéta karélaan pikeun diajar ku Yéhuwa. Joanna nyarita, ”Dina jero haté, ’Tah éta mah boga!’ Abdi ceurik waktu sadar Yéhuwa ngajawab doa abdi. Mantenna ngayakinkeun abdi yén abdi masih boga hal penting nu bisa dibikeun, matakna Mantenna daék ngajar abdi!” Sanggeus ngalaman éta Joanna ngomong, ”Abdi datang ka palatihan téh bari jeung geumpeur, leutik haté, jeung ngarasa euweuh hargaan. Tapi ari balikna mah abdi percaya diri, gedé haté, jeung ngarasa dihargaan!”

18. Kumaha Alkitab némbongkeun yén Yéhuwa terus ngahargaan dines urang sanajan urang beuki kolot?

18 Sanajan beuki ngolotan, urang yakin Yéhuwa masih kénéh boga pagawéan keur urang. (Jab. 92:13-16) Sanajan urang ngarasa upaya urang ngan saeutik atawa kasanggupan urang aya watesna, Yésus ngajarkeun yén Yéhuwa ngahargaan sagala nu dilakukeun ku urang dina palayanan. (Luk. 21:2-4) Jadi, terus pikirkeun naon nu bisa dilakukeun ku Sadérék. Misalna, Sadérék bisa nyaritakeun ngeunaan Yéhuwa, ngadoakeun dulur saiman, jeung nguatkeun batur sangkan tetep satia. Yéhuwa nganggap Sadérék batur gawé-Na lain lantaran kasanggupan Sadérék, tapi lantaran Sadérék réla taat ka Mantenna.​—1 Kor. 3:5-9.

19. Jaminan naon nu aya dina Rum 8:38, 39 keur urang?

19 Sukur pisan urang bisa nyembah Yéhuwa, Allah nu ngahargaan jalma-jalma nu ngawula Mantenna! Mantenna nyiptakeun urang pikeun ngalakukeun kahoyong-Na, éta téh ibadah sajati nu ngabagjakeun hirup urang. (Wahyu 4:11) Sanajan urang teu dihargaan ku dunya ieu, Yéhuwa mah moal siga kitu ka urang. (Ibr. 11:16, 38) Waktu urang keur leutik haté lantaran gering, boga masalah ékonomi, atawa ngolotan, urang kudu terus inget yén moal aya nu bisa megatkeun kanyaah Bapa nu di sawarga ka urang.​—Baca Rum 8:38, 39.

^ par. 5 Naha Sadérék pernah nyanghareupan hiji kaayaan nepi ka ngarasa diri euweuh hargaan? Artikel ieu bakal ngingetkeun yén Sadérék téh kacida dihargaanana ku Yéhuwa. Artikel ieu ogé bakal ngabahas kumaha Sadérék bisa tetep ngahargaan diri sorangan teu sual kaayaanana.

^ par. 11 Ngaran-ngaran geus diganti.

KAWIH 30 Allah, Bapa, jeung Sobat Abdi