Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 2

Diajar ti ”Murid anu Dipikaasih ku Yesus”

Diajar ti ”Murid anu Dipikaasih ku Yesus”

”Hayu dulur-dulur urang silih pikaasih, sabab sipat asih teh asal ti Allah.”​—1 YOH. 4:7.

KAWIH 105 ”Allah téh Sipat Asih”

NU DIBAHAS *

1. Lantaran dipikanyaah ku Allah, urang jadi ngarasa kumaha?

RASUL Yohanes nulis, ”Allah teh sipat asih.” (1 Yoh. 4:8) Tulisanna téh saderhana, tapi nyingkabkeun bebeneran anu penting pisan, nyaéta Allah téh Sumber kahirupan jeung Sumber kanyaah. Yéhuwa nyaah ka urang! Lantaran dipikanyaah ku Allah, urang jadi ngarasa aman, bagja, jeung puas.

2. Dumasar Mateus 22:37-40, naon dua paréntah anu pangpentingna? Jeung, ku naon urang bisa jadi hésé pikeun nuturkeun paréntah nu kadua?

2 Baca Mateus 22:37-40. Keur urang Kristen mah, nunjukkeun kanyaah téh lain pilihan, tapi kawajiban, sabab éta téh paréntah. Mun urang beuki kenal ka Yéhuwa, nuturkeun paréntah nu kahiji téh meureun gampang, da Yéhuwa mah sampurna. Mantenna gé bageur jeung perhatian ka urang. Tapi, nuturkeun paréntah nu kadua téh bisa jadi leuwih hésé. Ku naon? Lantaran urang kudu nyaah ka batur, kaasup ka dulur saiman, tapi maranéhna téh teu sampurna. Kadang urang ngarasa, maranéhna ngomong atawa ngalakukeun hiji hal, bari teu mikirkeun parasaan batur. Yéhuwa apal, urang bakal hésé pikeun nuturkeun paréntah nu kadua. Jadi, Mantenna méré wahyu ka sababaraha jalma pikeun nu nuliskeun naséhat nu rinci dina Alkitab, ku naon urang kudu silih pikanyaah jeung kumaha carana. Salah saurang jalma nu digunakeun ku Yéhuwa téh nyaéta Yohanes.​—1 Yoh. 3:11, 12.

3. Naon nu ditandeskeun ku Yohanes?

3 Dina tulisanna, Yohanes sering pisan nyebutkeun yén urang Kristen kudu nunjukkeun kanyaah. Misalna, waktu nulis ngeunaan kisah hirup Yésus, kecap Yunani pikeun ”kaasih” jeung ”mikaasih” nu ditulis ku manéhna téh leuwih loba tibatan nu aya dina tilu Injil séjénna mun dihijikeun. Yohanes kira-kira umur saratus taun-an waktu nulis buku Yohanes jeung tilu suratna. Tulisan Yohanes téh ngajarkeun yén kabéh nu urang lakukeun kudu dijurung ku kanyaah. (1 Yoh. 4:10, 11) Tapi, Yohanes sorangan gé butuh waktu pikeun mikanyaah batur.

4. Na Yohanes teterusan nunjukkeun kanyaah ka batur?

4 Waktu ngora kénéh, Yohanes sababaraha kali teu nunjukkeun kanyaah. Misalna sakali waktu, Yésus jeung murid-muridna rék indit ka Yérusalém liwat Samaria. Harita, aya hiji désa nu teu soméah ka maranéhna. Naon anu dilakukeun ku Yohanes? Manéhna hayang, seuneu diturunkeun ti langit pikeun ngalebur kabéh jalma di désa éta! (Luk. 9:52-56) Terus sakali waktu, Yohanes teu nunjukkeun kanyaah ka rasul-rasul séjén. Katingalina, manéhna jeung dulurna, nyaéta Yakobus, ménta ibuna supaya ngomong ka Yésus ngarah maranéhna dibéré kadudukan nu penting dina Karajaan. Waktu rasul-rasul séjén nyahoeun, maranéhna ambek! (Mat. 20:20, 21, 24) Tapi najan Yohanes pernah nyieun kasalahan jiga kitu, Yésus tetep nyaah ka manéhna.​—Yoh. 21:7.

5. Urang bakal ngabahas naon dina artikel ieu?

5 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tuladan Yohanes jeung sababaraha hal ngeunaan kanyaah nu ditulis ku manéhna. Urang gé bakal ningali kumaha carana nunjukkeun kanyaah ka dulur saiman. Terus, urang bakal diajar kumaha kapala kulawarga ngabuktikeun kanyaahna ka kulawarga.

KANYAAH DIBUKTIKEUN KU TINDAKAN

Yéhuwa ngabuktikeun kanyaah-Na ku cara ngutus Putra-Na ka bumi pikeun maot demi urang (Tingali paragrap 6-7)

6. Naon buktina Yéhuwa nyaah ka urang?

6 Meureun urang mikir, kanyaah téh parasaan nu diungkabkeun liwat kekecapan. Tapi, kanyaah gé kudu dibuktikeun ku tindakan. (Bandingkeun Yakobus 2:17, 26.) Misalna, perhatikeun cara Yéhuwa ngabuktikeun kanyaah-Na ka urang. (1 Yoh. 4:19) Mantenna ngungkabkeun kanyaah-Na liwat kekecapan nu dicatet dina Alkitab. (Jab. 25:10; Rum 8:38, 39) Najan kitu, urang bisa ngarasakeun Allah téh nyaah ka urang, lain tina kekecapan-Na wungkul, tapi ogé tina tindakan-Na. Yohanes nulis, ”Allah geus ngabuktikeun sipat asih-Na ku ngutus Putra tunggal-Na ka ieu dunya, supaya ku jalan Putra-Na urang meunangkeun hirup.” (1 Yoh. 4:9) Yéhuwa geus réla Putra-Na sangsara jeung maot demi urang. (Yoh. 3:16) Jadi, Yéhuwa téh pasti nyaah pisan ka urang.

7. Kumaha Yésus ngabuktikeun kanyaahna ka urang?

7 Yésus ngayakinkeun murid-murid yén anjeunna nyaah ka maranéhna. (Yoh. 13:1; 15:15) Yésus ngabuktikeunana lain ku kekecapan wungkul, tapi ogé liwat tindakanna. Ceuk Yésus, ”Kanyaah nu panggedena ti hiji jalma ka sobat-sobatna, nya éta lamun nepi ka iklas ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaanana.” (Yoh. 15:13) Waktu mikirkeun naon nu geus Yéhuwa jeung Yésus lakukeun keur urang, urang kuduna kajurung pikeun ngalakukeun naon?

8. Ceuk 1 Yohanes 3:18, urang kudu kumaha?

8 Urang ngabuktikeun kanyaah urang ka Yéhuwa jeung Yésus ku cara taat kana paréntah Aranjeunna. (Yoh. 14:15; 1 Yoh. 5:3) Yésus geus maréntahkeun supaya urang silih pikanyaah. (Yoh. 13:34, 35) Jadi, urang kudu nunjukkeun yén urang nyaah ka dulur saiman. Pék tunjukkeun liwat kekecapan jeung tindakan urang. (Baca 1 Yohanes 3:18.) Tindakan naon nu bisa ngabuktikeun urang nyaah ka maranéhna?

PIKANYAAH DULUR SAIMAN

9. Lantaran nyaah ka dulur saiman, Yohanes ngalakukeun naon?

9 Yohanes bisa waé cicing jeung bapana, sarta néangan duit tina bisnis ngala lauk. Tapi, manéhna mah teu kitu. Saumur hirupna, Yohanes mantuan batur pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa jeung Yésus. Jalan hirup nu dipilihna téh teu gampang. Manéhna dikaniaya, terus dina ahir abad kahiji waktu manéhna geus sepuh, manéhna dipencilkeun. (Ras. 3:1; 4:1-3; 5:18; Wahyu 1:9) Tapi waktu dipanjara lantaran ngawawar ngeunaan Yésus, Yohanes masih kénéh mikirkeun dulur saiman. Misalna waktu di Pulo Patmos, manéhna nuliskeun wahyu ti Allah, terus ngirimkeunana ka sidang-sidang supaya dulur saiman bisa apal naon ”anu geus méh kajadian”. (Wahyu 1:1) Terus, katingalina sanggeus dibébaskeun ti Patmos, Yohanes nulis Injil nu nyaritakeun kahirupan jeung palayanan Yésus. Manéhna gé nulis tilu surat nu nguatkeun jeung ngagedékeun haté dulur saiman. Kumaha urang bisa nyonto Yohanes nu teu mentingkeun diri?

10. Kumaha carana ngabuktikeun yén Sadérék nyaah ka batur?

10 Jalan hirup nu dipilih ku Sadérék bisa nunjukkeun, na Sadérék nyaah ka batur atawa henteu. Dunya Sétan hayang Sadérék méakkeun waktu jeung tanaga keur kapentingan pribadi, misalna pikeun ngudag kabeungharan atawa jadi jalma anu kasohor. Tapi, para pawarta Karajaan di sakuliah dunya réla ngorbankeun saloba-lobana waktu keur ngawawarkeun warta hadé, jeung mantuan batur ngadeukeut ka Yéhuwa. Malah, aya nu ngawawar jeung ngajar Alkitab sapinuh waktu.

Urang ngabuktikeun kanyaah ka dulur saiman jeung ka kulawarga liwat tindakan (Tingali paragrap 11, 17) *

11. Kumaha para pawarta anu satia ngabuktikeun kanyaahna ka Yéhuwa jeung dulur saiman?

11 Loba urang Kristen anu digawé beurang peuting keur nganapkahan diri sorangan jeung kulawargana. Najan kitu, para pawarta ieu sabisa-bisana tetep satia ngadukung organisasi Allah. Misalna, aya nu miluan kagiatan pikeun mantuan korban musibat alam. Aya ogé nu milu proyék-proyék pangwangunan. Terus, urang kabéh bisa méré sumbangan keur pagawéan di sakuliah dunya. Maranéhna ngalakukeun éta kabéh lantaran nyaah ka Allah jeung ka sasama. Unggal minggu, urang ngabuktikeun kanyaah ka dulur saiman ku cara datang ka pasamoan jeung aktif di sidang. Najan urang capé, urang tetep datang ka pasamoan. Najan urang geumpeur, urang tetep méré koméntar. Terus najan urang masing-masing boga masalah, urang silih kuatkeun, saacan jeung sanggeus pasamoan. (Ibr. 10:24, 25) Urang pasti nganuhunkeun pisan kana kahadéan ti dulur-dulur saiman urang!

12. Ku cara naon deui Yohanes ngabuktikeun kanyaahna ka dulur saiman?

12 Yohanes ngabuktikeun kanyaahna ka dulur saiman, teu ngan saukur liwat pujian, tapi ogé liwat naséhat. Misalna dina suratna, Yohanes muji dulur-dulur saiman lantaran getol jeung boga iman nu kuat. Tapi, manéhna ogé méré naséhat nu terus terang ngeunaan dosa. (1 Yoh. 1:8 Terjemahan Dunia Baru; 1 Yoh. 1:9–2:1, 13, 14) Kitu ogé, urang bisa muji dulur-dulur saiman nu ngalakukeun hal-hal hadé. Tapi mun aya nu boga sipat atawa kabiasaan goréng, urang bisa nunjukkeun kanyaah ku cara méré naséhat sacara bijaksana. Mémang, butuh kawani pikeun méré naséhat. Tapi ceuk Alkitab, sobat sajati mah silih asah, atawa silih élingan.​—Sil. 27:17.

13. Urang sakuduna ulah kumaha?

13 Tapi, kanyaah gé bisa dibuktikeun liwat hal-hal nu henteu dilakukeun ku urang. Misalna, urang moal babari kasinggung ku omongan dulur saiman. Pikirkeun hiji kajadian basa Yésus di bumi. Anjeunna ngomong ka murid-murid, supaya bisa meunangkeun hirup, maranéhna kudu ngadahar daging jeung nginum getih anjeunna. (Yoh. 6:53-57) Murid-murid rareuwaseun, jeung loba anu ninggalkeun anjeunna. Tapi, sobat-sobatna Yésus mah tetep satia, kaasup Yohanes. Maranéhna teu ngarti naon maksud omongan Yésus. Maranéhna gé jigana mah reuwaseun ngadéngé omongan Yésus. Tapi, maranéhna teu nganggap omongan Yésus salah, jeung jadi lemah iman. Najan teu ngarti, maranéhna percaya ka Yésus, sabab yakin yén omongan anjeunna téh bebeneran. (Yoh. 6:60, 66-69) Jadi, urang gé ulah gancang kasinggung ku omongan batur. Urang kudu méré kasempetan ka maranéhna pikeun ngajelaskeun maksud omonganna.​—Sil. 18:13; Pan. 7:9.

14. Ku naon urang teu meunang ngéwa ka dulur saiman?

14 Yohanes gé méré naséhat supaya urang henteu ngéwa ka dulur saiman. Lamun urang ngéwa, Sétan bakal babari ngadalikeun urang. (1 Yoh. 2:11; 3:15) Éta nu kaalaman ku sababaraha urang Kristen dina ahir abad kahiji M. Harita, Sétan bébéakan hayang urang Kristen silih pikangéwa jeung papecah. Waktu Yohanes nulis suratna, jalma-jalma nu boga niat jahat jiga Sétan geus nyulusup ka sidang-sidang. Misalna, Diotrépés nu hayang mecah belah sidang. Manéhna teu ngahargaan para kokolot nu diutus ku Badan Pingpinan. Malah, manéhna hayang ngusir dulur saiman nu nyambut jalma-jalma nu teu dipikaresep ku manéhna. Diotrépés téh teungteuingeun pisan! (3 Yoh. 9, 10) Ayeuna gé, Sétan masih bébéakan rék mecah belah umat Allah. Jadi, urang sakuduna ulah nepi ka ngéwa ka dulur saiman.

PIKANYAAH KULAWARGA SADÉRÉK

Yésus ménta Yohanes pikeun ngurus kabutuhan jasmani jeung rohani indungna. Ayeuna, para kapala kulawarga gé kudu ngurus kabutuhan jasmani jeung rohani kulawargana (Tingali paragrap 15-16)

15. Kapala kulawarga kudu inget kana hal naon?

15 Kumaha carana kapala kulawarga ngabuktikeun kanyaahna ka kulawarga? Ku cara nyadiakeun pangabutuh sapopoé. (1 Tim. 5:8) Tapi manéhna kudu inget, kabutuhan rohani téh jauh leuwih penting tibatan kabutuhan jasmani. (Mat. 5:3) Perhatikeun tuladan Yésus keur para kapala kulawarga. Ceuk Injil Yohanes, waktu Yésus sakarat dina tihang siksaan, anjeunna masih mikirkeun kulawargana. Harita, di ditu téh aya Yohanes jeung Mariam, indungna Yésus. Bari nahan kanyeri, Yésus ménta Yohanes ngurus Mariam. (Yoh. 19:26, 27) Mémang, adi-adina Yésus pasti ngurus kabutuhan jasmani Mariam. Tapi, katingalina harita can aya adina Yésus nu jadi murid. Jadi, Yésus hayang mastikeun Mariam kaurus sacara jasmani jeung rohani.

16. Naon waé tanggung jawab Yohanes?

16 Yohanes téh boga loba tanggung jawab. Sabagé rasul, manéhna kudu ngatur kagiatan pangwawaran. Terus, jigana Yohanes geus nikah. Jadi, manéhna kudu saimbang nyadiakeun kabutuhan jasmani jeung rohani kulawargana. (1 Kor. 9:5) Naon anu bisa dipiconto ku para kapala kulawarga ayeuna?

17. Kumaha kapala kulawarga ngabuktikeun kanyaahna ka kulawarga?

17 Sadérék pameget nu jadi kapala kulawarga meureun boga loba tanggung jawab nu penting. Contona, manéhna kudu getol digawé, sabab éta bisa ngamulyakeun Yéhuwa. (Epe. 6:5, 6; Tit. 2:9, 10) Terus manéhna gé meureun boga tanggung jawab di sidang, misalna merhatikeun jeung nguatkeun dulur saiman, sarta ngatur kagiatan pangwawaran. Tapi, manéhna gé kudu rutin ngulik Alkitab jeung pamajikan sarta barudakna. Kulawargana pasti ngahargaan pisan upaya manéhna pikeun minuhan kabutuhan jasmani, émosi, jeung rohani kulawarga.​—Epe. 5:28, 29; 6:4.

”KUDU TETEP AYA DINA KANYAAH KAMI”

18. Yohanes yakin kana hal naon?

18 Yohanes téh panjang umur jeung boga loba pangalaman nu alus. Manéhna ogé nyanghareupan loba tantangan nu bisa ngalemahkeun iman. Tapi, manéhna sabisa-bisana terus nuturkeun paréntah-paréntah Yésus, kaasup paréntah pikeun mikanyaah dulur saiman. Éta sababna, Yohanes bisa yakin yén Yéhuwa jeung Yésus nyaah ka manéhna, sarta bakal nguatkeun manéhna pikeun nyanghareupan kabéh tangtangan. (Yoh. 14:15-17; 15:9, 10; 1 Yoh. 4:16) Sétan jeung dunyana teu bisa nyieun Yohanes eureun mikanyaah dulur saiman sarta ngungkabkeunana liwat ucapan jeung tindakan.

19. Ceuk 1 Yohanes 4:7, urang kudu kumaha, jeung ku naon?

19 Jiga Yohanes, urang gé hirup di dunya nu dikawasaan ku Sétan nu teu boga kanyaah. (1 Yoh. 3:1, 10) Sétan hayang urang eureun mikanyaah dulur saiman. Tapi, manéhna teu bisa maksa urang pikeun nuturkeun kahayangna. Jadi, urang kudu boga tékad pikeun mikanyaah dulur saiman, ngungkabkeunana liwat ucapan, jeung ngabuktikeunana liwat tindakan. Ku kituna, urang bakal bungah jadi bagian tina kulawarga Yéhuwa. Hirup urang gé bakal bener-bener bagja!​—Baca 1 Yohanes 4:7.

KAWIH 88 Ajar Abdi Jalan Gusti

^ par. 5 ”Murid anu dipikaasih ku Yesus” téh jigana mah Rasul Yohanes. (Yoh. 21:7) Jadi najan ngora kénéh, Yohanes boga loba sipat anu alus. Terus sanggeus Yohanes sepuh, Yéhuwa ngagunakeun manéhna pikeun nulis loba hal ngeunaan kanyaah. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha hal anu ditulis ku Yohanes, sarta diajar tina tuladan manéhna.

^ par. 59 KATERANGAN GAMBAR: Saurang kapala kulawarga miluan kagiatan mantuan korban musibat alam, méré sumbangan keur kagiatan sakuliah dunya, jeung ngondang dulur-dulur saiman ka ibadah kulawargana.