Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 3

Jelema Kacida Lobana Ngamulyakeun Allah jeung Kristus

Jelema Kacida Lobana Ngamulyakeun Allah jeung Kristus

”Kasalametan teh ti Allah urang, anu linggih dina tahta, jeung ti Anak Domba!”​—WAHYU 7:10.

KAWIH 14 Muji Raja Bumi nu Anyar

NU DIBAHAS *

1. Naon pangaruhna hutbah anu ditepikeun dina kongrés taun 1935 keur saurang jajaka?

AYA saurang jajaka umur 18 nu dibaptis dina taun 1926. Kolotna téh Siswa-Siswa Alkitab, nu ayeuna mah disebut Saksi-Saksi Yéhuwa. Maranéhna ngadidik tilu budak lalaki jeung dua budak awéwéna pikeun ngawula Allah Yéhuwa jeung nyonto tuladan Yésus Kristus. Jiga kabéh Siswa Alkitab harita, unggal taun jajaka ieu ngadahar roti jeung nginum anggur dina Jamuan Wengi Jungjunan. Tapi, harepan pikeun kahirupanna dina mangsa kahareup barobah sanggeus aya hiji hutbah penting nu judulna ”Jelema Kacida Lobana”. Hutbahna ditepikeun ku J.F. Rutherford dina taun 1935, dina hiji kongrés nu diayakeun di Washington D.C., Amerika Serikat. Naon anu disingkabkeun dina kongrés éta?

2. Bebeneran naon anu disingkabkeun dina hutbah Sadérék Rutherford?

2 Dina hutbahna, Rutherford ngajelaskeun saha nu kaasup ”jelema kacida lobana” nu disebutkeun dina Wahyu 7:9. Saacanna mah, kelompok éta téh dianggap kelompok nu bakal hirup di sawarga ogé, tapi moal maréntah bareng jeung Yésus sabab maranéhna teu pati satia. Rutherford mukakeun ayat-ayat pikeun ngajelaskeun yén jelema kacida lobana moal bakal hirup di sawarga. Maranéhna téh kaasup kana domba-domba lian * milik Kristus nu bakal salamet tina ”mangsa cilaka” jeung hirup langgeng di bumi. (Wahyu 7:14, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Yésus jangji, ”Aya keneh domba-domba Kami lian ti anu ieu, anu henteu sakandang jeung ieu, ku Kami arek dibawa ka dieu, tangtu narurut kana sora Kami, arek disakandangkeun jeung nu ieu, diurus ku hiji pangangon.” (Yoh. 10:16) Domba-domba lian téh ngamaksudkeun Saksi-Saksi Yéhuwa nu satia, anu boga harepan pikeun hirup langgeng di Pirdaus di bumi. (Mat. 25:31-33; Mat. 25:46, NW) Hayu tingali kumaha pamahaman nu anyar ieu mangaruhan kahirupan loba hamba Yéhuwa, kaasup jajaka tadi.​—Jab. 97:11; Sil. 4:18.

PAMAHAMAN ANYAR NU NGAROBAH HIRUP RÉBUAN JALMA

3-4. Dina kongrés taun 1935, rébuan jalma paham maranéhna boga harepan naon, jeung ku naon?

3 Harita, kaayaanna téh geunjleung pisan! Rutherford ngomong, ”Kabéh nu ngarasa boga harepan pikeun hirup langgeng di bumi, mangga ngadeg!” Ceuk salah saurang sadérék nu nyaksian hal éta, harita leuwih ti satengah jumlah hadirin ngadeg. Terus Rutherford ngomong, ”Tah ieu, jelema kacida lobana!” Geus kitu, hadirin sarurak bungah. Sadérék-sadérék nu ngadeg sadar, maranéhna teu dipilih pikeun hirup di sawarga lantaran teu diistrénan ku roh suci Allah. Isukanana, dina kongrés éta, aya 840 jalma nu dibaptis. Lolobana mah domba-domba lian.

4 Ti saprak hutbah Rutherford téa, jajaka tadi jeung rébuan jalma séjénna geus henteu ngadahar roti jeung nginum anggur deui dina acara Jamuan Wengi Jungjunan. Saurang sadérék nyaritakeun parasaanna, nu dirasakeun ogé ku loba jalma. Ceuk manéhna, ”Sanggeus acara Pangéling-ngéling taun 1935, abdi geus teu ngadahar roti jeung nginum anggur deui. Abdi sadar, Yéhuwa teu ngistrénan abdi ku roh suci pikeun hirup di sawarga. Harepan abdi mah hirup di bumi jeung milu ngarobah bumi jadi pirdaus.” (Rum 8:16, 17; 2 Kor. 1:21, 22) Ti saprak éta, jelema kacida lobana téh terus nambahan, sarta maranéhna digawé bareng jeung jalma-jalma nu diistrénan nu hirup kénéh di bumi.

5. Kumaha parasaan Yéhuwa ka jalma-jalma nu geus teu ngadahar roti jeung nginum anggur?

5 Kumaha parasaan Yéhuwa ka jalma-jalma nu geus teu ngadahar roti jeung nginum anggur sanggeus taun 1935? Jeung, kumaha mun ayeuna aya Saksi nu ngadahar roti jeung nginum anggur, tapi ahirna sadar manéhna teu diistrénan? (1 Kor. 11:28) Aya nu ngadahar roti jeung nginum anggur lantaran nyangka maranéhna bakal ka sawarga. Tapi mun maranéhna sadar nu dilakukeunana téh salah, teu ngadahar roti jeung nginum anggur deui, sarta tetep satia ka Yéhuwa, Mantenna bakal narima maranéhna sabagé domba-domba lian. Terus mun maranéhna bener-bener ngahargaan naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa jeung Yésus, maranéhna bakal tetep datang ka acara Pangéling-ngéling, najan geus teu ngadahar roti jeung nginum anggur deui.

HAREPAN NU ISTIMÉWA

6. Yésus méré paréntah naon ka para malaikat?

6 Mangsa cilaka téh geus téréh datang. Urang bisa dikuatkeun mun ngabahas titingalian Yohanes dina Wahyu pasal 7. Titingalian éta nyaritakeun leuwih loba hal ngeunaan urang Kristen nu diistrénan jeung jelema kacida lobana. Yésus maréntahkeun para malaikat pikeun nahan angin nu opat supaya teu ngancurkeun bumi. Maranéhna moal waka ngaleupaskeun angin éta nepi ka kabéh urang Kristen nu diistrénan dicap dina tarangna masing-masing, atawa maksudna dianggap satia ku Yéhuwa nepi ka ahir. (Wahyu 7:1-4) Lantaran geus satia, dulur-dulur Kristus nu diistrénan ieu bakal jadi raja sarta imam di sawarga bareng jeung Kristus. (Wahyu 20:6) Yéhuwa, Yésus, jeung para malaikat bakal kacida bungahna waktu 144.000 nu diistrénan narima hadiahna di sawarga.

Jelema kacida lobana maraké jubah bodas jeung nyarekel palapah daun palem. Maranéhna ngadeg di hareupeun tahta Allah nu mulya jeung di hareupeun Anak Domba (Tingali paragrap 7)

7. Dina Wahyu 7:9, 10, saha nu ditingali ku Yohanes, jeung naon nu dilakukeun ku jalma-jalma éta? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

7 Sanggeus nyarita ngeunaan 144.000 raja jeung imam, Yohanes ningali ”jelema kacida lobana” salamet tina Armagédon. Mun dibandingkeun jeung nu diistrénan mah, jumlah jelema kacida lobana téh jauh leuwih loba, malah nepi ka teu kaitung. (Baca Wahyu 7:9, 10.) Maranéhna maraké jubah bodas, nunjukkeun yén maranéhna ngajaga diri tetep bersih ti dunya Sétan, sarta terus satia ka Allah jeung Kristus. (Yak. 1:27) Maranéhna sarurak bungah lantaran geus disalametkeun ku Yéhuwa jeung Yésus. Maranéhna gé nyarekel palapah daun palem. Éta nunjukkeun maranéhna bungah ngakukeun Yésus sabagé raja nu geus dilantik ku Yéhuwa.​—Bandingkeun Yohanes 12:12, 13.

8. Wahyu 7:11, 12 nyaritakeun naon ngeunaan kulawarga Yéhuwa di sawarga?

8 Baca Wahyu 7:11, 12. Kumaha kaayaan di sawarga waktu ningali jelema kacida lobana? Yohanes ningali, kulawarga Yéhuwa di sawarga barungah sarta ngamulyakeun Mantenna. Kabéh nu di sawarga bakal barungah waktu titingalian Yohanes jadi kanyataan, nyaéta waktu jelema kacida lobana bakal salamet tina mangsa cilaka.

9. Dumasar kana Wahyu 7:13-15, naon anu dilakukeun ku jelema kacida lobana?

9 Baca Wahyu 7:13, 14 tina catetan handap * jeung Wahyu 7:15. Yohanes nulis, ”Jubah [jelema kacida lobana] geus barodas bersih sabab geus diseuseuh ku getih itu Anak Domba.” Maksudna, maranéhna boga haté sanubari nu bersih jeung dianggap bener ku Yéhuwa. (Yes. 1:18) Maranéhna téh urang Kristen nu ngabaktikeun diri jeung dibaptis, lantaran boga iman nu kuat kana tebusan Yésus sarta nyobat jeung Yéhuwa. (Yoh. 3:36; 1 Pet. 3:21) Ku kituna, maranéhna dipikaresep ku Yéhuwa, sarta bisa ”beurang peuting ngawula ka Mantenna” di bumi. Maranéhna getol pisan ngawawar sarta ngajadikeun murid, sabab keur maranéhna mah Karajaan Allah téh nu pangpentingna.​—Mat. 6:33; 24:14; 28:19, 20.

Jelema kacida lobana barungah lantaran salamet tina mangsa cilaka (Tingali paragrap 10)

10. Jelema kacida lobana yakin kana hal naon, jeung jangji naon anu bakal jadi kanyataan?

10 Jelema kacida lobana nu salamet tina mangsa cilaka yakin, maranéhna bakal terus ”ditangtayungan ku Mantenna anu linggih dina tahta”. Jangji anu geus lila diarep-arep ku domba-domba lian ieu bakal jadi kanyataan, ”Mantenna bakal nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri moal aya-aya deui.”​—Wahyu 21:3, 4

11-12. (a) Ceuk Wahyu 7:16, 17, jelema kacida lobana bakal narima berkah naon? (b) Ku cara datang ka acara Pangéling-ngéling, domba-domba lian bisa nunjukkeun naon, jeung ku naon maranéhna ngalakukeun éta?

11 Baca Wahyu 7:16, 17. Ayeuna, aya sababaraha umat Yéhuwa nu kalaparan lantaran teu boga duit pikeun meuli dahareun, atawa lantaran di daérahna loba karusuhan jeung perang. Nu séjénna dipanjara lantaran ngabéla iman. Tapi maranéhna, anu jadi bagian tina jelema kacida lobana, bakal tetep bungah lantaran apal, sanggeus dunya nu jahat ieu diancurkeun, maranéhna bakal boga loba dahareun, boh jasmani boh rohani. Waktu Yéhuwa ngancurkeun dunya Sétan, maranéhna bakal luput tina amarah-Na nu panasna jiga seuneu nu ngagedur-gedur. Sanggeus liwat mangsa cilaka, Yésus bakal nungtun maranéhna kana ”cinyusu kahirupan [langgeng]”. Jadi, harepan nu dipiboga ku maranéhna téh istiméwa. Di antara miliaran jalma nu pernah hirup, jelema kacida lobana téh bisa jadi moal pernah maot!​—Yoh. 11:26.

12 Domba-domba lian nganuhunkeun ka Yéhuwa jeung Yésus lantaran dibéré harepan nu luar biasa. Najan teu dipilih pikeun hirup di sawarga, maranéhna sarua dipikanyaahna ku Yéhuwa, jiga jalma-jalma nu diistrénan. Boh jalma-jalma nu diistrénan boh domba-domba lian, duanana bisa ngamulyakeun Allah jeung Kristus. Datang ka acara Jamuan Wengi Jungjunan téh salah sahiji cara pikeun nunjukkeun yén maranéhna ngamulyakeun Aranjeunna.

SAPINUH HATÉ NGAMULYAKEUN ALLAH JEUNG KRISTUS DINA PANGÉLING-NGÉLING

Roti jeung anggur nu diasongkeun dina acara Pangéling-ngéling ngingetan urang yén Yésus réla maot supaya urang bisa hirup (Tingali paragrap 13-15)

13-14. Ku naon urang kabéh kudu datang ka acara Pangéling-ngéling pupusna Kristus?

13 Dina sababaraha taun ieu, anu ngadahar roti jeung nginum anggur dina acara Jamuan Wengi Jungjunan téh kira-kira ngan 1 banding 1.000. Jadi, dina kalolobaan sidang di sakuliah dunya, teu aya anu ngadahar roti jeung nginum anggur. Éta hartina, kalolobaan nu datang ka acara Pangéling-ngéling téh boga harepan pikeun hirup di bumi. Terus, keur naon atuh maranéhna datang ka acara Jamuan Wengi Jungjunan? Ibaratna téh jiga datang ka pésta kawin. Jalma-jalma datang lantaran nyaah jeung hayang ngadukung pangantén éta. Kitu ogé, domba-domba lian datang ka acara Pangéling-ngéling lantaran nyaah jeung hayang ngadukung Kristus sarta jalma-jalma nu diistrénan. Terus, maranéhna gé datang lantaran ngahargaan korban tebusan Yésus, nu ngalantarankeun maranéhna boga harepan pikeun hirup langgeng di bumi.

14 Tapi, aya alesan séjén ku naon domba-domba lian datang ka acara Pangéling-ngéling, nyaéta lantaran taat kana paréntah Yésus. Waktu Yésus ngayakeun acara Jamuan Wengi Jungjunan jeung rasul-rasulna nu satia, anjeunna ngomong, ”Lampahkeun saterusna pikeun ngingetkeun ka Kami.” (1 Kor. 11:23-26) Ku kituna, domba-domba lian terus datang ka acara Jamuan Wengi Jungjunan bareng jeung sababaraha jalma nu diistrénan nu hirup kénéh di bumi. Malah, maranéhna ngondang jalma-jalma pikeun datang ka acara Pangéling-ngéling.

15. Kumaha carana urang ngamulyakeun Allah jeung Kristus dina acara Pangéling-ngéling?

15 Dina acara Pangéling-ngéling, urang bisa ngamulyakeun Allah jeung Kristus liwat lagu sarta doa. Hutbah pikeun Pangéling-ngéling taun ieu téh judulna ”Hargaan Pangorbanan Allah jeung Kristus keur Sadérék!” Hutbah éta bakal ngabantu urang supaya bisa leuwih nganuhunkeun ka Yéhuwa jeung Kristus. Waktu roti jeung anggur keur diasongkeun, urang bakal diingetan, éta téh ngalambangkeun awak jeung getih Yésus. Jadi urang bisa inget, Yéhuwa téh nyaah pisan ka urang nepi ka réla ngorbankeun Putra-Na pikeun maot demi urang. (Mat. 20:28) Kabéh nu nyaah ka Bapa di sawarga jeung ka Putra-Na pasti ngupayakeun pikeun datang ka acara Pangéling-ngéling.

PÉK NGANUHUNKEUN KA YÉHUWA LANTARAN GEUS DIBÉRÉ HAREPAN

16. Dina hal naon jalma nu diistrénan jeung domba-domba lian téh sarua?

16 Keur Yéhuwa mah, jalma-jalma nu diistrénan jeung domba-domba lian téh sarua pentingna. Kanyaah Yéhuwa ka domba-domba lian téh sarua jiga kanyaah-Na ka jalma nu diistrénan. Buktina, Yéhuwa mayar harga nu sarua pikeun meuli maranéhna, nyaéta ku kahirupan Putra-Na. Nu ngabédakeun maranéhna téh ngan harepanana wungkul. Tapi, maranéhna tetep kudu satia ka Allah jeung Kristus. (Jab. 31:24) Terus urang gé kudu inget, Yéhuwa méré roh suci-Na sakumaha nu dibutuhkeun ku saurang jalma, teu sual manéhna jalma nu diistrénan atawa domba-domba lian.

17. Naon nu diarep-arep ku jalma-jalma nu diistrénan nu hirup kénéh di bumi?

17 Pas lahir mah, urang Kristen nu diistrénan can boga harepan pikeun hirup di sawarga. Yéhuwa nu méré harepan éta ka maranéhna. Geus kitu, kakara maranéhna bisa mikirkeun harepan éta, ngadoakeunana, sarta boga kahayang pikeun hirup di sawarga. Tapi, maranéhna teu apal kumaha rupa maranéhna dina wujud roh waktu engké hirup di sawarga. (Pil. 3:20, 21; 1 Yoh. 3:2) Sanajan kitu, maranéhna hayang pisan panggih jeung Yéhuwa, Yésus, para malaikat, jeung kabéh nu diistrénan di Karajaan sawarga.

18. Naon nu diarep-arep ku domba-domba lian?

18 Domba-domba lian hayang hirup langgeng di bumi. Éta téh kahayang alami ti kabéh jalma. (Pan. 3:11) Maranéhna gé hayang geura mantuan pikeun ngarobah sakuliah bumi jadi pirdaus. Terus maranéhna hayang boga awak nu séhat, ngawangun imah sorangan, melak di kebon sorangan, sarta ngagedékeun budak. (Yes. 65:21-23) Geus kitu, maranéhna hayang iinditan ka tempat-tempat nu éndah, ningali gunung, leuweung, jeung laut, sarta diajar tina ciciptaan Yéhuwa. Pangpangna, maranéhna bungah lantaran bakal beuki raket ka Yéhuwa.

19. Acara Pangéling-ngéling téh jadi kasempetan pikeun ngalakukeun naon? Taun ieu, iraha acara Pangéling-ngéling diayakeun?

19 Yéhuwa méré harepan nu éndah ka kabéh umat-Na nu satia. (Yer. 29:11) Acara Pangéling-ngéling pupusna Kristus jadi kasempetan urang kabéh pikeun ngamulyakeun Allah sarta Kristus. Aranjeunna téh geus nyieun pangorbanan supaya urang bisa hirup langgeng. Ku kituna, acara Pangéling-ngéling téh jadi acara nu pangpentingna keur urang Kristen nu sajati. Taun ieu, acarana bakal diayakeun dina poé Sabtu, 27 Maret 2021. Aya nu bisa laluasa datang ka acara ieu, tapi aya ogé nu nyanghareupan tangtangan. Misalna, aya nu kudu ngayakeun acara ieu di panjara. Yéhuwa, Yésus, sarta urang Kristen nu diistrénan anu geus dihirupkeun deui bakal merhatikeun ti sawarga. Mudah-mudahan kabéh jalma, kelompok, jeung sidang bisa ngayakeun acara Pangéling-ngéling nu penting ieu!

KAWIH 150 Andelkeun Allah Sangkan Salamet

^ par. 5 Tanggal 27 Maret 2021 téh poé anu penting pisan keur Saksi-Saksi Yéhuwa. Dina peuting éta, urang bakal ngayakeun acara Pangéling-ngéling pupusna Kristus. Kalolobaan anu datang ka acara éta téh kaasup kana kelompok nu disebut ’domba-domba lian’ ku Yésus. Dina taun 1935, Saksi-Saksi Yéhuwa diajar naon ngeunaan kelompok éta? Sanggeus mangsa cilaka, kelompok éta boga harepan naon? Terus, kumaha maranéhna bisa ngamulyakeun Allah jeung Kristus waktu datang ka acara Pangéling-ngéling?

^ par. 2 KATERANGAN TAMBAHAN: Nu kaasup kana domba-domba lian téh nyaéta jalma-jalma nu jadi murid Kristus jeung boga harepan hirup langgeng di bumi. Sababaraha di antarana jadi murid Kristus dina poé-poé panungtungan. Ari jelema kacida lobana téh nyaéta bagian ti domba-domba lian nu masih kénéh hirup, waktu Kristus ngahakiman umat manusa dina mangsa cilaka, jeung salamet tina Armagédon.

^ par. 9 Wahyu 7:13, 14 (NW): ”Hiji kokolot nanya ka abdi, ’Saha jalma-jalma nu maraké jubah bodas éta, jeung ti mana?’ Abdi ngajawab, ’Juragan nu langkung uninga.’ Ceuk anjeunna, ’Maranéhna téh jalma-jalma nu salamet tina mangsa cilaka. Jubah maranéhna geus barodas bersih sabab geus diseuseuh ku getih itu Anak Domba.’”