Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 4

Sing Silih Pidulur!

Sing Silih Pidulur!

”Sing silih raketan, silih pidulur.”​—RUM 12:10.

KAWIH 109 Sing Enya-Enya Mikanyaah

NU DIBAHAS *

1. Naon buktina kulawarga-kulawarga ayeuna geus ilang kanyaah?

ALKITAB ngaramalkeun yén dina ahir jaman, jalma-jalma bakal ”ilang kanyaah”. (2 Tim. 3:1, 3, Sunda Formal [SF]) Ayeuna, urang ningali ramalan éta jadi kanyataan. Misalna, aya jutaan salaki pamajikan nu pepegatan jeung jadi silih pikangéwa. Balukarna, barudak ngarasa teu dipikanyaah. Najan cicing saimah gé, aya jalma nu ka kulawarga sorangan téh asa jiga ka batur. Ceuk saurang panaséhat kulawarga, ”Indung, bapa, jeung barudak téh teu aya komunikasi. Maranéhna kalah ka sibuk sorangan ku komputer, tablét, HP, atawa video game. Sanajan saimah, maranéhna teu pati akrab.”

2-3. (a) Dumasar Rum 12:10, urang kudu silih pidulur jeung saha? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Urang embung jiga jalma-jalma di dunya ieu nu geus ilang kanyaah. (Rum 12:2) Urang mah kudu nyaah ka kulawarga. Urang gé kudu silih pidulur jeung sadérék-sadérék di sidang. (Baca Rum 12:10.) Naon maksudna silih pidulur téh? Hartina, nyaah ka batur jiga ka kulawarga sorangan. Kanyaah jiga kitu nu kudu ditunjukkeun ka sadérék-sadérék di sidang. Lamun urang silih pidulur, urang kabéh bakal suka bungah ngawula Yéhuwa babarengan.​—Mika 2:12.

3 Hayu urang tingali sababaraha conto dina Alkitab nu ngabantu urang supaya bisa silih pidulur jeung sadérék-sadérék di sidang.

YÉHUWA TÉH ”SUGIH KU ASIH”

4. Yakobus 5:11 nyebutkeun naon ngeunaan kaasih Yéhuwa?

4 Alkitab nyebutkeun loba sipat Yéhuwa nu hadé. Misalna, ”Allah teh sipat asih”. (1 Yoh. 4:8) Waktu diajar ngeunaan sipat asih Yéhuwa, urang jadi hayang nyobat jeung Mantenna. Salian ti éta, Alkitab gé nyebutkeun yén Yéhuwa téh ”sugih ku asih”. (Baca Yakobus 5:11, SF.) Kekecapan éta ngungkabkeun sakumaha nyaahna Yéhuwa ka urang!

5. Ku cara naon Yéhuwa nunjukkeun sipat welas, jeung kumaha urang bisa nyonto Mantenna?

5 Perhatikeun, dina Yakobus 5:11 disebutkeun Yéhuwa téh sugih ku asih jeung ”jembar ku piwelas”. (Bud. 34:6) Salah sahiji cara Yéhuwa nunjukkeun piwelas-Na téh, nyaéta ku ngahampura kasalahan urang. (Jab. 51:3) Tapi dina Alkitab, sipat welas téh teu ngan ngamaksudkeun ngahampura wungkul. Sipat welas téh parasaan nu muncul ti jero haté waktu saurang jalma ningali aya nu kasusahan, jeung ngagerakkeun manéhna pikeun nulungan jalma éta. Yéhuwa ngomong yén kahayang-Na pikeun nulungan urang téh leuwih gedé tibatan kahayang indung pikeun nulungan budakna. (Yes. 49:15) Jadi waktu urang keur kasusahan, sipat welas ngajurung Yéhuwa pikeun nulungan urang. (Jab. 37:39; 1 Kor. 10:13) Urang gé bisa nunjukkeun sipat welas ka dulur-dulur saiman. Kumaha carana? Ku cara ngahampura jeung teu nyimpen kakeuheul. (Epe. 4:32) Urang gé bisa nulungan dulur-dulur saiman waktu maranéhna nyanghareupan cocoba. Lamun urang nunjukkeun sipat welas ka batur, éta hartina urang nyonto Yéhuwa nu sipat welas-Na taya bandingna.​—Epe. 5:1.

YONATAN JEUNG DAUD TÉH SOBAT SAJATI

6. Kumaha Yonatan jeung Daud silih pikanyaah jiga ka kulawarga sorangan?

6 Dina Alkitab, aya conto jalma-jalma teu sampurna nu bisa mikanyaah batur jiga ka kulawarga sorangan. Misalna, Yonatan jeung Daud. Alkitab nyebutkeun, ”Yonatan ti harita manahna katarik ku Daud, kacida asiheunana, lir ka beubeulahan nyawa ku anjeun.” (1 Sam. 18:1) Harita, Daud téh geus dilantik jadi raja pikeun ngagantikeun Saul. Ka dieunakeun, Saul sirik jeung hayang maéhan Daud. Tapi Yonatan, putrana, mah teu pipilueun. Yonatan jeung Daud geus jangji bakal satia sarta silih dukung.​—1 Sam. 20:42.

Najan umurna béda jauh, Daud jeung Yonatan bisa nyobat (Tingali paragrap 6-9)

7. Hal naon nu bisa waé ngahalangan Yonatan nyobat jeung Daud?

7 Kanyaah antara Yonatan jeung Daud téh luar biasa, komo deui mun urang mikirkeun sababaraha hal nu bisa waé ngahalangan maranéhna keur jadi sobat. Misalna, Yonatan téh kira-kira 30 taun leuwih kolot tibatan Daud. Jadi Yonatan bisa waé mikir, moal nyambung mun nyobat jeung Daud nu jauh leuwih ngora sarta kurang pangalaman. Tapi, Yonatan teu nganggap rendah Daud.

8. Ceuk Sadérék, ku naon Yonatan téh sobat nu hadé?

8 Yonatan gé bisa waé sirik ka Daud. Sabagé putra Saul, Yonatan bisa waé keukeuh hayang jadi raja ngagantikeun bapana. (1 Sam. 20:31) Tapi, Yonatan mah rendah haté sarta satia ka Yéhuwa. Manéhna ngadukung sapinuhna waktu Yéhuwa milih Daud sabagé raja pikeun ngagantikeun Saul. Yonatan gé satia ka Daud, sanajan manéhna apal éta bakal nyababkeun bapana ambek.​—1 Sam. 20:32-34.

9. Na Yonatan nganggap Daud sabagé saingan? Jelaskeun.

9 Yonatan nyaah ka Daud jiga ka kulawargana sorangan. Manéhna teu nganggap Daud sabagé saingan. Yonatan téh prajurit nu wanian jeung jago pisan maké gondéwa. Yonatan jeung Saul geus kasohor leuwih rikat tibatan heulang, ”bedasna leuwih ti singa”. (2 Sam. 1:22, 23) Jadi, Yonatan bisa waé mun rék sombong mah. Tapi manéhna teu sirik jeung nganggap Daud sabagé saingan. Malah, Yonatan tajub ka Daud nu wanian jeung ngandelkeun Yéhuwa. Terus sanggeus Daud ngéléhkeun Goliat, Yonatan jadi nyaah ka Daud jiga ka diri sorangan. Kumaha urang bisa nunjukkeun kanyaah jiga kitu ka sadérék-sadérék?

KUMAHA URANG BISA SILIH PIDULUR?

10. Naon hartina ”silih pikanyaah saiklas-iklasna” tina haté?

10 Alkitab méré naséhat ka urang supaya ”silih pikanyaah saiklas-iklasna” tina haté. (1 Pet. 1:22) Yéhuwa geus méré conto nu alus keur urang. Mantenna iklas nyaah ka urang. Salila urang satia ka Mantenna, moal aya nu bisa megatkeun kanyaah-Na ka urang. (Rom. 8:38, 39) Kecap Yunani pikeun ”saiklas-iklasna” ngamaksudkeun bener-bener upaya pikeun nunjukkeun kanyaah. Kadang, nunjukkeun kanyaah ka dulur-dulur saiman téh teu gampang. Lamun aya nu nyieun keuheul ka urang, urang kudu tabah, ”katunggalan anu diciptakeun ku Roh Allah teh piara sateka-teka, saratna nya eta kudu rukun sauyunan”. (Epe. 4:1-3) Lamun urang ngupayakeun karukunan, urang moal merhatikeun teuing kasalahan dulur-dulur saiman. Urang bakal upaya sabisa-bisana supaya boga cara pandang jiga Yéhuwa.​—1 Sam. 16:7; Jab. 130:3.

Éodia jeung Sintika dibéré naséhat ngarah akur. Kadang, akur jeung dulur saiman téh teu gampang (Tingali paragrap 11)

11. Ku naon kadang hésé nunjukkeun kanyaah ka dulur-dulur saiman?

11 Kadang, teu gampang pikeun nunjukkeun kanyaah ka dulur-dulur saiman, komo mun urang apal manéhna nyieun kasalahan. Katingalina, ieu nu kaalaman ku sababaraha urang Kristen dina abad kahiji, misalna Éodia jeung Sintika. Maranéhna téh teu pati akur. Tapi, ari ”jeung [Paulus] ngamashurkeun Injil Kasalametan” mah teu masalah. Jadi, Paulus ngajurung maranéhna sangkan ”sahate jeung sapikiran, nya ngesto ka Gusti”.​—Pil. 4:2, 3, SF.

Kokolot nu ngora bisa nyobat jeung kokolot nu sepuh (Tingali paragrap 12)

12. Kumaha carana supaya urang beuki nyaah ka dulur-dulur saiman?

12 Kumaha carana supaya urang beuki nyaah ka dulur-dulur saiman? Urang kudu beuki kenal ka maranéhna. Ku kituna, urang bakal beuki paham jeung nyaah ka maranéhna. Urang bisa nyobat jeung saha waé, teu sual umur jeung kasang tukangna. Sing inget, Yonatan téh kira-kira 30 taun leuwih kolot tibatan Daud, tapi maranéhna duaan bisa nyobat. Na Sadérék gé daék nyobat jeung dulur saiman nu leuwih kolot atawa leuwih ngora? Mun daék, éta hartina Sadérék ”nyaah ka papada batur sakapercayaan”.​—1 Pet. 2:17.

See paragraph 12 *

13. Ku naon urang bisa ngarasa leuwih deukeut ka sababaraha dulur saiman tibatan ka nu séjénna?

13 Na mikanyaah dulur-dulur saiman téh hartina kabéh anggota sidang kudu jadi sobat dalit urang? Lain kitu. Éta mah mustahil. Teu salah mun urang leuwih deukeut ka sababaraha dulur saiman lantaran boga karesep nu sarua. Baheula gé, Yésus nyebut kabéh rasulna ”sobat”, tapi anjeunna paling deukeut jeung Yohanes. (Yoh. 13:23; 15:15; 20:2) Najan kitu, Yohanes henteu diistiméwakeun ku Yésus. Misalna, waktu manéhna jeung Yakobus ménta kadudukan penting dina Karajaan Allah, Yésus ngomong, ”Kami henteu wenang nangtukeun anu kudu diuk di kenca katuhueun Kami.” (Mar. 10:35-40) Jiga Yésus, sanajan urang boga sobat dalit, ulah nepi ka aya nu diistiméwakeun ku urang. (Yak. 2:3, 4) Mun aya nu diistiméwakeun, sidang bisa papecah.​—Yud. 17-19.

14. Kumaha Pilipi 2:3 bisa ngabantu urang supaya teu ngagulkeun diri?

14 Mun urang silih pikanyaah jeung dulur-dulur saiman, moal aya nu ngagulkeun diri. Baheula, Yonatan teu parebut tahta jeung Daud sabab manéhna teu nganggap Daud sabagé saingan. Urang kabéh bisa nyonto tuladan Yonatan. Mun aya dulur saiman nu boga kamampuh, ulah dianggap saingan. Tapi ku cara nu rendah haté, urang kudu nganggap manéhna ”leuwih hade ti batan diri sorangan”. (Baca Pilipi 2:3.) Kabéh anggota sidang téh penting. Lamun urang rendah haté, urang bakal bisa ningali sipat-sipat hadé ti dulur urang jeung nyonto tuladan maranéhna.​—1 Cor. 12:21-25.

15. Sadérék meunang palajaran naon tina pangalaman Tanya jeung kulawargana?

15 Waktu urang nyanghareupan cocoba, Yéhuwa bisa nguatkeun urang liwat kanyaah jeung bantuan ti dulur-dulur saiman. Perhatikeun pangalaman hiji kulawarga nu kakara balik ti Kongrés Internasional 2019 ”Kasih Tidak Akan Berakhir!” nu diayakeun di Amerika Serikat. Sadérék Tanya, nu boga tilu budak, nyarita, ”Harita, urang keur di jalan rék balik ka hotél. Ujug-ujug, mobil urang ditabrak! Sanajan euweuh nu raheut, urang kabéh ngadégdég pisan! Urang kaluar ti mobil, terus ngahuleng di sisi jalan. Di peuntaseun jalan, aya nu ngagupayan, nitah urang ka ditu. Ari pék téh, éta dulur saiman nu kakara balik ti kongrés ogé. Tapi, nu eureun téh lain manéhna wungkul. Aya lima délegasi ti Swedia nu eureun ogé. Sadérék-sadérék istri nangkeup abdi jeung budak awéwé abdi. Rasana téh mani tengtrem pisan! Abdi ngayakinkeun maranéhna, abdi sakulawarga teu nanaon, tapi maranéhna tetep maturan urang. Malah mah, sanggeus ambulan datang gé, maranéhna teu daék ninggalkeun urang. Maranéhna mastikeun urang kabéh teu nanaon. Harita urang ngarasakeun pisan, Yéhuwa nyaah ka urang. Pangalaman ieu nyieun urang leuwih nyaah ka dulur-dulur saiman. Urang gé jadi leuwih nyaah jeung nganuhunkeun ka Yéhuwa.” Na Sadérék inget, iraha Sadérék ditulungan ku dulur-dulur saiman pas keur susah?

16. Ku naon urang kudu silih pikanyaah jeung silih pidulur?

16 Bayangkeun kumaha jadina lamun urang silih pikanyaah. Urang bisa negerkeun dulur-dulur saiman nu nyanghareupan kasusah. Urang gé bisa bungah ngawula Yéhuwa babarengan. Terus, urang bisa ngabuktikeun yén urang téh murid Yésus. Jalma-jalma nu boga haté nu bener gé jadi bisa katarik pikeun ngawula Yéhuwa. Pangpangna, urang bisa ngamulyakeun Yéhuwa, ”Rama anu maha welas, sarta anu maparin kategeran hate ka manusa”. (2 Kor. 1:3) Jadi, hayu urang terus silih pikanyaah sarta silih pidulur!

KAWIH 130 Sing Réla Ngahampura

^ par. 5 JCeuk Yésus, murid-muridna bakal kaciri ku saréréa lantaran silih pikanyaah. Urang kabéh hayang bisa jiga kitu. Ku kituna, urang kudu mikanyaah dulur-dulur saiman, saperti ka kulawarga sorangan. Artikel ieu bakal ngabantu urang boga kanyaah nu saperti kitu ka dulur saiman.

^ par. 55 KATERANGAN GAMBAR: Kokolot nu leuwih ngora diajar loba hal ti kokolot nu sepuh jeung leuwih pangalaman. Manéhna gé dibagéakeun di imah kokolot nu sepuh éta. Maranéhna sarta pamajikanna masing-masing silih pikanyaah jeung béréhan.