PANGALAMAN HIRUP
Urang Diajar, Ulah Pernah Nolak Tugas ti Yéhuwa
DINA taun 1971, abdi jeung Harvey, salaki abdi, keur aya di basisir beulah wétan di Taiwan, jauh pisan ti lembur urang. Harita kakara aya angin topan, jadi cai walungan téh tarik pisan sarta pinuh ku leutak jeung batu anu galedé. Urang kudu meuntasan walungan, tapi jambatanana téh geus ancur. Abdi, salaki, jeung saurang panarjamah basa Amis ngarasa sieun pisan, jeung mikir moal bisa salamet. Dulur-dulur saiman di peuntaseun walungan watir ningali urang rék meuntas. Mimitina, mobil urang anu leutik ditaékkeun kana tukangeun treuk anu rada gedé. Tapi mobilna teu ditalian, da euweuh tali atawa ranté. Geus kitu, treukna maju lalaunan meuntasan walungan. Tapi asana téh mani teu nepi-nepi. Salila meuntas, urang teu eureun-eureun ngadoa ka Yéhuwa. Ahirna, urang salamet nepi ka peuntas. Ieu kisah hirup urang.
DIAJAR MIKANYAAH YÉHUWA
Harvey téh anak panggedéna jeung boga tilu adi lalaki. Kulawargana diajar bebeneran di Midland Junction, Australia Barat, basa keur krisis monétér taun 1930-an. Harvey beuki nyaah ka Yéhuwa, jeung dibaptis umur 14 taun. Teu lila sanggeus dibaptis, manéhna diajar, ulah pernah nolak mun dibéré tugas ku sidang. Waktu keur rumaja, manéhna pernah nolak waktu dibéré tugas pikeun maca Warta Hadé dina pasamoan, lantaran manéhna ngarasa teu layak. Tapi, aya saurang sadérék anu méré nyaho Harvey, ”Mun dina organisasi Yéhuwa aya nu ménta hidep ngalakukeun hiji hal, éta hartina manéhna nganggap hidep mémang layak!”—2 Kor. 3:5.
Ari abdi mah diajar bebeneran di Inggris, bareng jeung indung sarta lanceuk awéwé abdi. Si Bapa mimitina teu satuju urang diajar Alkitab, tapi ka dieunakeun daék diajar bebeneran ogé. Sanajan si Bapa teu satuju, abdi dibaptis waktu umur salapan taun. Abdi boga cita-cita rék naratas jeung jadi utusan injil. Hanjakalna, si Bapa teu ngidinan abdi naratas, sabab abdi can umur 21. Tapi, mun kudu nungguan nepi ka
umur 21 mah lila teuing. Jadi waktu umur 16, abdi hayang pindah ka Australia. Si Bapa ngidinan. Di ditu, abdi cicing jeung lanceuk awéwé abdi anu geus ti heula pindah ka Australia. Ahirna dina umur 18, abdi mulai naratas.Di Australia, abdi panggih jeung Harvey. Urang duaan boga cita-cita nu sarua, nyaéta hayang jadi utusan injil. Urang nikah taun 1951. Sanggeus naratas bareng salila 2 taun, urang dibéré tugas kuriling di Australia Barat. Wilayahna téh gedé pisan, jadi urang sering nempuh perjalanan nu jauh ka tempat-tempat anu mencil.
IMPIAN URANG JADI KANYATAAN
Dina taun 1954, urang duaan diondang ka Sekolah Gilead kelas ka-25. Cita-cita urang pikeun jadi utusan injil téh sakeudeung deui bakal jadi kanyataan! Urang indit ka New York naék kapal pikeun miluan sakola éta. Di Sekolah Gilead, urang diajar Alkitab mani jero pisan. Terus, urang gé kudu diajar basa Spanyol. Tapi keur Harvey mah, éta téh hésé sabab manéhna teu bisaeun ngucapkeun r dina basa Spanyol.
Di kelas, para instruktur ngumumkeun, siswa-siswa anu hayang ngalayanan di Jepang bisa ngadaptar pikeun miluan kelas basa Jepang. Tapi urang mah mutuskeun, keun wé sina organisasi Yéhuwa anu mangmilihkeun tugas keur urang. Albert Schroeder, salah saurang instruktur, apaleun urang duaan teu ngadaptar. Terus manéhna ngomong, ”Sok pikirkeun deui.” Tapi, angger wé urang teu ngadaptar. Teu lila, Sadérék Schroeder ngomong deui, ”Abdi jeung para instruktur geus ngadaptarkeun maranéh nya! Cobaan wé diajar basa Jepang.” Tah, ari basa Jepang mah Harvey bisaeun.
Urang nepi di Jepang dina taun 1955. Harita, ngan aya 500 pawarta di nagri éta. Basa éta, Harvey umur 26, abdi umur 24. Urang duaan ditugaskeun di kota palabuhan, nyaéta Kobe. Di ditu urang ngalayanan salila opat taun, terus urang dibéré tugas kuriling deui. Urang ditugaskeun di deukeut kota Nagoya. Resep pisan ngalayanan di ditu! Dulur saimanna balageur, dahareunana ngeunah, terus pamandanganna gé éndah. Tapi teu lila, urang dibéré tugas anyar. Jiga nu enggeus-enggeus, urang gé teu nolak tugas ieu.
TUGAS ANYAR, TANGTANGAN ANYAR
Sanggeus tilu taun ngajalankeun tugas kuriling, kantor cabang Jepang ménta urang duaan * Urang geus betah ngalayanan di Jepang, jadi rada beurat mun kudu pindah. Tapi, Harvey boga tékad pikeun teu pernah nolak tugas ti Yéhuwa, jadi urang duaan indit.
pindah ka Taiwan pikeun mantuan kaom Amis. Sababaraha sadérék di ditu jadi murtad, ku kituna Taiwan butuh saurang sadérék anu lancar basa Jepang pikeun ngurus masalah éta.Urang nepi di Taiwan bulan Nopémber taun 1962. Di ditu aya 2.271 pawarta, lolobana mah urang Amis. Mimitina urang kudu diajar basa Mandarin heula, tapi urang ngan boga hiji buku keur diajar basa Mandarin jeung saurang guru anu teu bisaeun basa Inggris.
Teu lila, Harvey ditugaskeun jadi hamba cabang. Cabangna téh leutik, jadi pagawéan di kantor bisa gancang bérés. Ku kituna, dina sabulan téh Harvey bisa dines bareng jeung sadérék-sadérék ti kaom Amis nepi ka tilu minggueun. Harvey gé dibéré tugas sabagé pangawas distrik, jadi manéhna kudu méré hutbah di kongrés-kongrés. Sabenerna, Harvey bisa waé nepikeun hutbahna maké basa Jepang, da sadérék-sadérék ti kaom Amis ngartieun. Tapi, pamaréntah ngan ngidinan acara ibadah diayakeun dina basa Mandarin. Ku kituna, sanajan teu pati lancar, Harvey nepikeun hutbah maké basa Mandarin, terus saurang sadérék bakal narjamahkeun hutbahna ka basa Amis.
Harita, di Taiwan téh keur aya undang-undang darurat militér. Jadi mun rék ngayakeun kongrés, kudu ménta idin heula ka pamaréntah. Tapi ménta idinna téh teu gampang, sabab sok diengké-engké ku pulisi. Mun dina minggu kongrés idinna can kaluar kénéh, Harvey bakal nungguan di kantor pulisi. Biasana, pulisina bakal risi lantaran aya urang asing nu nungguan di kantorna. Jadi, maranéhna bakal buru-buru ngaluarkeun idin.
MIMITINA PISAN ABDI NAÉK GUNUNG
Biasana urang kudu leumpang sababaraha jam pikeun ngawawar, naék gunung, jeung meuntasan walungan. Abdi inget mimitina pisan abdi naék gunung. Sanggeus dahar isuk-isuk, urang naék beus jam 5.30 terus indit ka désa anu mencil. Urang meuntasan walungan nu gedé jeung naék ka gunung anu miring pisan. Bakating ku miringna, suku sadérék nu aya di hareupeun abdi nepi ka sajajar jeung panon abdi.
Poé éta, Harvey dines jeung sababaraha sadérék. Ari abdi mah dines sorangan ka désa anu jalma-jalmana ngomong maké basa Jepang. Tapi kira-kira jam hiji, awak téh mani asa leuleus, da abdi geus sababaraha jam teu dahar. Waktu abdi panggih deui jeung Harvey, manéhna téh ngan sorangan. Sadérék-sadérék séjén geus teu aya. Harvey nukeurkeun sababaraha bacaan jeung tilu endog hayam. Harvey nunjukkeun kumaha cara ngadahar endogna. Endogna diliangan, terus disedot. Mani asa geuleuh! Tapi najan geuleuh, abdi nyobaan ogé. Tapi pan tadi endogna aya tilu, jadi hiji deui keur saha? Keur abdi. Lantaran mun abdi pingsan, Harvey
moal kuateun mun kudu ngagéndong abdi turun gunung.MANDI KU CARA NU TEU BIASA
Dina hiji kongrés wilayah, abdi boga pangalaman anu teu biasa. Urang mondok di imah saurang sadérék, percis di sabeulaheun Balé Karajaan. Keur urang Amis mah, mandi téh penting pisan. Jadi, pamajikanna pangawas wilayah nyiapkeun kabéh kaperluan pikeun urang mandi. Harita Harvey keur sibuk, jadi abdi dititah mandi ti heula. Aya tilu jolang anu geus disiapkeun. Nu hiji eusina cai tiis, nu hiji cai panas, nu hiji deui kosong. Tapi anéhna, éta kabéh diteundeun di luareun imah, ngadep ka Balé Karajaan, padahal di ditu aya sadérék-sadérék nu keur nyiapkeun kongrés! Jadi, abdi ménta hordéng ka pamajikanna pangawas wilayah, tapi kalah ka dibéré plastik bening. Abdi mikir, geus wé abdi mandina di tukangeun imah, tapi di ditu abdi sieun disolodok ku soang! Abdi mikir deui, ’Sadérék-sadérék pasti keur sibuk, jadi moal merhatikeun abdi mandi. Terus mun abdi teu mandi, bisi nu boga imahna kasinggung.’ Jadi, nya geus wé abdi mandi!
BUKU KEUR URANG AMIS
Harvey merhatikeun, sadérék-sadérék téh hésé nyieun kamajuan rohani, lantaran loba nu teu bisa maca jeung euweuh buku dina basa Amis. Tapi harita, basa Amis mulai ditulis ku abjad. Jadi, jigana alus mun ngajarkeun sadérék-sadérék diajar maca maké basana sorangan. Mémang mimitina mah hésé, tapi lila-lila sadérék-sadérék bisa diajar bebeneran maké basana sorangan. Terus dina ahir 1960-an, aya buku dina basa Amis. Jeung dina taun 1968, geus mulai aya Warta Hadé dina basa Amis.
Tapi, pamaréntah ngalarang buku nu teu maké basa Mandarin. Jadi supaya teu keuna masalah, Warta Hadé dina basa Amis dipedalkeun ku cara nu béda-béda. Misalna, supaya euweuh nu curiga, salila 17 bulan, dina Warta Hadé basa Mandarin téh aya tarjamahan basa Amis. Jadi, urang téh jiga keur ngajarkeun basa Mandarin ka urang Amis. Ku kituna, organisasi Yéhuwa bisa terus nyadiakeun bahan bacaan dina basa Amis pikeun mantuan jalma-jalma diajar bebeneran.—Ras. 10:34, 35.
SIDANG DIMURNIKEUN
Dina taun 1960-an nepi ka 1970-an, loba sadérék ti kaom Amis anu hirupna teu nuturkeun patokan Allah. Maranéhna teu pati paham kana prinsip-prinsip Alkitab, jadi aya anu hirupna cabul, sok mabok-mabokan, ngudud, jeung nyeupah. Harvey ngadatangan loba sidang. Manéhna hayang mantuan sadérék-sadérék supaya paham naon anu dipikahayang ku Yéhuwa. Waktu ngajugjug ka salah sahiji sidang, urang ngalaman kajadian anu tadi dicaritakeun dina awal artikel.
Sadérék-sadérék anu rendah haté mah daék barobah. Tapi hanjakalna, loba ogé anu embung barobah. Jadi dina waktu 20 taun, jumlah pawarta di Taiwan téh ngurangan. Nu tadina aya 2.450 pawarta, jadi ngan 900-an. Mani sedih pisan. Tapi urang ngarti, Yéhuwa moal ngaberkahan, lamun sidang teu bersih. (2 Kor. 7:1) Sanggeus sababaraha waktu, ahirna sidang jadi bersih. Yéhuwa gé ngaberkahan umat-Na nu aya di Taiwan. Ayeuna, geus aya 11.000 pawarta leuwih di ditu.
Ti saprak 1980-an, urang ningali sidang-sidang Amis téh beuki maju. Harvey gé jadi bisa ngagunakeun leuwih loba waktu pikeun mantuan urang Tionghoa. Manéhna resep lantaran bisa mantuan salaki ti loba sadérék istri pikeun jadi Saksi. Abdi inget, manéhna senang pisan waktu salah sahijina mulai ngadoa ka Yéhuwa. Abdi gé bungah lantaran bisa mantuan loba jalma pikeun ngadeukeut ka Yéhuwa. Malah, aya barudak ti palajar Alkitab abdi anu ngalayanan bareng jeung abdi di kantor cabang Taiwan.
SEDIHNA DITINGGAL MAOT
Ampir 59 taun abdi hirup bareng jeung Harvey. Tapi dina tanggal 1 Januari 2010, Harvey maot lantaran kangker. Ayeuna abdi geus teu boga batur hirup. Ampir genep puluh taun Harvey aya dina dines sapinuh waktu. Abdi sono pisan ka manéhna. Tapi lamun diinget-inget deui, abdi senang lantaran baheula maturan manéhna ngalayanan di dua nagri anu luar biasa. Urang gé diajar pikeun ngomong maké dua basa Asia anu hésé. Malah, Harvey mah nepi ka bisa nulis dina basa-basa éta.
Sababaraha taun sanggeusna, Badan Pingpinan mutuskeun, lantaran abdi geus sepuh, mending abdi balik ka Australia. Mimitina, abdi embung ninggalkeun Taiwan. Tapi, Harvey ngajarkeun, ulah pernah nolak mun dibéré tugas ti organisasi Yéhuwa. Jadi abdi balik. Ka dieunakeun abdi paham, balik ka Australia téh pilihan anu bijaksana.
Ayeuna abdi ngalayanan di kantor cabang Australasia. Dina ahir minggu, abdi bisa dines jeung sidang. Di Bétel, abdi osok mandu tur maké basa Jepang jeung basa Mandarin. Abdi bener-bener ngadagoan pihudangeunana deui nu maot. Abdi yakin pisan, Yéhuwa pasti inget ka Harvey anu teu pernah nolak tugas ti Mantenna.—Yoh. 5:28, 29.
^ par. 14 Ayeuna, di Taiwan téh basa resmina Mandarin. Tapi geus mangpuluh-puluh taun, basa Jepang jadi basa resmi di ditu. Ku kituna, waktu abdi datang, loba jalma di Taiwan anu bisaeun basa Jepang.