Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 5

”Gunakeun Waktu Aranjeun Sahadé-hadéna”

”Gunakeun Waktu Aranjeun Sahadé-hadéna”

”Terus perhatikeun bener-bener cara hirup aranjeun, kudu jadi jalma nu bijaksana, ulah jadi jalma nu teu bijaksana. Gunakeun waktu aranjeun sahadé-hadéna.”ÉF. 5:15, 16.

KAWIH 8 Yéhuwa Bénténg Urang

NU DIBAHAS *

1. Kumaha urang bisa ngagunakeun waktu keur Yéhuwa?

 URANG pasti resep pisan bisa ulin atawa ngumpul bareng jeung jalma-jalma nu dipikanyaah ku urang. Salaki pamajikan pasti resep pisan bisa ngalakukeun kagiatan babarengan. Barudak ngora pasti atoheun lamun bisa ulin jeung babaturanana. Urang kabéh pasti bungah mun bisa campur gaul jeung dulur-dulur saiman. Tapi nu pangutamana, urang resep bisa ngagunakeun waktu keur Allah urang. Urang bisa ngadoa ka Anjeunna, maca Firman-Na, jeung mikirkeun kahayang sarta sipat-sipat-Na nu hadé. Urang pasti bungah pisan bisa ngagunakeun waktu keur Yéhuwa.​—Jab. 139:17.

2. Ku naon sok teu gampang pikeun nyadiakeun waktu keur Yéhuwa?

2 Mémang, urang resep ngagunakeun waktu keur Yéhuwa, tapi kadang éta téh teu gampang. Saking ku sibukna, bisa jadi urang nepi ka teu boga waktu pikeun kagiatan rohani. Waktu téh asa geus béak keur pagawéan, ngurus kulawarga, atawa kagiatan-kagiatan séjénna. Jadi, urang sok teu sempet ngadoa, diajar Alkitab, jeung ngalenyepanana.

3. Naon deui nu bisa méakkeun waktu urang?

3 Naon deui nu bisa méakkeun waktu urang? Urang bisa jadi sibuk ngalakukeun hal-hal nu sabenerna teu salah, tapi méakkeun waktu nu sakuduna dipaké pikeun ngaraketkeun diri ka Yéhuwa. Misalna, urang kabéh téh butuh rékréasi. Mémang, éta teu salah. Tapi mun loba teuing ulin, urang jadi teu boga waktu keur ngalakukeun kagiatan rohani. Ulah nepi ka urang jadi ngutamakeun rékréasi.​—Sil. 25:27; 1 Tim. 4:8.

4. Naon nu bakal dibahas?

4 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas ku naon urang kudu netepkeun naon nu pangutamana dina kahirupan urang. Urang gé bakal ngabahas kumaha urang bisa ngagunakeun waktu keur Yéhuwa jeung naon mangpaatna lamun urang bijaksana dina ngagunakeun waktu.

JIEUN PUTUSAN NU BIJAKSANA, TETEPKEUN NAON NU PANGUTAMANA

5. Kumaha naséhat dina Éfésus 5:15-17 bisa ngabantu budak ngora milih kahirupan nu panghadéna?

5 Pilih kahirupan nu panghadéna. Barudak ngora meureun sok mikirkeun, engké kahirupanana téh rék digunakeun keur naon. Meureun, guru-guru di sakola atawa kulawargana nu lain Saksi nitah manéhna pikeun kuliah, supaya engké bisa meunang pagawéan nu alus jeung ngumpulkeun loba duit. Sabenerna, kuliah téh bisa méakkeun loba waktu. Terus, ari kolot jeung babaturan di sidang mah meureun ngajurung manéhna pikeun ngagunakeun kahirupan keur ngawula Yéhuwa. Jadi, kumaha budak ngora nu nyaah ka Yéhuwa bisa nyieun putusan nu bijaksana? Manéhna bisa maca Éfésus 5:15-17 jeung ngalenyepanana. (Baca.) Sanggeus maca, budak ngora bisa mikirkeun: ’Naon ”kahayang Yéhuwa” téh? Pilihan naon nu bakal nyenangkeun Anjeunna? Kumaha abdi bisa ngagunakeun waktu sahadé-hadéna?’ Sing inget, ”jaman kiwari téh jahat”, sarta dunya nu dikawasaan ku Sétan téh geus téréh diancurkeun. Jadi, urang hayang bijaksana dina ngagunakeun kahirupan urang pikeun nyenangkeun Yéhuwa.

6. Naon nu dipilih ku Maryam, jeung ku naon éta téh pilihan nu bijaksana?

6 Tetepkeun naon nu pangutamana dina kahirupan. Supaya bisa ngagunakeun waktu sahadé-hadéna, kadang urang kudu milih di antara dua hal nu sabenerna teu salah. Hayu urang perhatikeun kisah basa Isa nganjangan Maryam jeung Marta. Marta atoh pisan waktu Isa datang. Manéhna langsung nyiapkeun loba dahareun. Tapi, Maryam mah ngadéprok di deukeut suku Juraganna bari terus ngadéngékeun pangajaranana. Nu dilakukeun ku Marta téh teu salah, tapi Isa ngomong yén Maryam mah ”geus milih anu hadé”. (Luk. 10:38-42) Ku naon? Lila-lila, Maryam bisa waé poho kana naon nu didahar harita, tapi manéhna pasti moal poho kana naon nu geus diajarkeun ku Isa. Siga Maryam nu resep ngagunakeun waktuna bareng jeung Isa, urang gé resep ngagunakeun waktu urang keur Yéhuwa. Jadi, kumaha urang bisa ngagunakeun waktu sahadé-hadéna?

GUNAKEUN WAKTU SAHADÉ-HADÉNA KEUR YÉHUWA

7. Ku naon ngadoa, diajar Alkitab, jeung ngalenyepan téh penting pisan?

7 Sing inget yén ngadoa, diajar Alkitab, jeung ngalenyepan téh kaasup ibadah. Waktu ngadoa, urang téh nyarita ka Bapa di sorga nu nyaah ka urang. (Jab. 5:8) Waktu diajar Alkitab, urang meunang ’kanyaho ngeunaan Allah’, Pribadi nu paling bijaksana. (Sil. 2:1-5) Waktu urang ngalenyepan, urang mikirkeun sipat Yéhuwa nu hadé jeung rencana-Na nu luar biasa keur urang jeung sakabéh manusa. Ieu téh cara nu panghadéna pikeun ngagunakeun waktu urang. Tapi, kumaha cara ngalakukeunana?

Na Sadérék bisa néangan tempat nu sepi pikeun palajaran pribadi? (Tingali paragrap 8-9)

8. Urang bisa diajar naon ti Isa waktu keur aya di gurun keusik?

8 Mun bisa, téangan tempat nu sepi. Perhatikeun nu dilakukeun ku Isa. Saacan ngamimitian palayananana di bumi, manéhna indit ka gurun keusik jeung cicing di ditu salila 40 poé. (Luk. 4:1, 2) Di tempat nu sepi éta, manéhna bisa ngadoa jeung ngalenyepan naon nu dipikahayang ku Bapana. Éta nu ngabantu Isa siap nyanghareupan tangtangan nu bakal datang. Kumaha Sadérék bisa nyonto Isa? Lamun anggota kulawarga Sadérék loba, meureun di imah téh euweuh tempat nu sepi. Mun kitu, Sadérék bisa néanganana di luar. Ieu ogé nu dilakukeun ku Julie waktu hayang ngadoa ka Yéhuwa. Manéhna jeung salakina téh cicing di apartemén nu leutik di Prancis. Di ditu téh osok gandéng waé. Julie nyarita, ”Unggal poé abdi indit ka taman. Di ditu téh euweuh sasaha, euweuh nu ngaganggu. Jadi, abdi bisa bener-bener ngabudalkeun eusi haté abdi ka Yéhuwa.”

9. Sanajan sibuk, naon nu némbongkeun Isa téh ngahargaan hubunganana jeung Yéhuwa?

9 Isa téh sibuk pisan. Salila palayananana di bumi, aya loba jalma nu nuturkeun Isa sarta hayang babarengan terus jeung manéhna. Sakali waktu, ”sakabéh penduduk kota tumplek di hareupeun panto imah” pikeun manggihan Isa. Najan kitu, Isa teu pernah poho pikeun nyadiakeun waktu pikeun ngadoa ka Yéhuwa. Pas subuh-subuh kénéh, manéhna ”indit ka tempat nu sepi” supaya bisa ngadoa ka Bapana.​—Mar. 1:32-35.

10-11. Dina Matius 26:40, 41, Isa nitah naon ka para muridna di Taman Gétsemani, tapi naon nu kajadian?

10 Dina ahir palayananana di bumi, pas peuting saacan pupus, Isa néangan tempat nu sepi supaya bisa ngalenyepan jeung ngadoa ka Yéhuwa. Manéhna indit ka Taman Gétsemani. (Mat. 26:36) Harita, Isa méré nyaho murid-muridna ngeunaan pentingna ngadoa.

11 Pék bayangkeun naon nu kajadian. Waktu maranéhna nepi di Taman Gétsemani, katingalina harita téh geus liwat tengah peuting. Isa nitah para rasul pikeun ”jaga-jaga”, geus kitu manéhna indit ngadoa. (Mat. 26:37-39) Tapi waktu Isa keur ngadoa, para rasul téh kalah ka kasaréan. Pas ningali para rasul saré, Isa nitah deui supaya maranéhna ”jaga-jaga bari terus ngadoa”. (Baca Matius 26:40, 41.) Isa apal, para rasul téh keur loba pikiran jeung carapéeun. Isa karunyaeun jeung nyaho ’awak téh lemah’. Sanggeus éta, Isa dua kali deui indit pikeun ngadoa. Tapi unggal balik, para rasul téh saré deui saré deui, lainna ngadoa.​—Mat. 26:42-45.

Na Sadérék bisa ngusahakeun pikeun ngadoa saacan ngarasa capé teuing? (Tingali paragrap 12)

12. Naon nu bisa dilakukeun lamun urang keur loba pikiran atawa ngarasa capé teuing pikeun ngadoa?

12 Pilih waktu nu cocog. Kadang, meureun urang téh keur loba pikiran atawa ngarasa capé teuing pikeun ngadoa. Loba ogé nu ngarasa kitu. Jadi, naon nu bisa dilakukeun? Sababaraha jalma nu biasana ngadoa peuting-peuting téh nyobaan ngadoa leuwih awal, waktu maranéhna can capé teuing. Aya ogé nu ngarasa leuwih fokus lamun maranéhna ngadoa bari diuk atawa sideku. Tapi, kumaha lamun Sadérék ngarasa hariwang pisan jeung teu layak pikeun ngadoa? Caritakeun parasaan Sadérék ka Yéhuwa. Sing yakin, Bapa urang nu karunyaan téh pasti ngarti ka Sadérék.​—Jab. 139:4.

Na Sadérék bisa ngantep heula pesen atawa e-mail nu asup pas keur masamoan? (Tingali paragrap 13-14)

13. Kumaha HP atawa tablét bisa ngaganggu konséntrasi urang waktu ngadoa, palajaran pribadi, jeung masamoan?

13 Ulah kasimpangkeun pas keur diajar Alkitab. Ngadoa téh bisa nguatkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa. Tapi aya deui nu bisa dilakukeun supaya urang bisa raket ka Allah, nyaéta diajar Firman Allah jeung masamoan. Kumaha carana supaya urang bisa ngagunakeun waktu sahadé-hadéna pas keur palajaran pribadi jeung pas keur masamoan? Pék pikirkeun, ’Naon nu osok ngaganggu konséntrasi abdi pas keur palajaran pribadi atawa salila masamoan?’ Na telepon nu asup, e-mail, atawa chat dina HP jeung alat éléktronik séjénna bisa ngaganggu? Kiwari, aya jutaan jalma boga HP atawa tablét. Sababaraha ahli nyebutkeun, urang sok teu bisa fokus mun aya HP di gigireun urang. Ceuk saurang propésor psikologi, ’Urang jadi teu fokus kana naon nu keur digawékeun. Pikiran urang ka mana-mana.’ Saacan kongrés, biasana sok aya pangumuman pikeun nyetél HP atawa tablét urang ngarah teu ngaganggu batur. Pas urang keur sorangan, na urang gé bisa nyetél HP atawa tablét supaya teu ngaganggu urang sarta teu ngaganggu waktu nu digunakeun keur Yéhuwa?

14. Dumasar Filipi 4:6, 7, kumaha Yéhuwa ngabantu urang supaya bisa fokus?

14 Pénta bantuan Yéhuwa supaya Sadérék bisa fokus. Lamun Sadérék ngarasa osok mikirkeun hal séjén pas keur palajaran pribadi atawa pas keur masamoan, pék pénta bantuan Yéhuwa. Lamun Sadérék keur hariwang kana hiji hal, biasana nu dipikirkeun téh ngan masalah éta hungkul. Ku kituna Sadérék jadi teu bisa fokus kana hal-hal rohani, padahal éta téh penting pisan. Pék ngadoa jeung ménta katengtreman ti Yéhuwa pikeun ngajaga haté jeung ”pikiran” Sadérék.​—Baca Filipi 4:6, 7.

NYADIAKEUN WAKTU KEUR YÉHUWA TÉH GEDÉ MANGPAATNA

15. Naon mangpaatna lamun urang nyadiakeun waktu keur Yéhuwa?

15 Lamun urang nyadiakeun waktu keur nyarita ka Yéhuwa, ngadéngékeun, jeung mikirkeun Anjeunna, éta téh gedé mangpaatna. Naon waé mangpaatna? Nu kahiji, urang bisa nyieun putusan nu leuwih hadé. Alkitab ngayakinkeun urang, lamun ”nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter”. (Sil. 13:20) Jadi, lamun urang nyadiakeun waktu keur Yéhuwa, Pribadi nu paling pinter jeung paling bijaksana, urang gé bakal leuwih bijaksana. Urang gé bakal nyaho kumaha cara nyenangkeun Yéhuwa jeung naon waé nu kudu disingkahan supaya urang teu nganyenyeri haté Anjeunna.

16. Ku naon urang bisa leuwih tarampil ngajar batur lamun urang nyadiakeun waktu keur Yéhuwa?

16 Nu kadua, urang bisa jadi guru nu leuwih tarampil. Waktu urang ngajarkeun Alkitab ka batur, tujuan utama urang téh hayang manéhna leuwih raket ka Yéhuwa. Lamun urang leuwih sering ngadoa jeung diajar ngeunaan Yéhuwa, urang bakal leuwih nyaah ka Anjeunna sarta bakal leuwih tarampil ngajar batur pikeun nyaah ka Anjeunna. Pék perhatikeun conto ti Isa. Manéhna téh nyaritakeun sakumaha bageur Bapana, ku kituna murid-muridna gé bisa nyaah ka Yéhuwa.​—Yah. 17:25, 26.

17. Ku naon doa jeung palajaran pribadi bisa nguatkeun iman urang?

17 Nu katilu, iman urang bakal beuki kuat. Pék pikirkeun naon mangpaatna lamun urang ménta pituduh, panglilipur, atawa bantuan ti Allah. Unggal Yéhuwa ngajawab doa urang, iman urang ka Anjeunna bakal beuki kuat. (1 Yah. 5:15) Naon deui nu bisa nguatkeun iman urang? Palajaran pribadi. Urang inget yén jalma téh ”boga iman lamun geus ngadéngé”. (Rm. 10:17) Tapi, supaya boga iman nu kuat, teu cukup ngan saukur diajar hungkul. Naon deui nu kudu dilakukeun?

18. Jelaskeun ku naon urang perlu ngalenyepan.

18 Sanggeus diajar Alkitab, urang kudu ngalenyepanana. Pék perhatikeun pangalaman jalma nu nulis Jabur 77. Manéhna téh hariwang, kumaha lamun manéhna jeung urang Israél séjénna geus teu ditarima deui ku Yéhuwa. Manéhna nepi ka teu bisa saré sapeupeuting. (Ayat 3-9) Naon nu dilakukeunana? Manéhna ngadoa, ”Abdi bade mikiran sagala padamelan Gusti sareng ngalenyepan karya-karya Gusti anu harebat.” (Ayat 13) Nu nulis jabur éta pasti nyaho naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa keur umat-Na di jaman baheula, tapi manéhna masih bingbang. Ceuk manéhna, ”Naha geus lali kitu Allah teh kana welas asih? Naha bendu, nepi ka teu kersaeun mikawelas?” (Ayat 10) Manéhna ngalenyepan tindakan Yéhuwa, sipat welas-Na, sarta sipat karunyaan nu ditémbongkeun ku Anjeunna di jaman baheula. (Ayat 12) Hasilna? Manéhna jadi yakin, Yéhuwa moal ninggalkeun umat-Na. (Ayat 16) Kitu ogé, iman Sadérék bakal beuki kuat lamun ngalenyepan naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa keur umat-Na jeung naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa keur Sadérék.

19. Naon deui mangpaatna lamun urang nyadiakeun waktu keur Yéhuwa?

19 Nu kaopat, sakaligus nu pangpentingna, nyaéta urang bakal leuwih nyaah deui ka Yéhuwa. Dibandingkeun sipat séjénna, kanyaah téh nu paling ngajurung urang pikeun taat ka Yéhuwa, daék nyieun pangorbanan pikeun nyenangkeun Anjeunna, sarta tabah nyanghareupan cocoba. (Mat. 22:37-39; 1 Kor. 13:4, 7; 1 Yah. 5:3) Euweuh nu leuwih penting tibatan sosobatan urang jeung Yéhuwa!​—Jab. 63:2-9.

20. Naon rencana Sadérék supaya boga waktu keur Yéhuwa?

20 Sing inget yén ngadoa, diajar Alkitab, jeung ngalenyepan téh kaasup ibadah. Sarua jiga Isa, pék téangan tempat nu sepi jeung sadiakeun waktu keur Yéhuwa. Singkirkeun hal-hal nu bisa nyimpangkeun. Pénta bantuan Yéhuwa supaya urang bisa tetep fokus dina ngalakukeun kagiatan rohani. Lamun ayeuna Sadérék ngagunakeun waktu sahadé-hadéna, Yéhuwa téh pasti bakal ngaberkahan Sadérék ku kahirupan nu langgeng di dunya anyar.​—Mar. 4:24.

KAWIH 28 Jadi Sobat Yéhuwa

^ Yéhuwa téh Sobat urang. Urang tangtu bungah pisan bisa nyobat jeung Anjeunna, sarta urang gé hayang leuwih kenal ka Anjeunna. Mémang mun urang hayang leuwih kenal ka saurang jalma, éta téh butuh waktu. Kitu deui mun urang hayang nyobat jeung Yéhuwa. Tapi, hirup dina jaman ayeuna téh sibuk pisan. Jadi, kumaha carana urang bisa ngaraket ka Bapa urang di sorga, jeung naon mangpaatna keur urang?