Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 4

Ku Naon Urang Hadir di Acara Pangéling-ngéling?

Ku Naon Urang Hadir di Acara Pangéling-ngéling?

”Terus lampahkeun ieu pikeun némbongkeun maranéh inget ka urang.”​—LUK. 22:19.

KAWIH 20 Kurnia Tebusan ti Yéhuwa

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Iraha hususna urang sok inget ka kulawarga atawa sobat nu geus maot? (b) Dina peuting saacan pupus, naon nu diayakeun ku Isa?

 SANAJAN kulawarga atawa sobat urang geus lila maot, urang pasti inget kénéh ka maranéhna. Biasana, urang leuwih kainget-inget deui ka maranéhna hususna dina tanggal maranéhna maot.

2 Unggal taun, urang jeung jutaan jalma di sakuliah dunya miéling pupusna jalma nu dipikanyaah ku urang, nyaéta Isa Al-Masih. (1 Pét. 1:8) Urang hadir ka acara éta téh pikeun mikirkeun pangorbanan ti Isa nu nebus urang tina dosa jeung maot. (Mat. 20:28) Isa téh hayang murid-muridna terus miéling poé manéhna pupus. Peuting saacan pupus, Isa ngayakeun jamuan wengi nu istiméwa, tuluy maréntahkeun, ”Terus lampahkeun ieu pikeun némbongkeun maranéh inget ka urang.”​—Luk. 22:19.

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Di antara jalma-jalma nu datang ka acara Pangéling-ngéling pupusna Al-Masih, ngan saeutik nu boga harepan pikeun hirup di sorga téh. Tapi, jutaan jalma nu boga harepan pikeun hirup di bumi gé hadir ka acara éta. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas ku naon unggal taunna dua kelompok éta resep hadir di acara Pangéling-ngéling. Urang gé bakal ningali naon mangpaatna hadir di acara éta. Hayu urang bahas heula ku naon jalma-jalma nu diistrénan hadir di acara éta.

KU NAON NU DIISTRÉNAN HADIR DI ACARA PANGÉLING-NGÉLING?

4. Ku naon kaom nu diistrénan ngadahar roti jeung nginum cianggur di acara Pangéling-ngéling?

4 Unggal taunna, kaom nu diistrénan hadir di acara Pangéling-ngéling pikeun ngadahar roti jeung nginum cianggur. Ku naon maranéhna ngadahar roti jeung nginum cianggur? Hayu urang tingali naon nu kajadian dina peuting saacan Isa pupus. Sanggeus jamuan Paskah, Isa ngayakeun jamuan nu ayeuna disebut Jamuan Wengi Isa Al-Masih. Manéhna ngabagikeun roti jeung cianggur ka 11 rasulna jeung nitah maranéhna dahar sarta nginum. Basa éta, Isa nyebutkeun ngeunaan dua perjangjian, nyaéta perjangjian anyar jeung perjangjian Karajaan. * (Luk. 22:19, 20, 28-30) Ku ayana dua perjangjian éta, para rasul sarta sakelompok jalma bisa jadi raja jeung imam di sorga. (Why. 5:10; 14:1) Ku kituna, jalma-jalma nu kaasup dina dua perjangjian ieu, nu masih kénéh hirup di bumi, bakal ngadahar roti jeung nginum cianggur di acara Pangéling-ngéling.

5. Kumaha parasaan kaom nu diistrénan kana harepan nu geus dibéré ka maranéhna?

5 Alesan séjénna ku naon kaom nu diistrénan téh ngadago-dago acara Pangéling-ngéling, nyaéta: Acara ieu méré kasempetan ka maranéhna pikeun mikirkeun harepanana. Yéhuwa geus méré harepan nu luar biasa keur maranéhna, nu jumlahna 144.000 ieu. Di sorga, maranéhna bakal boga awak nu teu bisa musna jeung maot. Maranéhna gé bakal maréntah bareng jeung Isa Al-Masih sarta bisa ngalalayanan langsung di hareupeun Allah Yéhuwa! (1 Kor. 15:51-53; 1 Yah. 3:2) Kaom nu diistrénan téh apal yén maranéhna dibéré kahormatan pikeun ngalalayanan di sorga. Tapi supaya bisa ka sorga, maranéhna kudu tetep satia nepi ka maot. (2 Tim. 4:7, 8) Maranéhna pasti bungah pisan waktu ngabayangkeun harepan éta. (Tit. 2:13) Kumaha jeung ”domba-domba lian”? (Yah. 10:16) Ku naon maranéhna gé hadir ka acara Pangéling-ngéling?

KU NAON DOMBA-DOMBA LIAN HADIR DI ACARA PANGÉLING-NGÉLING?

6. Ku naon unggal taunna domba-domba lian hadir di acara Pangéling-ngéling?

6 Domba-domba lian gé hadir di acara Pangéling-ngéling, tapi maranéhna moal ngadahar roti jeung nginum cianggur. Najan kitu, maranéhna tetep bungah bisa hadir di acara éta. Jalma-jalma nu boga harepan pikeun hirup di bumi téh mulai hadir dina acara ieu dina taun 1938. Majalah The Watchtower 1 Maret 1938 nyebutkeun, ”Geus sapantesna [domba-domba lian] téh hadir di acara ieu. . . . Ieu téh acara nu pikabungaheun keur maranéhna.” Sarua siga para tamu nu bungah waktu hadir ka acara kawinan, domba-domba lian ogé bungah waktu hadir ka acara Pangéling-ngéling.

7. Ku naon domba-domba lian ngadago-dago hutbah nu ditepikeun di acara Pangéling-ngéling?

7 Domba-domba lian ogé bisa mikirkeun harepan maranéhna di acara ieu. Maranéhna ngadago-dago hutbah di acara Pangéling-ngéling. Dina hutbah éta, biasana dibahas ngeunaan naon nu bakal dilakukeun ku Al-Masih jeung 144.000 jalma nu diistrénan salila Pamaréntahan Sarébu Taun. Engké di bawah pingpinan Raja Isa Al-Masih, kaom nu diistrénan bakal mantuan ngarobah bumi jadi pirdaus. Terus, jalma-jalma nu satia bakal jadi sampurna. Jutaan jalma nu hadir di acara Pangéling-ngéling pasti bungah pisan bisa ngabayangkeun jangji-jangji dina Alkitab ngawujud, misalna jiga nu aya dina Yesaya 35:5, 6; 65:21-23; sarta Wahyu 21:3, 4. Pas ngabayangkeun yén manéhna, sobatna, jeung kulawargana aya di dunya anyar, pasti harepan maranéhna bakal leuwih kuat. Maranéhna gé bakal kajurung pikeun terus satia ngalayanan Yéhuwa.​—Mat. 24:13; Gal. 6:9.

8. Naon alesan séjén domba-domba lian hadir di acara Pangéling-ngéling?

8 Aya alesan séjén ku naon domba-domba lian hadir di acara Pangéling-ngéling. Maranéhna hayang némbongkeun kanyaahna jeung ngadukung kaom nu diistrénan. Firman Allah nyebutkeun yén nu diistrénan jeung nu boga harepan hirup di bumi bakal digawé babarengan. Kumaha bisa? Hayu tingali sababaraha contona.

9. Kumaha nubuat dina Jakaria 8:23 ngagambarkeun parasaan domba-domba lian ka kaom nu diistrénan?

9 Baca Jakaria 8:23 tina catetan handap. * Nubuat ieu meni cocog pisan ngagambarkeun parasaan domba-domba lian ka sadérék-sadérék nu diistrénan. Kecap ”saurang Yahudi” jeung ”aranjeun” téh ngamaksudkeun kelompok nu sarua, nyaéta kaom nu diistrénan. (Rm. 2:28, 29) ”Sapuluh lalaki ti bangsa jeung basa” ngamaksudkeun domba-domba lian. Maranéhna ”nyekel pageuh”, atawa ngadukung, kaom nu diistrénan ku cara milu ngadukung ibadah nu murni. Jadi di acara Pangéling-ngéling, domba-domba lian némbongkeun yén maranéhna terus ngadukung kaom nu diistrénan ku cara hadir di acara éta.

10. Naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa pikeun ngalaksanakeun nubuat nu aya dina Yeheskel 37:15-19, 24, 25?

10 Baca Yeheskel 37:15-19, 24, 25. Nubuat ieu jadi kanyataan waktu Yéhuwa ngahijikeun kaom nu diistrénan jeung domba-domba lian pikeun digawé bareng. Nubuat ieu nyebutkeun aya dua iteuk. Nu boga harepan ka sorga digambarkeun ku iteuk ”Karajaan Yuda” (raja-raja di Israél dipilih tina kaom ieu). Ari nu boga harepan di bumi mah digambarkeun ku iteuk ”Karajaan Israil”. * Yéhuwa bakal ngahijikeun dua kelompok ieu pikeun jadi ”hiji iteuk”. Éta hartina, maranéhna bakal ngawula babarengan jeung diparéntah ku hiji Raja, nyaéta Isa Al-Masih. Unggal taunna, kaom nu diistrénan jeung domba-domba lian hadir di acara Pangéling-ngéling. Maranéhna téh hadir lain sabagé dua kelompok nu béda, tapi ”sapangangonan”, diurus ku ”hiji pangangon”.​—Yah. 10:16.

11. Kumaha ”domba” nu disebutkeun dina Matius 25:31-36, 40 ngadukung dulur-dulurna Al-Masih?

11 Baca Matius 25:31-36, 40. ”Domba” nu dicaritakeun ku Isa téh ngamaksudkeun jalma-jalma bener dina ahir jaman nu boga harepan pikeun hirup di bumi. Maranéhna disebut domba-domba lian. Maranéhna satia ngadukung dulur-dulurna Al-Masih nu hirup kénéh di bumi. Kumaha carana? Ku cara ngadukung kaom nu diistrénan ieu ngajalankeun tanggung jawab nu gedé, nyaéta ngatur kagiatan ngawawar jeung ngajadikeun murid di sakuliah dunya.​—Mat. 24:14; 28:19, 20.

12-13. Naon deui nu dilakukeun ku domba-domba lian pikeun ngadukung dulur-dulurna Al-Masih?

12 Unggal taun, sababaraha minggu saacan acara Pangéling-ngéling, domba-domba lian ngadukung dulur-dulurna Al-Masih ku cara miluan kagiatan husus pikeun ngondang jalma-jalma ka acara Pangéling-ngéling. (Tingali kotak ” Naon nu Bisa Dilakukeun Saacan jeung Sanggeus Acara Pangéling-ngéling?”) Maranéhna gé nyiapkeun sagala kaperluan acara Pangéling-ngéling, sanajan di sidangna téh euweuh nu ngadahar roti jeung nginum cianggur. Domba-domba lian bungah pisan bisa ngadukung dulur-dulurna Al-Masih. Maranéhna apal, keur Isa mah, naon nu dilampahkeun keur dulur-dulurna ieu téh sarua jeung ngalampahkeunana keur Isa.​—Mat. 25:37-40.

13 Teu sual naon harepan urang, naon deui alesan urang hadir ka acara Pangéling-ngéling?

KU NAON URANG KABÉH HADIR DI ACARA PANGÉLING-NGÉLING?

14. Kumaha Yéhuwa jeung Isa némbongkeun kanyaahna nu luar biasa ka urang?

14 Urang nganuhunkeun kana kanyaah nu ditémbongkeun ku Yéhuwa jeung Isa. Yéhuwa geus némbongkeun kanyaah-Na ku loba cara, tapi aya hiji nu paling istiméwa. Allah urang ngorbankeun Putra-Na nu dipikanyaah pikeun sangsara sarta maot demi urang. (Yah. 3:16) Ieu gé bukti Isa nyaah pisan ka urang. Manéhna réla ngorbankeun kahirupanana keur urang. (Yah. 15:13) Rék kumaha gé, urang téh moal bisa ngabales kanyaah aranjeunna. Tapi, urang bisa némbongkeun rasa sukur urang ku laku lampah sapopoé. (Kol. 3:15) Waktu hadir di acara Pangéling-ngéling, urang bisa mikirkeun kanyaah ti aranjeunna. Salian ti éta, ku cara hadir, urang gé némbongkeun urang téh nyaah ka aranjeunna.

15. Ku naon kaom nu diistrénan jeung domba-domba lian nganuhunkeun pisan kana korban tebusan?

15 Urang nganuhunkeun pisan kana korban tebusan. (Mat. 20:28) Kaom nu diistrénan téh nganuhunkeun kana tebusan, lantaran ngan ku tebusan ieu, harepan maranéhna bisa ngawujud. Lantaran boga iman kana tebusan Al-Masih, maranéhna bisa disebut jalma bener jeung diangkat jadi anak Allah. (Rm. 5:1; 8:15-17, 23) Domba-domba lian gé nganuhunkeun pisan kana tebusan. Lantaran boga iman kana tebusan Al-Masih, maranéhna bisa dianggap bersih di hareupeun Allah, ngajalankeun palayanan suci, jeung boga harepan pikeun ”salamet tina kasangsaraan nu kacida hébatna”. (Why. 7:13-15) Salah sahiji cara kaom nu diistrénan jeung domba-domba lian nganuhunkeun kana tebusan téh nyaéta hadir di acara Pangéling-ngéling unggal taunna.

16. Naon alesan séjénna urang hadir ka acara Pangéling-ngéling?

16 Alesan séjénna urang hadir ka acara Pangéling-ngéling téh lantaran urang hayang nurut ka Isa. Teu sual naon harepan urang, urang hayang nuturkeunana. Dina peuting Isa ngayakeun acara Pangéling-ngéling, manéhna méré paréntah, ”Terus lampahkeun ieu pikeun némbongkeun maranéh inget ka urang.”​—1 Kor. 11:23, 24.

NAON MANGPAATNA HADIR DI ACARA PANGÉLING-NGÉLING?

17. Kumaha acara Pangéling-ngéling bisa ngaraketkeun urang jeung Yéhuwa?

17 Urang bisa leuwih raket ka Yéhuwa. (Yak. 4:8) Siga nu geus dibahas, ku ayana acara Pangéling-ngéling, urang jadi bisa mikirkeun harepan jeung kanyaah ti Yéhuwa. (Yer. 29:11; 1 Yah. 4:8-10) Lamun urang mikirkeun harepan nu bakal ngawujud di mangsa ka hareup jeung kanyaah Allah nu teu aya ahirna, urang téh bakal leuwih nyaah ka Yéhuwa. Urang gé bakal leuwih raket ka Anjeunna.​—Rm. 8:38, 39.

18. Lamun urang ngalenyepan tuladan Isa, urang bakal kajurung pikeun ngalakukeun naon?

18 Urang kajurung pikeun nuturkeun tuladan Isa. (1 Pét. 2:21) Sababaraha poé saacan acara Pangéling-ngéling, urang maca ayat-ayat Alkitab nu nyaritakeun ngeunaan ahir palayanan Isa di bumi, waktu manéhna dipaéhan, sarta waktu dihirupkeun deui. Terus pas acara Pangéling-ngélingna, aya hutbah nu ngingetkeun urang kana kanyaah Isa ka urang. (Éf. 5:2; 1 Yah. 3:16) Waktu urang maca jeung ngalenyepan pangorbanan Isa, urang ogé pasti hayang ”nuturkeun lampah manéhna”.​—1 Yah. 2:6.

19. Kumaha carana supaya urang bisa terus jadi sobat nu dipikanyaah ku Allah?

19 Urang hayang terus jadi sobat nu dipikanyaah ku Allah. (Yud. 20, 21) Urang bisa terus jadi sobat Allah lamun urang taat ka Anjeunna, nyucikeun nami-Na, jeung nyenangkeun haté Anjeunna. (Sil. 27:11; Mat. 6:9; 1 Yah. 5:3) Acara Pangéling-ngéling bisa ngajurung urang pikeun ngajaga laku lampah urang unggal poéna. Ku kituna, saolah-olah urang ngomong kieu ka Yéhuwa, ’Abdi hoyong jadi sobat Gusti salilana!’

20. Ku naon urang hadir di acara Pangéling-ngéling?

20 Urang téh perlu hadir di acara Pangéling-ngéling, teu sual harepan urang ka sorga atawa di bumi. Unggal taun, urang hayang miéling pupusna Isa Al-Masih, jalma nu dipikanyaah ku urang. Tapi, pangpangna urang hayang mikirkeun kanyaah Yéhuwa nu luar biasa. Anjeunna geus ngorbankeun Putra-Na pikeun jadi tebusan. Dina taun ieu, acara Pangéling-ngéling téh bakal diayakeun dina poé Jumaah, 15 April 2022. Urang téh nyaah pisan ka Yéhuwa jeung Isa. Jadi dina poé pupusna Isa, hal pangpentingna nu bisa dilakukeun ku urang téh nyaéta hadir di acara Pangéling-ngéling.

KAWIH 16 Puji Yéhuwa jeung Putra-Na

^ Teu sual urang boga harepan pikeun hirup di sorga atawa di bumi, urang pasti ngadago-dago pisan pikeun hadir di acara Pangéling-ngéling unggal taunna. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha ayat dina Alkitab nu ngajelaskeun ku naon urang perlu hadir ka acara éta jeung naon mangpaatna.

^ Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan perjangjian anyar jeung perjangjian Karajaan, atawa perjangjian pikeun maréntah, mangga tingali artikel ”Kamu Akan Menjadi ’Kerajaan Imam’” dina majalah Menara Pengawal 15 Oktober 2014, kaca 15-17.

^ Jakaria 8:23 (NW): ”Sapuluh lalaki ti sagala bangsa jeung basa bakal nyekel pageuh jubah saurang Yahudi. Ceuk maranéhna, ’Urang hayang milu jeung aranjeun, lantaran urang ngadéngé yén Allah nyarengan aranjeun.’”

^ Pikeun katerangan leuwih rinci ngeunaan dua iteuk nu aya dina Yeheskel pasal 37, mangga tingali buku Ibadah yang Murni Kepada Yehuwa—Akhirnya Dipulihkan!, kaca 130-135, par. 3-17.