Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 3

Palajaran tina Kajadian Waktu Isa Ngeclakkeun Cipanon

Palajaran tina Kajadian Waktu Isa Ngeclakkeun Cipanon

”Isa ngeclakkeun cipanon.”​—YAH. 11:35.

KAWIH 17 ”Kami Daék”

NU DIBAHAS *

1-3. Bisa jadi naon nu nyababkeun umat Yéhuwa nepi ka ngeclakkeun cipanon?

 IRAHA pandeuri Sadérék ceurik? Kadang urang ceurik téh lantaran bungah, tapi seringna mah urang ceurik téh lantaran sedih. Bisa jadi, urang ceurik waktu urang ditinggal maot. Sadérék istri ti Amerika Serikat, nu ngaranna Lorilei, nulis kieu, ”Basa budak awéwé abdi ngantunkeun, haté téh meni peurih pisan. Jigana moal aya nu bisa ngalilipur abdi, asana abdi geus teu tahan deui.” *

2 Bisa jadi aya alesan séjén nu nyababkeun urang ceurik. Hiromi, saurang panaratas ti Jepang, nyarita kieu, ”Sakapeung abdi téh sok sedih, lantaran euweuh nu daék ngadéngékeun waktu abdi ngawawar. Malah abdi sok ménta tulung ka Yéhuwa bari ceurik supaya bisa panggih jeung jalma nu hayang nyaho bebeneran.”

3 Na Sadérék kadang ngarasa kitu? Meureun loba nu jiga kitu. (1 Pét. 5:9) Urang téh hayang ”nyembah PANGERAN bareng jeung suka”, tapi sakapeung mah urang téh ngawula bari jeung ceurik, lantaran aya nu maot, ngarasa leutik haté, atawa aya masalah nu nguji kasatiaan urang. (Jab. 6:7; 100:2) Lamun urang ngarasa kitu, urang kudu kumaha?

4. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

4 Urang bisa diajar ti Isa. Sakapeung manéhna gé sedih pisan nepi ka ”ngeclakkeun cipanon”. (Yah. 11:35; Luk. 19:41; 22:44; Ibr. 5:7) Hayu urang bahas kajadian-kajadianana. Bari ngabahasna, urang bisa ningali palajaranana. Urang gé bakal ningali sababaraha cara pikeun nyanghareupan tangtangan nu bisa nyababkeun urang ceurik.

CEURIK KU LANTARAN SOBATNA

Jiga Isa, urang bisa ngalilipur jalma nu keur sungkawa (Tingali paragrap 5-9) *

5. Tina Yahya 11:32-36, urang bisa diajar naon ngeunaan Isa?

5 Dina usum tiris taun 32 M, sobat Isa nyaéta Lazarus gering jeung ahirna maot. (Yah. 11:3, 14) Lazarus téh boga dua dulur awéwé, nyaéta Maryam jeung Marta. Isa nyaah pisan ka kulawarga éta.Waktu Lazarus maot, dua dulurna téh sedih pisan. Terus, Isa datang ka Bétani, ka tempatna Maryam jeung Marta. Waktu ngadéngé Isa rék datang, Marta buru-buru nyampeurkeun Isa. Pék bayangkeun sakumaha sedihna Marta. Manéhna ngomong, ”Juragan, coba lamun Juragan aya di dieu, dulur abdi moal nepi ka maot.” (Yah. 11:21) Waktu Isa ningali Maryam jeung nu séjénna ceurik, manéhna gé ”ngeclakkeun cipanon”.​—Baca Yahya 11:32-36.

6. Ku naon Isa nepi ka ngeclakkeun cipanon?

6 Ku naon Isa nepi ka ngeclakkeun cipanon? Buku Pemahaman Alkitab ngajelaskeun, ”Lantaran Lazarus maot jeung dulur-dulur awéwéna Lazarus nu sedih pisan, Isa gé jadi ’sedih pisan jeung ngeclakkeun cipanon’.” * Harita, meureun Isa mikirkeun kumaha nyerina Lazarus basa keur gering jeung ngabayangkeun kumaha parasaan Lazarus pas nyaho manéhna téh téréh maot. Isa gé milu ceurik waktu ningali Maryam jeung Marta nu kaleungitan Lazarus. Lamun Sadérék pernah ditinggal maot ku sobat atawa kulawarga Sadérék, Sadérék gé pasti ngarasa sedih jiga kitu. Hayu urang tingali tilu palajaranana keur urang tina kajadian éta.

7. Waktu Isa ceurik, urang bisa diajar naon ngeunaan Yéhuwa?

7 Yéhuwa téh ngarti kana parasaan Sadérék. Isa ”boga kapribadian nu percis” jiga Bapana. (Ibr. 1:3) Waktu Isa ceurik, manéhna némbongkeun parasaan Bapana. (Yah. 14:9) Jadi lamun Sadérék ditinggal maot ku kulawarga atawa sobat, sing yakin Yéhuwa téh teu ngan saukur nyaho hungkul yén Sadérék téh keur sedih, tapi Anjeunna milu sedih bareng jeung Sadérék. Yéhuwa téh hayang ngalilipur Sadérék.​—Jab. 34:19; 147:3.

8. Ku naon urang bisa yakin yén Isa téh bakal ngahirupkeun deui jalma nu geus maot?

8 Isa hayang ngahirupkeun deui kulawarga atawa sobat Sadérék nu geus maot. Saacan ngeclakkeun cipanon, Isa ngayakinkeun Marta, ”Dulur manéh bakal hirup deui.” Marta percaya ka Isa. (Yah. 11:23-27) Marta téh hamba Yéhuwa, jadi manéhna pasti apal sababaraha abad saacanna téh Nabi Élia jeung Élisa pernah ngahirupkeun deui jalma nu geus maot. (1 Rja. 17:17-24; 2 Rja. 4:32-37) Marta ngadéngé yén Isa gé pernah ngahirupkeun jalma nu geus maot. (Luk. 7:11-15; 8:41, 42, 49-56) Sadérék gé bisa yakin yén Sadérék bisa panggih deui jeung kulawarga atawa sobat nu geus maot. Jadi waktu Isa ceurik jeung ngalilipur sobat-sobatna nu keur sungkawa, urang bisa diajar naon?

9. Jiga nu dilakukeun ku Isa, kumaha urang bisa ngalilipur maranéhna nu keur sungkawa? Béré contona.

9 Sadérék bisa ngalilipur maranéhna nu keur sungkawa. Isa teu ngan saukur milu ceurik jeung Marta sarta Maryam, tapi manéhna gé daék ngadéngékeun jeung ngalilipur. Waktu aya nu keur sungkawa, urang gé bisa ngalakukeun nu sarua. Sadérék Dan, saurang kokolot ti Australia, ngomong kieu, ”Abdi téh butuh pisan bantuan sanggeus ditinggal maot ku pamajikan abdi. Untungna aya sababaraha pasangan nu daék ngadéngékeun abdi. Waktu abdi ceurik, maranéhna téh bisa ngamaklum. Waktu abdi ngarasa teu sanggup ngalakukeun kagiatan sapopoé, maranéhna ogé méré bantuan, jiga ngumbah mobil, balanja, jeung mangnyieunkeun dahareun. Abdi gé sok ngadoa bareng jeung maranéhna. Maranéhna téh sobat sajati jeung dulur nu ’nulungan dina kasusah’.”​—Sil. 17:17.

CEURIK KU LANTARAN JALMA-JALMA SÉJÉN

10. Jelaskeun kajadian nu dicatet dina Lukas 19:36-40.

10 Isa nepi di Yérusalém dina 9 Nisan 33 M. Basa manéhna rék nepi ka éta kota, aya sakumpulan jalma-jalma nu ngamparkeun baju luarna di jalan. Isa téh rék dijadikeun Raja ku maranéhna. Tangtu éta téh kajadian nu matak bungah. (Baca Lukas 19:36-40.) Tapi para murid téh teu nyangka naon nu bakal kajadian saterusna. ”Basa [Isa] téréh nepi ka Yérusalém, manéhna melong ka éta kota bari ceurik.” Isa ngeclakkeun cipanon, tuluy méré nyaho aya hal nu pikasediheun nu bakal kajadian ka urang Yérusalém.​—Luk. 19:41-44.

11. Ku naon Isa nyeungceurikan jalma-jalma di Yérusalém?

11 Isa téh sedih pisan lantaran manéhna apal kalolobaan urang Yahudi mah embungeun ngadéngé warta Pamaréntahan Allah. Akibatna Yérusalém bakal diancurkeun. Urang-urang Yahudi nu salamet gé bakal ditawan. (Luk. 21:20-24) Tapi naon nu disebutkeun ku Isa téh mémang kajadian, kalolobaan jalma nolak manéhna. Kumaha sikep jalma-jalma di daérah Sadérék kana warta Pamaréntahan Allah? Mun ngan saeutik nu daék ngadéngékeun warta ti urang, urang bisa diajar naon ti Isa nu nyeungceurikan jalma-jalma? Pék pikirkeun tilu palajaran ieu.

12. Waktu Isa nyeungceurikan jalma-jalma, urang bisa diajar naon ngeunaan Yéhuwa?

12 Yéhuwa téh nyaah ka jalma-jalma. Waktu Isa nyeungceurikan jalma-jalma, éta némbongkeun sakumaha nyaahna Yéhuwa ka jalma-jalma. ”Anjeunna teu hayang saurang-urang acan dibinasakeun, tapi hayang kabéhanana tobat.” (2 Pét. 3:9) Kiwari urang gé nyaah ka sasama, ku kituna urang nguarkeun jeung ngajarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah.​—Mat. 22:39. *

Jiga Isa, urang bisa nyaluyukeun jadwal dines urang (Tingali paragrap 13-14) *

13-14. Kumaha Isa némbongkeun sipat karunyaan ka jalma-jalma, jeung kumaha urang bisa nyonto Isa?

13 Isa téh getol pisan ngawawar. Manéhna nyaah ka jalma-jalma. Jadi unggal aya kasempetan manéhna pasti ngajar jalma-jalma. (Luk. 19:47, 48) Ku naon manéhna bisa kitu? Isa téh karunya ka maranéhna, sakapeung aya loba jalma nu hayang ngadéngékeun Isa nepi ka manéhna jeung para muridna ”teu kaburu dahar-dahar acan”. (Mar. 3:20) Geus kitu, basa aya nu rék diajar, najan geus peuting, Isa daék ngajar jalma éta. (Yah. 3:1, 2) Mémang kalolobaan jalma nu ngadéngékeun Isa téh teu jadi muridna, tapi Isa tetep méré kasaksian sajéntré-jéntréna. Kiwari gé, urang hayang unggal jalma meunang kasempetan pikeun ngadéngékeun warta hadé. (Kis. 10:42) Ku kituna, urang hayang nyaluyukeun cara dines urang.

14 Pék luyukeun cara dines Sadérék. Mun jadwal dines urang téh kitu-kitu waé, bisa jadi urang teu bisa manggihan jalma-jalma nu hayang ngadéngékeun warta hadé. Aya saurang panaratas nu ngaranna Matilda nyaritakeun, ”Abdi jeung salaki abdi sok ngawawar dina waktu nu béda-béda. Misalna, énjing-énjing abdi sok ngawawar di daérah bisnis. Terus beurang-beurang, kalolobaan jalma téh aya di luar, jadi abdi sok ngawawar maké rak roda. Lamun soré-soré, urang leuwih gampang manggihan jalma di imahna.” Urang embung ngan nuturkeun jadwal nu cocog keur urang, tapi urang hayang nyaluyukeun jadwal urang supaya bisa panggih jeung leuwih loba jalma. Yéhuwa téh pasti ngahargaan usaha urang.

CEURIK KU LANTARAN NAMI BAPANA

Jiga Isa, urang bisa ngadoa ka Yéhuwa waktu aya tangtangan (Tingali paragrap 15-17) *

15. Jiga nu dicatet dina Lukas 22:39-44, naon nu kajadian dina peuting saacan Isa maot?

15 Dina peuting 14 Nisan 33 M, Isa indit ka Taman Gétsemani. Di ditu manéhna ngabudalkeun eusi haténa ka Yéhuwa. (Baca Lukas 22:39-44.) Harita Isa ngarasa susah pisan, manéhna ”husu ngadoa . . . bari ngajerit jeung ceurik”. (Ibr. 5:7) Naon nu didoakeun ku Isa dina peuting saacan manéhna maot? Manéhna ngadoa ménta kakuatan supaya bisa terus satia jeung ngajalankeun kahayang Yéhuwa. Yéhuwa ngadéngé jumerit Putra-Na, tuluy Anjeunna ngutus hiji malaikat pikeun nguatkeun Isa.

16. Ku naon Isa hariwang pisan waktu ngadoa di Taman Gétsemani?

16 Di Taman Gétsemani, Isa téh ngadoa bari ceurik. Manéhna hariwang pisan lantaran dituduh geus ngahina nami Allah. Manéhna pasti mikirkeun tanggung jawabna nu beurat pisan, nyaéta kudu nyucikeun nami Bapana. Lamun urang nyanghareupan kaayaan nu sarua, nu bisa nguji kasatiaan urang ka Yéhuwa, urang bisa diajar naon ti Isa? Perhatikeun tilu hal ieu.

17. Urang bisa diajar naon waktu Yéhuwa ngajawab paménta Isa nu enya-enya?

17 Yéhuwa téh ngadéngékeun paménta Sadérék. Yéhuwa ngadéngékeun paménta Isa nu enya-enya, ku naon? Lantaran Isa téh leuwih mikirkeun kasatiaanana ka Bapana jeung tugasna pikeun nyucikeun nami Bapana. Lamun urang leuwih mikirkeun kasatiaan urang ka Yéhuwa jeung tugas urang pikeun nyucikeun nami-Na, Yéhuwa gé bakal ngajawab doa urang.​—Jab. 145:18, 19.

18. Naon buktina Isa téh batur nu ngarti kana parasaan urang?

18 Isa téh ngarti kana parasaan urang. Waktu urang keur hariwang, urang pasti resep mun boga babaturan nu ngarti kana parasaan urang, komo deui mun manéhna téh nyanghareupan masalah nu sarua jiga urang. Isa téh batur urang nu jiga kitu. Manéhna apal jiga kumaha rasana waktu keur lemah jeung keur butuh bantuan. Manéhna paham kana kalemahan urang, sarta manéhna gé pasti nulungan ”waktu urang butuh bantuan”. (Ibr. 4:15, 16) Jiga Isa nu daék narima bantuan ti hiji malaikat di Taman Gétsemani, urang gé kudu daék narima bantuan ti Yéhuwa, misalna liwat publikasi, vidéo, hutbah, waktu kokolot nganjangan urang atawa bantuan ti dulur-dulur saiman.

19. Kumaha Sadérék bisa meunang kakuatan? Béré contona.

19 Urang bakal dibéré ”katengtreman ti Allah”. Kumaha carana Yéhuwa nguatkeun urang? Waktu urang ngadoa, urang bakal meunang ”katengtreman ti Allah nu teu kahontal ku akal manusa”. (Flp. 4:6, 7) Katengtreman éta ngabantu haté jeung pikiran urang jadi tenang. Ieu kaalaman sorangan ku sadérék istri nu ngaranna Luz. Ceuk manéhna, ”Abdi téh sok ngarasa sorangan, malah sakapeung mah abdi gé ngarasa Yéhuwa téh teu nyaah ka abdi. Tapi lamun abdi ngarasa kitu, abdi buru-buru ngadoa ka Yéhuwa, nyaritakeun naon nu dirasakeun ku abdi. Sanggeus ngadoa biasana parasaan abdi jadi leuwih tenang.” Pangalaman manéhna ngabuktikeun yén urang téh bisa meunang katengtreman liwat doa.

20. Urang geus diajar naon waé ti kajadian waktu Isa ngeclakkeun cipanon?

20 Urang geus diajar loba hal ti kajadian waktu Isa ngeclakkeun cipanon. Urang diingetkeun pikeun ngabantu babaturan urang nu keur sungkawa. Urang gé diyakinkeun yén Yéhuwa jeung Isa bakal ngabantu urang waktu urang ditinggal maot ku kulawarga atawa sobat urang. Urang jadi kajurung pikeun ngawawar jeung ngajar batur lantaran hayang nyonto Yéhuwa sarta Isa nu boga sipat karunyaan. Urang gé jadi ngarasa tenang lantaran Yéhuwa jeung Putra-Na ngarti kana parasaan urang, paham kana kalemahan urang, jeung hayang ngabantu urang pikeun nyanghareupanana. Mugia urang terus ngalarapkeun naon nu geus diajarkeun nepi ka poéna Yéhuwa ngalaksanakeun jangji-Na pikeun ’nyusutan cipanon urang’!​—Why. 21:4.

KAWIH 120 Nyonto Kristus nu Lemah Lembut

^ Dina Alkitab sababaraha kali disebutkeun Isa téh sedih nepi ka ngeclakkeun cipanon. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu kajadian waktu Isa ceurik jeung naon palajaranana keur urang.

^ Sababaraha ngaran geus diganti.

^ Tingali buku Pemahaman Alkitab, Jilid 2, kaca 1265.

^ Dina basa Yunani, kecap ”sasama” nu aya dina Matius 22:39 teu ngan ngamaksudkeun jalma-jalma nu cicing di sakurilingeun urang, tapi éta ogé bisa ngamaksudkeun jalma-jalma nu dipanggihan ku urang.

^ KATERANGAN GAMBAR: Isa kajurung pikeun ngalilipur Maryam jeung Marta. Urang gé bisa ngalakukeun nu sarua ka jalma nu keur sungkawa.

^ KATERANGAN GAMBAR: Isa daék ngajar Nikodémus najan geus peuting. Urang gé kudu daék ngajar batur dina waktu nu cocog keur maranéhna.

^ KATERANGAN GAMBAR: Isa ngadoa supaya bisa tetep satia ka Yéhuwa. Urang gé kudu ngadoa waktu aya tangtangan.