Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 1

Tapi Nu Taat ka Yéhuwa mah, Moal Kakurangan

Tapi Nu Taat ka Yéhuwa mah, Moal Kakurangan

AYAT TAUNAN 2022: Nu taat ka Yéhuwa mah moal kakurangan.​—JAB. 34:11.

KAWIH 4 ’Yéhuwa Pangangon Abdi’

NU DIBAHAS *

Daud teu ngarasa kakurangan najan kaayaanana hésé (Tingali paragrap 1-3) *

1. Naon kaayaan hésé nu kaalaman ku Daud?

 DAUD kudu kabur ku lantaran raja Israél, nyaéta Saul, hayang pisan maéhan manéhna. Waktu Daud butuh dahareun, manéhna eureun di kota Nob, tuluy ménta roti lima siki ka Imam Ahimélék. (1 Sam. 21:1, 3) Sanggeusna, Daud jeung para prajuritna nyumput di hiji guha. (1 Sam. 22:1) Ku naon kaayaan Daud bisa jadi jiga kitu?

2. Ku naon Saul ngarugikeun dirina sorangan? (1 Samuel 23:16, 17)

2 Saul kacida sirikna ka Daud. Daud téh dipikaresep ku loba jalma jeung diagul-agulkeun lantaran geus ngéléhkeun loba musuh. Geus kitu Saul gé apal, lantaran manéhna teu taat, manéhna ditolak ku Yéhuwa sabagé raja Israél jeung bakal digantikeun ku Daud. (Baca 1 Samuel 23:16, 17.) Tapi sabagé raja di Israél, Saul téh boga pasukan nu gedé jeung loba nu ngadukung manéhna, ku kituna Daud kudu kabur jeung nyalametkeun diri. Na Saul téh bener-bener mikir yén manéhna bisa ngagagalkeun rencana Yéhuwa pikeun ngangkat Daud jadi raja? (Yes. 55:11) Alkitab teu nyaritakeun hal éta, tapi nu pasti mah, Saul téh ngarugikeun dirina sorangan. Jalma nu ngalawan ka Allah mah pasti gagal!

3. Kumaha parasaan Daud kana kaayaan manéhna?

3 Daud téh jalma nu rendah haté. Manéhna gé teu hayang jadi raja Israél. Yéhuwa nu milih manéhna pikeun jadi raja. (1 Sam. 16:1, 12, 13) Ku kituna Saul jadi ngéwa pisan ka Daud. Nyawa Daud jadi kaancam, manéhna kakurangan dahareun, jeung kudu nyumput di guha. Najan kitu, Daud teu pernah nyalahkeun Yéhuwa. Malah bisa jadi basa keur di guha, Daud nulis lagu pupujian nu éndah pisan nu jadi ayat téma urang: Nu taat ka Yéhuwa mah moal kakurangan.​—Jab. 34:11.

4. Pananya naon waé nu bakal dibahas, jeung ku naon éta téh penting?

4 Kiwari, aya loba umat Allah nu kakurangan dahareun jeung pangabutuh sapopoé, * komo deui salila pandémi. Terus, ku lantaran ”kasangsaraan nu kacida hébatna” téh geus beuki deukeut, urang bakal nyanghareupan kaayaan-kaayaan nu leuwih hésé deui. (Mat. 24:21) Ku kituna, hayu urang bahas opat pananya ieu: Dina hal naon Daud téh ’moal kakurangan’? Ku naon urang kudu diajar ngarasa puas kana pangaboga urang? Ku naon urang kudu yakin yén Yéhuwa téh bakal ngurus urang? Kumaha urang bisa nyiapkeun diri pikeun mangsa ka hareup?

”ABDI MOAL KAKIRANGAN”

5-6. Kumaha Jabur 23:1-6 ngabantu urang ngarti kana kekecapan Daud nu nyebutkeun yén umat Allah mah ’moal kakurangan’?

5 Naon maksud kekecapan ti Daud waktu manéhna ngomong umat Allah mah ’moal kakurangan’? Urang bisa ngarti hal éta tina kekecapan nu mirip, nu ditulis ku Daud dina Jabur 23. (Baca Jabur 23:1-6.) Dina bagian mimiti jabur éta, Daud nulis, ”PANGERAN teh Gusti pangangon abdi. Abdi moal kakirangan.” Dina Jabur éta gé, Daud nyebutkeun berkah-berkah nu mangpaatna langgeng lantaran ngajadikeun Yéhuwa sabagé Pangangonna. Yéhuwa nungtun Daud ka ”jalan nu bener” jeung terus nyarengan Daud waktu keur senang jeung susah. Daud gé apal, sanajan manéhna hirup ”di sampalan hejo ngemploh” milik Yéhuwa, lain hartina manéhna moal nyanghareupan masalah. Sakapeung Daud téh ngarasa leutik haté, jiga keur ”nyorang nu poek ngajumbleng”. Salian ti éta, manéhna gé boga musuh. Tapi lantaran Daud boga Yéhuwa sabagé pangangonna, manéhna ’teu sieun’.

6 Jadi urang geus meunang jawaban ti pananya ieu: Dina hal naon Daud téh ’moal kakurangan’? Sacara rohani, Daud teu kakurangan nanaon. Daud teu butuh loba hal pikeun ngarasa bagja. Daud puas kana hal-hal nu geus disadiakeun ku Yéhuwa. Nu pangpentingna keur Daud mah nyaéta berkah jeung panyalindungan ti Yéhuwa.

7. Nurutkeun Lukas 21:20-24, naon kasusah nu kaalaman ku urang Kristen abad kahiji di Yudéa?

7 Urang bisa diajar tina kekecapan Daud. Urang téh kudu boga pandangan nu bener ngeunaan harta banda. Mémang urang téh lainna teu meunang boga harta banda sama sakali, tapi ulah nepi ka urang mentingkeunana. Éta ogé nu kudu dipikirkeun ku urang Kristen abad kahiji nu cicing di Yudéa. (Baca Lukas 21:20-24.) Isa geus ngingetkeun maranéhna, engké kota Yérusalém téh bakal ”dikepung ku pasukan prajurit”. Mun éta geus kajadian, maranéhna kudu geura ”kabur ka pagunungan” ngarah bisa salamet. Tapi, maranéhna gé kudu ninggalkeun harta bandana. Majalah Menara Pengawal sababaraha taun ka tukang pernah nulis kieu, ”Maranéhna ninggalkeun ladang, imah, jeung teu sempet ngumpulkeun harta bandana. Maranéhna yakin Yéhuwa bakal ngalindungan jeung ngurus maranéhna. Maranéhna gé ngutamakeun ibadah ka Allah tibatan hal-hal séjén nu katingalina penting.”

8. Urang bisa diajar naon ti urang Kristen dina abad kahiji nu cicing di Yudéa?

8 Urang bisa diajar naon ti urang Kristen dina abad kahiji nu cicing di Yudéa? Majalah Menara Pengawal nu tadi gé nyebutkeun, ”Di mangsa ka hareup urang bisa waé nyanghareupan kajadian nu nguji pandangan urang kana hal matéri. Naon nu pangpentingna, hal matéri atawa kasalametan ti Yéhuwa ku lantaran urang taat? Waktu ahir éta datang, bisa jadi urang bakal nyanghareupan kasusah jeung kudu nyieun pangorbanan. Urang kudu siap ngalakukeunana, siga nu dilakukeun ku urang Kristen dina abad kahiji nu kabur ti Yudéa.” *

9. Kumaha naséhat Paulus ka urang Ibrani téh bisa nguatkeun Sadérék?

9 Bayangkeun sakumaha héséna kaayaan urang Kristen baréto. Maranéhna kudu ninggalkeun harta bandana jeung kudu ngamimitian deui sagalana di tempat nu anyar. Maranéhna kudu boga iman jeung percaya yén Yéhuwa bakal ngurus maranéhna. Saacan kajadianana, maranéhna geus diingetan. Lima taun saacan Yérusalém dikepung ku Roma, Rasul Paulus méré naséhat ka urang Ibrani di ditu, ”Aranjeun ulah mata duitan, kudu ngarasa cukup ka nu geus aya, sabab ceuk Allah, ’Manéh moal ditinggalkeun ku Kuring, jeung moal diantep ku Kuring.’ Jadi, urang bisa bener-bener yakin ngomong kieu, ’Yéhuwa panulung kuring, kuring moal sieun. Rék bisa naon manusa ka kuring?’” (Ibr. 13:5, 6) Jadi jalma-jalma nu ngalarapkeun naséhat Paulus saacan dikepung ku Roma, bisa ngarasa cukup di tempat nu anyar sanajan kahirupanana leuwih saderhana. Maranéhna téh yakin, Yéhuwa bakal nyumponan pangabutuhna. Urang gé bisa yakin, Yéhuwa bakal nyumponan pangabutuh urang.

”URANG BAKAL PUAS KU HAL-HAL ÉTA”

10. Naon ’rasiah’ Paulus nu dibagikeun ka urang?

10 Paulus méré naséhat nu sarua ka Timotius. Naséhatna ogé bisa dilarapkeun ku urang ayeuna. Paulus nulis, ”Jadi, lamun urang boga dahareun jeung pakéan, urang bakal puas ku hal-hal éta.” (1 Tim. 6:8) Na maksudna urang téh teu meunang dahar dahareun nu ngeunah, boga imah nu alus, jeung meuli pakéan nu anyar? Henteu kitu. Maksud Paulus téh urang kudu puas kana hal-hal nu geus dipiboga ku urang. (Flp. 4:12) Éta ’rasiah’ Paulus bisa ngarasa puas. Hal nu pangpentingna téh nyaéta hubungan urang jeung Allah, lain harta banda urang.​—Hab. 3:17, 18.

Salila 40 taun ngumbara di gurun keusik, urang Israél teu kakurangan nanaon. Na urang ogé bisa ngarasa puas kana pangaboga urang ayeuna? (Tingali paragrap 11) *

11. Urang bisa diajar naon tina omongan Musa ka urang Israél ngeunaan ngarasa cukup?

11 Pandangan urang kana pangabutuh urang téh bisa jadi béda jeung pandangan Yéhuwa. Coba pikirkeun omongan Musa ka bangsa Israél sanggeus maranéhna ngumbara salila 40 taun di gurun keusik, ”PANGERAN Allah maraneh ngaberkahan sagala panggawe maraneh. Sajeroning maraneh udar-ider di ieu gurun keusik anu sakieu legana, ku Mantenna dijaga diraksa. Opat puluh taun lilana maraneh terus disarengan, sagala rupa pangabutuh maraneh ku Mantenna diayakeun. (Pam. 2:7) Salila 40 taun, Yéhuwa nyadiakeun manna pikeun dahareun maranéhna. Papakéanana, nu dipaké ti mimiti maranéhna kaluar ti Mesir teu pernah ruksak. (Pam. 8:3, 4) Meureun aya urang Israél nu nganggap hal-hal éta téh teu acan cukup. Najan kitu, Musa ngingetkeun maranéhna yén sakabéh pangabutuhna téh geus dicumponan. Yéhuwa téh bakal bungah pisan mun urang ngahargaan sakabéh paméré ti Anjeunna, kaasup hal-hal nu leutik.

SING YAKIN, YÉHUWA BAKAL NGURUS SADÉRÉK

12. Naon nu némbongkeun Daud téh ngandelkeun Yéhuwa, lain dirina sorangan?

12 Daud apal yén Yéhuwa téh satia sarta nyaah pisan ka jalma-jalma nu nyaah ka Anjeunna. Waktu nulis Jabur 34, Daud yakin yén ”malaikat Yéhuwa” keur ngémah ”di sakurilingeun” manéhna. (Jab. 34:7, Terjemahan Dunia Baru) Meureun Daud nyaruakeun malaikat Yéhuwa téh siga para prajurit nu keur aya di kémah bari terus ngawas-ngawas ka musuhna. Daud téh prajurit nu hébat jeung jalma nu pasti dijadikeun raja ku Yéhuwa, tapi Daud mah teu ngandelkeun kamampuhna sorangan waktu ngabandring batu atawa waktu ngéléhkeun musuhna maké pedang. (1 Sam. 16:13; 24:12) Daud ngandelkeun Yéhuwa jeung yakin yén malaikat Yéhuwa bakal ’nyalametkeun jalma-jalma nu hormat ka Anjeunna’. Mémang, ayeuna urang teu ngarepkeun Yéhuwa nyieun mujijat pikeun ngalindungan urang. Tapi urang yakin sanajan urang maot ayeuna, jalma nu percaya ka Anjeunna mah bakal meunangkeun hirup langgeng.

Waktu kasangsaraan nu kacida hébatna, bisa jadi pasukan Gog ti Magog néwakan urang di imah urang masing-masing. Tapi sing yakin, Isa jeung para malaikat téh merhatikeun jeung bakal ngalindungan urang (Tingali artikel palajaran 1, paragrap 13)

13. Waktu Gog ti Magog nyerang, ku naon urang katingalina gampang pisan diserang, tapi ku naon urang teu kudu sieun? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

13 Sakeudeung deui, iman urang ka Yéhuwa bakal diuji. Na urang percaya Yéhuwa sanggup ngalindungan urang? Engké waktu Gog ti Magog, atawa gabungan bangsa-bangsa, nyerang umat Allah, meureun urang mikir maranéhna téh bakal maéhan urang. Tapi urang kudu yakin Yéhuwa téh sanggup jeung bakal nyalametkeun urang. Keur bangsa-bangsa mah, urang katingalina jiga domba nu lemah jeung euweuh nu ngalindunganana. (Yeh. 38:10-12) Urang téh lain prajurit nu geus dilatih, sarta urang mah teu boga senjata. Bangsa-bangsa ningali, urang téh gampang pisan diserangna. Maranéhna teu nyaho aya malaikat-malaikat di sakurilingeun umat Allah, nu siap ngalindungan urang. Tapi urang mah nyaho, lantaran urang boga iman. Engké bangsa-bangsa bakal reuwas waktu pasukan sorga ngalindungan urang!​—Why. 19:11, 14, 15.

SIAPKEUN DIRI KEUR MANGSA KA HAREUP

14. Naon nu bisa dilakukeun pikeun nyiapkeun diri keur mangsa ka hareup?

14 Naon nu bisa dilakukeun ku urang pikeun nyiapkeun diri keur mangsa ka hareup? Urang kudu boga pandangan nu bener ngeunaan harta banda, lantaran engké urang kudu ninggalkeun éta kabéh. Urang gé kudu bisa ngarasa puas jeung ngarasa bungah ku lantaran bisa nyobat jeung Yéhuwa. Lamun urang leuwih wanoh ka Allah, urang gé bisa yakin yén Anjeunna bakal ngalindungan urang waktu Gog ti Magog nyerang urang.

15. Pangalaman naon waé nu ngayakinkeun Daud yén Yéhuwa téh bakal terus nulungan manéhna?

15 Pikirkeun naon deui nu ngabantu Daud, jeung ku naon éta bisa ngabantu urang nyanghareupan tangtangan. Ceuk Daud, ”Pek rarasakeun, kumaha saena PANGERAN. Bagja jalma nu nyalindung ka Mantenna.” (Jab. 34:9) Kekecapan éta ngajelaskeun ku naon Daud téh ngandel ka Yéhuwa. Daud percaya ka Yéhuwa jeung teu pernah dikuciwakeun. Basa ngora kénéh, Daud kudu ngalawan Goliat, prajurit Pélisti nu awakna badag pisan jeung gagah. Ceuk Daud, ”Poe ieu keneh maneh ku PANGERAN diselehkeun ka leungeun kami.” (1 Sam. 17:46) Tuluy, waktu Daud ngalalayanan Raja Saul, sababaraha kali Saul téh rék maéhan Daud. Tapi, Daud terus ”disarengan ku PANGERAN”. (1 Sam. 18:12) Daud geus ningali sorangan kumaha Yéhuwa terus ngabantu manéhna, Daud jadi yakin Yéhuwa bakal terus ngabantu manéhna nyanghareupan masalahna.

16. Dina hal naon waé urang bisa ’ngarasakeun’ kasaéan Yéhuwa?

16 Lamun ti ayeuna kénéh urang sering ngandelkeun bingbingan ti Yéhuwa, engké gé urang bakal yakin yén Yéhuwa sanggup nyalametkeun urang. Urang téh perlu boga iman jeung kudu daék ngandelkeun Yéhuwa. Misalna, waktu urang ménta idin ka dunungan urang pikeun cuti keur kongrés. Atawa waktu urang ménta ngarobah jadwal gawé supaya bisa masamoan jeung miluan dines leuwih sering. Meureun dunungan urang teu méré idin jeung ahirna urang dipecat. Tapi, na urang yakin Yéhuwa mah moal pernah ninggalkeun urang sarta bakal nyumponan pangabutuh urang? (Ibr. 13:5) Loba sadérék nu ngawula sapinuh waktu geus ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa mantuan maranéhna, hususna waktu maranéhna butuh pisan pitulung ti Yéhuwa. Yéhuwa téh satia.

17. Naon ayat taunan keur taun 2022, jeung ku naon éta téh cocog pisan?

17 Urang teu kudu sieun nyanghareupan mangsa ka hareup, ku lantaran Yéhuwa téh aya di pihak urang. Allah urang téh moal pernah ninggalkeun urang, salila urang terus ngutamakeun kahayang Anjeunna. Badan Pingpinan hayang ngingetkeun yén urang téh kudu nyiapkeun diri keur mangsa ka hareup jeung kudu ngandel ka Yéhuwa. Ku kituna maranéhna geus milih Jabur 34:11 pikeun jadi ayat taunan 2022: Nu taat ka Yéhuwa mah moal kakurangan.

KAWIH 38 Mantenna Bakal Nguatkeun Anjeun

^ Ayat taunan urang keur taun 2022 téh nyaéta Jabur 34:11. Eusina: Nu taat ka Yéhuwa mah moal kakurangan. Ayeuna, loba umat Yéhuwa hirupna téh pas-pasan. Jadi kumaha bisa maranéhna téh ’moal kakurangan’? Kumaha ayat ieu ogé bisa ngabantu urang supaya siap nyanghareupan kaayaan hésé nu bakal datang?

^ Tingali ”Pertanyaan Pembaca” dina Menara Pengawal 15 Séptémber 2014.

^ Tingali Menara Pengawal 1 Méi 1999, kaca 19.

^ KATERANGAN GAMBAR: Basa kabur ti Saul jeung nyumput di guha, Daud tetep ngahargaan naon nu disadiakeun ku Yéhuwa.

^ KATERANGAN GAMBAR: Sanggeus urang Israél kaluar ti Mesir, Yéhuwa nyadiakeun manna pikeun dahareun maranéhna sarta mastikeun papakéan maranéhna henteu pernah ruksak.