Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Saran Pikeun Diajar

Saran Pikeun Diajar

Sadérék resep maca pangalaman ti dulur-dulur saiman?

Unggal isuk, sapasang salaki pamajikan maca pangalaman dulur-dulur saiman. Maranéhna ngomong kieu, ”Pangalaman maranéhna téh nguatkeun pisan jeung matak bungah! Urang jadi sadar, urang gé bisa tetep satia sanajan aya loba masalah.” Saurang sadérék istri ngomong kieu, ”Pangalaman maranéhna téh negerkeun, ngageuing haté, jeung ngalilipur. Kahirupan maranéhna téh aya tujuanana. Abdi jadi hayang ngalakukeun leuwih loba dina palayanan sarta hayang ngajurung barudak pikeun ngalayanan Yéhuwa sapinuh waktu.”

Pangalaman hirup dulur-dulur saiman bisa ngajurung urang pikeun netepkeun cita-cita rohani, ngalawan kalemahan, jeung ngabantu urang tetep tabah sarta bungah waktu aya cocoba. Di mana Sadérék bisa maca pangalaman maranéhna?

  • Tingali kumpulan artikel ”Kisah Hidup Saksi-Saksi Yehuwa” dina jw.org atawa JW Library®.

  • Téangan ”Kisah Hidup Saksi-Saksi Yehuwa” dina PERPUSTAKAAN ONLINE Menara Pengawal atawa Perpustakaan Menara Pengawal.