Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 1

Sing Yakin yén Firman Allah téh Bebeneran

Sing Yakin yén Firman Allah téh Bebeneran

AYAT TAUNAN 2023: ”Jiwa hukum-hukum [atawa, firman] Gusti nya eta kayaktian.”​—JAB. 119:160. a

KAWIH 96 Kitab Suci, Harta ti Allah

NU DIBAHAS b

1. Ku naon ayeuna loba nu teu percaya kana Alkitab?

 AYEUNA, loba jalma ngarasa bingung kudu percaya ka saha. Maranéhna teu yakin yén jalma-jalma nu kahormat, saperti pulitikus, ilmuwan, atawa pangusaha, bakal ngalakukeun nu panghadéna keur maranéhna. Salian ti éta, maranéhna gé geus teu ngahormat ka para pamingpin agama Kristen. Jadi, teu héran lamun maranéhna geus teu percaya deui kana Alkitab, buku anu diagul-agulkeun ku para pamingpin agama éta.

2. Sajalan jeung Jabur 119:160, urang kudu yakin kana hal naon?

2 Sabagé umat Yéhuwa, urang yakin yén ”Anjeunna moal mungkin bohong” jeung hayang méré nu panghadéna ka urang. (Yes. 48:17; Ibr. 6:18) Urang gé bisa percaya yén ”jiwa hukum-hukum [atawa, firman] Gusti nya eta kayaktian”. c (Baca Jabur 119:160.) Urang kabéh pasti satuju kana tulisan saurang ahli Alkitab, ”Teu aya hiji-hiji acan kekecapan Allah anu salah atawa teu ngawujud. Umat Allah bisa percaya kana kekecapan Anjeunna sabab maranéhna percaya ka Allah nu ngucapkeunana.”

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Kumaha urang bisa ngabantu batur percaya ogé kana Firman Allah? Hayu urang bahas tilu hal nu ngayakinkeun urang yén Alkitab bisa dipercaya. Urang bakal ngabahas yén sakabéh eusi Alkitab téh teu barobah, kabéh nubuatna jadi kanyataan, jeung Alkitab bisa ngarobah kahirupan jalma-jalma.

EUWEUH NU BISA NGAROBAH EUSI ALKITAB

4. Ku naon loba jalma mikir yén eusi Alkitab téh geus dirobah?

4 Yéhuwa ngagunakeun kira-kira 40 priya nu satia pikeun nulis buku-buku dina Alkitab. Tapi, ayeuna mah naskah-naskah aslina geus areuweuh. d Nu aya mah ngan salinan tina salinan naskah aslina. Éta sababna, loba jalma mikir, bisa jadi eusi Alkitab téh geus béda jeung naskah aslina nu mimiti ditulis. Naha Sadérék gé pernah mikir kitu?

Jalma-jalma nu nyalin Kitab-Kitab Ibrani meni taliti pisan nyalinna pikeun mastikeun teu aya nu salah dina salinanana (Tingali paragrap 5)

5. Kumaha Kitab-Kitab Ibrani disalin? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

5 Pikeun ngajaga kekecapana-Na tetep aya nepi ka jaman urang, Yéhuwa nitah umat-Na nyalin kekecapana-Na. Anjeunna nitah para raja Israél pikeun nyalin Torét. Geus kitu, urang Léwi kudu ngajarkeun Torét ka jalma-jalma. (Pam. 17:18; 31:24-26; Neh. 8:7) Sanggeus urang Yahudi ditaklukkeun ku urang Babilon, sakelompok jalma anu ahli nyalin téh nyieun salinan tina Kitab-Kitab Ibrani. (Esra 7:6, 7) Nyalinna meni ati-ati pisan. Jumlah kekecapan kuat ka diitung, malah nepi ka hurup-hurupna. Éta téh dilakukeun ngarah euweuh nu kaliwat. Sanajan kitu, lantaran manusa teu sampurna, sok aya waé kasalahan-kasalahan leutik. Tapi ku lantaran anu nyalinna loba, kasalahan-kasalahan éta bisa kanyahoan. Kumaha bisa?

6. Kumaha carana manggihan kasalahan dina salinan Alkitab?

6 Para ahli dina jaman modéren boga cara pikeun manggihan kasalahan dina salinan Alkitab. Ibaratna kieu: Aya 100 jalma nu dititah nyalin hiji dokumén ku tulisan tangan. Ari pék téh, aya saurang jalma anu nyieun kasalahan leutik waktu nyalin. Pas dibandingkeun jeung tulisan 99 jalma séjénna, tah kanyahoan salahna di mana. Nah, para ahli téh ngabandingkeun hiji salinan naskah Alkitab jeung salinan-salinan séjénna. Jadi lamun aya kasalahan téh bakal langsung kanyahoan.

7. Sakumaha taliti jalma-jalma nu nyieun salinan tina naskah Alkitab?

7 Jalma-jalma nu nyieun salinan tina naskah Alkitab téh meni taliti pisan. Misalna perhatikeun conto ieu. Salinan tina Kitab-Kitab Ibrani nu lengkep jeung nu pangheubeulna téh disebut Kodeks Leningrad, dijieun dina taun 1008 atawa 1009 M. Tapi, ka dieunakeun aya loba salinan tina naskah jeung potongan tina naskah Alkitab anu dipanggihan. Salinan jeung potongan naskah éta téh umurna kira-kira 1.000 taun leuwih heubeul tibatan Kodeks Leningrad. Jadi aya nu mikir, eusi Kodeks Leningrad téh pasti geus béda pisan ti naskah-naskah nu leuwih heubeul, da naskah éta teterusan disalin salila 1.000 taun. Tapi nyatana mah teu kitu. Para ahli ngabandingkeun naskah-naskah nu heubeul jeung nu leuwih anyar. Geuningan kasalahanana ngan saeutik, éta gé ngan salah nulis hungkul. Ari eusina mah masih sarua.

8. Naon bédana salinan Kitab-Kitab Yunani Kristen jeung salinan karya tulis nu sajamanna?

8 Urang Kristen abad kahiji nuturkeun tradisi ti jalma-jalma nu nyalin Kitab-Kitab Ibrani. Maranéhna ati-ati pisan waktu nyalin 27 buku tina Kitab-Kitab Yunani. Salinan-salinan éta digunakeun pikeun ibadah jeung ngabagikeun warta hadé. Saurang ahli naliti yén salinan tina Kitab-Kitab Yunani téh loba kénéh nepi ka ayeuna jeung leuwih lengkep. Tapi, ari salinan tina karya tulis nu sajamanna mah geus jarang. Buku Anatomy of the New Testament nyebutkeun kieu, ”Urang bisa yakin, tarjamahan [Kitab-Kitab Yunani] nu dibaca ku urang ayeuna téh eusina sarua jeung naskah nu mimiti ditulis.”

9. Dumasar kana Yesaya 40:8, urang bisa yakin kana hal naon ngeunaan eusi Alkitab?

9 Salila ratusan taun, loba jalma geus susah payah jeung taliti pisan waktu nyieun salinan tina buku-buku dina Alkitab. Ku kituna, ayeuna urang bisa maca jeung diajar Alkitab anu eusina sarua jeung waktu éta mimiti ditulis. e Pasti Yéhuwa anu mastikeun kekecapana-Na téh tetep aya jeung eusina teu barobah nepi ka jaman ayeuna. (Baca Yesaya 40:8.) Tapi bisa waé aya nu mikir, ’Mémang eusi Alkitab teu barobah, tapi lain hartina Alkitab téh diilhamkeun ku Allah.’ Jadi, ayeuna hayu urang bahas sababaraha bukti yén Alkitab téh mémang diilhamkeun ku Allah.

NUBUAT DINA ALKITAB TÉH BISA DIPERCAYA

Kénca: C. Sappa/DeAgostini/Getty Images; katuhu: Image © Homo Cosmicos/Shutterstock

Nubuat Alkitab geus jadi kanyataan dina jaman baheula jeung jaman ayeuna (Tingali paragrap 10-11) g

10. Béré conto kumaha ngawujudna nubuat dina Alkitab téh ngukuhkeun kekecapan dina 2 Pétrus 1:21. (Tingali gambar.)

10 Dina Alkitab, aya loba nubuat anu jadi kanyataan. Sababaraha jadi kanyataanana mangratus-ratus taun sanggeus nubuatna ditulis. Sajarah ngabuktikeun yén nubuat-nubuat éta téh ngawujud. Urang teu héran kana hal éta sabab nubuat-nubuat éta téh asalna ti Yéhuwa. (Baca 2 Pétrus 1:21.) Misalna, perhatikeun nubuat ngeunaan runtuhna kota Babilon nu hébat dina jaman baheula. Dina abad kadalapan SM, Nabi Yésaya nganubuatkeun yén kota éta bakal dikepung. Malahan, cara éta kota dikepung jeung ngaran jalma nu ngepungna gé disebutkeun, nyaéta Raja Korés. (Yes. 44:27–45:2) Yésaya gé nyebutkeun yén Babilon téh bakal bener-bener ancur jeung moal dicicingan deui. (Yes. 13:19, 20) Nubuat éta bener-bener kajadian. Urang Media jeung Persia ngepung Babilon dina taun 539 SM. Kota éta ahirna ancur jeung teu dicicingan deui.​—Tingali vidéo Alkitab Ngaramalkeun Runtuhna Babilon dina édisi éléktronik buku Hirup Bagja Salilana! bab 03 nomer 5.

11. Jelaskeun kumaha nubuat dina Daniel 2:41-43 jadi kanyataan dina jaman ayeuna.

11 Nubuat-nubuat nu aya dina Alkitab téh ngawujud teu ngan dina jaman baheula hungkul, tapi ogé dina jaman urang ayeuna. Misalna, perhatikeun kumaha nubuat Daniél ngeunaan Kawasa Dunya Inggris Raya jeung Amerika jadi kanyataan. (Baca Daniel 2:41-43.) Dina nubuat Daniél, kawasa dunya éta téh disebutkeun ”sabagian kiat” jiga beusi, ”sabagian deui lemah” jiga taneuh liket. Ieu téh jadi kanyataan. Inggris jeung Amerika téh boga kakuatan nu hébat saperti beusi. Duanana boga peran penting sarta unggul dina Perang Dunya I jeung Perang Dunya II. Dua nagara éta boga kakuatan militér nu hébat pisan. Tapi, kakuatan maranéhna téh dilemahkeun ku rahayatna. Rahayatna sering pisan démo ngalawan pangusaha jeung pamaréntah. Ka dieunakeun, saurang ahli di dunya pulitik nyebutkeun kieu, ”Ayeuna, di sakuliah dunya, di nagri-nagri nu nganut paham démokratis, teu aya nagri nu papecah sacara pulitik saperti di Amerika Serikat.” Terus sabagian ti kawasa dunya ieu, nyaéta Inggris, geus papecah salila mangtaun-taun. Sabagian rahayatna mikir, sakuduna Inggris téh ngagabung jeung Uni Eropa, tapi aya ogé nu mikir Inggris téh mémang kudu kaluar ti Uni Eropa. Ku lantaran kaayaan-kaayaan nu teu puguh ieu, Kawasa Dunya Inggris Raya jeung Amerika jadi teu bisa nangtukeun sikep.

12. Nubuat-nubuat dina Alkitab ngayakinkeun urang kana naon?

12 Nubuat-nubuat Alkitab nu geus ngawujud bisa ngayakinkeun urang yén Yéhuwa bakal ngawujudkeun jangji-Na dina mangsa ka hareup. Meureun urang jadi bisa ngarasakeun naon nu dirasakeun ku nu nulis jabur. Manéhna ngadoa ka Yéhuwa, ”Abdi parantos lungse ngantos-ngantos disalametkeun, nun PANGERAN, jangji Gusti kalintang diarep-arepna.” (Jab. 119:81) Dina Alkitab, Yéhuwa téh geus méré harepan jeung kahirupan nu éndah dina mangsa ka hareup. (Yer. 29:11) Harepan éta téh teu gumantung kana upaya manusa, tapi kana jangji-jangji ti Yéhuwa. Ku terus nalungtik nubuat-nubuat dina Alkitab, mugia urang beuki percaya kana Alkitab.

NASÉHAT ALKITAB GEUS NGABANTU JUTAAN JALMA

13. Dumasar Jabur 119:66, 138, naon hal séjén nu ngabuktikeun yén Alkitab téh bisa dipercaya?

13 Hal séjén nu ngabuktikeun yén Alkitab téh bisa dipercaya nyaéta naséhatna geus ngabantu jalma-jalma pikeun boga kahirupan nu leuwih hadé. (Baca Jabur 119:66, 138.) Misalna, loba pasangan salaki pamajikan nu tadina geus siap pikeun pepegatan, ayeuna jadi akur deui jeung bagja sanggeus nuturkeun naséhat Alkitab. Barudakna gé bagja sabab digedékeun ku kulawarga Kristen nu kolotna nyaah jeung merhatikeun maranéhna.—Éf. 5:22-29.

14. Caritakeun hiji pangalaman nu nunjukkeun yén bebeneran Alkitab téh bisa ngarobah jalma-jalma.

14 Naséhat Alkitab gé bisa ngarobah saurang penjahat nu kejem. Misalna, perhatikeun pangalaman saurang tahanan nu ngaranna Jack. f Manéhna téh dikenal sabagé salah saurang penjahat nu paling bahaya. Manéhna geus dibéré hukuman pati. Tapi di panjara, manéhna kageuing pisan waktu ningali sadérék-sadérék nu mandu palajaran Alkitab. Maranéhna téh meni balageur pisan. Jadi, Jack hayang miluan diajar ogé. Waktu ngalarapkeun naséhat-naséhat Alkitab dina kahirupanana, sipat-sipat Jack mulai barobah. Teu lila, manéhna disatujuan pikeun jadi pawarta nu can dibaptis. Sanggeus sababaraha waktu, manéhna dibaptis. Jack meni sumanget ngabagikeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah ka sasama tahanan. Manéhna gé geus mandu sahenteuna opat palajaran Alkitab. Dina poé manéhna rék dihukum pati, kahirupan Jack téh geus bener-bener barobah. Salah saurang pangacarana Jack nyebutkeun kieu, ”Jack nu ayeuna téh béda pisan jeung Jack 20 taun ka tukang. Pangajaran ti Saksi-Saksi Yéhuwa téh bener-bener ngarobah kahirupanana.” Sanajan Jack tetep dihukum pati, pangalamanana nunjukkeun yén Firman Allah téh boga kawasa pikeun ngarobah sipat jalma-jalma jadi leuwih hadé.​—Yes. 11:6-9.

Naséhat Alkitab ngabantu loba jalma ti suku bangsa nu béda-béda pikeun boga kahirupan nu leuwih hadé (Tingali paragrap 15) h

15. Naon bédana umat Yéhuwa jeung jalma-jalma séjénna? (Tingali gambar.)

15 Umat Yéhuwa téh ngahiji lantaran maranéhna ngalarapkeun naséhat Alkitab. (Yah. 13:35; 1 Kor. 1:10) Katengtreman jeung kasatunggalan urang téh jelas pisan bédana mun dibandingkeun jeung kalolobaan jalma nu papecah lantaran béda pandangan pulitik, béda suku bangsa, jeung béda status sosial. Saurang budak ngora nu ngaranna John kageuing waktu ningali kumaha umat Yéhuwa ngahiji. John téh lahir di salah sahiji nagri di Afrika. Waktu aya perang sipil, manéhna ngagabung jadi tentara. Tapi, ka dieunakeun manéhna kabur ka nagri tatangga. Di ditu, manéhna panggih jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. John nyarita, ”Abdi ningali, panganut agama nu bener mah teu pipilueun dina urusan pulitik jeung teu papecah. Maranéhna téh silih pikanyaah. Baheula, abdi ngabaktikeun diri pikeun ngabéla nagara. Tapi sanggeus diajar Alkitab, abdi jadi hayang ngabaktikeun diri ka Yéhuwa.” Kahirupan John bener-bener barobah. Ayeuna mah manéhna geus teu merangan jalma-jalma nu béda suku bangsana, tapi manéhna ngabagikeun bebeneran Alkitab ka saha waé. Naséhat Alkitab téh geus ngabantu loba jalma ti suku bangsa nu béda-béda. Ieu bukti nu kuat yén Firman Allah téh bisa dipercaya.

SING TERUS PERCAYA KANA BEBENERAN DINA FIRMAN ALLAH

16. Ku naon urang perlu terus percaya kana Firman Allah?

16 Dunya ieu téh beuki lila beuki kacow. Jadi, rasa percaya urang kana Firman Allah téh bisa waé diuji. Loba jalma hayang urang teu percaya deui yén Alkitab téh bener. Maranéhna gé hayang urang teu percaya yén Yéhuwa geus milih palayan nu satia jeung bijaksana pikeun ngabingbing urang ayeuna. Tapi lamun urang terus percaya kana Firman Yéhuwa, urang bisa ngalawan serangan-serangan nu ngalemahkeun iman jiga kitu. Ku kituna, urang boga tékad pikeun ”tumut kana hukum-hukum [Yéhuwa] dugi ka dintenan maot”. (Jab. 119:112) Urang gé ”moal era-era” ngabagikeun warta hadé ka jalma-jalma supaya maranéhna bisa hirup nuturkeun naséhat ti Alkitab. (Jab. 119:46) Terus, urang gé bakal tetep ’sabar jeung suka bungah’ waktu nyanghareupan kaayaan nu sulit, kaasup waktu aya panganiayaan.​—Kol. 1:11; Jab. 119:143, 157.

17. Ayat taunan 2023 ngayakinkeun urang kana hal naon?

17 Urang pasti nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa lantaran geus méré bebeneran ka urang! Ku ayana bebeneran ti Firman Allah, urang jadi bisa ngarasa tenang. Urang gé jadi boga tujuan hirup nu jelas jeung nyaho naon nu kudu dilakukeun di dunya nu beuki kacow jeung pinuh ku kabingung ieu. Salian ti éta, urang jadi boga harepan yén kahirupan téh bakal leuwih hadé waktu Pamaréntahan Allah ngawasa sakuliah dunya. Mugia ayat taunan 2023 ngayakinkeun urang yén sakabéh eusi Firman Allah téh bebeneran!​—Jab. 119:160.

KAWIH 94 Nganuhunkeun ku Ayana Firman

a Kutipan ayat tina kitab Jabur dina artikel ieu dicandak tina KITAB SUCI © LAI 1991.

b Ayat taunan pikeun 2023 téh nguatkeun iman urang. Ayatna nyaéta: ”Jiwa hukum-hukum Gusti nya eta kayaktian.” (Jab. 119:160) Sadérék pasti satuju kana kekecapan éta. Tapi, loba jalma teu percaya yén Alkitab téh bener jeung bisa méré bingbingan. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu alesan nu bisa digunakeun ku urang pikeun ngayakinkeun batur yén Alkitab jeung kabéh naséhatna téh bisa dipercaya.

c KATERANGAN TAMBAHAN: Kecap Ibrani nu ditarjamahkeun jadi ”jiwa” dina ayat ieu ngamaksudkeun sadayana, sakabéhna, atawa sagemblengna.

d Kecap ”naskah” di dieu ngamaksudkeun catetan tulisan tangan dina jaman baheula.

e Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan kumaha Alkitab bisa tetep aya nepi ka ayeuna, mangga buka jw.org. Terus dina kotak téangan, ketik ”Sajarah jeung Alkitab”.

f Sababaraha ngaran geus diganti.

g KATERANGAN GAMBAR: Allah nganubuatkeun yén kota Babilon nu hébat bakal jadi ruruntuhan.

h KATERANGAN GAMBAR: Réka ulang—Saurang lalaki baheulana sok merangan jalma-jalma. Tapi sanggeus diajar Alkitab, manéhna barobah jadi jalma nu resep rukun jeung mantuan batur pikeun hirup rukun ogé.