Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 4

Yéhuwa Ngaberkahan Upaya Urang pikeun Miluan Pangéling-ngéling

Yéhuwa Ngaberkahan Upaya Urang pikeun Miluan Pangéling-ngéling

”Terus lampahkeun ieu pikeun némbongkeun maranéh inget ka urang.”​—LUK. 22:19.

KAWIH 19 Pangéling-ngéling Pupusna Yésus

NU DIBAHAS a

1-2. Ku naon urang datang ka acara Pangéling-ngéling unggal taun?

 AMPIR 2.000 taun ka tukang, Isa ngorbankeun kahirupanana supaya urang bisa hirup langgeng. Dina peuting saacan maot, Isa maréntahkeun murid-muridna pikeun miéling pangorbananana ku ngayakeun parayaan nu saderhana maké roti jeung cianggur.​—1 Kor. 11:23-26.

2 Urang taat kana paréntah Isa lantaran urang nyaah pisan ka manéhna. (Yah. 14:15) Urang gé ngahargaan pisan pangorbanan Isa. Jadi unggal taunna, sababaraha minggu saacan jeung sanggeus Pangéling-ngéling, urang ngalenyepan jeung ngadoa ngeunaan mangpaat tebusan keur manusa. Salian ti éta, urang getol ngawawar jeung ngondang saloba-lobana jalma pikeun datang ka acara nu istiméwa ieu. Terus, pasti urang hayang tetep datang ka acara Pangéling-ngéling sanajan aya loba hahalang.

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu hal anu dilakukeun ku umat Yéhuwa pikeun miéling pupusna Isa: (1) nuturkeun cara nu geus dicontoan ku Isa, (2) ngondang batur pikeun hadir ka acara Pangéling-ngéling, jeung (3) ngayakeun acara Pangéling-ngéling sanajan kaayaanana hésé.

NUTURKEUN CARA NU GEUS DICONTOAN KU ISA

4. Bebeneran naon waé anu dibahas unggal taun dina acara Pangéling-ngéling, jeung ku naon bebeneran-bebeneran ieu téh istiméwa? (Lukas 22:19, 20)

4 Unggal taun dina acara Pangéling-ngéling, urang ngadéngékeun hutbah nu dumasar kana Alkitab nu ngabahas loba hal. Misalna, urang diajar ku naon manusa butuh tebusan jeung kumaha maotna saurang jalma bisa nebus kabéh dosa manusa. Urang diingetan kana naon nu dilambangkeun ku roti jeung cianggur sarta saha nu bisa ngadahar jeung nginum lambang-lambang éta. (Baca Lukas 22:19, 20.) Urang gé ngalenyepan berkah-berkah anu disadiakeun keur jalma-jalma nu boga harepan pikeun hirup di bumi. (Yes. 35:5, 6; 65:17, 21-23) Bebeneran-bebeneran ieu téh istiméwa pisan. Ku naon? Lantaran miliaran jalma mah henteu ngarti kana hal-hal éta. Jadi, maranéhna teu ngahargaan sakumaha gedena pangorbanan Isa jeung teu miéling pupusna Isa sakumaha nu geus dicontoan ku manéhna. Ku naon maranéhna siga kitu?

5. Sanggeus kalolobaan rasul maot, kumaha jalma-jalma miéling pupusna Isa Al-Masih?

5 Teu lila sanggeus kalolobaan rasulna Isa maot, urang Kristen palsu arasup ka sidang-sidang. (Mat. 13:24-27, 37-39) Maranéhna ngajarkeun ”hal-hal nu nyimpang, tujuanana téh narik murid-murid supaya mihak ka maranéhna”. (Kis. 20:29, 30) Misalna, Alkitab ngajarkeun yén Isa téh ”ngorbankeun diri sakali keur salilana pikeun nanggung dosa loba jalma”. Tapi ceuk maranéhna, Isa téh kudu mangkali-kali ngorbankeun dirina, teu cukup ngan sakali. (Ibr. 9:27, 28) Ayeuna, loba jalma percaya kana pangajaran palsu ieu. Maranéhna osok ngarumpul di garéja unggal minggu pikeun miéling pangorbanan Isa, malah kadang unggal poé. Dina Katolik, acara ieu disebut ”Korban Misa”. b Agama-agama séjén miéling pupusna Isa teu sasering éta, tapi kalolobaan anggotana teu ngarti naon tujuan tina korban tebusan Isa. Jadi maranéhna mikir, ’Enya kitu korban tebusan Isa téh bisa ngahampura dosa urang?’ Ku naon maranéhna bet mikir kitu? Maranéhna geus dipangaruhan ku jalma-jalma nu teu percaya yén dosa manusa téh bisa dihampura ku korban tebusan Isa. Urang Kristen sajati bisa mantuan jalma-jalma ngarti tujuan tina maotna Isa jeung kumaha cara nu bener pikeun miéling pupusna Isa. Kumaha carana?

6. Dina taun 1872, Siswa-Siswa Alkitab meunang kasimpulan naon?

6 Dina ahir abad ka-19, sakelompok leutik Siswa-Siswa Alkitab anu dipingpin ku Charles Taze Russell nalungtik Kitab Suci. Maranéhna hayang nyaho naon sabenerna tujuan tina korban tebusan Isa jeung kumaha cara nu bener pikeun miéling pupusna Isa. Terus dina taun 1872, maranéhna meunang kasimpulan yén Isa téh nyadiakeun tebusan keur kabéh manusa. Untungna, informasi éta teu dikeukeuweuk ku sorangan. Maranéhna méré nyaho batur ku cara nguarkeunana dina buku, koran, jeung majalah-majalah. Teu lila, maranéhna ngayakeun acara Pangéling-ngéling ngan sataun sakali, sakumaha anu dilakukeun ku urang Kristen dina abad kahiji.

7. Urang meunang mangpaat naon tina nu geus ditalungtik ku Siswa-Siswa Alkitab?

7 Kiwari, urang meunang mangpaat tina nu geus ditalungtik ku Siswa-Siswa Alkitab di jaman baheula. Naon mangpaatna? Yéhuwa ngabantu urang paham naon mangpaat tina pangorbanan Isa keur sakabéh umat manusa, kaasup urang. (1 Yah. 2:1, 2) Urang gé geus diajar yén dina Alkitab, aya dua harepan pikeun manusa anu nyenangkeun Allah. Sabagian leutik bakal hirup langgeng di sawarga sarta teu bisa musna, tapi jutaan jalma séjénna bakal hirup langgeng di bumi. Salian ti éta, urang gé jadi bisa ngaraket ka Yéhuwa lantaran apal sakumaha nyaahna Allah ka urang jeung lantaran geus ngarasakeun sorangan mangpaatna pangorbanan Isa. (1 Pét. 3:18; 1 Yah. 4:9) Jadi, siga sadérék-sadérék urang nu satia di jaman baheula, urang ngondang jalma-jalma pikeun miéling pupusna Isa sakumaha nu geus dicontoan ku manéhna.

NGONDANG BATUR KA ACARA PANGÉLING-NGÉLING

Naon nu bisa dilakukeun ku Sadérék ngarah bisa ngabagikeun leuwih loba ondangan Pangéling-ngéling? (Tingali paragrap 8-10) e

8. Naon nu geus dilakukeun ku umat Yéhuwa pikeun ngondang batur ka acara Pangéling-ngéling? (Tingali gambar.)

8 Ti baheula, umat Yéhuwa osok ngondang batur ka acara Pangéling-ngéling. Ti saprak taun 1881, sadérék-sadérék di Amerika Serikat diondang pikeun ngumpul di imah saurang sadérék di Allegheny, Pennsylvania, pikeun ngayakeun acara nu istiméwa ieu. Ka dieunakeun, unggal sidang ngayakeun acara Pangéling-ngéling sorangan. Dina Maret 1940, para pawarta dibéré nyaho yén maranéhna bisa ngondang jalma-jalma di daérahna nu nunjukkeun minat. Terus dina taun 1960, Bétel nyitak ondangan Pangéling-éling. Nepi ka ayeuna, geus aya miliaran ondangan Pangéling-ngéling anu disebarkeun. Ku naon urang ngagunakeun loba waktu jeung tanaga pikeun ngondang batur?

9-10. Saha waé anu meunang mangpaat tina upaya urang pikeun ngondang jalma-jalma ka acara Pangéling-ngéling? (Yahya 3:16)

9 Ku naon urang ngondang batur ka acara Pangéling-ngéling? Salah sahiji alesanana téh supaya jalma-jalma nu can pernah datang ka acara éta diajar ngeunaan naon anu geus dilakukeun ku Yéhuwa jeung Isa keur manusa. (Baca Yahya 3:16.) Mugia anu ditingali jeung didéngé ku maranéhna dina acara Pangéling-ngéling téh bisa ngajurung maranéhna pikeun diajar leuwih loba ngeunaan Yéhuwa sarta jadi umat-Na. Salian ti maranéhna, nu séjénna gé bisa meunang mangpaat.

10 Urang gé ngondang para pawarta nu geus teu aktif. Jang naon? Pikeun ngingetan maranéhna yén Allah téh masih nyaah ka maranéhna. Loba nu daék narima ondangan urang. Urang pasti bungah ningali maranéhna. Waktu datang ka acara Pangéling-ngéling, maranéhna téh diingetan sakumaha bungahna baheula waktu ngalalayanan Yéhuwa. Misalna, perhatikeun pangalaman Monica. c Waktu aya pandémi COVID-19, manéhna téh aktif deui sabagé pawarta. Manéhna miluan acara Pangéling-ngéling dina taun 2021. Ceuk manéhna, ”Acara Pangéling-ngéling ieu téh istiméwa pisan keur abdi. Ahirna sanggeus 20 taun, abdi bisa ngawawar jeung ngondang jalma-jalma ka acara Pangéling-ngéling deui. Abdi sabisa-bisana ngondang saha waé pikeun nunjukkeun rasa sukur abdi kana naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa jeung Isa keur abdi.” (Jab. 103:1-4) Teu sual jalma-jalma daék narima ondangan urang atawa henteu, urang tetep sabisa-bisa ngondang jalma-jalma ka acara Pangéling-ngéling lantaran urang nyaho Yéhuwa ngahargaan upaya urang.

11. Kumaha Yéhuwa ngaberkahan upaya urang pikeun ngondang saloba-lobana jalma ka acara Pangéling-ngéling? (Hagai 2:7)

11 Yéhuwa téh bener-bener ngaberkahan upaya urang pikeun ngondang saloba-lobana jalma ka acara Pangéling-ngéling. Dina taun 2021, kaayaan urang téh serba kawates ku lantaran pandémi COVID-19. Tapi anu hadir dina acara Pangéling-ngéling téh aya 21.367.603 jalma, ampir dua satengah kalieun jumlah Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya! Yéhuwa téh teu ngan merhatikeun sabaraha loba jalma anu datang ka acara éta, tapi merhatikeun unggal jalma anu datang. (Luk. 15:7; 1 Tim. 2:3, 4) Urang bisa yakin, waktu urang ngondang jalma-jalma ka acara ieu, Yéhuwa bakal ngabantu urang manggihan jalma nu boga sikep haté nu bener.​—Baca Hagai 2:7.

NGAYAKEUN ACARA PANGÉLING-NGÉLING SANAJAN KAAYAANANA SUSAH

Yéhuwa ngaberkahan upaya urang pikeun miluan Pangéling-ngéling (Tingali paragrap 12) f

12. Kaayaan naon waé anu ngahalangan urang pikeun ngayakeun acara Pangéling-ngéling? (Tingali gambar.)

12 Isa nganubuatkeun yén dina ahir jaman, urang bakal ngalaman kaayaan anu susah, misalna ditentang ku kulawarga, dikaniaya, aya perang, wabah panyakit, jeung masalah-masalah séjénna. (Mat. 10:36; Mar. 13:9; Luk 21:10, 11) Bisa jadi kaayaan-kaayaan éta ngahalangan urang pikeun miéling pupusna Isa Al-Masih. Naon waé anu dilakukeun ku sadérék-sadérék pikeun ngayakeun acara Pangéling-ngéling sanajan aya hahalang, jeung kumaha Yéhuwa nulungan maranéhna?

13. Kumaha Yéhuwa ngaberkahan kawani jeung tékad Ando pikeun ngayakeun Pangéling-ngéling di panjara?

13 Dipanjara. Dulur-dulur saiman urang nu dipanjara ngalakukeun sabisa-bisa pikeun miéling pupusna Isa. Misalna perhatikeun pangalaman Ando. Dina taun 2020, manéhna dipanjara. Jadi, manéhna teu bisa ngayakeun acara Pangéling-ngéling bareng dulur-dulur saiman di sidangna. Sanajan kitu, manéhna bisa ngumpulkeun sababaraha barang pikeun dijadikeun lambang-lambang dina acara Pangéling-ngéling. Ando gé boga rencana pikeun nepikeun hutbah keur diri sorangan. Tapi, dina sél tahanan anu ukuranana ngan 17 méter pasagi, manéhna ditahan limaan jeung para tahanan séjénna. Para tahanan séjénna téh osok ngudud jeung ngomong kasar. Jadi, Ando ménta ka maranéhna pikeun henteu ngudud jeung ngomong kasar ngan salila sajam. Éh teu kasangka-sangka, para tahanan éta satuju moal ngudud jeung ngomong kasar salila Ando ngayakeun acara Pangéling-ngéling. Ceuk Ando, ”Abdi ngomong ka maranéhna, mun maranéhna daék abdi bakal nyaritakeun ngeunaan acara Pangéling-ngéling.” Mimitina mah para tahanan henteu minat. Tapi sanggeus ningali jeung ngadéngé kumaha Ando ngayakeun acara Pangéling-ngéling, maranéhna loba tatanya ngeunaan acara éta.

14. Kumaha sadérék-sadérék ngayakeun acara Pangéling-ngéling sanajan aya pandémi COVID-19?

14 Pandémi COVID-19. Lantaran aya pandémi ieu, umat Yéhuwa téh teu bisa ngayakeun acara Pangéling-ngéling sacara langsung. Tapi acarana mah tetep diayakeun. d Sidang-sidang nu boga aksés Internét ngayakeun acarana ku konperénsi vidéo. Tapi, kumaha jeung jutaan sadérék-sadérék séjénna nu teu boga aksés Internét? Di sababaraha nagri, kantor-kantor cabang nyieun pangaturan supaya jalma-jalma bisa nongton acarana dina TV atawa ngadangukeun tina radio. Terus, kantor cabang ogé ngarekam hutbahna dina leuwih ti 500 basa. Jadi, sadérék-sadérék urang nu aya di daérah nu mencil bisa tetep ngayakeun acara Pangéling-ngéling. Rekaman hutbah éta téh dikirimkeun ogé ka sadérék-sadérék nu ngabutuhkeun.

15. Sadérék diajar naon tina pangalaman saurang palajar Alkitab nu ngaranna Susi?

15 Tentangan ti kulawarga. Keur sababaraha jalma, hahalang nu paling beurat pikeun datang ka acara Pangéling-ngéling téh nyaéta tentangan ti kulawarga. Pék perhatikeun pangalaman saurang palajar Alkitab nu ngaranna Susi. Dina taun 2021, sapoé saacan acara Pangéling-ngéling, Susi méré nyaho guru Alkitabna yén manéhna teu bisa datang lantaran sababaraha anggota kulawargana teu ngidinan. Guru Alkitabna macakeun Lukas 22:44, terus ngajelaskeun yén waktu ngalaman kasusah, urang bisa nyonto tuladan Isa. Isa ngadoa sarta masrahkeun kabéh masalahna ka Yéhuwa. Isukanana, Susi nyiapkeun roti jeung cianggur sarta nongton acara Ibadah Isuk istiméwa dina jw.org. Terus pas soréna, manéhna asup ka kamar jeung miluan acara Pangéling-ngéling maké HP. Sanggeus acara éta, Susi nulis kieu ka guru Alkitabna, ”Nuhun pisan nya, geus nguatkeun abdi kamari. Abdi geus ngupayakeun sagala cara pikeun miluan acara Pangéling-ngéling. Yéhuwa ngaberkahan upaya abdi. Abdi ngarasa bungah pisan jeung nganuhunkeun kana sagalana.” Lamun Sadérék ngalaman hal sarupa kitu, Yéhuwa bisa mantuan teu?

16. Ku naon urang bisa yakin yén Yéhuwa bakal ngaberkahan upaya urang pikeun datang ka acara Pangéling-ngéling? (Roma 8:31, 32)

16 Yéhuwa bener-bener ngahargaan upaya urang pikeun miéling pupusna Isa. Urang bisa yakin yén Anjeunna bakal ngaberkahan urang lamun urang nunjukkeun rasa sukur urang kana naon geus dilakukeun ku Anjeunna keur urang. (Baca Roma 8:31, 32.) Jadi, hayu urang datang ka acara Pangéling-ngéling dina taun ieu sarta leuwih getol ngalakukeun kagiatan rohani sababaraha minggu saacan jeung sanggeus acara Pangéling-ngéling.

KAWIH 18 Nganuhunkeun kana Tebusan

a Dina poé Salasa, tanggal 4 April 2023, jutaan jalma di sakuliah dunya bakal miéling pupusna Isa Al-Masih. Saha waé nu bakal datang ka acara Pangéling-ngéling? Aya nu kakara mimiti miluan acara Pangéling-ngéling, aya ogé Saksi Yéhuwa anu geus mangtaun-taun teu aktif. Nu séjénna aya nu nyanghareupan hahalang, tapi tetep datang. Teu sual kumaha kaayaan Sadérék, sing yakin Yéhuwa téh bakal senang lamun Sadérék ngupayakeun pikeun datang ka acara éta.

b Jalma-jalma éta percaya waktu maranéhna ngayakeun acara pikeun miéling pupusna Isa, roti jeung cianggur téh barobah jadi awak jeung getihna Isa. Maranéhna mikir unggal aya nu ngadahar roti jeung nginum cianggur, Isa ngorbankeun awak jeung getihna.

c Sababaraha ngaran geus diganti.

d Tingali ogé artikel ”Acara Peringatan 2021” dina jw.org.

e KATERANGAN GAMBAR: Ti taun 1960-an, ondangan Pangéling-ngéling geus beuki alus, sarta ayeuna geus aya ondangan nu dicitak jeung bentuk éléktronikna.

f KATERANGAN GAMBAR: Réka ulang—Sadérék-sadérék ngayakeun acara Pangéling-ngéling waktu aya perang sipil.