Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 29

”Datangan Jalma-Jalma . . . Jaradikeun Murid Kami”

”Datangan Jalma-Jalma . . . Jaradikeun Murid Kami”

”Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami.”​—MAT. 28:19.

KAWIH 60 Kahirupan keur Sadaya

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Tina paréntah Yésus nu dicatet dina Mateus 28:18-20, naon tugas utama sidang Kristen? (b) Pananya naon waé nu bakal dibahas dina artikel ieu?

SANGGEUS dihirupkeun deui, Yésus ngumpulkeun murid-muridna di hiji gunung di Galiléa. Pas keur ngumpul di dinya, maranéhna pasti panasaran pisan. (Mat. 28:16) Bisa jadi éta téh kajadianana waktu anjeunna némbongan ka murid-muridna ”anu reana leuwih ti lima ratus urang”. (1 Kor. 15:6) Ku naon Yésus ngumpulkeun murid-muridna? Pikeun méré tugas nu penting, ”Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami.”​—Baca Mateus 28:18-20.

2 Para murid nu harita ngadéngékeun Yésus, ka dieunakeun jadi sidang Kristen nu mimiti. Tugas utama sidang éta téh ngajadikeun leuwih loba murid. * Kiwari, aya puluhan rébu sidang Kristen di sakuliah dunya, tugas utamana gé masih tetep sarua. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas opat pananya: Ku naon tugas ngajadikeun murid téh penting pisan? Naon waé nu perlu dilakukeun? Naha kabéh urang Kristen kalibet dina ngabantu hiji jalma jadi murid? Ku naon dina tugas ieu urang kudu sabar?

KU NAON TUGAS NGAJADIKEUN MURID TÉH PENTING PISAN?

3. Numutkeun Yohanes 14:6 jeung 17:3, ku naon tugas ngajadikeun murid téh penting pisan?

3 Ku naon tugas ieu téh penting pisan? Lantaran ngan murid Kristus nu bisa jadi sobat Allah. Salian ti éta, saha waé nu nuturkeun Kristus kahirupanana bakal leuwih hadé jeung dina mangsa kahareup boga harepan hirup abadi. (Baca Yohanes 14:6; 17:3.) Yésus mémang geus mercayakeun tugas penting ieu ka urang, tapi urang teu ngalaksanakeunana sorangan. Rasul Paulus nulis ngeunaan dirina jeung sababaraha sobatna, ”Urang téh batur gawé Allah.” (1 Kor. 3:9, Terjemahan Dunia Baru) Ieu téh hak istiméwa ti Yéhuwa jeung Kristus keur manusa nu teu sampurna!

4. Urang bisa diajar naon tina pangalaman Ivan jeung Matilde?

4 Ngajadikeun murid téh matak bungah. Perhatikeun conto Ivan jeung pamajikanana, Matilde, ti Kolombia. Maranéhna méré kasaksian ka lalaki ngora, Davier. Ceuk Davier, ”Abdi hayang barobah, tapi teu bisa.” Davier téh pamaén tinju nu sok maké narkoba, beuki mabok, sarta kumpul kebo jeung kabogohna, Erika. Ivan nyarita, ”Abdi duaan ngadatangan manéhna di padésaan nu mencil maké sapédah. Indit ka ditu téh butuh mangjam-jam bari jeung jalanna jareblog. Basa ningali kalakuan jeung sikep Davier barobah, Erika milu diajar Alkitab.” Ka dieunakeun, Davier eureun jadi pamaén tinju sarta teu maké narkoba jeung teu mabok deui. Erika gé dikawin sacara sah ku manéhna. Matilde nyarita, ”Basa Davier jeung Erika dibaptis taun 2016, urang inget Davier pernah ngomong, ’Abdi hayang barobah, tapi teu bisa.’ Mani bungah pisan nepi ka urang teu bisa nahan cipanon.” Urang bener-bener bungah waktu ngabantu batur jadi murid Kristus.

NAON WAÉ NU PERLU DILAKUKEUN PIKEUN NGAJADIKEUN MURID?

5. Naon hal mimiti nu bisa dilakukeun pikeun ngajadikeun murid?

5 Hal mimiti nu bisa dilakukeun nyaéta ’neangan’ jalma nu daék diajar ngeunaan Yéhuwa. (Mat. 10:11) Urang bener-bener Saksi Yéhuwa lamun méré kasaksian ka kabéh jalma. Urang gé bener-bener Kristen lamun taat kana paréntah Kristus pikeun ngawawar.

6. Kumaha carana supaya batur daék ngadéngékeun warta urang?

6 Aya nu sumanget diajar bebeneran, tapi kalolobaanana mah awalna teu minat. Urang kudu ngageuing minat maranéhna. Ku kituna, urang kudu nyieun persiapan nu alus. Pilih topik-topik nu bisa ngageuing minat. Tuluy, pikirkeun kumaha carana nepikeun topik éta.

7. Kumaha carana ngamimitian obrolan, sarta ku naon Sadérék kudu ngadéngékeun jeung ngahargaan pandangan batur?

7 Misalna, Sadérék bisa nanya ka nu boga imah, ”Abdi hoyong terang pandangan Bapa. Ayeuna pan loba pisan masalah di sakuliah dunya. Saur Bapa, naha aya pamaréntahan nu bisa ngaréngsékeun masalah-masalah éta?” Tuluy bahas Daniel 2:44. Sadérék gé bisa nanya, ”Kumaha sih carana ngadidik budak supaya jadi jalma bageur?” Tuluy, bahas Pamindo 6:6, 7. Teu sual Sadérék rék ngabahas naon, pikirkeun jalma nu diajak ngobrol ku Sadérék. Pikirkeun yén naséhat Alkitab bisa méré mangpaat ka manéhna. Waktu ngobrol, déngékeun jeung hargaan pandanganana. Jadi, Sadérék bisa leuwih paham ka manéhna, manéhna gé bakal leuwih resep ngadéngékeun Sadérék.

8. Ku naon urang kudu getol ngadatangan deui?

8 Saacan batur mutuskeun rék diajar Alkitab, bisa jadi Sadérék kudu nyadiakeun waktu jeung nyieun upaya pikeun ngadatangan deui. Ku naon? Lantaran jalma-jalma can tangtu aya di imah waktu didatangan deui. Sadérék ogé bisa jadi kudu datang sababaraha kali nepi ka nu boga imah kenal ka Sadérék jeung daék diajar Alkitab. Inget, pepelakan bisa tumuwuh lamun rutin dicébor. Sarupa kitu, saurang jalma bakal tumuwuh kanyaahna ka Yéhuwa jeung Kristus lamun urang rutin ngabahas Firman Allah jeung manéhna.

NAHA KABÉH URANG KRISTEN KALIBET DINA NGABANTU HIJI JALMA JADI MURID?

Saksi-Saksi di sakuliah dunya kalibet dina néangan jalma nu daék diajar (Tingali paragrap 9-10) *

9-10. Naon sababna kabéh urang Kristen kalibet dina néangan jalma nu daék jadi murid?

9 Kabéh urang Kristen kalibet dina néangan jalma nu daék jadi murid. Éta diibaratkeun kawas néangan budak leutik nu leungit. Pikirkeun kajadian nyata ieu, aya budak nu umurna tilu taun indit ti imah tuluy kasasab. Kurang leuwih 500 jalma mantuan néangan budak éta. Ahirna, sanggeus kira-kira 20 jam budak éta kapanggih di kebon jagong. Tapi, jalma nu manggihan budak éta embung dipuji. Ceuk manéhna, ”Budak ieu kapanggih ku upaya ratusan jalma.”

10 Loba jalma siga budak éta. Maranéhna kasasab, teu boga harepan, jeung hayang ditulungan. (Epe. 2:12) Leuwih ti dalapan juta jalma kalibet dina néangan jalma-jalma siga kitu. Meureun can aya nu daék diajar Alkitab jeung Sadérék. Tapi, aya pawarta séjén di daérah Sadérék nu manggihan jalma nu daék diajar bebeneran tina Firman Allah. Waktu aya nu manggihan jalma nu pijadieun murid Kristus, kabéh nu milu néangan ngarasa bungah.

11. Sanajan can aya nu diajar Alkitab jeung Sadérék, kumaha Sadérék bisa kalibet dina ngajadikeun murid?

11 Sanajan can aya nu diajar Alkitab jeung Sadérék, Sadérék kalibet dina ngajadikeun murid ku cara séjén. Misalna, waktu aya jalma nu anyaran datang ka Balé Karajaan, Sadérék bisa ngabagéakeun jeung maturan manéhna. Lamun Sadérék némbongkeun kanyaah siga kitu, manéhna bakal ningali yén urang téh urang Kristen nu sajati. (Yoh. 13:34, 35) Komentar Sadérék nu singget, wajar, jeung ngajénan batur, bisa jadi conto keur jalma nu anyaran. Sadérék ogé bisa ngajak dines pawarta anyar jeung ngabantu manéhna ngagunakeun ayat Alkitab waktu ngajar batur. Lamun hal-hal éta dilampahkeun, Sadérék ngajar manéhna miconto Kristus.​—Luk. 10:25-28.

12. Naha urang kudu boga kasanggupan nu luar biasa pikeun ngajadikeun murid? Jelaskeun.

12 Ulah ngarasa kudu boga kasanggupan nu luar biasa sangkan bisa ngajar batur jadi murid Yésus. Naon sababna? Perhatikeun conto Faustina ti Bolivia. Basa mimiti panggih jeung Saksi Yéhuwa, manéhna can bisa maca. Ti saprak harita, manéhna diajar maca nepi ka rada bisa. Ayeuna, manéhna geus dibaptis jeung manéhna resep ngajar batur. Biasana, manéhna mandu lima palajaran Alkitab unggal mingguna. Sanajan macana teu saalus kalolobaan muridna, Faustina geus ngabantu genep jalma nepi ka dibaptis.​—Luk. 10:21.

13. Naon hasilna lamun urang ngalaksanakeun tugas ngajadikeun murid sanajan sibuk?

13 Kiwari, loba urang Kristen sibuk ngurus hal-hal penting. Sanajan kitu maranéhna nyadiakeun waktu pikeun mandu palajaran Alkitab jeung ngarasa bungah. Contona Melanie ti Alaska. Manéhna geus teu boga salaki jeung kudu ngurus budak awéwéna nu umurna dalapan taun. Sapopoé manéhna gé digawé bari kudu ngurus bapana nu gering kangker. Melanie téh hiji-hijina Saksi di kota nu mencil. Manéhna ngadoa sangkan dibéré kakuatan pikeun indit ngawawar sanajan hawana tiris, lantaran manéhna hayang pisan boga palajar Alkitab. Ari pék téh manéhna panggih jeung Sara anu bungah pisan waktu nyaho nami Allah. Teu lila, Sara diajar Alkitab. Melanie nyarita, ”Unggal Jumaah peuting, abdi osok laleuleus, tapi abdi jeung budak maksakeun indit ka imah Sara pikeun ngajar Alkitab jeung ngarasakeun mangpaatna. Abdi duaan resep pisan néangan jawaban pikeun pananya-pananya Sara, sarta bungah ningali manéhna jadi sobat Yéhuwa.” Sara wani nyanghareupan tangtangan, kaluar ti garéja, tuluy dibaptis.

KU NAON URANG KUDU SABAR?

14. (a) Ku naon tugas ngajadikeun murid téh kawas ngala lauk? (b) Naon pangaruhna kekecapan Paulus dina 2 Timoteus 4:1, 2 ka Sadérék?

14 Sanajan dines Sadérék katingalina euweuh hasil, ulah nyerah dina néangan jalma nu pijadieun murid. Inget, Yésus ngibaratkeun ngajadikeun murid téh kawas ngala lauk. Pikeun ngala lauk, nalayan kudu digawé mangjam-jam, seringna mah peuting-peuting atawa subuh, jeung sakapeung kudu balayar jauh. (Luk. 5:5) Sarupa kitu, urang gé bisa jadi kudu mangjam-jam ”ngala jalma” dina waktu jeung tempat nu béda-béda. Ku naon? Sangkan urang bisa panggih jeung leuwih loba jalma. Seringna mah sadérék-sadérék nu nyieun upaya siga kitu bisa panggih jeung jalma nu boga minat kana warta urang. Naha Sadérék ogé bisa ngawawar dina waktu atawa tempat nu cocog supaya bisa panggih jeung jalma-jalma?​—Baca 2 Timoteus 4:1, 2 tina Sunda Formal.

Sing sabar waktu ngabantu palajar Alkitab nyieun kamajuan rohani (Tingali paragrap 15-16) *

15. Ku naon urang kudu sabar waktu mandu palajaran Alkitab?

15 Ku naon urang kudu sabar waktu ngajarkeun Alkitab? Salah sahiji alesanana nyaéta urang teu ngan saukur ngabantu manéhna paham jeung mikaresep pangajaran Alkitab, tapi urang gé kudu ngabantu manéhna wanoh jeung mikanyaah Pangarang Alkitab, Yéhuwa. Salian ti méré nyaho saratna jadi murid Yésus, urang gé kudu ngabantu manéhna ngalarapkeun paréntah Yésus. Urang kudu sabar waktu ngabantu manéhna bajoang ngalarapkeun prinsip Alkitab. Aya nu butuh sababaraha bulan pikeun ngarobah pikiran jeung kalakuanana, tapi aya ogé nu butuh waktu leuwih lila.

16. Sadérék bisa diajar naon tina conto Raúl?

16 Saurang misionaris di Peru boga pangalaman nu némbongkeun pentingna kasabaran. Manéhna nyarita, ”Abdi geus ngajarkeun dua buku ka palajar Alkitab abdi nu ngaranna Raúl. Tapi, manéhna masih kénéh boga loba masalah. Perkawinanana awét rajét, ngomongna kasar, barudakna gé teu hormat ka manéhna. Lantaran manéhna rutin masamoan, abdi terus ngabantu manéhna jeung kulawargana. Sanggeus tilu taun leuwih ti saprak abdi panggih jeung manéhna, manéhna bisa dibaptis.”

17. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

17 Yésus nitah urang, ”Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami.” Waktu ngalakukeunana, urang sering ngobrol jeung jalma-jalma nu cara pikirna béda pisan jeung urang, kaasup jeung jalma nu teu boga agama atawa nu teu percaya ka Allah. Artikel saterusna bakal ngabahas kumaha urang bisa nepikeun warta hadé ka maranéhna.

KAWIH 68 Nebarkeun Binih Karajaan

^ par. 5 Sidang Kristen boga tugas utama, nyaéta ngabantu jalma-jalma jadi murid Kristus. Artikel ieu bakal ngabahas saran-saran nu bisa ngabantu urang ngalaksanakeun tugas ieu.

^ par. 2 KATERANGAN TAMBAHAN: Murid Kristus teu ngan saukur diajar tapi ogé ngalarapkeun pangajaranana. Maranéhna sabisa-bisa miconto tuladanna.​—1 Pet. 2:21.

^ par. 52 KATERANGAN GAMBAR: Saurang lalaki nu rék pelesir narima risalah ti Saksi nu aya di bandara. Tuluy pas keur jalan-jalan, manéhna ningali Saksi séjén keur méré kasaksian di tempat umum. Sanggeus balik ka imah, aya pawarta nu ngawawar ka manéhna.

^ par. 54 KATERANGAN GAMBAR: Lalaki tadi daék diajar Alkitab jeung tungtungna dibaptis.