Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 30

Ngageuing Haté Jalma-Jalma nu Teu Paduli kana Agama

Ngageuing Haté Jalma-Jalma nu Teu Paduli kana Agama

”Pikeun nu itu sim kuring kudu kawas kitu, pikeun nu ieu kudu kawas kieu, supaya bisa meuli hatena, sugan bae ku jalan kitu bisa nyalametkeun maranehanana saeutik-eutikeun.”​—1 KOR. 9:22.

KAWIH 82 ’Caang Maranéh Kudu Mencar’

NU DIBAHAS *

1. Puluhan taun katukang, aya parobahan naon di sababaraha nagri?

SALILA rébuan taun, kalolobaan jalma di dunya boga agama. Tapi puluhan taun katukang, kaayaanana barobah pisan. Beuki loba waé jalma nu teu paduli kana agama. Malahan di sababaraha nagri, kalolobaan pendudukna ngaku teu boga agama. *Mat. 24:12.

2. Naon sababna loba jalma teu paduli kana agama?

2 Ku naon beuki loba jalma nu teu paduli kana agama? * Aya nu disimpangkeun ku kasenangan jeung kahariwangan hirup. (Luk. 8:14) Aya ogé nu jadi atéis. Nu séjénna percaya ka Allah tapi nganggap agama geus tinggaleun jaman, naséhatna teu kapaké, sarta teu luyu jeung sains tur logika. Maranéhna bisa jadi ngadéngé babaturan, guru, atawa jalma-jalma nu kasohor ngajelaskeun yén kahirupan téh tina évolusi, tapi jarang ngadéngé alesan nu asup akal pikeun percaya ka Allah. Nu séjénna deui geuleuh ka pamingpin agama nu sarakah kana duit jeung kakawasaan. Salian ti éta, di sababaraha nagri, pamaréntah ngawatesan kagiatan agama.

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Yésus maréntahkeun urang pikeun ’ngadatangan jalma-jalma saalam dunya jeung ngajadikeun murid’. (Mat. 28:19) Jadi, kumaha urang bisa ngabantu jalma-jalma nu teu paduli kana agama pikeun nyaah ka Allah jeung jadi murid Kristus? Urang kudu apal yén réaksi unggal jalma kana warta urang téh béda-béda gumantung di mana maranéhna digedékeun. Misalna, jalma ti Eropa réaksina béda jeung jalma ti Asia. Ku naon bisa kitu? Di Eropa, loba nu apal kana Alkitab jeung geus sering ngadéngé yén nu nyiptakeun sagalana téh Allah. Tapi di Asia, kalolobaan jalma ngan apal saeutik atawa teu apal sama sakali kana Alkitab, malahan aya nu teu percaya ka Nu Nyipta. Artikel ieu ngabahas carana urang bisa ngageuing haté kabéh jalma dina dines, teu sual asal jeung kapercayaan maranéhna.

NGAJAGA PANDANGAN TETEP POSITIF

4. Ku naon urang kudu tetep positif?

4 Sing Positif. Unggal taun, loba jalma nu teu paduli kana agama jadi Saksi Yéhuwa. Aya nu ti saacanna gé geus bener hirupna jeung geuleuh kana agama nu munapék. Tapi aya ogé nu ahlakna goréng jeung boga kabiasaan goréng nu kudu dipiceun. Ku bantuan Yéhuwa, urang bisa manggihan jalma-jalma ”nu boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng”.​—Ras. 13:48, Terjemahan Dunia Baru; 1 Tim. 2:3, 4.

Saluyukeun cara Sadérék méré kasaksian ka jalma nu teu minat kana Alkitab (Tingali paragrap 5-6) *

5. Seringna, ku naon jalma daék narima warta urang?

5 Sing Soméah jeung Bijaksana. Seringna mah jalma narima warta urang téh lain lantaran naon nu ditepikeun, tapi lantaran cara urang nepikeunana. Maranéhna resep lamun urang soméah, bijaksana, jeung ngahargaan maranéhna. Urang moal maksa batur ngadéngékeun. Tapi, urang hayang paham ku naon maranéhna boga pandangan siga kitu ngeunaan agama. Misalna, aya nu teu resep ngobrolkeun agama jeung jalma saliwat. Aya ogé nu ngarasa yén nanyakeun pandangan batur ngeunaan Allah téh teu sopan. Nu séjénna éra lamun katingali ku batur maca Alkitab, komo deui macana jeung Saksi Yéhuwa. Teu sual kaayaanana, urang hayang ngajaga parasaan maranéhna.​—2 Tim. 2:24.

6. Kumaha Rasul Paulus nyaluyukeun obrolanana, jeung kumaha urang bisa nyonto manéhna?

6 Kumaha lamun jalma nu diajak ngobrol ngarasa risi waktu urang nyebutkeun ”Alkitab”, ”ciptaan”, ”Allah”, atawa ”agama”? Urang bisa nyonto Rasul Paulus ku cara nyaluyukeun obrolanana. Waktu ngomong jeung urang Yahudi, Paulus ngajelaskeun tina Kitab Suci. Tapi waktu ngomong jeung pilsup Yunani di Aréopagus, manéhna teu nyebutkeun Kitab Suci. (Ras. 17:2, 3, 22-31) Kumaha Sadérék bisa nyonto Paulus? Lamun panggih jeung jalma nu teu resep kana Alkitab, hadéna mah ulah ngajelaskeun langsung tina Alkitab. Lamun Sadérék ngarasa aya jalma nu embung katingali ku batur keur maca Alkitab jeung Sadérék, coba cara séjén nu teu nyirikeun teuing, misalna maca tina alat éléktronik.

7. Supaya bisa nyonto pangalaman Paulus nu ditulis dina 1 Korinta 9:20-23, urang kudu kumaha?

7 Sing Rasrasan jeung Daék Ngadéngékeun. Urang kudu apal naon nu mangaruhan pikiran jalma-jalma. (Sil. 20:5) Perhatikeun deui conto Paulus. Manéhna téh urang Yahudi. Tangtu manéhna kudu nyaluyukeun diri waktu ngawawar ka jalma nu lain Yahudi nu apal saeutik atawa teu apal sama sakali ngeunaan Yéhuwa jeung Kitab Suci. Urang bisa ngarisét atawa tatanya heula ka nu geus pangalaman di sidang. Jadi, urang bisa rasrasan jeung paham ka jalma-jalma di daérah urang.​—Baca 1 Korinta 9:20-23.

8. Naon nu bisa dilakukeun supaya urang bisa ngabahas Alkitab?

8 Tujuan urang téh néangan jalma nu ”daekeun dianjrekan”. (Mat. 10:11) Sangkan hasilna alus, urang kudu nanyakeun kumaha pandangan batur, tuluy déngékeun bener-bener. Saurang sadérék ti Inggris osok nanya ngeunaan carana boga perkawinan nu bagja, carana ngagedékeun budak, atawa carana nyanghareupan kateuadilan. Sanggeus ngadéngékeun jawabanana, kakara manéhna ngomong, ”Kumaha pandangan Sadérék kana naséhat nu ditulis ampir 2.000 taun katukang ieu?” Manéhna macakeun ayat tina handphone bari teu nyebutkeun éta téh tina ”Alkitab”.

NGAGEUING HATÉ JALMA-JALMA

9. Kumaha urang bisa ngabantu jalma-jalma nu teu resep ngobrol ngeunaan Allah?

9 Urang bisa ngageuing haté jalma-jalma nu teu resep ngobrol ngeunaan Allah ku cara ngabahas hal-hal nu aya pangaruhna kana hirup maranéhna. Misalna, loba nu tajub ningali alam. Urang bisa nanya siga kieu, ”Sadérék meureun apal loba ilmuwan nyonto hal-hal nu geus aya di alam. Contona, mikrofon nyonto ceuli, kaméra nyonto panon. Naon nu kapikir ku Sadérék waktu ningali hal-hal nu aya di alam? Naha éta téh diciptakeun, ujug-ujug aya, atawa kumaha?” Sanggeus ngadéngékeun bener-bener jawabanana, urang bisa nambahkeun, ”Waktu para ahli nalungtik rancangan ceuli jeung panon, naha Sadérék satuju maranéhna téh keur diajar ti Nu Nyiptakeun ceuli jeung panon? Abdi resep kana hiji puisi nu ditulis dina jaman baheula, nu nyebutkeun kieu, ’Allah nu ngadamel ceuli urang, moal enya teu ngadangu? Mantenna nu ngadamel panon urang, moal enya teu ningali? . .  Mantenna guru sakumna manusa.’ Sababaraha ilmuwan gé satuju kana kekecapan ieu.” (Jab. 94:9, 10) Tuluy, urang bisa némbongkeun vidéo tina jw.org® dina bagian ”Wawancara jeung Pangalaman” dina séri ”Asal-Usul Kahirupan Ceuk Para Ahli”. (Tingali dina bagian PUBLIKASI > VIDÉO.) Urang ogé bisa méré brosur Benarkah Kehidupan Diciptakan? atawa brosur Asal Mula Kehidupan—Lima Pertanyaan yang Patut Direnungkan.

10. Kumaha urang bisa ngajak ngobrol jalma nu teu resep ngabahas ngeunaan Allah?

10 Kalolobaan jalma hayang boga kahirupan nu leuwih hadé dina mangsa kahareup. Tapi, loba nu sieun bumi bakal ancur atawa teu bisa dicicingan deui. Saurang pangawas wilayah di Norwegia ngomong yén jalma-jalma nu teu resep ngobrol ngeunaan Allah biasana daék diajak ngobrol ngeunaan kaayaan dunya. Sanggeus ngenalkeun diri, manéhna osok ngomong, ”Ceuk Sadérék, naha engké hirup urang bakal leuwih hadé? Naha urang bisa ngandelkeun pulitikus, ilmuwan, atawa nu séjén?” Sanggeus ngadéngékeun bener-bener jawabanana, manéhna macakeun atawa nyutat ayat ngeunaan mangsa kahareup nu hadé. Aya nu kageuing ku jangji Alkitab yén bumi moal ancur jeung jalma-jalma nu bageur bakal hirup salilana di dinya.​—Jab. 37:29; Pan. 1:4.

11. Ku naon urang kudu boga loba cara pikeun ngajak ngobrol jalma-jalma, jeung kumaha urang bisa nyonto Paulus, sakumaha disebutkeun dina Rum 1:14-16?

11 Alus lamun urang boga loba cara pikeun ngajak ngobrol jalma-jalma. Ku naon? Lantaran unggal jalma téh béda-béda. Naon nu dipikaresep ku hiji jalma can tangtu dipikaresep ku nu séjén. Aya nu daék ngabahas ngeunaan Allah atawa Alkitab, tapi aya nu leuwih resep lamun ngabahas hal-hal nu umum heula. Rék kumaha gé, urang kudu ngamangpaatkeun kasempetan pikeun ngobrol jeung sagala rupa jalma. (Baca Rum 1:14-16.) Tapi inget, ngan Yéhuwa nu bisa numuwuhkeun bebeneran dina haté jalma nu resep kana hal nu bener.​—1 Kor. 3:6, 7.

NYARITAKEUN BEBENERAN KA JALMA NU TEU PERCAYA KA ALLAH

Loba pawarta nunjukkeun perhatian ka jalma-jalma ti nagri nu kalolobaan pendudukna lain Kristen sarta nyaritakeun naséhat alus tina Alkitab (Tingali paragrap 12-13)

12. Kumaha urang bisa ngawawar ka jalma-jalma ti Asia nu tara mikirkeun ngeunaan Nu Nyipta?

12 Di sakuliah dunya, loba pawarta panggih jeung jalma-jalma nu teu percaya ka Allah, kaasup nu asalna ti nagri-nagri nu pamaréntahna ngawatesan kagiatan agama. Di sababaraha nagri di Asia, loba jalma tara mikirkeun ngeunaan Nu Nyipta. Aya nu panasaran tuluy daék diajar Alkitab waktu ditawaran. Tapi, aya ogé nu mimitina teu hayang diajar hal-hal nu anyar. Kumaha carana ngawawar ka maranéhna? Sababaraha pawarta nu geus pangalaman meunangkeun hasil nu alus lamun ngobrolkeun hal nu umum heula, nunjukkeun perhatian, tuluy lamun cocog bisa ngajelaskeun yén kahirupan maranéhna bakal leuwih hadé lamun daék ngalarapkeun prinsip-prinsip Alkitab.

13. Jalma-jalma bisa kataji kana hal naon nu aya dina Alkitab? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

13 Loba jalma mimitina kataji kana prinsip-prinsip alus nu aya dina Alkitab. (Pan. 7:12) Di New York, saurang sadérék istri nu ngadatangan jalma-jalma nu maké basa Mandarin nyarita, ”Abdi merhatikeun jeung ngadéngékeun manéhna. Lamun abdi apal manéhna anyaran datang ka Amerika, abdi sok nanya, ’Kumaha, betah teu di dieu? Geus boga pagawéan can? Di dieu jalma-jalmana balageur teu?’” Sakapeung, éta bisa muka jalan pikeun ngabahas pangajaran Alkitab. Lamun cocog, sadérék éta sok ngomong, ”Kumaha sih carana akur jeung batur? Kumaha lamun abdi nunjukkeun hiji papatah tina Kitab Suci? Disebutkeun, ’Awal pasendatan, ibarat mimiti bocorna hiji bendungan. Memeh bedah kudu geuwat diomean.’ Ceuk Tétéh, naséhat ieu bisa ngabantu urang akur jeung batur teu?” (Sil. 17:14) Obrolan siga kitu bisa ngabantu urang nangtukeun saha nu bisa didatangan deui.

14. Naon nu dilakukeun ku saurang sadérék di Timur Jauh pikeun ngabantu jalma-jalma nu ngaku teu percaya ka Allah?

14 Kumaha lamun aya nu ngaku teu percaya ka Allah? Saurang sadérék nu geus lila ngawawar ka jalma-jalma di Timur Jauh nu teu paduli kana agama nyarita, ”Biasana, lamun di dieu aya nu ngomong, ’Abdi teu percaya ka Allah,’ maksudna téh manéhna teu percaya ka déwa-déwi nu disembah ku kalolobaan jalma. Jadi, abdi satuju mun déwa-déwi téh dijieun ku manusa. Abdi sok macakeun Yermia 16:20, ’Naha tiasa manusa nyieun allah-allah keur sembaheunana sorangan? Sanes ge Allah upami tiasa dijieun mah.’ Tuluy abdi nanya, ’Kumaha urang bisa ngabédakeun mana allah nu sajati jeung nu dijieun ku manusa?’ Abdi ngadéngékeun bener-bener jawabanana tuluy macakeun Yesaya 41:23, ’Terangkeun naon anu bakal kajadian! Tangtu engke kanyahoan, maraneh teh Allah atawa ngan aallahan!’ Tuluy abdi nunjukkeun hiji conto nubuat ti Yéhuwa.”

15. Urang bisa diajar naon ti saurang sadérék di Asia Timur?

15 Saurang sadérék di Asia Timur ngajelaskeun cara manéhna ngadatangan deui. Ceuk manéhna, ”Abdi némbongkeun prinsip-prinsip Alkitab, nubuat nu geus laksana, jeung hukum-hukum alam. Geus kitu, abdi némbongkeun yén éta kabéh nunjukkeun ayana hiji Pribadi nu bijaksana nu nyiptakeun sagalana. Lamun saurang jalma mulai mikir Allah téh aya, kakara abdi nunjukkeun naon nu dijelaskeun ku Alkitab ngeunaan Yéhuwa.”

16. Numutkeun Ibrani 11:6, ku naon palajar Alkitab kudu percaya ka Allah jeung Alkitab? Kumaha carana urang ngabantu manéhna?

16 Waktu urang ngajarkeun Alkitab ka jalma nu teu paduli kana agama, urang kudu terus nguatkeun kapercayaanana yén Allah téh aya. (Baca Ibrani 11:6.) Urang kudu ngabantu manéhna sangkan beuki percaya kana Alkitab. Bisa jadi urang kudu ngajelaskeun hiji hal sababaraha kali. Dina unggal palajaran, urang bisa jadi kudu ngabahas bukti yén Alkitab téh Firman Allah, misalna nubuat Alkitab nu geus laksana, conto yén Alkitab téh cocog jeung sajarah sarta élmu alam, atawa prinsip hirup nu hadé.

17. Lamun urang némbongkeun kanyaah, batur bakal kumaha?

17 Urang ngabantu jalma-jalma jadi murid Kristus ku cara némbongkeun kanyaah, teu sual maranéhna minat kana agama atawa henteu. (1 Kor. 13:1) Waktu ngajar maranéhna, urang hayang némbongkeun yén Allah nyaah ka urang jeung Mantenna gé hoyong urang mikanyaah Mantenna. Unggal taun, rébuan jalma dibaptis lantaran nyaah ka Allah, padahal tadina teu pati minat atawa teu minat sama sakali kana agama. Jadi, sing positif jeung témbongkeun kanyaah sarta perhatian ka sagala rupa jalma. Déngékeun sarta sing rasrasan ka maranéhna. Ajar maranéhna jadi murid Kristus ku tuladan Sadérék.

KAWIH 76 Bungahna Ngawartakeun Firman Allah

^ par. 5 Ayeuna, urang bisa jadi leuwih sering panggih jeung jalma-jalma nu teu paduli kana agama. Artikel ieu bakal ngabahas carana nyaritakeun bebeneran Alkitab ka maranéhna jeung carana ngabantu maranéhna percaya kana Alkitab sarta boga iman ka Allah Yéhuwa.

^ par. 1 Numutkeun survéi, sababaraha di antarana téh nyaéta: Albania, Australia, Austria, Azerbaijan, Belanda, Cina, Denmark, Hong Kong, Inggris, Irlandia, Israel, Jepang, Jerman, Kanada, Korea Selatan, Norwegia, Prancis, Republik Cheska, Spanyol, Swedia, Swiss, jeung Vietnam.

^ par. 2 KATERANGAN TAMBAHAN: Dina artikel ieu, istilah teu paduli kana agama téh ngamaksudkeun teu boga agama atawa teu percaya ka Allah.

^ par. 54 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék keur méré kasaksian ka batur gawéna di rumah sakit, tuluy baturna ningalian situs Internét jw.org.