Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANGALAMAN HIRUP

Abdi Ngan Ngajalankeun Kawajiban

Abdi Ngan Ngajalankeun Kawajiban

GEUS tilu puluh taun leuwih Donald Ridley jadi pangacarana Saksi-Saksi Yéhuwa. Manéhna téh boga jasa nu gedé dina méré nyaho jalma-jalma yén pasién téh boga hak pikeun nolak transfusi getih. Manéhna gé mantuan Saksi Yéhuwa pikeun unggul dina loba kasus di Mahkamah Agung. Manéhna dipanggil Don ku babaturanana. Don téh rajin, rendah haté, jeung réla nyieun pangorbanan.

Taun 2019, Don keuna panyakit saraf nu can aya ubarna. Mani gancang pisan beuki parahna téh. Don maot dina tanggal 16 Agustus 2019. Ieu carita ngeunaan manéhna.

Abdi lahir di St. Paul, Minnesota, AS, taun 1954. Kulawarga abdi teu beunghar, tapi ogé teu miskin. Kulawarga abdi téh Katolik. Abdi budak kadua ti lima budak. Abdi sakola di sakolaan Katolik. Abdi gé sok mantuan pastor dina acara ibadah. Najan kitu, abdi teu pati ngarti kana Alkitab. Abdi mémang percaya aya Allah nu nyiptakeun sagalana, tapi abdi teu yakin garéja Katolik bisa mantuan abdi ibadah ka Mantenna.

DIAJAR BEBENERAN

Dina taun kahiji pas abdi sakola hukum di William Mitchell College of Law, aya pasangan Saksi Yéhuwa nu datang ka imah. Abdi keur sibuk nyeuseuh, jadi maranéhna jangji rék datang deui. Nah pas maranéhna datang deui, abdi méré dua pananya: ”Ku naon nu jahat leuwih suksés ti batan nu bageur?” jeung ”Urang kudu kumaha supaya bisa hirup bagja?” Abdi dibéré buku Kebenaran Yang Membimbing Kepada Hidup Yang Kekal jeung Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru, nu sampulna héjo méncrang. Abdi gé daék diajar Alkitab. Abdi jadi ngarti kana loba hal jeung bungah pisan lantaran apal Karajaan Allah bakal maréntah umat manusa di bumi. Ari pamaréntahan manusa mah gagal, ngan bisa nyieun dunya pinuh ku kasusah, kasangsaraan, kateuadilan, jeung masalah.

Abdi ngabaktikeun diri ka Yéhuwa dina awal taun 1982. Terus dina taun éta kénéh, abdi dibaptis dina kongrés régional ”Kebenaran Kerajaan”. Éta kongrés diayakeun di gedong St. Paul Civic Center. Minggu hareupna, abdi balik deui ka gedong éta jang milu ujian keur jadi pangacara. Dina awal bulan Oktober, abdi lulus, tuluy jadi pangacara.

Dina kongrés ”Kebenaran Kerajaan”, abdi panggih jeung Mike Richardson. Manéhna téh anggota kulawarga Bétel Brooklyn. Ceuk manéhna, di kantor pusat aya bagian anyar, nyaéta bagian hukum. Abdi inget kana kekecapan pajabat Étiopia dina Rasul 8:36. Tuluy abdi mikir, ’Ku naon nya teu kapikir ku abdi keur mantuan bagian hukum?’ Jadi, abdi ngeusian formulir Bétel.

Tapi, kolot abdi teu resep abdi jadi Saksi Yéhuwa. Si Bapa nanya, naon untungna sih digawé di Bétel keur kariér abdi? Abdi ngajelaskeun, abdi digawé di ditu téh sukaréla. Terus jiga anggota Bétel séjénna, abdi dibéré duit saeutik keur ngagantian ongkos.

Tapi lantaran geus kaburu satuju rék digawé di pangadilan, abdi teu bisa langsung digawé di Bétel. Jadi, abdi kakara digawé di Bétel Brooklyn, New York dina taun 1984. Abdi ditugaskeun dina bagian hukum. Éta téh waktu nu cocog pisan sabab abdi geus boga pangalaman digawé jadi pangacara.

THE STANLEY THEATER DIOMÉAN

The Stanley Theater pas mimiti dibeuli

Bétel meuli The Stanley Theater nu aya di Jersey City, New Jersey dina bulan Nopémber 1983. Sadérék-sadérék ménta idin ka pajabat-pajabat di kota éta keur ngoméan listrik jeung saluran pipah di gedong éta. Maranéhna ngajelaskeun The Stanley Theater rék dijadikeun balé kongrés ku Saksi-Saksi Yéhuwa. Tah, masalah muncul. Ku para pajabat téh teu diidinan. Maranéhna ngomong, geus aya aturan, tempat ibadah mah teu meunang aya di daérah bisnis, kudu aya di daérah imah warga. Sadérék-sadérék éta ngajukeun banding, tapi tetep wé ditolak.

Dina minggu kahiji abdi digawé di Bétel, organisasi mawa kasus ieu ka pangadilan. Lantaran saacanna abdi geus digawé dua taun sabagé pangacara di pangadilan St. Paul, Minnesota, abdi geus apal pisan kana kasus-kasus jiga kieu. Salah sahiji pangacara Saksi ngomong, pan The Stanley Theater téh geus dipaké keur loba acara umum, misalna keur lalajo film jeung konsér musik, jadi naha bet teu meunang dipaké keur acara ibadah? Sanggeus nimbang-nimbang, pangadilan mutuskeun Jersey City téh geus ngalanggar kabébasan urang keur ibadah. Jadi, pangadilan nitah Jersey City supaya méré idin ka Saksi-Saksi Yéhuwa. Ti dinya, abdi ningali Yéhuwa téh maké hukum nu dijieun ku manusa pikeun ngajalankeun kahayang-Na. Éta bukti Yéhuwa ngaberkahan organisasi-Na. Abdi resep pisan bisa milu mantuan ngaréngsékeun kasus ieu.

Sadérék-sadérék langsung ngoméan éta gedong. Kurang ti sataun, nyaéta dina tanggal 8 Séptémber 1985, gedong éta geus dipaké keur wisuda Giléad kelas ka-79. Harita, éta gedong dibéré ngaran Balé Kongrés Jersey City. Ieu téh kahormatan keur abdi bisa digawé demi kapentingan Karajaan. Abdi jauh leuwih bagja digawé keur Yéhuwa ti batan waktu jadi pangacara baheula. Abdi teu nyangka, engkéna Yéhuwa bakal terus ngagunakeun abdi keur mantuan loba kasus hukum séjénna.

NGABÉLA HAK PASIÉN KEUR NOLAK GETIH

Dina taun 1980-an, para dokter jeung rumah sakit téh embung narima mun aya pasién Saksi nu geus déwasa nu hayang dirawat tapi nolak getih. Malah mun keur awéwé nu ngandung mah, masalahna leuwih ruwed. Hakim nganggap, manéhna teu boga hak pikeun nolak transfusi. Ku naon? Lantaran mun manéhna embung transfusi, manéhna bisa maot. Engké saha nu rék ngurus budakna?

Dina tanggal 29 Désémber 1988, aya kasus Sadérék Denise Nicoleau nu kaleungitan loba getih sanggeus ngajuru. Hb-na (hémoglobin) turun pisan nepi ka kurang ti 5. Jadi, dokter ménta supaya manéhna ditransfusi getih. Tapi, Sadérék Denise nolak. Isukanna, rumah sakit ménta ka pangadilan supaya dibéré idin jang méré transfusi ka Sadérék Denise. Hakim ngidinan rumah sakit méré transfusi, tapi teu tatanya sarta méré nyaho heula ka Sadérék Denise atawa salakina.

Ahirna dina poé Jumaah, 30 Désémber, rumah sakit méré transfusi getih ka Sadérék Denise sanajan salaki jeung anggota kulawarga séjénna nolak. Peutingna, sababaraha anggota kulawargana jeung sababaraha kokolot ditahan. Maranéhna dituduh ngahalang-halang rumah sakit keur méré transfusi ka Sadérék Denise. Nah poé Saptuna isuk-isuk, tanggal 31 Désémber, kajadian éta geus héboh diwartakeun dina koran, TV, jeung radio di New York City jeung Long Island.

Jeung Philip Brumley pas keur ngora kénéh

Urang mawa kasus ieu ka pangadilan. Jadi dina poé Minggu isuk-isuk, abdi ngobrol jeung Hakim Milton Mollen. Manéhna téh ngurus pangadilan nu leuwih luhur. Abdi ngajelaskeun perkara éta, nyaritakeun si hakim nu saacanna téh geus ngidinan transfusi tapi teu tatanya heula ka pasién. Beurangna, Hakim Milton ménta abdi datang ka kantorna keur ngabahas perkara ieu jeung hukum-hukum nu bisa dipaké keur ngaréngsékeunana. Peutingna, abdi datang ka kantorna jeung pangawas abdi, Sadérék Philip Brumley. Pangacara rumah sakit gé dititah datang ku Hakim Milton. Mani tegang pisan kaayaanna téh. Jadi Sadérék Philip nyieun catetan, méré pesen ka abdi, ”Kalem wé.” Alus pisan saranna, lantaran harita abdi geus émosi pisan pas debat jeung pangacara ti rumah sakit.

Ti kénca ka katuhu: Richard Moake, Gregory Olds, Paul Polidoro, Philip Brumley, abdi, jeung Mario Moreno—pangacara-pangacara ti organisasi nu ngabéla Saksi Yéhuwa di Mahkamah Agung AS dina kasus Watchtower v. Village of Stratton.​—Tingali Sedarlah! 8 Januari 2003

Sanggeus kira-kira sajam, Hakim Milton ngomong perkara ieu téh bakal jadi perkara nu mimiti diurus isukanna. Waktu ninggalkeun kantorna, Hakim Milton ngomong, pasti ”isukan bakal beurat” keur si pangacara rumah sakit. Éta hartina, bakal hésé keur ngabuktikeun rumah sakit geus ngalakukeun hal nu bener dina kasus Sadérék Denise. Abdi ngarasa, Yéhuwa ngayakinkeun abdi yén kasempetan urang unggul téh bakal leuwih gedé. Bungah pisan lantaran Yéhuwa ngagunakeun urang keur ngajalankeun kahayang-Na.

Urang digawé nepi ka peuting lantaran kudu nyiapkeun bahan keur isukanna. Pangadilan jeung Bétel Brooklyn téh deukeut, jadi loba sadérék tina bagian hukum ka dituna téh leumpang. Sanggeus opat hakim ngadéngékeun alesan urang, maranéhna mutuskeun yén kuduna transfusi téh teu meunang dilakukeun. Sadérék Denise unggul dina perkara éta. Pangadilan mutuskeun, rumah sakit geus ngalanggar hak asasi manusa lantaran sangeunahna nyieun tindakan tapi teu ngadéngékeun heula alesan pasién.

Pangadilan nu pangluhurna di New York mutuskeun, Sadérék Denise téh boga hak pikeun nolak transfusi. Abdi meunang kahormatan pikeun mantuan kasus ieu. Ieu téh salah sahiji ti opat kasus ngeunaan getih nu dibawa ka pangadilan tinggi di sababaraha nagara bagian. (Tingali kotak ” Unggul dina Kasus-Kasus di Mahkamah Agung”.) Abdi gé mantuan para pangacara di Bétel waktu ngurus kasus-kasus ngeunaan hak asuh anak, pepegatan, sarta kasus ngeunaan tanah jeung wangunan.

PERKAWINAN JEUNG KULAWARGA

Jeung pamajikan abdi, Dawn

Pamajikan abdi téh ngaranna Dawn. Pas mimiti panggih jeung Dawn, manéhna téh geus pepegatan sarta kudu ngurus tilu budak. Manéhna digawé bari naratas. Hirupna téh susah, tapi abdi tajub pisan ningali tékad manéhna keur ngawula Yéhuwa. Dina taun 1992, urang datang ka Kongrés Régional ”Para Pembawa Terang” di New York City, terus abdi nanya ka manéhna, daék teu jadi kabogoh abdi. Sataun sanggeusna, urang duaan kawin. Yéhuwa méré abdi pamajikan nu nyaah pisan ka Mantenna jeung resep heureuy. Abdi senang pisan hirup bareng jeung Dawn.​—Sil. 31:12.

Waktu urang kawin, barudak téh umur 11, 13, jeung 16 taun. Abdi hayang jadi bapa nu hadé keur maranéhna, jadi abdi maca jeung ngalarapkeun naséhat tina publikasi ngeunaan carana jadi bapa téré. Éta téh teu gampang, tapi abdi bungah sabab barudak ahirna bisa nganggap abdi sobat nu bisa dipercaya jeung bapa maranéhna. Babaturan maranéhna sering ulin ka imah. Nya resep ogé, di imah jadi loba budak ngora.

Dina taun 2013, abdi jeung Dawn pindah ka Wisconsin sabab kudu ngurus kolot. Tapi abdi teu nyangka, ka dieunakeun abdi masih bisa mantuan di Bétel. Abdi diondang jadi sukarélawan paro waktu keur ngurus masalah-masalah nu aya patalina jeung hukum.

KAAYAAN BAROBAH

Dina bulan Séptémber 2018, abdi engeuh dina tikoro abdi téh sering loba reuhak. Geus dipariksa ku dokter di ditu, tapi manéhna teu nyahoeun ku naon bisa jiga kitu. Terus, dokter séjén nitah abdi indit ka ahli saraf. Bulan Januari 2019, abdi dibéré nyaho keuna panyakit saraf nu langka, nu tungtungna bakal mangaruhan sakabéh awak abdi.

Tilu poé sanggeusna, pas keur olahraga, leungeun abdi retak. Padahal saumur-umur abdi ngalakukeun olahraga éta, abdi geus jago pisan. Tah harita, abdi sadar awak téh geus teu bérés. Abdi reuwas lantaran panyakit abdi téh mani gancang pisan jadi parahna. Beuki lila, abdi beuki hésé ngomong, gerak, jeung neleg dahareun atawa inumeun.

Abdi ngarasa meunang kahormatan lantaran bisa ngagunakeun pangalaman abdi sabagé pangacara pikeun mantuan organisasi Yéhuwa. Abdi gé bungah bisa nulis loba artikel keur majalah nu dibaca ku para dokter, pangacara, jeung hakim. Terus, abdi bungah lantaran bisa méré seminar-seminar di sakuliah dunya ngeunaan widang kadokteran pikeun ngabéla hak Saksi-Saksi Yéhuwa nu hayang dirawat jeung dioperasi tanpa getih. Sanajan kitu, abdi sapikiran jeung Lukas nu ngomong dina Lukas 17:10, ’Kuring mah badega biasa, digawe teh ngalakonan kawajiban.’