Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya ti Nu Maca

Pananya ti Nu Maca

Iraha Yésus jadi Imam Agung?

Bukti nunjukkeun yén Yésus jadi Imam Agung waktu anjeunna dibaptis taun 29 M. Mémang naon buktina? Waktu Yésus dibaptis, anjeunna ngorbankeun kahirupanna dina altar kiasan. Altar éta téh ngagambarkeun ”pangersa” Allah. (Gal. 1:4; Ibr. 10:5-10) Lantaran altar téh bagian penting dina bait, jadi bait rohani gé katingalina aya pas Yésus dibaptis. Bait rohani ngamaksudkeun sagala hal nu ngalantarankeun urang bisa ibadah ka Yéhuwa ku cara nu bener dumasar kana korban tebusan Yésus.​—Mat. 3:16, 17; Ibr. 5:4-6.

Lantaran bait rohanina geus aya, jadi kudu aya imam agung di ditu. Ku kituna, Yéhuwa ngalantik Yésus jadi imam agung ku ”Roh Suci sareng dipaparin kakawasaan”. (Ras. 10:37, 38; Mar. 1:9-11) Ti mana urang nyaho Yésus téh dilantikna saacan anjeunna maot jeung dihirupkeun deui? Pikeun ngajawabna, urang bisa mikirkeun conto Harun jeung imam-imam agung gagantina.

Ceuk Hukum Musa, ngan imam agung nu meunang asup ka Kamar Pangsucina. Baheula, kamar éta téh aya di tabernakel, terus ka dieunakeun ayana di bait. Kamar Suci jeung Kamar Pangsucina téh dipisahkeun ku rérégan, atawa hordéng. Imam agung ngan meunang asup ka Kamar Pangsucina dina Poé Pangampura Dosa. (Ibr. 9:1-3, 6, 7) Harun jeung jalma-jalma nu ngagantikeunana geus dilantik jadi imam agung saacan ”nembus reregan” pikeun asup ka Kamar Pangsucina. Jadi, Yésus ogé pasti jiga kitu. Anjeunna geus dilantik jadi imam agung keur bait rohani saacan maot jeung ”nembus reregan Kamar Pangsucina nya eta salira Kristus” pikeun asup ka sawarga. (Ibr. 10:20) Ku kituna, Rasul Paulus nyebutkeun yén Yésus téh datang sabagé ”Imam Agung”, terus asup ka ’kemah nu leuwih sampurna, lain beunang nyieun manusa’, nyaéta ”sawarga”.​—Ibr. 9:11, 24.

Iraha perjangjian anyar disahkeun?

Basa Yésus diangkat ka sawarga jeung masrahkeun kahirupanna nu sampurna demi urang, anjeunna ngamimitian prosés disahkeunana perjangjian anyar ieu. Naon waé nu dilakukeun ku Yésus dina prosés éta?

Mimitina, Yésus datang ka hareupeun Yéhuwa. Geus kitu, anjeunna masrahkeun harga tina korban tebusanna ka Yéhuwa. Ahirna, Yéhuwa narima harga tina getih Yésus nu geus dikucurkeun. Lamun tilu hal ieu can dilakukeun, perjangjian anyar can bisa dijalankeun.

Alkitab teu méré nyaho iraha percisna Yéhuwa narima harga tina korban Yésus. Jadi, urang gé teu bisa mastikeun iraha percisna perjangjian anyar éta disahkeun. Tapi, urang apal Yésus diangkat ka sawarga téh sapuluh poé saacan Péntakosta. (Ras. 1:3) Nah di antara sapuluh poé éta, anjeunna masrahkeun harga tina korban tebusanna, tuluy ditarima ku Yéhuwa. (Ibr. 9:12) Ti mana urang nyaho? Tina kajadian dina Péntakosta taun 33 M. (Ras. 2:1-4, 32, 33) Harita, katingali jelas yén perjangjian anyar geus dijalankeun.

Kasimpulanna, perjangjian anyar ieu disahkeun sanggeus Yéhuwa narima harga tina getih Yésus. Tapi, dijalankeunana mah sanggeus Yésus sabagé Imam Agung jadi Perantara.​—Ibr. 7:25; 8:1-3, 6; 9:13-15.