Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 30

Terus Aya dina Jalan Bebeneran

Terus Aya dina Jalan Bebeneran

”Taya deui anu matak leuwih bungah, lian ti upama ngadenge nu jadi anak aya dina jalan anu bener.”​—3 YOH. 4, Sunda Formal [SF].

KAWIH 54 ”Ieu Jalan”

NU DIBAHAS *

1. Jiga nu disebutkeun dina 3 Yohanes 3, 4, naon nu nyieun urang bungah?

RASUL Yohanes pasti bungah pisan waktu ngadéngé jalma-jalma nu diajarkeun bebeneran ku manéhna terus satia ngawula Yéhuwa. Tapi maranéhna téh boga loba masalah, jadi Yohanes hayang sabisa-bisa nguatkeun urang Kristen nu satia ieu. Maranéhna geus dianggap budakna sorangan. Kitu ogé, urang pasti bungah lamun ningali budak urang atawa jalma-jalma nu diajarkeun Alkitab ku urang ngabaktikeun dirina ka Yéhuwa jeung terus satia.​—Baca 3 Yohanes 3, 4, SF.

2. Jang naon Yohanes nulis surat?

2 Dina taun 98 M, katingalina Yohanes cicing di kota Épésus atawa di deukeut ditu. Meureun manéhna pindah ka ditu sanggeus bébas ti panjara di Pulo Patmos. Harita, manéhna dibéré wahyu ku Allah pikeun nulis tilu surat. Surat-surat ieu ditulis supaya urang Kristen tetep boga iman ka Yésus jeung tetep aya dina jalan bebeneran.

3. Pananya naon waé nu bakal dijawab?

3 Harita, Yohanes téh hiji-hijina rasul nu masih hirup. Manéhna hariwang lantaran aya guru-guru palsu nu mangaruhan sidang-sidang. * (1 Yoh. 2:18, 19, 26) Jalma-jalma murtad éta ngakuna mah ibadah ka Allah, tapi ari paréntah-paréntah Yéhuwa teu dijalankeun. Hayu urang bahas naséhat dina surat Yohanes. Urang gé bakal ngajawab tilu pananya: Naon hartina aya dina jalan bebeneran? Naon waé tangtanganana? Jeung, kumaha urang bisa silih kuatkeun sangkan tetep aya dina jalan bebeneran?

NAON HARTINA AYA DINA JALAN BEBENERAN?

4. Ceuk 1 Yohanes 2:3-6 jeung 2 Yohanes 4, 6, urang kudu kumaha supaya aya dina jalan bebeneran?

4 Supaya bisa aya dina jalan bebeneran, urang kudu nyaho bebeneran nu aya dina Firman Allah, nyaéta Alkitab. Urang gé kudu ”nurut kana timbalan-timbalan [Yéhuwa]”. (Baca 1 Yohanes 2:3-6; 2 Yohanes 4, 6.) Yésus téh jadi tuladan nu sampurna sabab anjeunna taat ka Yéhuwa. Jadi supaya bisa taat ka Yéhuwa, urang kudu sabisa-bisa nyonto ka Yésus.​—Yoh. 8:29; 1 Pet. 2:21.

5. Urang kudu yakin kana hal naon?

5 Supaya bisa aya dina jalan bebeneran, urang kudu yakin yén kabéh nu diomongkeun Yéhuwa dina Firman-Na, nyaéta Alkitab, téh bener. Urang gé kudu yakin Yésus téh Mésias nu dijangjikeun. Kiwari, loba nu cangcaya Yésus téh geus jadi Raja ti Karajaan Allah. Yohanes ngingetan aya loba ”jelema tukang nyasabkeun”. (2 Yoh. 7-11) Maranéhna bisa nyasabkeun jalma-jalma nu imanna ka Yéhuwa jeung Yésus teu pati kuat. Yohanes nulis, ”Nu mana atuh anu ngabohong teh? Geus tangtu anu nyebutkeun Yesus lain Kristus.” (1 Yoh. 2:22) Hiji-hijina cara supaya urang teu kabobodo nyaéta diajar Firman Allah. Ngan ku cara kitu urang bisa apal nu bener ngeunaan Yéhuwa jeung Yésus. (Yoh. 17:3) Ku kituna, urang bakal yakin urang téh geus aya dina jalan bebeneran.

NAON WAÉ TANGTANGANANA?

6. Naon tangtangan nu bisa jadi disanghareupan ku barudak ngora?

6 Kabéh urang Kristen, pangpangna nu ngora, kudu ati-ati sangkan teu kapangaruhan ku pangajaran nu asalna ti manusa. (1 Yoh. 2:26) Alexia, * budak ngora ti Prancis nu umurna 25 taun, ngomong, ”Basa masih sakola kénéh, abdi diajarkeun téori évolusi jeung pangajaran séjén nu asalna ti manusa. Saharitaeun mah abdi rada kapangaruhan. Tapi abdi mikir, teu kaci atuh mun abdi ngan ngadéngékeun nu diajarkeun ku guru wungkul, tapi teu mariksa nu diajarkeun ku Alkitab.” Jadi, Alexia diajar buku Kehidupan—Bagaimana Asal Mulanya? Melalui Evolusi atau Penciptaan? Sababaraha minggu ti harita, manéhna geus teu cangcaya deui. Ceuk manéhna, ”Abdi ngabuktikeun sorangan Alkitab téh eusina bebeneran. Abdi gé sadar, lamun nuturkeun patokan hirup tina Alkitab, abdi bakal bagja jeung tengtrem.”

7. Urang kudu ati-ati kana hal naon, jeung ku naon?

7 Kabéh urang Kristen, boh ngora boh kolot, kudu ati-ati. Urang teu bisa pura-pura ngawula Yéhuwa bari jeung ngalakukeun hal-hal salah. Yohanes nandeskeun, urang teu bisa aya dina jalan bebeneran bari hirup cabul. (1 Yoh. 1:6) Lamun hayang dipikaresep ku Yéhuwa, urang kudu terus inget Yéhuwa téh merhatikeun sagala nu dilakukeun ku urang. Euweuh dosa nu bisa disumputkeun ti Yéhuwa lantaran kabéh katingali ku Mantenna.​—Ibr. 4:13.

8. Urang kudu nolak naon?

8 Urang kudu nolak cara pandang dunya kana dosa. Yohanes nulis, ”Lamun urang ngakukeun teu boga dosa, eta ngabobodo maneh.” (1 Yoh. 1:8) Dina jaman Yohanes, jalma-jalma murtad ngajarkeun yén sanajan ngalakukeun hal-hal nu ceuk Allah salah, saurang jalma masih kénéh bisa jadi sobat-Na. Ayeuna gé, urang hirup di antara jalma-jalma nu mikir kitu. Loba nu ngakuna mah ibadah ka Allah, tapi teu satujueun kana pandangan Yéhuwa ngeunaan dosa, utamana hal-hal nu aya patalina jeung séks. Nu ku Yéhuwa disebut dosa, ku maranéhna mah dianggap pilihan pribadi atawa gaya hirup.

Budak ngora, pariksa dina Alkitab ku naon Yéhuwa ngomong nu ieu bener, nu éta salah. Ku kituna, anjeun bisa ngabéla iman anjeun (Tingali paragrap 9) *

9. Naon mangpaatna keur budak ngora mun nuturkeun patokan hirup tina Alkitab?

9 Budak ngora Kristen bisa jadi ngarasa hésé pisan pikeun boga pandangan nu bener ngeunaan séks. Ku naon? Sabab maranéhna bisa kababawa ku batur sakola atawa batur gawéna nu boga pandangan nu salah. Ceuk Aleksandar, ”Baheula, sababaraha awéwé di sakola ngajak urang ngalakukeun hubungan séks. Tapi ku urang ditolak, jadi urang disangka homo.” Na anjeun boga tangtangan nu sarua? Inget, mun nuturkeun patokan hirup tina Alkitab, anjeun moal kaleungitan harga diri. Awak, parasaan, sarta sosobatan anjeun jeung Yéhuwa gé moal ruksak. Unggal suksés ngalawan gogoda, anjeun bakal leuwih gampang ngalakukeun nu bener. Tong poho, pandangan nu salah ngeunaan séks téh asalna ti Sétan. Jadi mun anjeun nolak pandangan éta, anjeun téh ”ngelehkeun si Jahat”.​—1 Yoh. 2:14.

10. Kumaha 1 Yohanes 1:9 mantuan urang pikeun ngawula Yéhuwa jeung teu teterusan ngarasa salah?

10 Urang ngakukeun Yéhuwa boga hak keur nangtukeun mana nu dianggap dosa. Urang gé sabisa-bisa teu ngalakukeun dosa. Tapi mun ngalakukeun dosa, urang hayang ngaku ka Yéhuwa dina doa. (Baca 1 Yohanes 1:9.) Mun ngalakukeun dosa sérius, urang hayang ménta bantuan kokolot nu geus dilantik ku Yéhuwa keur ngurus urang. (Yak. 5:14-16) Tapi, urang sakuduna teu teterusan ngarasa salah lantaran dosa nu baheula dilakukeun. Ku naon? Lantaran Bapa urang geus nyadiakeun tebusan, nyaéta Putra-Na. Ku jalan tebusan éta, dosa-dosa urang bisa dihampura. Waktu Yéhuwa ngomong bakal ngahampura nu tarobat, éta nu bener-bener dilakukeun ku Mantenna. Ku kituna, urang bisa ngawula Yéhuwa jeung teu teterusan ngarasa salah.​—1 Yoh. 2:1, 2, 12; 3:19, 20.

11. Kumaha carana ngajaga pikiran urang tina pangajaran nu bisa ngalemahkeun iman?

11 Urang kudu nolak pangajaran nu murtad. Ti saprak sidang Kristen diadegkeun, Iblis ngagunakeun loba tukang tipu keur ngalemahkeun iman urang Kristen. Jadi, urang kudu bisa ngabédakeun mana nu bener jeung nu bohong. * Musuh-musuh urang gé ngagunakeun Internét atawa média sosial supaya urang teu percaya ka Yéhuwa jeung dulur-dulur saiman. Tong katipu ku kabohongan ti Sétan!​—1 Yoh. 4:1, 6; Wahyu 12:9.

12. Ku naon urang kudu terus nguatkeun iman kana bebeneran?

12 Pikeun nangkis serangan Sétan, urang kudu nguatkeun iman ka Yésus jeung yakin anjeunna digunakeun ku Yéhuwa pikeun ngajalankeun kahayang-Na. Urang gé kudu percaya kana hiji-hijina organisasi nu digunakeun ku Yéhuwa kiwari. (Mat. 24:45-47) Kumaha carana? Kudu rutin diajar Firman Allah. Engké iman urang bakal jiga tangkal nu akarna nanceb pageuh ka jero taneuh. Éta méh sarua jiga surat Paulus ka sidang Kolosa. Manéhna nulis, ”Ku dulur-dulur geus diaku yen Al Masih teh [Jungjunan]. Heug hirup teh sing sapuk sareng pangersa Anjeunna. Masing ngakar sarta pageuh nya muntang ka Anjeunna.” (Kol. 2:6, 7, SF) Mun iman urang kuat, Sétan jeung balad-baladna moal bisa ngeureunkeun urang pikeun terus aya dina jalan bebeneran.​—2 Yoh. 8, 9

13. Urang teu kudu héran kana hal naon, jeung ku naon?

13 Geus teu anéh mun urang dipikageuleuh ku dunya. (1 Yoh. 3:13) Yohanes ngingetan, ”Saalam dunya dibawah ku si Jahat.” (1 Yoh. 5:19) Lantaran ahir dunya geus beuki deukeut, amarah Sétan beuki ngagedur. (Wahyu 12:12) Sétan teu ngan ngagunakeun serangan teu langsung jiga hal cabul jeung kabohongan ti jalma-jalma murtad. Manéhna gé ngagunakeun serangan langsung, misalna panganiayaan nu kejem. Sétan apal manéhna geus teu boga loba waktu, jadi manéhna maké sagala cara pikeun ngeureunkeun kagiatan pangwawaran jeung ngaruksak iman urang. Jadi, teu héran mun kagiatan urang diwatesan atawa dilarang di sababaraha nagri. Tapi, dulur-dulur saiman urang di ditu téh tetep teger. Éta bukti urang bisa tetep satia, teu sual naon cara nu dipaké Sétan keur nyerang umat Yéhuwa!

SILIH KUATKEUN SANGKAN TERUS AYA DINA JALAN BEBENERAN

14. Ku cara naon urang bisa mantuan dulur-dulur saiman tetep aya dina jalan bebeneran?

14 Pikeun ngabantu dulur-dulur saiman tetep aya dina jalan bebeneran, urang kudu karunyaan. (1 Yoh. 3:10, 11, 16-18) Urang kudu silih pikanyaah, teu sual keur aya masalah atawa henteu. Misalna, na Sadérék apal aya dulur saiman nu kakara ditinggal maot jeung butuh dililipur atawa butuh bantuan? Na Sadérék ngadéngé aya dulur saiman nu keuna musibat alam nepi ka kaleungitan loba barang jeung butuh bantuan pikeun ngoméan Balé Karajaan atawa imahna? Urang kudu ngabuktikeun urang karunyaan jeung nyaah ka maranéhna, teu ngan dina ucapan wungkul tapi ogé dina tindakan.

15. Jiga nu disebutkeun dina 1 Yohanes 4:7, 8, urang kudu kumaha?

15 Urang nyonto Bapa urang di sawarga nu nyaahan ku cara silih pikanyaah. (Baca 1 Yohanes 4:7, 8.) Kanyaah éta bisa dibuktikeun lamun urang silih hampura. Contona mun aya nu nganyenyeri urang, urang rék kumaha? Mun nyaah ka manéhna, urang bakal ngahampura jeung moal ngunek-ngunek kasalahanna. (Kol. 3:13) Sadérék nu ngaranna Aldo pernah nyeri haté waktu ngadéngé suku bangsana digogoréng ku saurang sadérék nu dihormat ku manéhna. Ceuk Aldo, ”Urang terus ngadoa ka Yéhuwa supaya teu mikir goréng ngeunaan manéhna.” Tapi, teu ngan éta wungkul. Aldo ngajak dines sadérék éta. Pas keur dines, Aldo méré nyaho parasaanna waktu ngadéngé kekecapan sadérék éta. Ceuk Aldo, ”Sanggeus abdi nyarita, manéhna ménta maap. Tina sorana, abdi apal manéhna téh kaduhung pisan. Sanggeusna, urang duaan bisa akrab deui.”

16-17. Naon tékad urang?

16 Rasul Yohanes nyaah pisan ka dulur-dulur saimanna sarta hayang maranéhna boga iman nu kuat. Éta katingali jelas tina tilu suratna. Urang pasti jadi gedé haté lantaran priya jeung wanita nu engkéna maréntah bareng Yésus gé nyaah jeung perhatian jiga Yohanes.​—1 Yoh. 2:27.

17 Mugia naséhat-naséhat nu geus dibahas ieu bisa asup kana haté urang. Hayu urang terus aya dina jalan bebeneran ku cara terus taat ka Yéhuwa dina sagala hal. Pék diajar Firman-Na jeung yakin ieu téh bebeneran. Kuatkeun iman ka Yésus. Tolak pangajaran nu asalna ti manusa jeung ti jalma-jalma nu murtad. Ulah pura-pura ngawula Yéhuwa bari terus ngalakukeun nu salah. Tuturkeun patokan hirup nu luhur ti Yéhuwa. Bantu dulur saiman pikeun terus aya dina jalan bebeneran ku cara ngahampura nu nganyenyeri urang jeung nulungan nu butuh. Ku kituna teu sual naon tangtanganana, urang bakal terus aya dina jalan bebeneran.

KAWIH 49 Nyukakeun Manah Yéhuwa

^ par. 5 Urang téh hirup di dunya nu dikawasaan ku Sétan, si tukang bohong. Jadi, hésé pisan pikeun tetep aya dina jalan bebeneran. Urang Kristen nu hirup dina ahir abad kahiji M gé nyanghareupan tangtangan nu sarua. Pikeun mantuan maranéhna jeung urang, Yéhuwa ngilhamkeun Rasul Yohanes pikeun nulis tilu surat. Tina surat-surat éta, urang bakal ngarti naon waé tangtangan nu disanghareupan ku urang jeung cara nyanghareupanana.

^ par. 6 Sababaraha ngaran geus diganti.

^ par. 11 Tingali artikel palajaran ”Naha Sadérék Apal nu Sabenerna?” dina Warta Hadé bulan Agustus 2018.

^ par. 59 KATERANGAN GAMBAR: Di sakola, saurang budak ngora Saksi teterusan ngadéngé jeung ningali hal-hal nu nunjukkeun yén homoséksual téh lumrah. (Dina sababaraha kabudayaan, kelir katumbiri téh dijadikeun lambang keur homoséksual.) Terus, manéhna risét supaya imanna kuat. Éta ngabantu manéhna nyanghareupan tangtangan.