Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 27

Tong Ngarasa Diri Nu Pangpentingna

Tong Ngarasa Diri Nu Pangpentingna

”Sim kuring . . . mere pepeling ka aranjeun: Ulah boga rasa diri leuwih ti kaayaan anu sabenerna. Ngukur diri kudu reujeung rendah hate.”​—RUM 12:3.

KAWIH 130 Sing Réla Ngahampura

NU DIBAHAS *

1. Pilipi 2:3 méré naséhat naon ka urang? Naon mangpaatna lamun urang nuturkeunana?

URANG réla tunduk ka Yéhuwa sabab urang ngarti Yéhuwa apal naon nu panghadéna keur urang. (Epe. 4:22-24) Lamun urang rendah haté, urang bakal miheulakeun kahayang Yéhuwa jeung kapentingan batur ti batan diri sorangan. Hasilna, urang bisa nyobat jeung Yéhuwa sarta dulur-dulur saiman.​—Baca Pilipi 2:3.

2. Paulus apal kana hal naon? Urang bakal ngabahas naon dina artikel ieu?

2 Lamun teu ati-ati, urang bisa sombong jeung mentingkeun diri jiga loba jalma di dunya ieu. * Katingalina, sababaraha jalma dina abad kahiji geus rada kabawakeun ku sipat-sipat ieu, sabab Paulus nulis, ”Sim kuring . . . mere pepeling ka aranjeun: Ulah boga rasa diri leuwih ti kaayaan anu sabenerna. Ngukur diri kudu reujeung rendah hate.” (Rum 12:3) Paulus apal urang kudu ngahargaan diri sorangan. Tapi, urang moal kaleuleuwihi lamun urang rendah haté. Artikel ieu bakal ngabahas dina hal naon waé urang teu meunang nganggap diri leuwih penting ti batan nu sabenerna, nyaéta (1) dina perkawinan, (2) waktu meunang tanggung jawab dina organisasi, jeung (3) waktu maké média sosial.

KUDU RENDAH HATÉ DINA PERKAWINAN

3. Ku naon bisa aya masalah dina perkawinan? Kumaha sababaraha jalma nyanghareupanana?

3 Yéhuwa hayang salaki pamajikan hirup bagja. Tapi lantaran euweuh jalma nu sampurna, bisa waé salaki pamajikan pagétréng. Paulus gé nulis, jalma nu kawin bakal ngalaman loba kasusah. (1 Kor. 7:28) Aya nu teterusan paséa jeung batur hirupna, nepi ka mikir maranéhna téh geus teu cocog deui. Mun kapangaruhan ku cara pikir dunya, manéhna bakal nganggap pepegatan téh jalan kaluarna. Mun geus pepegatan, kakara manéhna bisa bagja.

4. Urang teu meunang mikir kumaha?

4 Urang teu meunang nganggap perkawinan urang geus gagal. Urang apal hiji-hijina alesan dina Alkitab pikeun pepegatan téh nyaéta lampah cabul. (Mat. 5:32) Lamun ngalaman kasusah jiga nu dituliskeun ku Paulus, urang teu meunang égois sarta mikir: ’Batur hirup geus teu paduli ka urang. Kuduna mah urang leuwih dipikanyaah ku manéhna. Jigana mah mun kawin jeung batur, urang bakal leuwih bagja.’ Lamun Sadérék mikir jiga kitu, éta hartina Sadérék ngan mentingkeun diri sorangan, teu mikirkeun batur hirup. Mun kapangaruhan ku cara pikir dunya, Sadérék bisa waé nuturkeun kahayang haté, sanajan éta hartina pepegatan. Tapi, Alkitab ngajurung Sadérék ’ngahargaan kapentingan batur, ulah ngan mentingkeun diri sorangan bae’. (Pil. 2:4) Yéhuwa hayang Sadérék ngajaga perkawinan, lainna pepegatan. (Mat. 19:6) Mantenna hayang Sadérék mentingkeun Mantenna, lain diri sorangan.

5. Ceuk Epesus 5:33, salaki pamajikan kudu kumaha?

5 Salaki pamajikan kudu silih pikanyaah jeung silih hormat. (Baca Epesus 5:33.) Alkitab ngajarkeun urang supaya leuwih sering méré ti batan narima. (Ras. 20:35) Supaya salaki pamajikan bisa silih pikanyaah jeung silih hormat, maranéhna kudu kumaha? Kudu rendah haté. Mun rendah haté, maranéhna moal mentingkeun dirina sorangan, tapi ogé mikirkeun batur hirupna.​—1 Kor. 10:24.

Pasangan nu rendah haté mah moal saingan, justru bakal kompak digawé babarengan (Tingali paragrap 6)

6. Urang diajar naon tina pangalaman Steven jeung Stephanie?

6 Loba pasangan Kristen nu perkawinanna leuwih bagja lantaran maranéhna rendah haté. Contona, saurang salaki nu ngaranna Steven ngomong, ”Urang duaan kudu kompak, komo deui pas aya masalah. Ulah mikir ’naon nu panghadéna keur aing?’, tapi kudu mikir ’naon nu panghadéna keur urang duaan?’” Stephanie, pamajikanana, gé satuju. Ceuk manéhna, ”Moal aya nu hayang hirup babarengan jeung musuh. Mun aya masalah, urang mariksa naon masalahna. Terus, urang ngadoa, risét, jeung ngobrolkeunana. Nu diperangan téh masalahna, lain batur hirup.” Salaki pamajikan bakal leuwih bagja mun maranéhna teu ngarasa diri leuwih penting ti batan batur hirupna.

TERUS RENDAH HATÉ DINA NGAWULA YÉHUWA

7. Kumaha sakuduna sikep sadérék pameget mun meunang hiji tanggung jawab?

7 Ngawula Yéhuwa téh mangrupa kahormatan, teu sual kumaha carana. (Jab. 27:4; 84:11) Alus mun saurang sadérék pameget hayang ngawula leuwih loba dina organisasi Yéhuwa. Alkitab gé nyebutkeun, ”Jelema anu hayang jadi pamingpin jamaah mah malar kana gawe mulya.” (1 Tim. 3:1) Tapi mun geus meunang hiji tanggung jawab, ulah mikir, ’Ayeuna mah urang geus jadi jalma penting.’ (Luk. 17:7-10) Kuduna mah manéhna téh tetep rendah haté jeung ngalayanan batur.​—2 Kor. 12:15.

8. Urang diajar naon tina conto Diotrépés, Usia, jeung Absalom?

8 Dina Alkitab, aya jalma-jalma nu nganggap dirina penting. Misalna, Diotrépés nu teu rendah haté. Manéhna hayang jadi nu ”nomer hiji” di sidang. (3 Yoh. 9, Terjemahan Dunia Baru) Lantaran sombong, Usia hayang ngajalankeun tugas ti Yéhuwa nu sabenerna lain keur manéhna. (2 Bab. 26:16-21) Absalom téh licik. Manéhna pura-pura nyaah ka rahayat supaya didukung jadi raja. (2 Sam. 15:2-6) Mun maca kisah maranéhna, urang bakal ngarti yén Yéhuwa teu resep ka jalma nu hayang kapuji ku batur. (Sil. 25:27) Jalma nu sombong jeung hayang kapuji mah bakal meunang masalah.​—Sil. 16:18.

9. Yésus méré tuladan alus naon?

9 Ayeuna, perhatikeun Yésus nu béda pisan ti tilu jalma tadi. Anjeunna téh ”kagungan sipat Allah. Najan kitu taya manah nyasamikeun anjeun jeung Allah”. (Pil. 2:6) Hiji-hijina pribadi nu leuwih kawasa ti Yésus téh ngan Yéhuwa, tapi anjeunna teu pernah nganggap diri leuwih penting ti nu sabenerna. Malah, Yésus ngomong ka murid-muridna, ”Anu panghandapna di maraneh, nya eta nu pangpunjulna.” (Luk. 9:48) Urang pasti resep digawé bareng jeung panaratas, palayan sidang, kokolot, jeung pangawas wilayah nu rendah haté jiga Yésus! Mun urang rendah haté, urang bisa leuwih mikanyaah batur. Ceuk Yésus, silih pikanyaah téh ciri umat Allah nu sajati.​—Yoh. 13:35.

10. Sadérék kudu kumaha mun ngarasa kokolot teu balég dina ngurus masalah?

10 Sadérék bakal kumaha mun ngarasa kokolot teu balég dina ngurus masalah? Ti batan kukulutus, mending Sadérék rendah haté ngadukung maranéhna. (Ibr. 13:17) Pék pikirkeun: ’Na masalahna téh sakitu gedéna nepi ka kudu geura diurus? Na ayeuna téh waktu nu cocog pikeun ngurus masalah éta? Na éta mémang tanggung jawab abdi? Sabenerna naon niat abdi téh, hayang sidang tetep ngahiji atawa hayang katingali hébat?’

Sadérék nu boga tanggung jawab di sidang kudu dikenal rendah haté, teu ngan saukur boga pangabisa (Tingali paragrap 11) *

11. Ceuk Epesus 4:2, 3, naon hasilna mun urang rendah haté dina ngawula Yéhuwa?

11 Yéhuwa leuwih resep ka nu rendah haté ti batan nu loba pangabisa. Mantenna gé leuwih resep mun sidang ngahiji ti batan kabéh gawéna bener, hasilna alus, tapi papecah. Jadi, sing sabisa-bisa rendah haté. Ku kituna, Sadérék milu ngajaga sidang tetep ngahiji. (Baca Epesus 4:2, 3.) Sing rajin dines. Pikirkeun kumaha urang bisa mantuan dulur-dulur saiman. Sing bageur ka kabéh jalma, kaasup ka nu teu boga tanggung jawab di sidang. (Mat. 6:1-4; Luk. 14:12-14) Mun Sadérék rendah haté, daék digawé bareng jeung sidang, dulur saiman bakal ningali Sadérék téh geus mah boga pangabisa, rendah haté deuih.

KUDU RENDAH HATÉ WAKTU MAKÉ MÉDIA SOSIAL

12. Ceuk Alkitab, na urang kudu boga babaturan? Jelaskeun.

12 Yéhuwa hayang urang akrab jeung kulawarga sarta babaturan. (Jab. 133:1) Yésus gé boga loba sobat. (Yoh. 15:15) Alkitab méré nyaho naon mangpaatna lamun urang boga sobat sajati. (Sil. 17:17; 18:24) Alkitab gé méré nyaho, teu alus mun urang mencilkeun manéh. (Sil. 18:1) Loba nu ngarasa mun maké média sosial, maranéhna jadi boga loba babaturan jeung teu ngarasa sorangan. Tapi, urang kudu ati-ati waktu maké média sosial.

13. Ku naon sababaraha jalma nu maké média sosial ngarasa euweuh batur jeung strés?

13 Risét nunjukkeun yén jalma nu méakkeun loba waktu keur ningalian média sosial téh tungtungna bisa ngarasa euweuh batur jeung strés. Ku naon? Salah sahiji alesanna, lantaran nu di-post ku saurang jalma téh biasana ngan nu alus-alusna wungkul, misalna poto selfie, poto babaturanna, atawa tempat-tempat alus nu pernah didatangan ku manéhna. Batur nu ningali poto-poto éta bisa jadi ngarasa hirupna téh kieu-kieu waé, malahan mah ngabosenkeun. Ceuk saurang sadérék istri nu umurna 19 taun, ”Urang mah osok sirik mun ningali batur senang-senang dina ahir minggu. Ari urang mah ngan ngajejentul waé di imah, mani bosen.”

14. Tina naséhat nu aya dina 1 Petrus 3:8, kumaha urang bisa bijaksana waktu maké média sosial?

14 Mémang média sosial téh aya mangpaatna, misalna keur komunikasi jeung kulawarga atawa babaturan. Tapi pernah teu Sadérék merhatikeun, aya nu nga-post di média sosial lantaran hayang pamér? Manéhna saolah-olah ngomong, ’Yeuh, tingali aing!’ Malah, aya ogé nu méré koméntar kasar jeung jorang dina potona sorangan atawa poto batur. Éta téh teu sajalan jeung sipat rendah haté sarta sipat saperasaan. Jadi, urang Kristen mah moal jiga kitu waktu maké média sosial.​—Baca 1 Petrus 3:8.

Tina naon nu di-post ku Sadérék, batur bakal mikir Sadérék rendah haté atawa resep pamér? (Tingali paragrap 15)

15. Naon naséhat Alkitab nu bisa ngabantu urang sangkan teu sombong?

15 Mun Sadérék maké média sosial, pék pikirkeun, ’Na koméntar, poto, atawa vidéo nu di-post ku urang nunjukkeun urang keur pamér? Na batur bisa sirik ningalina?’ Ceuk Alkitab, ”Naon-naon anu aya di dunya, anu jadi panyileukan jelema dosa, anu narik ati jeung kahayang jelema, jeung saniskara bae anu aya di ieu dunya anu diugung-ugung ku jelema, sarupa ge taya anu asalna ti Rama, asal ti dunya keneh.” (1 Yoh. 2:16) Hiji tarjamahan Alkitab narjamahkeun ungkapan ”anu diugung-ugung ku jelema” jadi ”hayang katingali penting”. Urang Kristen mah teu ngarasa perlu diagul-agul ku batur. Maranéhna nuturkeun naséhat Alkitab, ”Ulah adigung, ulah silih nyenyeri, jeung ulah silih dengkian.” (Gal. 5:26) Mun rendah haté, urang moal jiga jalma-jalma di dunya nu sombong jeung hayang dianggap penting.

ULAH KALEULEUWIHI DINA NGUKUR DIRI

16. Ku naon urang teu meunang sombong?

16 Urang kudu rendah haté, sabab jalma nu sombong mah teu ngukur diri ku kaayaan nu sabenerna. (Rum 12:3) Jalma nu sombong mah égois jeung sok néang piributeun. Pikiran jeung tindakanna sering nganyenyeri batur jeung dirina sorangan. Mun teu ati-ati, pikiran manéhna bisa dipoékkeun jeung diruksak ku Sétan. (2 Kor. 4:4; 11:3) Ari nu rendah haté mah teu kitu. Manéhna bakal saimbang ngukur dirina, sadar yén masih loba kénéh nu leuwih hébat ti batan manéhna. (Pil. 2:3) Manéhna gé nyaho ”ka jelema nu gumede, Allah teh cua manah-Na. Sabalikna, ka jelema nu daek rendah, Allah maparin berekah”. (1 Pet. 5:5, Sunda Formal [SF]) Jalma nu ngukur diri ku kaayaan sabenerna mah embung ngalawan Yéhuwa.

17. Urang kudu kumaha supaya tetep rendah haté?

17 Supaya tetep rendah haté, urang kudu nuturkeun naséhat Alkitab nu nyebutkeun yén ’pribadi [urang] anu heubeul teh piceun, ganti ku kapribadian anu anyar’. Urang kudu diajar tina conto Yésus sarta sabisa-bisa nuturkeun anjeunna. (Kol. 3:9, 10, SF; 1 Pet. 2:21) Éta téh mémang butuh upaya, tapi loba mangpaatna. Mun rendah haté, kulawarga urang bakal leuwih bagja, urang milu ngajaga sidang tetep ngahiji, sarta bisa bijaksana maké média sosial. Nu pangpentingna, urang bakal diberkahan jeung dipikaresep ku Yéhuwa.

KAWIH 117 Mekarkeun Kahadéan

^ par. 5 Kiwari, urang hirup di dunya nu jalma-jalmana sarombong jeung mentingkeun diri. Urang kudu ati-ati ulah nepi ka kabawakeun ku maranéhna. Ayeuna urang bakal ngabahas, dina tilu hal naon waé urang teu meunang nganggap diri leuwih penting ti batan nu sabenerna.

^ par. 2 KATERANGAN TAMBAHAN: Jalma nu sombong mah leuwih sering mikirkeun dirina sorangan ti batan batur. Jadi, jalma nu sombong téh égois. Ari nu rendah haté mah teu sombong jeung moal nganggap dirina nu paling penting.

^ par. 56 KATERANGAN GAMBAR: Saurang kokolot nepikeun hutbah nu alus dina kongrés jeung jadi pangawas dina hiji proyék. Manéhna gé mandu riungan dines lapangan jeung bebersih Balé Karajaan.