Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 29

Atoh ku Kamajuan Sorangan!

Atoh ku Kamajuan Sorangan!

”Pariksa kalakuan sorangan, lamun bener, atohna rarasakeun bae, teu kudu dibanding-banding jeung kalakuan batur.”​—GAL. 6:4.

KAWIH 34 Hirup Satia Satuhu

NU DIBAHAS *

1. Ku naon Yéhuwa teu ngabanding-bandingkeun urang jeung batur?

YÉHUWA teu hayang kabéh hal atawa kabéh jalma sarua. Éta katingali tina ciptaana-Na, kaasup manusa. Euweuh jalma nu percis jiga Sadérék. Jadi, Yéhuwa moal ngabanding-bandingkeun Sadérék jeung batur. Yéhuwa apal Sadérék téh jalma nu jiga kumaha. (1 Sam. 16:7) Terus, Yéhuwa gé apal naon nu bisa jeung nu teu bisa Sadérék lakukeun, sarta kumaha cara Sadérék digedékeun. Salian ti éta, Yéhuwa moal ménta Sadérék ngalakukeun hiji hal nu di luar kasanggupan Sadérék. Nah, urang gé kudu mandang diri sorangan jiga cara Yéhuwa mandang urang. Ku kituna, urang jadi bisa ngukur diri ku ”kaayaan anu sabenerna”. Urang moal ngarasa diri euweuh hargaan atawa ngarasa diri leuwih hébat tibatan batur.​—Rum 12:3.

2. Ku naon ngabanding-bandingkeun diri jeung batur téh bahaya?

2 Nya mémang, urang bakal meunang loba mangpaat lamun ningali tuladan dulur saiman nu tarampil dina dines. (Ibr. 13:7) Urang bisa diajar ti maranéhna supaya urang gé tarampil dina dines. (Pil. 3:17) Tapi kadé, katarampilan maranéhna ulah dijadikeun patokan pikeun ngukur diri urang. Lamun urang ngabanding-bandingkeun diri jiga kitu, urang bisa jadi sirik, leutik haté, atawa malah ngarasa diri euweuh hargaan. Terus jiga nu geus dibahas dina artikel saacanna, lamun urang saingan jeung dulur saiman, éta téh bisa ngaruksak sosobatan urang jeung Yéhuwa. Éta sababna Yéhuwa ngajurung urang, ”Pariksa kalakuan sorangan, lamun bener, atohna rarasakeun bae, teu kudu dibanding-banding jeung kalakuan batur.”​—Gal. 6:4.

3. Sadérék bungah lantaran geus nyieun kamajuan rohani naon waé?

3 Yéhuwa hayang Sadérék bungah ku kamajuan Sadérék sorangan. Misalna, Sadérék bisa bungah ku lantaran Sadérék geus dibaptis. Sadérék geus mutuskeun sorangan pikeun dibaptis sabab Sadérék nyaah ka Yéhuwa. Terus, pikirkeun kamajuan nu geus dijieun ku Sadérék ti saprak dibaptis. Misalna, na Sadérék jadi leuwih resep maca Alkitab jeung palajaran pribadi? Na Sadérék jadi leuwih laluasa ngungkabkeun parasaan dina doa? (Jab. 141:2) Na Sadérék jadi leuwih bisa ngamimitian obrolan waktu ngawawar jeung leuwih tarampil ngagunakeun pakakas pikeun dines? Na Sadérék ngarasakeun bantuan ti Yéhuwa pikeun jadi salaki, pamajikan, atawa kolot nu leuwih hadé? Sadérék bisa bungah pisan ku kamajuan-kamajuan éta.

4. Urang bakal ngabahas naon dina artikel ieu?

4 Urang bisa mantuan dulur saiman supaya atoh ku kamajuanana sorangan. Urang gé bisa mantuan maranéhna ngarah teu ngabanding-bandingkeun diri jeung batur. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha kolot bisa ngabantu barudakna, kumaha salaki pamajikan bisa silih bantu, sarta kumaha para kokolot jeung anggota sidang bisa mantuan dulur saiman séjénna. Geus kitu, urang bakal ngabahas sababaraha prinsip Alkitab nu bisa ngabantu urang netepkeun cita-cita rohani nu cocog jeung kamampuh sarta kaayaan urang.

NU BISA DILAKUKEUN KU KOLOT JEUNG BATUR HIRUP

Indung Bapa, hargaan upaya unggal budak (Tingali paragrap 5-6) *

5. Dumasar kana Epesus 6:4, kolot ulah nepi ka kumaha?

5 Kolot kudu ati-ati, ulah nepi ka ngabanding-bandingkeun budak nu hiji jeung budak nu séjén, atawa ngarepkeun budak ngalakukeun hiji hal nu di luar kasanggupan manéhna. Mun kolot jiga kitu, budak bisa sedih. (Baca Epesus 6:4.) Saurang sadérék istri nu ngaranna Sachiko * ngomong, ”Para guru hayang abdi meunang peunteun nu leuwih alus tibatan babaturan sakelas. Terus, si Mamah gé ngarepkeun abdi meunang peunteun nu alus, supaya guru jeung bapa abdi nu lain Saksi ngahargaan Saksi Yéhuwa. Malah unggal ujian, si Mamah hayang abdi meunang peunteun 100. Jelas-jelas éta téh mustahil. Abdi geus sababaraha taun tamat sakola. Tapi, abdi masih osok ngarasa nu dilakukeun ku abdi téh kurang kénéh keur Yéhuwa, padahal abdi geus upaya sabisa-bisana.”

6. Kolot bisa diajar naon tina Jabur 131:1, 2?

6 Nu jadi kolot bisa meunang palajaran alus tina Jabur 131:1, 2. (Baca.) Raja Daud ngomong, manéhna téh ”tara urusan sareng . . . sual-sual anu langkung ti sulit” atawa nu teu sanggup digawékeun ku manéhna. Ku lantaran rendah haté jeung sadar diri, manéhna bisa ”ngaraos puas sareng tengtrem”. Naon palajaranana keur kolot? Nu jadi kolot téh kudu rendah haté. Ulah ngarepkeun dirina atawa barudakna ngalakukeun hal-hal nu di luar kasanggupan maranéhna. Kolot bisa mantuan budakna ningali naon nu sanggup jeung teu sanggup dilakukeun ku budakna. Jadi, budak bisa netepkeun cita-cita nu sanggup dihontal ku manéhna. Saurang sadérék istri nu ngaranna Marina ngomong, ”Indung abdi mah tara ngabanding-bandingkeun abdi jeung lanceuk atawa jeung adi-adi abdi. Ceuk si mamah, unggal jalma téh boga kaleuwihan masing-masing sarta dipikanyaah ku Yéhuwa. Jadi, abdi gé tara ngabanding-bandingkeun diri jeung batur.”

7-8. Kumaha carana salaki nunjukkeun yén manéhna ngahargaan pamajikanana?

7 Salaki Kristen kudu méré perhatian husus ka pamajikanana. (1 Pet. 3:7) Misalna, ku cara ngahargaan pamajikanana. Salaki bakal nganggap pamajikanana téh penting. Manéhna moal ménta pamajikanana ngalakukeun hal nu di luar kasanggupanana. Terus, salaki gé moal ngabanding-bandingkeun pamajikanana jeung awéwé séjén. Kumaha parasaan pamajikan mun dibanding-bandingkeun ku salakina? Saurang sadérék nu ngaranna Rosa, salakina téh lain Saksi. Salakina osok ngabanding-bandingkeun manéhna jeung awéwé séjén. Kekecapanana téh meni nyelekit. Rosa jadi minder jeung ngarasa euweuh nu nyaah ka manéhna. Ceuk Rosa, ”Abdi kudu teterusan diingetan yén Yéhuwa nyaah ka abdi.” Ari salaki Kristen mah teu jiga kitu. Salaki Kristen ngahargaan pamajikanana. Manéhna apal, tindakanana ka pamajikan bisa mangaruhan perkawinanana sarta hubungan manéhna jeung Yéhuwa. *

8 Salaki nu ngahargaan pamajikanana bakal muji pamajikanana di hareupeun batur. Manéhna bakal méré nyaho pamajikanana yén manéhna nyaah jeung nganggap pamajikanana téh penting. (Sil. 31:28) Éta nu dilakukeun ku salakina Katerina, nu dicaritakeun dina artikel saacanna. Salakina mantuan Katerina pikeun percaya diri. Pas keur leutik, indungna Katerina osok ngiritik sarta ngabanding-bandingkeun manéhna jeung budak awéwé sapantaranana, kaasup babaturanana sorangan. Katerina jadi kabawakeun. Manéhna gé osok ngabanding-bandingkeun diri jeung batur. Malah sanggeus jadi Saksi Yéhuwa gé, manéhna masih kénéh jiga kitu. Tapi, salakina mantuan manéhna pikeun barobah jeung mandang dirina ku cara anu bener. Ceuk Katerina, ”Manéhna nyaah ka abdi. Abdi sok dipuji lantaran geus ngalakukeun hal-hal nu hadé. Manéhna gé osok ngadoakeun abdi. Terus, manéhna sok ngingetan abdi kana sipat-sipat alus Yéhuwa jeung ngabantu abdi ngarobah pikiran nu goréng.”

NU BISA DILAKUKEUN KU KOKOLOT JEUNG ANGGOTA SIDANG

9-10. Kumaha para kokolot nu bageur ngabantu saurang sadérék istri ngarah teu ngabanding-bandingkeun diri deui jeung batur?

9 Lamun aya nu sok ngabanding-bandingkeun diri jeung batur, naon nu bisa dilakukeun ku para kokolot? Perhatikeun pangalaman saurang sadérék istri nu ngaranna Hanuni. Pas keur leutik, manéhna téh jarang dipuji. Ceuk manéhna, ”Abdi téh éraan jeung ngarasa barudak séjén leuwih pinter. Abdi jadi teterusan ngabandingkeun diri jeung batur.” Malah sanggeus jadi Saksi gé, Hanuni masih kénéh ngabanding-bandingkeun diri jeung batur. Manéhna jadi ngarasa teu dibutuhkeun di sidang. Tapi, ayeuna Hanuni geus jadi panaratas nu bagja. Ku naon manéhna bisa barobah?

10 Hanuni nyarita, manéhna téh dibantuan ku para kokolot nu bageur. Para kokolot éta ngayakinkeun yén Hanuni téh dibutuhkeun di sidang sarta muji tuladan manéhna. Manéhna nulis kieu, ”Sababaraha kali, abdi dipénta ku para kokolot pikeun mantuan sababaraha sadérék istri. Abdi jadi ngarasa abdi téh dibutuhkeun. Para kokolot ngahaturkeun nuhun waktu abdi nguatkeun sababaraha sadérék istri nu leuwih ngora. Geus kitu, maranéhna macakeun 1 Tesalonika 1:2, 3. Éta téh meni keuna pisan kana haté abdi. Abdi ngahaturkeun nuhun pisan ka para pangangon nu bageur ieu. Ayeuna, abdi jadi ngarasa abdi téh aya gunana keur sidang.”

11. Kumaha urang bisa nguatkeun dulur saiman anu keur ”remuk hate jeung pegat pangharepan”, jiga nu disebutkeun dina Jabur 34:19?

11 Baca Jabur 34:19. Yéhuwa bener-bener merhatikeun jalma-jalma anu ”remuk hate jeung pegat pangharepan”. Anu bisa mantuan dulur saiman téh nya kabéh anggota sidang, teu ngan kokolot hungkul. Salah sahiji cara pikeun nguatkeun dulur saiman nyaéta nunjukkeun perhatian ka maranéhna. Yéhuwa hayang urang nunjukkeun sakumaha nyaahna Mantenna ka maranéhna. (Kol. 3:12) Urang gé bisa mantuan dulur saiman ku cara rendah haté jeung teu ngagul-ngagulkeun diri. Urang embung dianggap hébat, sabab urang embung aya nu sirik ka urang. Sabalikna, urang hayang nguatkeun dulur saiman liwat kekecapan jeung tindakan urang.​—1 Pet. 4:10, 11.

Murid-murid Yeˊsus deukeut jeung anjeunna sabab Yeˊsus rendah hateˊ. Anjeunna gaul jeung sobat-sobatna (Tingali paragrap 12)

12. Ku naon rahayat biasa teu asa-asa ngadeukeutan Yésus? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

12 Urang bisa diajar loba hal lamun ningali kumaha sikep Yésus ka murid-muridna. Di bumi, teu aya jalma anu sahébat Yésus. Tapi anjeunna téh ”lemah lembut jeung rendah hate”. (Mat. 11:28-30) Anjeunna gé teu pernah ngagul-ngagulkeun kapinteran sarta pamahamanana. Waktu ngajar batur, anjeunna ngagunakeun basa anu saderhana jeung ibarat anu gampang dipikaharti supaya keuna kana haté jalma-jalma. (Luk. 10:21) Terus, henteu jiga pamingpin agama anu sarombong, Yésus mah teu pernah nyieun batur ngarasa euweuh hargaan di hareupeun Allah. (Yoh. 6:37) Justru, anjeunna ngangkat martabat rahayat biasa.

13. Kumaha sikep Yésus anu bageur jeung nyaahan katémbong tina cara anjeunna urusan jeung murid-muridna?

13 Sikep Yésus anu bageur jeung nyaahan katémbong tina cara anjeunna urusan jeung murid-muridna. Yésus apal, pangabisa jeung kaayaan maranéhna téh béda-béda, jadi maranéhna henteu dibéré tanggung jawab anu sarua. Maranéhna gé teu bisa ngalakukeun hal anu sarua dina palayanan. Tapi, Yésus tetep ngahargaan upaya maranéhna anu sapinuh haté. Éta katingali tina ibarat ngeunaan talénta. Dina ibarat éta, dununganna méré tugas dumasar kana ”kasanggupan bujang-bujangna”. Aya dua bujang anu getol. Salah sahijina meunang hasil anu leuwih loba. Tapi, dununganana muji dua bujang éta ku kekecapan anu sarua, ”Sukur, alus. Maneh jelema bener jeung satia.”​—Mat. 25:14-23, Sunda Formal.

14. Kumaha urang bisa nyonto sikep Yésus ka batur?

14 Yésus gé bageur jeung nyaahan waktu urusan jeung urang. Yésus apal, pangabisa jeung kaayaan urang téh béda-béda. Tapi, anjeunna senang waktu urang ngalakukeun anu panghadéna. Waktu urusan jeung batur, urang ogé kudu nyonto Yésus. Ulah nyieun dulur saiman ngarasa euweuh hargaan atawa éra lantaran teu bisa ngalakukeun nu sarua jiga batur. Urang sakuduna terus muji maranéhna lantaran geus ngalakukeun nu pangahadéna dina palayanan.

TETEPKEUN CITA-CITA ANU BISA DIHONTAL

Rasakeun bungahna netepkeun jeung ngahontal cita-cita nu asup akal (Tingali paragrap 15-16) *

15-16. Kumaha saurang sadérék istri meunang mangpaat lantaran netepkeun cita-cita anu cocog jeung kaayaan manéhna?

15 Mun boga cita-cita rohani, kahirupan urang jadi aya tujuan. Tapi, urang kudu netepkeun cita-cita dumasar kana pangabisa jeung kaayaan urang. Cita-cita urang teu kudu sarua jeung cita-cita batur. Mun urang maksakeun hayang boga cita-cita anu sarua jiga batur, engkéna urang bisa kuciwa jeung leutik haté. (Luk. 14:28) Perhatikeun pangalaman saurang panaratas anu ngaranna Midori.

16 Waktu Midori leutik kénéh, bapana anu lain Saksi osok ngabanding-bandingkeun manéhna jeung adi lanceukna sarta babaturan sakelasna. Ceuk bapana, maranéhna leuwih hébat tibatan Midori. Midori ngomong, ”Abdi jadi ngarasa euweuh hargaan.” Tapi beuki gedé, manéhna mulai percaya diri. Ceuk Midori, ”Abdi maca Alkitab unggal poé, jadi haté téh asa tengtrem. Abdi ogé ngarasakeun Yéhuwa nyaah ka abdi.” Terus, Midori netepkeun cita-cita anu cocog jeung kaayaan manéhna. Midori gé ngadoa ka Yéhuwa supaya bisa ngahontal cita-citana. Hasilna, Midori bungah ku kamajuanana sorangan.

TERUS BÉRÉ NU PANGHADÉNA KEUR YÉHUWA SAKAMAMPUH SADÉRÉK

17. Kumaha supaya urang bisa ngaganti ”hate jeung pikiran”, jeung naon hasilna mun urang ngalakukeun hal éta?

17 Parasaan jeung pikiran négatif moal leungit sorangan. Ceuk Yéhuwa, urang kudu ngaganti ”hate jeung pikiran”. (Epe. 4:23, 24) Pikeun ngalakukeunana, urang kudu ngadoa, diajar Firman Allah, sarta ngalenyepanana. Pék terus lakukeun hal-hal éta sarta ménta kakuatan ka Yéhuwa. Engké, roh suci-Na bakal ngabantu Sadérék supaya henteu ngabanding-bandingkeun deui diri Sadérék jeung batur. Terus, mun dina haté Sadérék aya sipat sirik jeung sombong, Yéhuwa bakal ngabantu Sadérék sadar kana hal éta. Mantenna gé bakal mantuan Sadérék pikeun langsung miceun sipat-sipat goréng éta.

18. Kumaha kekecapan dina 2 Babad 6:29, 30 nengtremkeun Sadérék?

18 Baca 2 Babad 6:29, 30. Yéhuwa bisa ningali haté urang. Mantenna apal, urang bener-bener bajoang ngalawan pangaruh goréng ti dunya ieu sarta ngalawan kalemahan urang sorangan. Waktu ningali urang bener-bener bajoang, Yéhuwa jadi beuki nyaah ka urang.

19. Yéhuwa ngagambarkeun kanyaah-Na ka urang jiga naon?

19 Yéhuwa ngagambarkeun kanyaah-Na ka urang jiga saurang indung ka orokna. (Yes. 49:15) Perhatikeun pangalaman saurang sadérék nu ngaranna Rachel. Ceuk manéhna, ”Budak abdi nu ngaranna Stephanie téh lahirna prematur. Abdi ningali awak manéhna meni leutik sarta katingalina lemah pisan. Jadi, manéhna kudu diasupkeun kana inkubator. Tapi salila sabulan, dokter ngidinan abdi nangkeup Stephanie unggal poé. Abdi jadi ngarasa deukeut jeung Stephanie. Ayeuna, Stephanie geus umur 6 taun. Dibandingkeun jeung barudak sapantaranana, awak Stephanie téh leuwih leutik. Tapi, justru éta nu ngalantarankeun abdi jadi leuwih nyaah ka manéhna, lantaran abdi apal yén Stephanie téh bener-bener upaya pikeun hirup. Manéhna gé mawa loba kabungah keur abdi!” Sarua jiga kitu, Yéhuwa gé nyaah ka urang lantaran Mantenna ningali, urang geus bener-bener upaya pikeun nyenangkeun Mantenna! Mun mikirkeun hal éta, haté urang jadi tengtrem.

20. Ku naon hamba Yéhuwa bisa atoh?

20 Sabagé hamba Yéhuwa, Sadérék téh penting dina kulawarga Yéhuwa. Euweuh jalma séjén nu percis jiga Sadérék. Yéhuwa narik Sadérék lain lantaran Sadérék leuwih hadé tibatan batur, tapi lantaran Yéhuwa ningali haté Sadérék. Yéhuwa apal, Sadérék téh jalma nu rendah haté, daék diajar, jeung daék barobah. (Jab. 25:9) Sing yakin, Yéhuwa ngahargaan upaya Sadérék pikeun sabisa-bisa méré nu panghadéna dina palayanan. Sadérék geus satia jeung tabah. Éta bukti Sadérék boga ”hate anu mulus jeung satuhu”. (Luk. 8:15) Jadi, pék terus béré nu panghadéna keur Yéhuwa sakamampuh Sadérék. Ku kituna, Sadérék bakal atoh ku kamajuan rohani Sadérék sorangan.

KAWIH 38 Mantenna Bakal Nguatkeun Anjeun

^ par. 5 Yéhuwa mah tara ngabanding-bandingkeun urang jeung batur. Tapi, kadang urangna sorangan nu sok ngabanding-bandingkeun diri jeung batur. Terus mun geus kitu, urang sok ngarasa urang teu sahébat batur. Nah, dina artikel ieu urang bakal ningali naon bahayana lamun urang ngabanding-bandingkeun diri jeung batur. Urang gé bakal ngabahas kumaha carana mantuan kulawarga urang sarta dulur-dulur saiman pikeun mandang dirina jiga Yéhuwa mandang maranéhna.

^ par. 5 Sababaraha ngaran geus diganti.

^ par. 7 Sanajan nu keur dibahas téh tindakan salaki, tapi prinsip-prinsip di dieu bisa dituturkeun ogé ku pamajikan.

^ par. 58 KATERANGAN GAMBAR: Waktu ibadah kulawarga, nu jadi kolot resep ningali barudakna nyieun babahteraan Nuh.

^ par. 62 KATERANGAN GAMBAR: Saurang indung, nu ngagedékeun sorangan budakna nu can sakola, keur nyusun jadwal ngarah bisa naratas ékstra. Terus, manéhna bungah lantaran bisa naratas.